62. Lamaran Icih ditolak

Fantasy Series 36

Komar anu keur ngabongkokkeun awakna ka Udin kontan malik ka Jian,
"Koplok, sia hayang modar didieu? Wani ngahina pa Udin hareupeun déwék!" Ceuk Komar terus nyamperkeun Jian. 'jekuk' beuteung Jian ditonjok satarikna. Jian langsung muringis nyengir nyekelan beuteungna anu seueul.

Udin nyarita ka Komar,
"Komar, Kuring keur dahar jeung batur-batur Kuring. Anjeun bisa néangan méja sejen? Ulah nyingkahkeun pamajikan kuring"

"Mangga pa, Kuring moal jadi dahar didieu, bisi anjeun jeung batur-batur anjeun kaganggu. Kuring kaluar ayeuna" ceuk Komar bari langsung ngajak 2 baturna kaluar.

Jian jeung Jihan asa keur ngimpi, naha Komar bet sieun ku Udin. Pasti Komar salah faham. Ceuk fikirna.

Élsa, Darwin, Icih jeung sababaraha baturna anu séjén mah geus pada nyaho basa kajadian di Sans Co. Matak Darwin buburu nyarita,
"Jihan, Jian. Hayu teruskeun deui daharna. Kajadian bieu pieunteungeun. Kudu waspada lamun nyarita, kudu bisa ngabédakeun, mana anu pantes dicaritakeun jeung mana anu henteu. Keur kasalametan diri aranjeun kénéh"

Terus Darwin ngarérét ka Udin,
"Din, Kuring nganuhunkeun ka anjeun. Lamun bieu euweuh anjeun. Hidangan anu disiapkeun ku kuring didieu bakal mubah moal kadahar"

Udin seuri,
"Moal, Komar pan wawuh ogé ka anjeun, Ngan pédah bieu Komar teu rurat-reret heula. Langsung ngagebrag méja bari teu nyaho saha anu keur dalahar. Sigana Komar ogé pohoeun deui ka pamajikan kuring jeung Élsa"

Isukna, Icih meunang panggilan wawancara ti perusahaan KIKI ngeunaan lamaran. Ngan karasa ku Udin aya anu anéh, sabab panggilanna jam 4 soré, waktuna pagawé baralik. Lantaran curiga, satukangeun Icih Udin nelepon Salman. Saenggeus nyambung Salman nanya,
"Guru, Aya naon?"

Udin nanya,
"Anjeun geus lila icikibung sabagé tehnik konstruksi jeung supplayer proyék konstruksi. Pamajikan kuring meunang panggilan wawancara digawé ti perusahaan konstruksi KIKI jam 4 soré, ieu rada anéh. Jelaskeun ka kuring kumaha reputasi KIKI? Pamajikan kuring ngarana Icih Kusumah"

Salman ngarénjag, sabab KIKI perusahaan milikna anu can lila diakui sisi,
"KIKI pan ayeuna perusahaan kuring, Kuring ownerna. KIKI karék dua minggu diakuisisi ku kuring. Ibu Icih ngalamar ka KIKI? Lamun kitu kuring rék mecat Wakil dirékturna, gagantina kuring bakal nempatkeun ibu Icih dina posisi éta"

Udin reuwas, sabab Udin ogé teu nyangka.
"Teu perlu, keun baé sina ngalir sakumaha ilaharna. Ulah ngatur nanaon keur pamajikan kuring, cukup talingakeun prosés wawancarana"

"Mangga guru, kuring rék badami jeung jelema kapercayaan kuring di KIKI" tembak Salman terus telepon ditutup.

Jam dua Icih geus saged rék indit ka KIKI. Lantaran mobilna keur di servis sedengkeun anu hiji deui keur dipaké ku Mardi. Kapaksa Icih kudu kana taxi. Sabab hariwangeun, Udin ahirna maturan. Ngan ditungguan lila taxi euweuh anu ngaliwat, pesen via aplikasi jeung via telepon ogé euweuh anu kosong.
"Uninga pikieueun mobil moal waka diserviskeun. Abdi sieu telat kang, piraku nembé nyumponan panggilan wawancara waé tos telat sumping"

Udin teu bisa kumaha, mémang jam dua kaluhur jamna sibuk. Loba pagawé kantoran, pagawé pabrik jeung barudak sakola anu baralik sarta ganti shift.

Teu lila Rolls-Royce hideung eureun. Kaca jandéla diturunkeun. Katempo Salman nolol,
"Pa Udin sareng ibu nuju megat taxi?"

Udin reuwas, pasti Salman ngahaja nyampeur,
"Enya, Kuring rék nganter pamajikan ka KIKI. Anjeun rék kamana pa?" Udin seuri bari pura-pura teu nyaho.

Salman ogé seuri,
"Tabuh sakieu Taksi nuju sesah pa, hayu kana mobil abdi wéh, dijajapkeun" ceuk Salman.

Icih rada asa-asa, sabab éra ku Salman anu geus méré villa ka Udin. Jadi Icih nyarita,
"Teu kedah repot-repot pa, sawios"

Ngan Salman lain indit, tapi malah turun bari muka panto tukang mobil.
"Hayu lebet, bilih telat"

Icih ngarérét ka Udin. Sabab Udin unggeuk, ahirna duanana asup.

Di Jero mobil Salman langsung loma ka Udin, ngobrol ngaler ngidul. Icih ukur bingung. Kunaon Udin jeung Salman kawas jeung babaturan, akrab pisan. Padahal Salman bos gedé, jelema beunghar. Kulawarga Kusumah waé teu wani tanggah ka Salman.

Anu kapikir ku Icih Salman jelema anu percaya tahayul anu keur dimanfaatkeun ku Udin. Jadi haté leutik Icih mah tetep hariwang. Sok sieun Udin gagabah dina nyarita. Mobil ahirna ereun dihareupeun kantor KIKI. Salman buburu kaluar mangmukakeun panto tukang keur Icih jeung Udin.
"Nuhun pa" ceuk Icih bari manggut. Terus asup ka jero.

"Pa, Kuring rék nungguan di dieu" ceuk Salman ka Udin.

"Teu kudu, can nyaho tepi ka jam sabaraha pamajikan kuring dijero" ceuk Udin bari ngajak icih asup ka lobi kantor terus dariuk.

Nempo Udin diuk di lobi, Salman buburu markirkeun mobilna di tempat parkir husus diréktur. Terus asup ogé maké iteuk milu diuk di lobi hareupeun Udin. Teu lila Icih dipanggil ka lantéi 5 pikeun wawancara.

Sapaninggal icih. Udin rurat-rérét, terus nyarita laun ka Salman,
"Salma, kunaon anjeun wani meuli perusahaan ieu? Katempona ku kuring prospékna kurang hadé"

Salman némbalan optimis,
"Saprak diblacklist ku Bima Raya perusahaan heubeul kuring bangkrut sarta dijqbel ku bank. tapi kulantaran basic kuring kana konstruksi, pas aya rejeki teu bisa beralih widang deui, nya ahirna ngarintis deui meuli KIKI. Harepan kuring kahareupna Bima Raya daék narima deui kuring jadi rékanan"

Udin unggeuk,
"Hadéna fokus heula mulihkeun deui kaséhatan awak anjen pa. Rejeki mah nuturkeun asal awak séhat tur tetep sumanget. Coba téangan sababaraha bahan hérbal saperti Zak Ai, Tribulus Terrestris, Cangzhu, Poria, jeung sajabana. Paké mandi saméméh ngantor, éta alus keur ngaleungitkeun éksim, sarta rereged awak kulantaran kungsi stroke. Ogé pikeun nyegerkeun fikiran. Anjeun butuh nga improve diri sorangan. Kuring percaya, dina leungeun anjeun perusahaan ieu bakal maju"

Salman colohok ngadéngé saran ti Udin. Luar biasa, éksim jeung stroke dirina nepi ka bisa katebak. Bet anak, pamajikanna ogé teu nyahoeun salman boga éksim. Udin mémang bener-bener 'Guru' ceuk pikirna. Tanpa sakanyaho Salman Udin nga WA Susi, pikeun ngahapus Kulawarga Wijaya katut perusahaan anyarnya KIKI, tina daftar blacklist Bima Raya.

Saterusna Udin pamitan ka Salman, terus nangtung pikeun nyusul Icih ka tempat wawancara anu aya di lantai 5. Sanepina ka lantéi 5 Udin nempo Icih masih diuk nungguan diluar, can dipanggil ka jero.

Di jero rohangan kantor, manajer Endang keur nempoan daftar palamar anu geus nungguan diwawancara dina ponsélna anu dikirim ti bagéan resépsionis. Terus nangtung bari metot seleting calanana, terus nyampeurkeun ka Jian anu keur diuk dina sofa hareupeunna.
"Jian, Tah tempo, si Icih geus datang. Ayeuna keur nungguan diluar" ceuk Endang bungah bari némbongkeun layar ponsélna.

"Waktuna males dendam, aing teu tarima kamari diwiwirang di Warung Taru ku salakina nepi ka diteunggeulan ku si Komar" ceuk Jian kekerot ambek.

Jihan anu ngadéngé obrolan antara Endang jeung Jian buburu kaluar tina kolong méja Endang bari ngelapan biwirna ku tisu terus menerkeun kaméja sarta erokna anu acak acakan. Terus nanya ka Endang,
"Dianteur ku si Udin teu?"

Endang ngarérét monitor cctv anu kahubung ka koridor hareupeun kantorna, tina layar katempo Icih jeung Udin keur diuk ngaréndéng dina korsi tunggu.
"Kumplit, duanana aya" Ceuk Endang beuki atoh.

"Anjeun tungguan didieu, kuring rék pindah ka rohangan wawancara. Icih rék dipanggil, terus ditolak" ceuk Endang ka Jian jeung jihan bari nyakakak seuri terus ngaléngkah ka luar.

"Bener ndang, kuring hayang nempo si Udin jeung si Icih balik bari léwéh" ceuk Jihan seuri.

Saenggeus kaluar Endang pura-pura reuwas nempo Icih anu keur diuk nungguan sorangan. Sabab Udin keur ka toilét heula.
"Hei, Icih, aya didieu gening?" Ceuk Endang bari ngarérét awak Icih anu katempona beuki bahénol.

"Endang? Enya, kuring dipanggil wawancara" ceuk Icih reuwas sabab ngarasa pangling ku penampilan Endang, béda jeung baheula basa masih sakola.

"Kabeneran kuring anu rék ngawawancara. Hayu asup" ceuk Endang bari miheulaan asup ka rohangan wawancara. Icih nuturkeun. Udin mah terus ka toilét sabab ukur nganteur, teu milu asup.

Saenggeus duanana diuk dina korsi, Endang neuteup beungeut Icih anu diuk di hareupeunna. Haténa muji kana kageulisan Icih anu euweuh robahna ti baheula. Malah ayeuna mah katempona beuki geulis jeung leuwih dewasa.

Ngarasa dipelong, Icih nanya,
"Endang, ningali naon?"

Endang reuwas, buburu ngomong.
"Resume anjeun teu cocok digawé didieu, ijazah anjeun design grafis, sedengkeun didieu butuhna anu ngarti kana téhik, terus anjeun ogé teu boga pangalaman kerja jadi staf. Jadi, kapaksa ditolak" ceuk Endang tanpa basa basi.

Icih ngajenghok,
"Jadi naon maksudna atuh dipanggil? Kuring ngalamar online. Saupama ditolak pan bisa dibales online ogé. Jadi moal kudu capé datang kadieu. Kuring 3 taun digawé di Palapa, sarta sabulan jadi diréktur, naha éta can cukup?" Ceuk Icih.

"Anjeun digawé di Palapa sarta ngalaman jadi diréktur lantaran anjeun mémang incu pamilik Palapa. Diluar Palapa anjeun lain sasaha" ceuk Endang.

Icih teu nyarita deui, nangtung terus indit kaluar bari teu pamit-pamit acan.

Udin anu tadi keur di toilet teu nyaho Icih dipanggil, nyaho-nyaho Icih geus kaluar bari beungeutna katembong sedih pikarunyaeun. Jadi Udin nanya,
"Aya naon nyi? Euweuh masalah nanaon pan di jero?"

"Teu aya wawancara kang, abdi langsung ditolak" ceuk Icih, sorana dumareuda nahan piceurikeun anu geus nyedek.

Udin ambek ku cara penolakan éta, teu sakuduna dipanggil bari langsung ditolak tanpa aya wawancara nanaon. Bari turun ka lobi, dina lift Udin buburu ngirim WA ka Salman,
"Urus manager anu bieu ngawawancara pamajikan kuring. Pamajikan kuring ditolak"

Pas WA katarima, Salman anu masih kénéh diuk di lobi ngagero komandan security bari sorana ngageter,
"Kumpulkeun kabéh anggota anjeun! Béjaan ogé kabéh déwan diréksi!"

Endang teu nyahoeun yén pagawéanna bakal tamat poe éta. Sabab Endang ukur manager, lain diréksi. Jadi teu nyaho lamun kabéh déwan diréksi jeung kabéh security keur dikumpulkeun di lobi.

Endang balik deui ka rohangan kantorna. Diuk dina korsina bari suku disanghunjarkeun kana méja.
"Jihan! Buka anggur mérah 3 botol" ceuk Endang ka Jihan bari nyeungeut surutu dina biwirna. Endang, Jihan jeung Jian langsung pésta, suka seuri nginum anggur bari arudud.

"Endang, padahal mah bieu téh vidéokeun, kuring hayang nempo kumaha beungeut si Icih sawaktu ditolak sarta kaluar bari léwéh" ceuk Jihan seuri cicirihilan terus diuk dina méja bari mencetan suku Endang

"Kumaha ketak salakina?" Ceuk Jian nanya.

"Bieu kuring teu nempo si Udin, teuing keur kamana. Ngan anu pasti sarua bakal léwéh lantaran pamajikanna ditolak digawé" témbal Endang

Keur anteng saleuseurian bari nginum jeung ngaroko. Panto didobrak ku para security ti luar. Jelas Endang ngarénjag sarta langsung nyentak ka Salman anu geus nangtung dina lawang panto bari neken iteukna aku dua leungeun.

"Saha anjeun? Wani asup ku cara teu sopan!" Ceuk Endang nyentak ka Salman. Endang mémang teu nyahoeun ka Salman. Ukur déwan diréksi hungkul anu kungsi panggih jeung nyaho yén Salman pemilik anyar KIKI.

Salman gogodeg ambek nempo aya pésta minuman keras jeung ngararoko di rohangan kantor. Komo nempo Endang diuk bari sukuna naék kana meja baru dipencetan ku saurang awéwé anu pakéanna teu sopan sarta diuk dina méja. Ti tukangeun Salman déwan diréksi arasup. Security mah ngajar di luar.

Nempo para diréksi arasup. Endang colohok, surutu tina leungeuna murag. Buburu ngajejek Jihan anu keur diuk dina meja sangkan turun nepi ka Jihan titotog. Terus Endang nurunkeun sukuna tina méja ngabebenah diukna bari nyokotan botol jeung roko anu ngumpul dina luhur méja dialung-dialungkeun ka tukangeun korsi anu didiukanna.

"Sia anu ngarana Endang?" Salman muncereng.

"Enya, kuring Endang" témbal Endang geumpeur.

Teu loba carita Salman langsung maju ngababukkeun iteukna kana sirah Endang bari morongos,
"Naon hak sia nolak ibu Icih digawé di dieu?" Ceuk Salman Bari nyuntrungkeun Jian tina korsi. Terus Salman diuk dina korsi urut Jian bari panona tetep melong seukeut kana beungeut Endang.

"Saha anjeun? Kuring karék nempo beungeut anjeun tapi wani nakol sirah kuring. Kuring manager éksékutif didieu!" ceuk Endang.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience