40. Icih dibawa balik ku Udin

Fantasy Series 36

Lia ngarérét ka jero kantorna Zoe, 4 pagawéna geus ditalian jadi hiji di jaga ku dua pangawal Isak bari duanana narodongkeun péstolna. Sedengkeun Zoe adéprok diuk bari di todong sirahna ku saurang pangawal deui. Lia kerung bingung, sabab anu daratang lain pulisi, tapi naha baroga péstol.

"Saha anjeun?" Ceuk Lia mencrong ka Udin.

"Aing salakina awéwé anu bieu disiksa ku sia" témbal Udin.

"Anjeun pamuda anu majar kuli ngaduk téa?" Ceuk Zoe ti rohanganna colohok teu percaya.

"Terus naon salahna? Mémang kuring kuli ngaduk" témbal Udin bari neuteup ka Zoe.

Ngadéngé Udin ukur kuli ngaduk, Lia ngarasa reugreug terus diuk. Lia seuri sinis ka Udin,
"Kuring Lia anakna Éféndi, anjeun kungsi ngadéngé ngaran kukawarga Éféndi pan? Dunungan bapa Kuring ngarana Agus Subrata, sia nyaho saha Agus Subrata? Geus wani urusan jeung kuring sarua waé jeung anjeun geus ngahina Agus Subrata"

Udin nyakakak,
"Tapi anjeun pasti can nyaho Agus Subrata boga incu tukang kuli ngaduk pan? Éta kuring. Hartina kuring ogé dunungan Kulawarga Éféndi"

Lia bingung, tapi karérét ku Lia aya Isak ogé di dinya. Lia langsung leuleus bari melong ka Udin,
"Ajeun incu juragan Agus Subrata? Ti iraha aya kulawarga Agus Subrata anu daék cicing di Bandung jadi kuli ngaduk?"

Isak ngaléngkah ka luar rohangan kantor nyampeurkeun Lia, terus nyarita,
"Lia! Anu aya hareupeun anjeun juragan Udin Subrata, incuna juragan Agus Subrata. Hartina bener pa Udin mémang juragan anjeun ogé"

Lia melong ka Isak. Isak anu baheula geus ngawawuhkeun bapana ka Agus Subrata nepi ka bisa ngagedékeun usahana kawas ayeuna. Lia anu tadina diuk langsung sujud bari leungeuna muntang kana suku Udin ménta di hampura.
"Juragan, Kuring salah, lamun kuring nyaho awéwé éta pamajikan anjeun. Kuring moal wani campelak"

Zoe ogé sarua, buburu ngorondang ka luar ti kantorna ngadeukeutan Lia terus sujud dina suku Udin,
"Juragan, Kuring ogé salah. Hampura"

"Lamun kuring teu datang, pamajikan Kuring geus dikotoran ku sia, lamun kuring teu datang beungeut pamajikan kuring geus ruksak ku pamajikan sia. Naon anu kudu dihampura ti aranjeun?" Ceuk Udin bari ngadégdég nahan kaambekna bari ngabayangkeun nasib Icih lamun dirina telat datang.

"Témbak, bobogaan lalaki ieu!" Ceuk Udin bari bari nunjuk ka Zoe.

Isak buburu nyokot péstol ti saurang pangawalna. Terus di témbakkeun ka Zoe. Hiji pélor ngabelesat langsung nembus calana Zoe persis keuna kana bobogaanna, getih ngucur maseuhan calana Zoe jeung ubin. Zoe ngocéak rubuh nangkarak terus gugulitikan.

"Paéh keur jelema-jelema model kieu can pantes, kangeunahan teuing. Kuring hayang lalaki ieu lumpuh saumurna" ceuk Udin.

Saurang pangawal Isak anu awakna panggedéna maju, terus Zoe ditangkubkeun, cangkéngna di jejek, terus taktak Zoe diranggeum ku dua leungeunna bari di betot satarikna. Krek! Tulang tonggong Zoe kadéngé potong.

Zoe akur ngarasakeun nyeri sakeudeung, saterusna geus teu bisa ngarasakeun nanaon deui. Awakna ti seret beuheung ka handap kawas anu ngadadak leungit, euweuh anu bisa karasa. Padahal bobogaanna geus ditémbak, calanana geus baseuh ku cai ompol campur getih, Tina bujurna ogé geus kaluar kokotor. Tapi teu karasa nanaon.

Zoe geus keuna ku paraplégia, lumpuh total saawak-awak. Ukur sirah anu masih kénéh bisa luak lieuk. Tong boro nyilakakeun batur, maéhan dirina sorangan ogé geus moal mampu.

Pangawal Isak anu bieu motongkeun tonggong Zoe nanya ka Udin,
"Kumahakeun awéwé ieu gan?"

"Sarua, duanana kudu lumpuh sapanjang hirupna" témbal Udin.

Ngadéngé kitu Lia abrug-abrugan bari jejeritan.
Pangawal anu bieu nanya langsung ngalaksanakeun tugasna.

Isak ngadéngé sora ngaguruh di luar wangunan. Jadi buburu ngaérét ka Udin,
"Juragan, 10 dozer geus tepi pikeun ngaratakeun tempat ieu. Mamang nungguan paréntah"

Udin unggeuk,
"Gotong sofa panjang ka luar, diukkeun 2 jelema ieu ngaréndéng ngarah nyaksian pabrikna diratakeun. Atur évakuasi pagawé dina 10 menit sangkan maranéhna nyalametkeun diri" ceuk Udin terus asup ka rohangan kantor Zoe mangku Icih langsung dibawa ka luar.

Isak mencét bél alarm gudang anu aya di kantor éta sarta nyokot mic anu kahubung ka pengeras sora di masing-masing gudang jeung palataran pabrik.
"Situasi darurat, salametkeun diri aranjeun séwang-séwangan dina waktu 10 menit, kaluar ti aréa gudang"

Sora alarm anu disusul ku Sora Isak langsung tepi kana kabéh ceuli ratusan pagawé di aréa Tianhao, disusul deui ku sora alarm anu ngahiung teu eureun-eureun.

Ratusan pagawé buriak lalaumpatan kaluar ti aréa pabrik. Terus ngumpul di palataran parkir. Sabab disangka aya kahuruan. Sedengkeun 10 dozer lalaunan nyebar ka sakurilingeun pabrik.

Isak ogé buburu kaluar mawa mégaphone pikeun ngomando karyawan anu ngumpul di titik évakuasi,
"Saha diantara aranjeun anu operator forklift? Kerahkeun kabéh forklift anu aya didieu, Bantuan dozer pikeun ngatakeun tempat ieu" ceuk Isak bari terus ngabagikeun duit ka para operator forklift anu ngacungkeun leungeunna.

Saenggeus narima duit ti isak, para operator buburu lalumpatan nyokot forkliftna séwang-séwangan terus siaga ngurilingan pabrik ti sagala arah babarengan jeung dozer.

Saenggeus nunda Icih dina mobilna, Udin nyampeurkeun ka Zoe jeung Lia anu geus ngaréndéng teu usik dina sofa. Terus Udin nyarita,
"Anjeun kudu nyaksian kabéh kaméwahan pabrik anjeun anu salila ieu geus di gedékeun ku kulawarga Subrata balik deui ka asal, rata jeung taneuh"

Saenggeus kabéh siap, Isak nyorowok kana mégaphone anu aya dina leungeuna,
"3.. 2..1.. ratakeun!"

Harita kénéh 10 dozer jeung belasan forklift langsung ngarangseg maju ngaratakeun kabéh wangunan gudang anu aya di dinya. Nempona Zoe jeung Lia ukur bisa nyurucudkeun cimata.

Udin nyampeurkeun ka Isak,
"Mang, kuring kudu mawa mobil jeung pamajikan balik. Wéyahna mamang di dieu heula nepi ka bérés. Ulah ngarobohkeun bénténg anu ngurilingan aréa sangkan kajadian di jero teu jadi tongtonan warga"

"Mangga gan" Isak unggeuk.

Wangunan gudang hiji-hiji mimiti roboh, dozer terus maju ngaleyekkan naon waé anu kaliliwatan ngarangseg ka tengah bari sagala di teunggar. Forklift ogé sarua, garpuhna sudak sodok nyokélan satiap wangunan anu aya di jero aréa.

Udin anu masih aya di dinya ngomong deui ka Zoe jeung Lia.
"Kajadian ieu kudu di inget ku aranjeun, ieu ukur awal lantaran geus wani ngahina kulawarga Subrata. Ku kituna ulah coba-coba ngajieun masalah séjén, ulah ngabongkar idéntitas kuring ka saha waé. Lamun nepi ka bocor tina sungut aranjeun. Kabéh kulawarga Éféndi bakal narima akibatna"

Lia jeung Zoe ukur bisa unggut-unggutan. Nempo satengah pabrik geus rata. Udin ngemplong. Kaambekna geus mimiti leungit. Udin buburu asup kana mobilna terus kaluar ti aréa pabrik. Mobil nyemprung balik ka Bandungkeun.

Tepi ka Imah, Icih anu masih kénéh can sadar dipangku ku Udin ka kamar terus di golérkeun dina ranjangna. Udin teu nyaho sabaraha dosis ubar anu geus di inum ku Icih. Tapi nyabak detak nadi dina leungeunna jeung merhatikeun gerakan nafas Icih anu geus balik normal. Udin yakin sakeudeung deui Icih pasti sadar. Bari nungguan sadar, Udin meresihan getih garing dina juru biwir Icih ku tisu baseuh.

Teu lila panon Icih muka lalaunan,
"Kang" ceuk Icih bari langsung nyegruk ceurik.

Udin buburu ngarangkul Icih,
"Teu nanaon nyi, ulah sieun, anjeun geus aya di Imah"

Icih rurat-rérét, karék sadar yén geus aya di kamarna,
"Kang, abdi teu acan di nanaon ku si Zoe pan?"

Udin gogodeg bari seuri,
"Nyai masih suci"

"Akang henteu laporan ka pulisi?" Icih nanya deui.

Udin gogodeg,
"Zoe jeung pamajikanna geus lumpuh, perusahaana geus rata. Sagala katelengesanna ka nyai geus kabayar. Éta akibat kalakuanna sorangan. Hukum can tangtu bisa bisa nindak adil siga kitu. Anjeun can di kukumaha, euweuh bukti pikeun ngeurad si Zoe salian ti geus ngajieun anjeun teu sadar, hukumanna paling ukur dibui sababaraha taun. Sanajan hukuman mati ogé masih teu pantes keur maranéhna"

Icih colohok, terus nanya sabab panasaran,
"Saha anu parantos ngalakukeunna kang?"

Udin ngajelaskeun,
"Pas akang narima telepon ti nyai, akang buburu nelepon babaturan para kuli anu keur di garawé di Majalaya pikeun nyalametkeun nyai. Kabeneran pas nyai disalametkeun, pabrik keur kahuruan, si Zoe jeung pamajikanna ka kubur ku wangunan anu runtuh. Untung masih bisa disalametkeun, tapi duanana lumpuh. Sabab nyai teu sadar, jadi moal nyaho nanaon. Mobil jeung nyai ogé di anteurkeun ka dieu ku babaturan akang"

Icih kerung,
"Sateuacan abdi teu sadar, abdi asa ningal akang di ditu"

Udin gogodeg,
"Henteu nyi, anu di maksud ku nyai pasti babaturan akang anu nulungan nyai. Pasti anu katempo ku nyai ukur halusinasi akibat pangaruh ubar. Mobil anu hijina deui pan keur di paké ku bapa. Akang teu bisa ka mamana, akang ukur bisa nungguan nyai di dieu bari haté tagiwur hariwang"

"Kahuruanna, pasti mapay nya kang?" Ceuk Icih.

"Ngarana ogé gudang bahan wangunan, loba material anu babari kaduruk, seuneuna pasti gancang ngarémbét ka sakabéh aréa pabrik" ceuk Udin.

Saterusna Udin nyarita deui sangkan Icih teu kapapanjangan nanya,
"Nyi, Akang rék ka dapur heula mawa cai nginum keur nyai"

Didapur Udin ngirim pesen ka Isak,
"Mang, hubungi kabéh média di Bandung, klaim kajadian Tianhao akibat ayana konsléting listrik anu ngakibatkeun kahuruan jeung aya sababaraha tabung gas bitu anu ngakibatkeun kabéh wangunan rubuh rata jeung taneuh"
Isak seuri,
"Teu kudu hariwang gan, geus diatur kabéh ku mamang ti saprak Dozer arindit, sakeudeung deui pasti kabéh média online geus ngarilis beritana"

Dikamar, Icih masih mikiran kajadian anu tumiba ka dirina. Cai panona teu karasa nyurucud deui. Leungeuna ngaragamang kana tas nyokot HP, terus mukaan berita terbaru. Icih colohok, sabab sababaraha média online ngaberitakeun hal anu sarua jeung anu bieu disebutkeun ku Udin.

Teu lila Udin asup bari mawa cai hérang hanet.

"Akang leres, ieu beritana" ceuk Icih bari némbongkeun layar HP-na.

Buburu HP ku Udin dicokot terus dibaca. Udin pura-pura ngarénjag.

Icih nyekelan leungeun Udin,
"Kang, hapunten Icih teu ngadangu ka akang, upami akang ngiring, panginten moal kieu kajantenanna"

Udin buburu némbalan,
"Lain nyai anu salah, ku naon kudu ménta di hampura ka akang? Justru akang anu salah teu bisa ngajaga pamajikan sorangan. Akang anu kuduna ménta di hampura ka nyai"

Icih nguniang diuk terus ngarangkul Udin pageuh pisan. Sanajan baheula teu bogoh, tapi sataun hirup jeung Udin, perhatian jeung kanyaah Udin ka dirina beuki karasa

Sanajan kabéh berita nyaritakeun Tianhao anu kahuruan, tapi teu saeutik jelema anu ngaduga aya dalang satukangeunna, pasti aya sangkut pautna jeung persaingan bisnis antara jelema beunghar. Saolah-olah di Bandung keur aya maung saré anu kageuingkeun. Tapi saha? Saha anu boga kamampuan sarupa kitu?

Jelema anu pangsedihna ngadéngé Tianhao kahuruan jelas Rukmini. Sabab rék kamana deui Palapa néangan supplier bahan wangunan skala gedé anu bisa di anjukkan. Hiji-hijina jalan kudu aya duit. Tapi Bank mana anu masih daék nginjeuman.

Sedengkeun Icih, kuayana kajadian di Tianhao, dirina geus nékad moal ulubiung deui kana urusan intern Palapa. Keun sina Rukmini anu mikiranna. Icih rék konséntrasi dina pelaksanaan proyékna tanpa kudu mikiran bahan bakuna timana.

Isukna, kusabab Icih geus ngarasa jagjag, Icih indit di gawé siga biasana. Sedengkeun Udin ka pasar balanja bahan keur pasakeun. Balik ti pasar, Udin nempo Mardi keur luh lah bari nyarandé diuk dina sofa di rohangan tamu.

"Pa kunaon? Aya anu nipu barang antik deui?" Udin nanya.

"Montong ngomongkeun barang antik. Aing keur kararesel" témbal Mardi baketut haseum.

"Kesel kunaon?" Udin kerung.

"Aya palélangan barang antik di BCC, lamun BCC geus ngayakeun acara kitu, pasti anu di lélangna barang anyar anu can aya dipasaran. kabéh jelema beunghar diondang. Sedengkeun kulawarga Kusumah ngan kabagéan hiji ondangan. Tapi kalah di bikeun ka si Dudung. Padahal bapa hayang ngahadiran" témbal Mardi

Udin nyaho, obsésina mitohana kana barang antik mémang teu bisa di momorékeun, pasti hayang pisan bisa ngahadiran sanajan teu mampu meuli. Sahenteuna ari nempo hungkul mah piraku.

"Ngagaleuh wé ka calo atuh pa ari sakadar ondangan mah" ceuk Udin.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience