Isukna, Warni datang pas jam dalapan. Saenggeus duanana aya dina mobil. Di jalan bari nyupiran, Warni nyarita ka Udin,
"Kang. Batu anu dimaksad badé digaleuh ku abdi dinten ieu. Nanging seueur anu sami-sami mikahoyong kana batu éta. Pasti bakal aya adu pangaos"
"Masalah éta teu perlu difikiran, kuring nyaho kakauatan duit anjeun, harga lain masalah. Tapi tempo heula barangna, kudu sabanding jeung harga ulah nepi ka anjeun katipu" témbal Udin.
"Teu kedah nyarioskeun perkawis kakayaan kang. Aya langit deui di saluhureun langit. Di Bandung ieu masih seueur maung depa. Sadaya jalmi sami, Beunghar mung sesebatan" ceuk Warni bari imut.
Udin ngarénjag, teu nyangka awéwé anu kamari katingalina judes, tapi boga pamikiran siga kitu. Éta nandakeun pangarti Warni mémang luhur.
Ningali Udin siga anu reuwas, Warni nyarita deui,
"Tingal grup Bima Raya, éta ogé pan perusahaan ageung, sanaos di Bandung sahandapeun abdi, nanging anu kagunganna incu konglomerat nomer dua sa Indonesia. Pakaya abdi moal sataikukueunna. Buktosna Bos Bima Raya bujeng-bujeng mamérkeun kakayaanna, ngabuka indentitasna waé ka publik alim. Pasti jalmina sapamikiran sareng abdi. Harta sanés kanggé pamérkeuneun anu ahirna bakal nyandak kana kasombongan. Bos Bima raya salah sawios maung depa anu dimaksad ku abdi. Gaduh kakiatan, nanging teu ujub sareng adigung"
Warni ngarénghap panjang,
"Abdi saleresna hoyong kenal ka anjeunna, nanging hanjakalna jalmina terlalu misterius. Sesah ditepangan.
"Kunaon hayang wawuh?" Udin nanya.
"Hoyong mulungan élmuna kang. Tiasa ngalola usaha tanpa kedah lungsur langsung. Saolah-olah sadayana jalan sacara otomatis. Artos ngalir teras. Benten sareng abdi, usaha abdi tiasa majeng kumargi abdi anu lungsur. Upami abdi mung calik, usaha ogé pasti pareum" ceuk Warni.
Warni teu nyahoeun yén jelema anu keur diomongkeunna keur aya di gigireunna.
Mobil terus nyemprung ka pasisian kota Bandung anu ahirna anjog ka hiji pakarangan lega di sisi walungan. Tapi wangunan imahna mah can kaciri. Udin jeung Warni turun terus leumpang, kaluar ti pakarangan tempat markirkeun mobil terus asup ka hiji taman mapay jalan satapak anu dijieun tina batu-batu koral saukuran anu ngampar rapih.
Tuluy duanana meuntasan jambatan awi anu dihandapna balong hérang ngagenclang anu pinuh ku lauk emas warna warni. Ti dinya karék kaciri aya wangunan leutik tapi hégar, dikuriling ku kekembangan anu keur meumeujeuhna mekar pikabetaheun.
Diluar nyampak saurang palayan geus mapagkeun bari nitah duanana asup. Di rohangan anu katempo tiheula nyaéta méja buleud badag anu dijieun tina kai mahoni. Dikuriling ku korsi anu sarua dijieun tina bahan kai alami sanajan maké jok. Sarta sababaraha lalaki kolot anu geus leuwih tiheula aya geus dariuk. Diantarana saurang katurunan China.
Saurang aki-aki anu buuk jeung janggotna geus bodas nangtung. Tapi sanajan aki-aki katémbongna jagjag kénéh. Manéhna pagawé Warni anu salila ieu boga tugas néangan barang, ngarana Masduki.
"Ndén parantos sumping, mangga calik" ceuk si aki-aki nitah Warni diuk.
Teu talangké Warni jeung Udin buburu diuk terus manggut ka sararea.
"Mang kiki, ti iraha aya didieu?" Ceuk warni ka Masduki.
"Mamang parantos ngadangu ndén bakal sumping ka dieu, janten mamang mayunan" témbal Masduki.
Warni ngenalkeun Masduki ka Udin,
"Pa Udin, ieu mang kiki, jelema kepercayaan abdi kanggé milarian sareng nganilai barang" ceuk Warni ka Udin.
Udin manggut ka Masduki. Tapi dina haténa tumanya,
"Naha bet tiheula?"
Udin ngambeu aya kongkalikong antara Masduki jeung anu rék ngajual barang. Tapi dugaan éta teu dikedalkeun.
Masduki ngarérét ka Udin ku teuteupan sinis. Hatena ngagerentes,
"Ieu tangtu pamuda anu diobrolkeun Warni anu cenah ngarti kana barang. Jelas bisa jadi anceman keur profési kuring"
Tapi ningali umur Udin anu ngora kénéh. Masduki teu ngarasa gimir.
Kéncaeun Masduki, aya lalaki sakitar umur 50an. Manéhna nyarita ka Warni,
"Néng, na teu lepat nyandak murang kalih alit ka dieu kanggé nganilai barang antik?" Bari nyakakak seuri sinis. Jelas omonganna ditujukeun pikeun nyindir Udin.
"Alan, ieu Bandung, lain Tasik. Ulah sangeunahna ngomong didieu!" Ceuk Warni anu ujug-ujug jadi galak.
Lalaki cina kéncaeun Alan ogé nyarita,
"Aranjeun datang kadieu lantaran bisnis, lain rék paraséa pan? Jadi tahan émosi"
Warni ngaharéwos ka Udin,
"Jalmi anu disebat Alan asalna pengusaha beunghar di Tasik, disagédéngeunna mang Gugun ahli ngaramal sareng kabatinan kapercantenanna. Anu cina namina Qin Gang, bandar bahan landong di Bandung, perusahaana mitra bisnis abdi sareng teu acan kantos nguciwakeun"
Juru panon Udin mémang ti awal terus merhatikeun ka lalaki kolot anu ngaranna Gugun. Lalaki éta ti mimiti Udin datang katempo peureum tapi teu saré. Aya hiji aura kakuatan anu karasa ku Udin disaluareun awakna.
Saurang lalaki anu didiga sabagé tuan rumah muka obrolan,
"Tah kusabab kabéh geus karumpul, geus euweuh deui anu perlu diobrolkeun. Sok tah, ieu batu Mirah Delima milik kuring, tingali barangna, terus nilai hargana" ceuk si lalaki bari muka peti kai leutik anu dijerona aya batu saukuran peureup kolot.
"Salila batu ieu bener-bener bisa méré katenangan fikiran jeung bisa ngajauhkeun tina marabahaya. Keur kuring harga teu masalah" ceuk Qin Gang.
Batu dina peti mémang warnana beureum getih, masih dina kaayaan murni, can diasah. Pas peti kai di buka, keur mang Gugun jeung Udin mah langsung karasa aya hawa haneut anu kaluar, tapi hawa haneut anu karasa ku Udin mah jelas haneut tipuan. Tapi ku anu séjén mah henteu karasa nanaon.
"Mang kiki, kumaha menurut anjeun?" Warni nanya ka Masduki.
Masduki melong batu leuwih deukeut,
"Teu aya masalah, ieu mémang Mirah Delima asli. Perkawis khasiat kumaha kayakinan pamilikna. Diasah janten perhiasan ogé tangtos pangaosna bakal luhur"
"Miturut salira kumaha kang?" Warni nanya ka Udin.
"Palsu!" Ceuk Udin
Kabéh jelas ngarénjag bari melong ka Udin
Masduki muncereng,
"Anjeun budak ngora, nyaho naon masalah batu? Ulah ngajieun fitnah. Asli disebut palsu"
Gugun anu titadi peureum ogé ngadadak beunta, terus ngarérét kana batu, saterusna nyarita,
"Lamun ieu disebut asli kuring ogé teu bisa ngabenerkeun, tapi masalah khasiat bisa nenangkeun fikiran éta bener, sabab aya hawa haneut anu karasa ku kuring"
Keur sababaraha urang mémang teu ngamasalahkeun jenis batuna, anu leuwih penting hasiatna. Jadi Masduki rada satuju ka Gugun.
"Tah mang Gugun lewih nyaho, pangalamana leuwih jero tibatan anjeun budak ngora anu teu nyaho nanaon tapi kawas anu ngarti" ceuk Masduki bari ngarérét sinis ka Udin.
Ngadéngé ampir kabéh jelema yakin yén batu boga khasiat, Warni ogé rada teu panuju ka Udin. Hartina Udin mémang ukur boga kamampuan ngoméan, tapi teu bisa nganilai barang.
Udin ukur bisa gogodeg bari ngarahuh, sabab bingung rék nyqrita naon deui. Haténa sabenerna hayang ngagorowok ka sararéa,
"Sabenerna anu bodo téh aing atawa maranéh?" Tapi percumah diucapkeun sabab tujuan Udin ka dinya salian maturan Warni ogé hayang nempo jeung hayang nyaho hungkul.
"Tah kusabab masing-masing geus nempo jeung geus nganilai barangna. Sok sodorkeun harga" ceuk pamilik batu bari nutupan deui peti kaina.
"Kuring wani 100 juta" ceuk Qin Gang.
"130 juta" ceuk Alan
Warni cicing sabab masih asa-asa. Naha rék percaya ka Udin atawa ka Masduki?
"Sabaraha nawisna néng Warni?" Ceuk pamilik batu.
Ningali Warni siga anu asa-asa, Masduki ngaharéwos,
"Ndén, batu ieu tiasa pajeng 300 juta upami diical deui. Saupami ku salira digaleuh 200 juta, salira bakal untung 100 juta. Abdi yakin"
Warni teu ngajukeun harga, tapi ngarérét deui ka Udin. Udin sorangan acuh teu nembongkeun éksprési nanaon
Ngarasa dirina teu dianggap ku dununganna, Masduki ahirna nyarita, curukna nunjuk beungeut Udin,
"Pamuda ieu ngomong palsu, Kuring panasaran, kunaon bisa nyimpulkeun batu ieu palsu, naon alesanna?"
Ceuk fikiranna, saupama Udin teu bisa ngajelaskeun. Warni tantu moal asa-asa méré panawaran, jelas kauntungan keur Masduki lantaran bakal narima komisi ti pamilik batu.
"Budak olol lého nyaho naon masalah batu, datang kadieu ogé paling sakadar ulin" ceuk Alan sinis.
"Barina ogé eweuh hak ngomong, da lain rék meuli" ceuk pamilik batu
Udin ngarérét ka Masduki,
"Anjeun hayang nyaho alesan kuring?"
"Sok jelaskeun. Ulah asal ngomong padahal anjeun anu bohong rék nipu batur" ceuk Masduki.
"Tadina Kuring teu hayang ngomong sabab embung ngawiwirang sasaha ku panipuan ieu" témbal Udin
"Maksud anjeun, saha anu nipu?" Ceuk Gugun kerung.
"Anjeun anu bodo mang, boga pangarti tapi teu dipaké" ceuk Udin ka Gugun.
"Jang, ati-ati nyarita, anjeun rék néangan masalah jeung kuring?" Ceuk Gugun ambek.
Udin ngajelaskeun,
"Mang, ieu batu ukur beureum biasa, euweuh khasiat nanaon jeung lain Mirah delima asli. Mirah delima moal aya nu gedé sagedé kieu, Jeung moal aya gelembung hawa di jerona, teuasna sarua jeung inten. Moal bisa dikerok maké péso. Tapi tempo sing jelas, batu éta meunang motong, lain sesemplékan. Hargana paling mahal ukur 500 rébu. Hiji deui, beureum dina batu eta lantaran tina mangan anu ngandung submanganat"
"Terus timana asalna hawa haneut anu ku kuring karasa?" Ceuk Gugun kerung.
Udin seuri,
"Tah ieu sababna kuring nyebut mamang bodo, mamang boga élmu kabatinan, tapi teu bisa ngabédakeun aura haneut lantaran énérgi batu jeung haneut jieunan. Batu ieu saméméhna geus dikeueum dina cai akar-akaran anu digodog salila saminggu. Éfék haneut anu kaluar ngaranna psikedelik. Babari ngaleungitkeunna, beuleum, terus anclomkeun kana cai. Salian batuna bakal beulah, psikedelikna ogé pasti leungit"
Ngadéngé Udin ngomong kitu, pamilik batu langsung nangtung bari ngagebrag méja,
"Dasar kurang ajar! Kaluar ti Imah kuring!" Kituna téh bari cirukna nunjuk ka luar ngusir Udin.
Sabab réspons anu boga batu kawas kitu, anu séjén jadi curiga, boa enya anu diomongan Udin.
"Coba kaluarkeun batuna, Kuring hayang nempo deui" ceuk Alan.
Anu boga batu langsung pias,
"Pan bieu geus nempo. Anjeun percaya kana omongan budak ieu?"
Qin Gang ogé ngomong,
"Buktikeun beuleum, saupama geus dibeuleum tapi éfékna masih aya, tetep ku kuring di bayar sasuai jangji. Ngan lamun leungit, hartina anjeun nipu. Kuring bakal ngalaporkeun anjeun ka pulisi"
"Lamun asli kuduna ulah sieun, Mirah Delima asli moal kapangaruh ku seuneu" cek Warni.
Pamilik batu leuleus teu bisa ngomong deui, teu nyangka tipu muslihatna bakal dibongkar ku Udin. Sabenerna kabéh ideu Masduki anu hayang meres Warni, terus hasilna bakal dibagi dua.
Udin sorangan ogé ngarénjag, sabab anu diomongkeunna bieu ngan ukur ngajelaskeun naon anu kungsi dibacana tina buku 9 Élmu Karuhun. Lain pangartina sorangan ngeunaan batu. Iraha teuing Udin ulubiung kana barang antik. Lamun kana batu bata, batu pondasi, batu split, batu koral heueuh. Sabab kungsi digawé di proyek wangunan. Ngan teuing kunaon tadi sawaktu dititah ngajelaskeun alesanna. Sagala katerangan saolah-olah barijil tina otakna. Idéntifikasi batu ogé mangrupakeun bagéan tina eusi buku 9 Élmu Karuhun.
"Kunaon cicing? Ngarasa salah?" Ceuk Udin bari ngarérét ka anu boga batu.
"Daripada cicing, leuwih hadé ngaku. Anu disinghareupan jelema beunghar hungkul. Nipu jelema beunghar sarua waé jeung ngagali kuburan sorangan, anjeun betah kénéh hirup?" Ceuk Gugun ka pamilik batu.
"Bener, anjeun nyaho saha kuring? Coba-coba nipu kulawarga Nataprawira sarua waé jeung geus teu betah cicing di Bandung" ceuk Warni ngancem.
Pamilik batu ngeleper, beungeutna beuki pias. Naon anu diucapkeun Warni mémang bener. Ngajieun masalah jeung kulawarga Nataprawira umurna tangtu moal panjang.
Pamilik batu ahirna muncereng ambek ka Masduki,
"Masduki, ieu kabéh gara-gara anjeun, anjeun anu kudu tanggugjawab"
"Naon? Anjeun nuduh kuring? Kuring kapercayaan ndén Warni, kulawarga Nataprawira geus lila ngagawékeun kuring dina masalah barang antik" ceuk Masduki kituna téh bari nyabut péso dina cangkéngna terus diteueulkeun kana beuheung pamilik batu.
"Anjeun malikeun fakta. Anjeun anu ngomong Warni mah kumaha anjeun. Asal anjeun ngomong, Warni pasti ngagugu. Mana buktina?" Ceuk pamilik batu.
Warni langsung nangtung bari nungtun Udin ngajak ka luar,
"Kang, hayu mulih. Keun waé aranjeunna sina silih paéhan didieu. Abdi parantos nga-SMS para pangawal abdi kanggé mérésan tempat ieu"
"Hayu" ceuk Udin bari nangtung nuturkeun Warni kaluar.
Masduki ngudag Warni kaluar terus deku hareupeunna,
"Ndén, hapunten mang kiki ndén, mang kiki rumaos lepat"
"Mang kiki, anjeun dipecat" ceuk Warni
Share this novel