15. Udin ngajemput Élsa

Fantasy Series 36

Saterusna Udin ngirim SMS ka Bahar,
"Kang, nyaho tempat dahar anu alus? Isukan kuring rék ngajamu tamu. Tadina rék di Padma, tapi mang Isak keur dibéré tugas ku kuring nyiapkeun taman gantung, jadi kuring can wani ngaganggu"

Bahar males,
"Ulah hariwang dén, akang ogé boga réstoran sorangan. Ku akang dipangaturkeun hiji rohangan VVIP husus keur Adén, alamatna aya dina kartu nama anu tadi dipasihkeun"

Udin males,
"Nuhun kang"

Isukna Icih meeting di Bima Raya. Sedengkeun Udin masih di Imah keur nelepon Susi anu aya di Bima raya nanyakeun ngeunaan Élsa. Susi reuwas lantaran Udin nyaho yén Élsa rék digawé di Bima Raya. Ahirna dijelaskeun yén Élsa mémang kungsi ngalamar, sabab basic pendidikanna luhur jadi langsung dipanggil rék diposisikeun sabagé manager administrasi. Sarta ngamimitian digawé pagéto. Udin teu kakabeuratan, Ngan ukur ngingetan ka Susi sangkan leuwih merhatikeun Élsa sarta kudu buburu laporan ka Udin lamun katempo aya galagat anu teu hadé.

Saterusna Udin kaluar ti imah naék taxi nuju ka pull Cipaganti. Tepi ka tujuan Udin nempo aya Dudung keur diuk dina Mercedes anu pantona muka tapi sukuna nanghujar kaluar siga anu keur nungguan jelema. Ku Udin teu ditanya, jadi Dudung anu nanya,
"Keur naon kang aya didieu?" Kituna téh bari muih-muih konci mobil dina curukna anu ngacung.

"Rék ngajemput Élsa babaturanna Icih, aranjeun keur naon didieu?" Udin malik nanya bari kerung sabab nempo dijero mobil ogé aya Unah.

"Sarua rék ngajemput Élsa, tapi kuring mah mawa mobil, ari Akang ngajemput maké naon? Piraku rék dibawa kana angkot!" Témbal Dudung sinis.

Udin teu hayang paloba-loba omong, buburu asup ka rohangan tunggu panumpang. Dudung jeung Unah ogé sarua tarurun tina mobil terus nuturkeun Udin diuk di rohangan tunggu. Teu lila unit armada Cipaganti anu ditungguan datang langsung parkir, saurang awéwé anu kacida geulisna turun, béda pisan jeung panumpang séjénna. Élsa katempo panggeulisna jeung dangdananna ogé pangmodisna. Mun dibandingkan jeung Icih mah kageulisan Élsa sabelas-duabelas. Bédana Icih mah tara dangdan, ari Élsa mah reunceum ku perhiasan jeung makeup.

"Hey, Dudung, Unah tos lami ngantosan?" Ceuk Élsa nanya tiheula terus panona ngarérét ka Udin.
"Ieu kang Udin?" Bari nanya ka Udin.
Udin unggeuk bari nangtung seuri terus manggut.

"Anjeun asa beuki geulis Élsa, béda pisan jeung sataun katukang, kuring geus ngabooking rohangan makan di réstoran anu teu jauh ti dieu, hayu urang dahar heula" ceuk Dudung.

Élsa ménta di hampura ka Dudung,
"Dung, hampura. Saacanna kuring geus janjian jeung Icih. Jadi kuring kudu milu ka kang Udin. Masalah makan-makan mah pasti bakal aya waktu deui. Soalna kuring bakal lila di Bandung"

Dudung ngarérét kuciwa ka Udin, terus nyarita ka Élsa,
"Élsa, Kuring geus manjer tempatna, geus nunda déposit 500 rébu keur rohangan VIP di Rumah Klasik, réstoran panghadéna sakelas jeung réstoran-réstoran hotél béntang lima. Piraku kudu dibatalkeun mah. Milu ka kang Udin mah can tangtu di traktir makan di dinya"

Udin reuwas pas nyaho yén Dudung ogé rék mawa Élsa ka Rumah Klasik. Jadi buburu nyarita ka Élsa,
"Kabeneran kuring ogé rék ngajak anjeun ka Rumah Klasik"

Dudung kerung, terus nanya ka Udin,
"Tapi lain di rohangan VIP pan?"

"Lain, kuring geus mesen di ruang VVIP" témbal Udin.

Dudung colohok, terus seuri sinis,
"Ulah heureuy di hareupeun kuring. Bet ngabooking anu VIP ogé kudu manjer 500 rébu, komo VVIP rék sabaraha pamanjerna? Akang boga duit timana? Jeung deui sakanyaho kuring di Rumah Klasik euweuh rohangan VVIP, panghadéna VIP"

Bandung mémang kawéntar ku kulinérna. Élsa ogé geus lila ngadéngé kaméwahan Rumah Klasik. Tangtu bakal mahal pisan saupama dahar didinya. Jadi Élsa nyarita,
"Sadayana ogé sami réréncangan abdi, nanging teu kedah kalalangkungan dina memperlakukeun abdi dugi ka miceunan artos kanggé tuangeun, abdi mah tuang di warteg ogé parantos biasa"

"Anjeun tamu terhormat, geus sawajarna dipihormat" ceuk Dudung

Élsa seuri, terus nyarita deui sangkan Udin jeung Dudung teu debat kapapanjangan,
"Kumaha upami kieu, kumargi sami-sami ngajak abdi ka Rumah Klasik, hayu urang angkat sasarengan"

"Hayu" Dudung unggeuk,
"Itu mobil kuring" bari nunjuk kana mobilna. Saterusna Dudung ngarérét ka Udin terus méré paréntah,
"Kang angkat koper Élsa asupkeun kana bahasi"

Udin unggeuk teu ngabantah. Saenggeus koper diasupkeun kana bahasi, Udin ogé naék kana mobil diuk di hareup gigireun Dudung anu nyupiran. Sedengkeun Élsa jeung Unah diuk dina jok tukang. Mobil ahirna maju. Teu sabaraha lila mobil geus tepi ka tujuan.

Rumah Klasik nyaéta rumah makan 3 tingkat khas Sunda. Wangunan jeung dékorasi dijerona ogé ala Sunda, tapi didesain méwah jeung bersih pikabetaheun. Opatanna asup langsung dariuk nungguan di lobi rétoran lantaran Dudung kudu ngalaporkeun maksud jeung tujuanna ka bagéan résépsionis.

Udin anu munggaran ka Rumah Klasik colohok bari rurat-rérét. Teu nyangka kang Bahar boga réstoran anu sakitu méwahna. Iraha-iraha, Udin boga niat hayang mawa icih dahar ka dinya.

"Teu tebih sareng anu sok dicarioskeun ku batur, Rumah Klasik leres-leres méwah" ceuk Élsa anu sarua kakara harita datang ka Rumah Klasik bari gogodeg reueus.

Ningali Udin jeung Élsa carolohok nempo kaméwahan di jero Rumah Klasik, Dudung anu kakara balik ti résépsionis langsung ngomong,
"Kuring mah ampir unggal Minggu kadieu. Anu terahir mangkukna jeung Frédi Wijaya, calon adi beuteungna Unah"

"Baruk! Unah badé nikah?" Elsa ngarérét ka Unah bari nanya.

"Muhun, sareng kang Ibro Wijaya" témbal Unah.

"Kang Udin mah karék ayeuna nya kadieu, karunya teuing" ceuk Dudung sinis.

Disambung ku Unah,
"Kang Udin, saurna parantos ngabooking tempat di dieu. Anu mana rohanganna? Hayu atuh abdi hoyong ningal"

Udin unggeuk,
"Kusabab Kuring kakara kadieu, jadi Kuring teu nyaho lebah mana rohnagan VVIP-na. Tapi bosna geus di SMS, kari nungguan balesanna"

Dudung nyakakak,
"Ngabohong téh asa kacida akang mah, maké jeung wani nga-SMS bosna sagala, mémangna akang wawuh ka bosna? Ulah sagawayah nyarita lamun can nyaho. Anu boga Rumah Klasik ngaranna kang Bahar, akang bisa cilaka saupama ngaku-ngaku wawuh bari henteu"

Udin ngarahuh mimiti geregetan ka dudung. Nyarita jeung Dudung asa nyinghareupan jelema idiot. Matak Udin milih cicing ngéléhan teu némbal tibatan ahirna kudu paréa-réa omong.

Udin ngarérét ka Unah terus nanya pura-pura teu nyaho,
"Aéh enya nah, béjana Frédi kamari aya anu nyiksa, naha bener?"

Unah unggeuk,
"Enya ceuk kang Ibro mah, akang nyaho timana?"

"Sarua ukur béja, akang ogé teu nyaho" témbal Udin.

"Saupama akang nyaho, caritakeun ka kuring ulah asa-asa. Sabab kang Ibro mémang keur néangan palakuna pikeun balitungan" ceuk Unah deui.

"Henteu" Udin gogodeg terus seuri bari ngagerentes dina jero haténa,
"Dasar kulawarga idiot, nepi ka teu nyaho anu geus nyiksa si Frédi, kang Bahar. Pamilik Rumah Klasik ieu. Sedengkeun ayeuna aranjeun rék dalahar di dieu"

Dudung katempona geus teu sabar. Terus-terusan ngarérétan ka patugas anu aya dina méja resépsionis. Sabab biasana saenggeus tamu ngalakukeun reservasi. Patugas resepsionis sok nitah saurang palayan pikeun nganteurkeun tamuna ka rohangan anu geus dipesenna. Tapi palayan anu ditungguan can datang kénéh waé.

Sedengkeun Unah uplek ngobrol jeung Élsa. Teu lila torojol saurang lalaki maké kaméja hideung nyampeurkeun. Udin mah wawuh, nyaéta salah saurang préman anu marengan Bahar di Asuransi Mutiara téa. Si lalaki ogé wawuheun kénéh ka Udin, Matak langsung ngabongkokkeun awakna rengkuh hormat. Ngan ku Udin dikiceupan. Sikepna langsung robah jadi biasa. Terus nyarita,
"Mangga sadayana ngiring ka abdi, rohangan anu dipesen parantos disiapkeun"

Ahirna opatanna nangtung terus laleumpang nuturkeun si lalaki. Bari leumpang Dudung kerung sabab ngarasa anéh. Biasana lamun Dudung ka dinya. Anu nganteurkeunna pasti saurang palayan maké seragam khas rumah klasik, nyaéta kaméja bodas sarta dasi kukupu. Rék awéwé rék lalaki dina cangkéngna pasti meulit célémék. Terus dina sakuna ogé sok ngagantél ID card anu némbongkeun idéntitasna di dinya sabagé palayan. Jaba sok nanya heula ngaran sangkan teu salah jelema, kakara dianteurkeun. Tapi ieu mah maké kaméja hideung jeung teu maké ID atawa célémék. Sumawona nanya ngaran heula.

Nepi ka hareupeun rohangan VVIP, si lalaki ngomong ka Udin bari nyodorkeun keretas jeung pulpénna,
"Maangga ditawis heula serat konfirmasina" Ngan buru-buru keretas jeung pulpén direbut ku Dudung,
"Kuring anu mesen tempat, lain manéhna" ceuk Dudung bari gutret nuliskeun ngaranna jeung nanda tangan.

Si lalaki seuri, terus ngaharéwos ka Udin,
"Saha jelema ieu kang? Naha perlu diteunggeulan ku kuring?

Udin gogodeg,
"Ulah, manéhna hayang nandatangan, nya keun wé antep, teu jadi masalah keur kuring mah"

Bari narima surat konfirmasi anu geus ditandatangan ku Dudung, si lalaki nyarita deui ka sararéa bari nunjuk ka jero rohangan ku jempol leungeuna,
"Mangga teras kalebet, sakedap deui tuangeunna sumping"

Ahirna sararéa asup ka jero, terus dariuk. Lantaran rohangan VVIP mémang ngan hiji-hijina di Rumah Klasik. Wajar saupama dina luhureun panto euweuh tulisan ngaran rohanganna teu siga di rohangan séjénna. Jadi Dudung ngarasa yén éta rohangan VIP anu dipesen ku dirina. Dudung ngarérét sinis ka Udin. Dudung mémang teu nyaho di rumah klasik aya rohangan VVIP, sabab tara dipromosikeun. Jadi dina brosur Rumah Klasik ogé moal aya.

Dudung nyarita ka Udin,
"Bener-bener ngérakeun akang mah, teu tatanya saha anu mesen jol rék maén tandatangan waé"

Lantaran aya Élsa, Udin teu hayang riributan, jadi Sagala rupa hinaan ti Dudung mimiti ti pull Cipaganti kénéh tepi kadinya, kabéh diteureuy. Sabab Udin nyaho Élsa sobat dalitna Icih, Udin teu hayang nguciwakeun Élsa.

Selang sababaraha menit palayan rumah klasik rabul daratang saurang-saurang bari naranggeuy rupa-rupa hidangan khas Sunda anu méwah. Dijeun tina bahan pilihan anu kualitasna alus sarta hargana ogé tangtu mahal. terus kabéh dahareun diamparkeun rapih dina méja. Aya iga bakar, saté, bakakak, guramé jeung sajabana, malah aya sababaraha hidangan anu lain kadaharan khas sunda saperti abalon, lobster jeung sajabana.

Kabéh panon colohok nempo hidangan anu disajikeun anu jenis pasakanna aya belasan. Bet Élsa ogé anu sapopoéna dahar méwah di Jakarta can ngalaman ngadahar hidangan anu bener-bener loba sarta méwah kawas ayeuna. Méwah lain tina papasakana, tapi tina bahan anu dipasakna. Kabéh bahan berkualitas jeung mahal.

Unah ngaharéwos nanya ka Dudung,
"Sabaraha anjeun ngabooking tempat ieu?"

"500 rébu, 50% tina total harga" témbal Dudung

Unah colohok,
"Hartina kadaharan sakieu loba jeung méwahna ukur sajuta? Anjeun nyaho sabaraha harga abalon jeung lobster? Can guramé jeung anu séjénna? Kabéh dahareun ieu ditaksir ku kuring hargana leuwih ti 5 juta"

Dudung ngadadak pias, sabab miturut dirina ogé mémang asa aya anu teu bérés, asa mustahil Rumah Klasik daék ngajual rugi. Teu dilila-lila, Udin mah langsung ngajak Élsa ngalas terus nyelebek dahar. Élsa ogé nurut kana pangajak Udin sabab mémang beuteungna geus lapar. Élsa teu nyaho anu keur dipikiran ku Dudung. Jadi bari ngagayem Élsa nyarita,
"Dudung, nuhun pisan kana traktiranna, teu nyangka hidanganna méwah jeung nikmat pisan"

"Teu masalah, teu perlu nganuhunkeun" ceuk Dudung unggeuk bari fikiranna mah masih bingung.

Unah nyarita ka Udin,
"Kang Udin, anjeun mah pasti can kungsi ngadahar kadaharan méwah siga kieu pan? Sanajan Dudung anu mayar, tapi akang teu perlu asa-asa, sok dahar sing wareg, bisi kurang mah kari ménta ka palayan sangkan disiapkeun deui sarta dikirim ka dieu"

Udin ukur unggeuk bari anteng nyelebek dahar.

Ngan Dudung nyarita,
"Sanajan dibébaskeun, tapi kudu nyaho étika dahar. Ulah sagala dipapay ku sorangan"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience