50. Ki Waja dipaéhan ku Udin

Fantasy Series 36

Ki Waja nyakakak,
"Kuring ngalakukeun kieu ka bapa anjeun pikeun nyalametkeun nyawa anjeun jeung adi anjeun. Kudu aya anu jadi korban. Jampé pamaké kuring anu geus kaucap, moal bisa ditarik deui"

Auxé ceurik bari ngadeukeutan ka Udin,
"Pa Udin. Tulungan pun bapa"

Udin némbalan,
"Sabab kulawarga anjeun leuwih percaya ka Ki Waja, jadi kuring teu bisa kumaha. Kuring geus ngomong sababaraha kali, ulah percaya ka jelema. Kuring mah ukur nyaréatan. Matak ngahaja ukur ngirim ubarna, teu datang deui ka imah anjeun, sangkan aranjeun teu nganggap kuring anu nulungan"

Beungeut Auxé beuki sedih,
"Pa Udin, abdi teu acan siap dikantunkeun ku pun bapa, tulungan pa"

Udin seuri,
"Tarimakeun wéh. Lamun mémang jalan hirup bapa anjeun kudu pondok. Kabéh moal aya anu bisa nolak"

Qin Gang anu titadi mémang ngarasakeun kakuatan tina kulit kerang ti Udin, ahirna nangtung terus deku hareupeun Udin bari ngaluarkeun kulit kerang tina sakuna,
"Kuring masih yakin ka anjeun. Lamun henteu Kuring moal nyakuan kulit kerang ieu. Kulit kerang ieu mampu nyageurkeun kanyeri akibat serangan Ki Waja bieu"

Nempo Qin Gang nyakuan kulit kerang ti dirina, Udin ahirna ngomong.
"Sakuan deui kulit kerangna. Terus piceun isim kaén hideung ti Ki Waja anu diparaké ku aranjeun"

Qin Gang reuwas, sabab Udin bet bisa nyaho aya isim anu dipaké ku dirina jeung ku anak-anakna. Buburu Qin Gang miceun isim ti Ki Waja. Auxé ogé buburu miceun isimna. Steven mah asa-asa. Ngan kusabab ningali bapana jeung Auxe miceun isim, ahirna isim milikna ogé dipiceun.

"Qin Gang! Tempo garis beureum dina leungeun anjeun ayeuna!" Ceuk Udin.

Qin Gang nempo deui dampal leungeunna, garis beureum dina dampal leungeuna beuki lila beuki ipis ahirna leungit,
"Pa Udin, kumaha bet bisa kieu?" Qin Gang nanya atoh.

Udin seuri ipis,
"Isim Ki Waja anu dipaké ku anjeun, éta sabenerna média pikeun ngirimkeun sihirna. Ayeuna isimna geus dipiceun. Jelas pangaruh sihirna ogé leungit"

"Nuhun pa Udin, nuhun" ceuk Qin Gang atoh pisan bari ngarangkul dua anakna.

Udin unggeuk,
"Nasib anjeun keur alus, anjeun datang kadieu bari nyakuan kulit kerang ti kuring. Lamun henteu, kuring ogé moal paduli"

Saterusna Udin ngarérét ka Ki Waja,
"Ki Waja! Leuwih hadé anjeun buburu tobat. Anjeun jelas moal mampu ngalawan kuring"

Ki Waja nyakakak,
"Can tangtu, lamun anjeun nyaah kénéh kana nyawa, justru anjeun anu kudu tobat terus sujud bari nyebut guru ka kuring. Pasrahkeun kerang anu geus dibawa ku anjeun"

Ki Waja tadina teu boga niat pikeun diadu jajatén langsung jeung Udin. Tapi kusabab Udin geus nangkis 2 kali seranganna ka Qin Gang sarta nyalametkeun bari teu ingkah tina diukna. Jaba geus maréntahkeun sangkan anak jeung bapa miceunan isim ti dirina. Jelas dianggapna hiji hinaan anu teu bisa ditarima kitu waé. Ki Waja teu nyahoen lamun Qin Gang mésakan kulit kerang. Éta anu nyalametkeun nyawana. Udin titadi mémang diuk teu ingkah da mémang teu ngalakukeun nanaon pikeun nulungan Qin Gang.

Udin némbalan,
"Tepi ka iraha waé oge kuring moal mikeun kérang kuring ka anjeun dukun jahat!"

"Lamun kitu, anjeun kudu siap-siap" ceuk Ki Waja bari ngaluarkeun mangkok porselén hideung anu aya tutupan tina peti. Mangkok ditunda dina dampal leungeuna bari tutupna dibuka. Sungutna gegerenyeman mapatkeun jampé pamakéna.

Rébuan rametuk hideung barijil tina mangkok. Saliwatan mah siga haseup hideung. Rametuk langsung hiber kana bubuahan dina méja anu mémang sagala rupa hidangan geus disadiakeun ku kulawarga Wijaya keur ngajamu para tamu ondangan di ahir acara. Kawas anu kalaparan, sakilat bubuahan anu digembrong ku rametuk langsung aduy buruk.

Warni ngarénjag, terus nyarita laun,
"Saurang paranormal kondang ngagunakeun rametuk? Naon kahébatan rametuk?"

Barda ngajelaskeun,
"Sanés rametuk biasa non. Tapi rametuk iblis anu ngahaja diingu ku ki Waja. Dina mangkokna aya bangké janin orok hasil aborsi anu geus ngabatu. Di dinya ki Waja miara rametuk piaraanna"

Tina bubuahan, rametuk pindah kana hidangan séjén, bakakak hayam, beuleum guramé, jeung sajabana. Kabéh digembrong. Kaciri warna sagala rupa dahareun jadi robah. Daging jadi hideung sarta teu lila ti jero daging barijil rametuk-rametuk anyar.

Nempo hal éta, kabéh tamu karék sadar, yén rametuk anu aya lain rametuk biasa, tapi mahluk jahat anu bakal nyilakakeun sararéa. Bakakak hayam digembrong langsung buruk dipaké ngendog, komo saupama tametukna ngagembrong jelema, tangtu geus moal aya anu bisa ngalawan.

Ukur dina itungan menit, kabéh hidangan buruk jeung langsung robah warna, bilatungan jaba bau. Sedengkeun Rametukna jadi beuki loba. Sawaréh aya anu hiber kana kandang manuk béo iinguan Salman. Sapada harita Manuk langsung sakarat terus paéh. Lantaran euweuh deui hakaneun seger. kabéh rametuk hiber luhur bari ngumpul. Pakarangan imah anu tadina caang jadi ceudeum kawas anu katutupan ku halimun pihujaneun. Geus kitu rametuk turun ngaguruh kawas angin puyuh nyerang kabéh jelema anu keur ngarmpul handapeunna.

Kabéh tamu jelas bur ber lalaumpatan nyalametkeun dirina séwang-séwangan. Aya anu ka kolong méja, malah aya anu ngagejeburkeun manéh kana talaga. Rametuk anu ngandung peurah jahat langsung nyocoan kulit jelema anu teu katutup ku baju. Kulit anu dicoco langsung robah warna jadi hideung bari karasa panas siga anu dibeuleum. Anu boga pangabisa buburu ngalawan ku kamampuana séwang-séwangan. Aya anu ukur jajampéan, aya anu ngaluarkeun jimatna, aya ogé anu ngabubat babetkeun jaket atawa taplak méja sangkan rametuk ngajauhan.

"Nanaonan ieu?" Ceuk Warni bari diharudum ku taplak méja.

"Ki Waja geus leungiteunn akal, kabéh jelema rék dicilakakeun" témbal Barda.

Ki Waja nyakakak terus susumbar,
"Geus moal aya anu salamet. Kabéh bakal modar di dieu"

Para tamu anu kagégél ku rametuk mimiti rarubuh bari utah getih hideung terus teu usik deui. Malah aya sababaraha korban ti para pangawalna Ki Waja sorangan. Auxé murungkut handapeun méja bari nyekelan pundukna. Ngadéngé sora ngahiung ukur ngaliwat ogé karasana meni geus asa sagep-gepeun nyoco.

Anu nempo ka Qin Gang jeung Udin kabéh colohok. Sabab euweuh rametuk anu wani ngadeukeutan. Sanajan aya sababaraha rametuk anu ngadeukeutan, dina jarak 2 meter langsung kaduruk ngebul terus paéh. Ahirna para tamu anu masih salamet ngagimbung ngumpul rapet ngadeukeutan Qin Gang.

Udin ngaléngkah ngadeukeutan Ki Waja bari dua leungeuna ngeupeul. Anu katuhu ngeupeul hiji kulit kerang anu geus dijieun pasagi sagedé dadu, anu kénca ngeupeul kai béntar. Udin rék meraktékeun salah sahiji Élmu anu aya dina buku 9 Élmu Karuhun.

"Zat!" Ceuk Udin nyorowok. Réngsé kalimah éta di ucapkeun, dilangit méga bodas ti tiap juru langsung gerak terus ngumpul di luhureun aréa imah Kulawarga Wijaya.

Ki Waja colohok, terus nanya ka Udin,
"Anjeun boga saéfi angin?"

"Lain" témbal Udin gogodeg.

"Sifat!" Ceuk Udin nyorowok deui.
Réngsé kalimah éta diucapkeun, méga bodas beuki ngagunduk robah warna jadi méga hideung anu ngagayot ku pihujaneun, kingkilaban kaciri pating buricak dibarengan ku sora guludug handaruan sababaraha kali. Caang kaganti ku ceudeum. Nempo aya parobahan di langit, Ki Waja buburu sila bari biwirna gegerenyeman. Tapi euweuh parobahan nanaon.

Sabab langit angkeub, katembong awak Udin siga anu cahayaan. Malah bagéan peureupna anu keur ngeupeul, hurung kawas lampu neon. Tapi ngan katempo ku Ki Waja hungkul.

"Mustahil! Jampé kuring euweuh pangaruh samasakali!" Ceuk Ki Waja mimiti geumpeur.

"Ayeuna kuring rék nembongkeun kakuatan alam anu sabenerna" ceuk Udin. Kituna téh bari ngangkat 2 leungeunna ka luhur.

"Wujud!" Ceuk Udin nyorowok deui, bari ngotrékkeun kulit kerang kana kai béntar. Siga anu keur nyekéskeun korék api kayu.

Réngsé kalimah éta kaluar tina biwir Udin, cahaya béntar anu ngagurilap bodas kaluar ti tengah-tengah mega hideung ngabarasat nyuruwuk ka tengah-tengah tempat acara dibarengan ku sora ngabeledag tarik. 5 meter deui kana taneuh, cahayana nyebar jadi ratusan cagak. Kawas aya médan listrik, cahaya saukuran pecut patingburisat but bet kaditu kadeiu nyamberan jutaan rametuk nepi ka tarutung terus ragrag jadi lebu. Anéhna béntar teu nyilakakeun jelema. Padahal sababaraha méja jeung korsi anu kasipat nepi ka beulah. Tapi rametuk mah hiji ogé euweuh anu salamet.

"Ajaib!" Ceuk Barda.

Kabéh tamu beuki carolohok mata simeuteun sarta caricing ngajanteng kawas patung. Aya anu melong tanggah ka langit, aya ogé anu méncrong ka udin. Leungeun Udin lalaunan turun, angin ngagelebug mimiti datang dibarengan ku hujan gedé ngagebret meresihan lebu anu dibalukarkeun tina rametuk anu tadi paraéh kabeuleum. Kabéh jelema langsung baraseuh kahujanan. Saolah kageuingkeun tina ngimpi sawaréh langsung mencar lalumpatan néangan tempat keur ngiuhan, sawaréh deui nagog di tempat bari murungkut sabab sieun kabéntar gelap.

Qin Gang anu haténa masih yakin kana kamampuan Udin beuki reueus. Béntar anu datangna ti langit kawas anu boga mata, ukur ngabeuleum rametuk bari teu nyilakakeun jelema saurang-urang acan. Jelema anu paéh ukur anu diakibatkeun ku rametuk saméméhna.

Ki Waja masih sila, tapi beungeutna mimiti pias lantaran sieun. Awakna ngadégdég lain lantaran tiris kahujanan. Tapi mémang teu nyangka sacongo buuk, Udin budak ngora tur kacirina lemah, bakal boga kakuatan ngondang béntar ti langit. Ki Waja ngabayangkeun lamun béntar bieu keuna kana awakna. Pasti bakal langsung jengker di dinya kénéh.

Ki Waja buburu nangtung rék lumpat, anu kapikir ku dirina ayeuna ukur hayang lumpat sajauh-jauhna, satarik-tarikna sarta moal wani datang deui ka Bandung. Teu hayang tampil deui di masyarakat. Wirang jeung sieun. Tapi sukuna ngadadak leuleus teu bisa lumpat, ahirna ngudupruk deui kana taneuh.

"Rék lumpat kamana? Kumaha tanggung jawab anjeun ka jelema-jelema anu geus jadi bugang ku rametuk anjeun?" Ceuk Udin bari ngotrékkeun deui kulit kerang kana kai bentar bari nyorowok,
"Wujud!"

Sakali deui cahaya bodas ngabelesat ti langit dibarengan ku sora ngabeledag. Ngan sakolebat langsung nyamber pigeulang leungeun ki Waja anu keur nyekela mangkok hideung. mangkok langsung beulah. Pigeulang leungeuna ogé pegat.
"Ampun Udin. Ampuun" ceuk Ki Waja ngajerit nahan panas jeung nyeri dina pigeulang leungeunna.

"Ngagunakeun janin manusa hasil aborsi keur nyiptakeun rametuk. Éta ogé kajahatan anu ngaruksak ngaran supranatural" Ceuk Udin bari ngotrékkeun deui kulit kerang kana kai bentar.
"Wujud! Wujud!"

Dua cahaya bodas ngabelesat deui ti langit dibarengan sora ngabeledag. Ngan sakolebat hiji meulah sirah Ki Waja, hiji langsung kana awakna. Bau hangit daging kabeuleum langsung ka ambeu tina awak Ki Waja anu geus méréngkél tutung. Awak Ki Waja ngebul bari geus teu mangrupa manusa deui.

Dua pisaka anu dikeupeul ku Udin ahirna dipésakan deui. Mega hideung mimiti nyingray, angin leungit, hujan ogé raat. Langit mimiti caang deui. Kaayaan balik deui siga mimiti. Udin ogé biasa deui bari seuri ngarérétan ka satiap jelema anu masih cangcaya kana kajadian bieu.

Qin Gang nyampeurkeun ka Udin langsung deku,
"Guru!" Ceuk Qin Gang bari ngarapetkeun 2 leungeuna.
Steven, Auxé, Warni jeung Barda ogé nyampeurkeun deku hareupeun Udin,
"Guru!"
Ahirna kabéh tamu anu masih hirup nyalampeurkeun nuturkeun deku bari nyebut 'Guru' ka Udin, kaasup Salman.

Kalolobaan tamu ondangan mémang ahli métafisika. Tapi saacana, can kungsi aya hiji manusa anu bisa maréntah béntar ari lain dina dongéng atawa film mah. Tapi ayeuna kabéh nyaksian sorangan. Udin anu salila ieu geus dianggap hina, kuli ngaduk. Bisa ngalakukeunna. Pantes lamun di sebut Guru ku sararéa.

Udin nyarita,
"Narangtung! Kuring teu pantes disembah. Kuring lain ahli métafisika, lain ahli ramal. Kuring ogé teu hayang jadi pamingpin. Lamun mémang bener Bandung rék ngajieun komunitas métafisika, Kuring masrahkeun ka Barda pikeun mingpin aranjeun"

Kabéh euweuh anu némbal, euweuh anu wani nangtung. Tapi pating rarérét. Sabab geus jelas katempo ku sararéa kamampuanna. Tapi kunaon Udin embung disebut ahli?

Barda ngomong bari manggut ka Udin,
"Guru. Kuring teu pantes jadi ketua, tapi kuring teu wani nolak kana paréntah anjeun. Bimbing Kuring!"

Alan ogé ngomong,
"Guru. Tarima hadiah cék 80 juta ti Kuring. Tanda panuhun lantaran geus nyalametkeun kuring" saterusna Alan buburu nulis keretas cék anu dicokot tina tasna.

"Kuring ogé nganuhunkeun Guru" ceuk mang Gugun.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience