Udin ngarérét, ternyata bener. Lastri jeung Mardi geus araya. Icih ogé ngarénjag nempo indung jeung bapana daratang. Icih buburu nyampeurkeun,
"Pa, ma, naha sarumping kadieu? Nyusulan abdi?"
"Lain. Kamari jangjiana mah, mamang jeung bibi anjeun nelepon ngajak ema jeung bapa datang kadieu sabab cenah geus meuli imah di dieu. Jadi rék nempo imahna. Anjeun jeung Udin keur naon bet aya didieu oge? Ari sugan keur arulin" ceuk Lastri bari ngadilak ceuceub ka Udin.
Icih kerung,
"Ningal bumi saha ma? Mémangna mamang sareng bibi ngagaleuh bumi didieu?"
Lastri teu maliré ka Icih, Lastri malik deui ka Isah jeung Karsidi, terus nyarita,
"Isah, euceu milu bagja ahirna anjeun bisa meuli imah didieu. Type sabaraha anu geus dibeuli? Eceu teu sabar hayang buburu nempo. Meungpeung aya si Udin tah sangkan mikir, rék iraha manéhna bisa meuli imah"
Isah langsung molotot ka Lastri,
"Ceu, naon maksud anjeun? Rék ngahina kulawarga kuring?"
Lastri colohok,
"Hor! Teu pisan-pisan. Pan anjeun anu ngajak kuring nempo imah anu geus dibeuli ku anjeun didieu. Keur naon ngahina, rumasa euceu mah jelema teu boga. Tapi euceu milu bungah boga adi leuwih senang tibatan euceu"
Isah beuki ambek ngadéngé ucapan Lastri. Karsidi ogé ambek,
"Lastri, ulah pura-pura teu nyaho. Anak anjeun geus boga villa didieu terus anjeun datang rék ngahina keluarga kuring? Teu anak teu kolot euweuh anu sahulueun"
Saterusna Karsidi ngarérét ka Mardi,
"Kang Mardi, anjeun ogé saruana. anjeun téh lanceuk kuring. Ayeuna pipilueun ngahina. Villa anak anjeun leuwih agréng tibatan villa kulawarga Kusumah. Rumasa kuring sakulawarga masih numpang di imah indung. Pantes dihina, tapi teu kudu kieu carana"
Mardi bingung,
"Ké ké ké. Villa? Villa naon? Anu saha?"
"Nya anu anak anjeun, anu saha deui" ceuk Karsidi.
Mardi jadi ambek,
"Karsidi, anak aing geus sataun kawin masih ngajedog jeung aing. Can gableg imah komo villa. Anu ngahina téh sia atawa aing?"
Lastri gagaro sirahna sabab beuki bingung,
"Enya kumaha atuh ieu téh? bet jadi lieur kieu"
Karsidi nunjuk ka Udin,
"Tah, si Udin geus boga villa panggedéna didieu. Pék tanya sorangan sangkan leuwih jelas"
Mardi jeung Lastri silih pelong bari colohok, terus duanana ngarérét ka Udin. Mardi nanya,
"Bener anjeun geus meuli villa panggedéna didieu din?"
Udin unggeuk,
"Dipasihan pa, sanés ngagaleuh"
Lastri beuki colohok,
"Jelema gélo ti mana anu daék méré villa mahal ka anjeun?"
Udin némbalan,
"Abdi ngadukun ma, aya anu tataros ka abdi teras masihan villa"
Lastri langsung curinghak bungah,
"Dimana villana? Bawa ema kaditu ayeuna. Ema hayang nempo"
Icih neuteup bari nyekelan leungeun Udin,
"Akang ngadukun?"
"Enya, hayu nyi urang tingali villana" ceuk Udin seuri bari nungtun Icih kaluar.
Méméh ngaléngkah kaluar, Lastri ngarérét ka Isah jeung Karsidi.
"Aranjeun moal milu sakalian? Hayu!"
Karsidi sabenerna hayang buburu balik, tapi Isah ngiceupan. Terus nyarita ka Lastri,
"Hayu Ceu"
3 mobil ahirna indit ka cluster A langsung ka villa nomer 05. Dijero mobil Isah ngomong ka Karsidi,
"Kuring rék midéo bari nyokot sabaraha foto terus rék di tempokeun ka ema sugan wé ema panas. Terus daék meuli villa anu sarua, sukur-sukur tatanggaan jeung si Udin"
Karsidi, Dudung jeung Unah sareuri. Teu sangka isah boga rencana hade. Bari ditempokeun ku sararéa Udin muka tulak terus ngésérkeun panto gerbang lalaunan ka gigir. Kabéh colohok kaasup Udin. Sabab anu katempo mimiti hiji taman anu lega pinuh ku kekembangan sarta jukut hejo anu rapih. Ditengah-tengahna ngajugrug villa méwah arsitektur minimalis, garasi jeung paviliun. Dijuru taman ogé aya gazébo paranti niis. Sarta sababaraha tangkal camara jangkung ngajajar disisi.
"Ieu mah istana Din, lain Imah!" Ceuk Mardi anu pangheulana sadar tina kareuwasna.
"Tadi anjeun ngomong villa ieu hasil ngadukun. Saha jelema beunghar anu geus ditipu ku anjeun?" Ceuk Dudung nanya ka Udin.
Udin ngarahuh,
"Menggeus ulah tatanya waé lah lieur. Lamun anjeun luncat heula ti lantéi 3 gedung pemasaran. Karék ku kuring di jelaskeun"
Unah nanya,
"Udin, anjeun moal ngarumas cicing didieu? Biasana pan hirup susah. Mémangna nyaho cara ngagunakeun closét diuk? Nyaho cara muka panto anu koncina ukur digésék ku kartu?"
"Aya Icih anu bakal ngawarah kuring. Moal ménta diwarah ka anjeun" témbal Udin.
Kabéh cicing narangtung di taman bari nempo ka lebah villa. Euweuh anu nyangka saméméhna yén villa anu ngajugrug agréng hareupeun nyatana milik Udin. Komo Isah jeung Karsidi, nepi ka hayang ngaliang terus nyumput bakat ku éra ku Udin. Kabéh omongan Udin anu disangkana bohong geus kabukti. Keur ngajaranteng dina lamunanna séwang-séwangan. Ujug-ujug kagareuwahkeun ku saurang lalaki kolot rada bongkok anu kaluar ti jero villa.
Si aki nanya,
"Saha diantara aranjeun anu ngarana Udin Subrata?"
"Kuring ki!" Ceuk Udin bari maju saléngkah.
Aki-aki bongkok seuri bari rengkuh hormat,
"Pa Udin, kuring pangurus rumah tangga Salman Wijaya. Kuring anu dibéré tanggung jawab pikeun ngurus dékorasi intérior villa ieu tepi ka réngsé sarta bisa dicicingan ku anjeun. Saterusna kuring bakal rutin ngajaga jeung ngaberesihan villa ieu. Ngaran kuring Libo"
Unah ngajenghok, otakna asa ngadadak korsléting. Jadi buburu nanya,
"Salman Wijaya? Mang Libo, saleresna villa ieu anu kulawarga Wijaya?"
Libo anu mémang geus wawuh ka Unah némbalan,
"Lain neng. Villa ieu anu pa Udin. Kulawarga Wijaya ukur mangmeulikeun"
Libo ngalieuk deui ka Udin,
"Pa Udin, dékorasi dijerona can bérés. Iraha anjeun rék pindah kadieu? Sangkan Kuring bisa ngukur waktuna. Poé ieu tukang anu digawé dijero aya limaan. Lamun pak Udin butuh buburu. Kuring bisa nambahan deui pagawé"
Udin seuri,
"Nyantéi wé, kuring teu rusuh. Lamun geus siap pindah pasti kuring ngabéjaan ka Salman"
Libo unggeuk, terus kasisi méré jalan ka sararéa sangkan asup.
"Sok bisi rék ditempo mah ka jero. Ngan hampura can aya furnitur nanaon"
Udin unggeuk terus ngajak sararéa asup. Unah ogé ngaléngkah nuturkeun bari nanya ka Udin,
"Salman Wijaya pan calon mitoha kuring. Kunaon teu mikeun villa ieu ka Kuring?"
Udin seuri sinis,
"Imah ieu mémang satadina keur Ibro. Tapi ahirna dibikeun ka kuring"
"Naon?" Unah molotot reuwas bari nutupan biwirna.
Isah nanya ka Unah,
"Unah kumaha atuh sabenerna? Anjeun bener teu nyaho masalah villa ieu?"
Unah némbalan,
"Teu uninga ma, kang Ibro tara nyarioskeun masalah villa ieu ka abdi?"
"Buru telepon Ibro, tanyakeun jelasna kumaha" Ceuk Isah.
Unah unggeuk bari ngaluarkeun HPna nelepon Ibro, saenggeus nyambung Unah langsung nanya,
"Kang, leres kulawarga Wijaya ngagaleuh villa di Bougenville?"
"Enya, mémangna aya naon?" Témbal Ibro.
"Sanés kanggé hadiah nikahan urang?" Ceuk Unah nanya deui.
"Lain. Timana anjeun nyaho bapa akang meuli villa di Bougenville?" Témbal Ibro panasaran.
"Abdi di Bougenvile. Akang uninga villana parantos dipasihkeun ka batur?" Ceuk Unah.
"Dibikeun ka saha?" Ibro panasaran.
"Ka si Udin" témbal Unah.
Ibro ngarénjag, bapana meuli villa harga 10 milyar. Leuwih mahal tibatan villa anu dicicinganna ayeuna. Tapi kunaon bet dibikeun ka Udin anu jelas-jelas jelema anu paling dipikaceuceub ku dirina. Jadi Ibro nyarita,
"Tungguan sakeudeung, akang rék nanya heula ka bapa"
"Mangga kang" Unah nutup teleponna. Terus nanya ka Udin,
"Udin, anjeun yakin villa ieu geus dibikeun ka anjeun?"
"Har! Imah geus atas nama kuring. Piraku masih can percaya keneh?" Témbal Udin.
"Anjeun pan can wawuh ka Salman Wijaya, maénya ujug-ujug méré villa teu pupuguh" ceuk Unah deui.
Udin ahirna ngaluarkeun HP-na, terus nyarita,
"Yeuh dengekeun ku sorangan, kuring rek nelepon Salman Wijaya baru di loud speaker" pokna bari mencet nomer Salman Wijaya.
Saenggeus nyambung kadéngé sora Salman nanya,
"Pa Udin, anjeun keur di Bougenville? Kumaha villana? Anjeun sugema?"
"Alus, malah leuwih alus tibatan anu dibayangkeun ku kuring" témbal Udin.
"Alhamdulillah, mudah-mudahan anjeun betah pa" ceuk Salman.
"Nuhun pa Salman, kuring pasti betah" témbal Udin deui.
Salman seuri,
"Saupama masih aya kakurangan, béjaan kuring. Kuring rék maréntahkeun Libo pikeun méréskeunna"
Ngadéngé penjelasan kitu, Unah lansung milu ngomong,
"Pa abdi Unah Kusumah, calon minantu bapa. Naon alesan bapa masihkeun villa ka Udin?
Kadéngé Salman ambek,
"Naon maksud anjeun tatanya masalah pribadi kuring?"
Udin buburu némbalan,
"Pa Salman, anjeun kudu ngajelaskeun supaya kuring teu disangka ngabohong"
Ahirna Salman ngajelaskeun,
"Oké, Unah. Lantaran pa Udin geus ngijinan, ku kuring di jelaskeun. Déngékeun. Kuring kahutangan budi ku pa Udin, jadi kuring méré villa. Anjeun ulah wani nuduh pa Udin ngabohong. Ngarti?"
Unah reuwas terus ceurik, teu nyangka bakal dicarékan ku Salman Wijaya. Ningali anakna ceurik, Karsidi milu ngomong,
"Pa Salman, Unah masih budak kénéh. Hampuraeun. Ngan ukur nanyakeun, teu boga maksud séjén"
Salman teu maliré ka Karsidi, tapi nyarita deui ka Udin,
"Pa Udin, Aya kénéh anu kudu dijelaskeun?"
"Cukup" ceuk Udin.
"Oké, lamun aya nanaon, telepon deui kuring. Ulah asa-asa" ceuk Salman deui saterusna telepon ditutup.
"Din, naon anu kadéngé ku bapa bieu bener pan? Anjeun dibéré villa ieu ku Salman Wijaya?" Mardi saolah teu yakin kénéh kana dédéngéanna.
Udin unggeuk,
"Muhun pa. Saéna bapa calik heula ngaso di gazébo. Nembé ngahaja abdi nelepon Salman supados sadayana yakin"
Isah ngaharéwos ka Karsidi,
"Asa anéh, kahutangan budi kumaha? Di mata keluarga Wijaya sabaraha gedé pentingna si Udin dibandingkeun jeung anak urang calon minantuna sorangan, Naha villa ieu bet dibikeunna ka si Udin?"
Karsidi unggeuk, sabab mémang dirina ogé masih panasran. Jadi langsung nanya ka Udin,
"Udin, mémang geus jelas pisan kadéngé bieu ku sararéa, villa ieu geus dibikeun ka anjeun. Tapi Salman kahutangan budi kumaha? bantuan naon anu geus dilakukeun ku anjeun keur kulawarga Wijaya?"
Udin némbalan,
"Eta urusan pribadi kuring jeung kulawarga Wijaya. Teu perlu dibeunyeur béaskeun ka anjeun pan?"
Saterusna Udin nyampeurkeun ka Libo,
"Ki. Kusabab geus burit, kuring pamit"
"Oh, mangga pa, ati-ati dijalan" ceuk Libo leumpang miheulaan muka panto gerbang terus nangtung gigireun lawang. Saenggeus kabéh kaluar, Libo asup deui terus nutupkeun panto gerbang langsung dikonci ti jero.
Dudung, Unah, Isah katut Karsidi mah langsung naék kana mobilna terus balik tiheula tanpa nyarita nanaon deui. Kabéh kacirina kuciwa pisan.
Icih nyekelan leungeun Udin terus nanya,
"Ayeuna kulawarga Kusumah parantos angkat, kantun urang opatan. Akang kedah ngajelaskeun ka abdi. Kahutangan budi naon dugi ka kulawarga Wijaya keresa manggaleuhkeun villa ieu kanggé akang?"
Udin teu buburu némbalan sabab masih bingung rék ngajelaskeun naon deui. Padahal bieu geus dijelaskeun yén dirina ngadukun, tapi Icih tetep nanya siga anu teu yakin kénéh.
Sedengkeun Kajadian sabenerna. Lantaran Salman ménta tulung ka Ki Waja pikeun nganggeuskeun masalah di kulawargana. Terus Ki Waja ngamanfaatkeun pakarangan Imah Kulawarga Wijaya keur ngondang para ahli supranatural pikeun ngajieun komunitas anu kahareupna komunitas éta rék dipingpin ku Ki Waja. Ngan Ki Waja dipaéhan ku Udin sabab rék nyilakakeun batur. Salman sieun ku Udin sabab ngarasa salah. Anu ahirna méré villa. Tapi saupama hal éta di jelaskeun ka Icih. Tangtu Icih malah leuwih teu percaya. Sabab Icih mah jelemana lempeng, teu yakin kana hal-hal mistis.
Ahirna Udin némbalan,
"Pan geus dijekaskeun ku akang, kulawarga wijaya nganggap akang dukun sarta ménta tulung ka akang pikeun nganggeuskeun masalah di kulawargana, terus akang datang nulungan. Nyatana aya hasilna. Villa ieu hadiahna"
"Akang ngadukun?" Icih kerung.
Udin gogodeg,
"Teu ngahaja hayang ngadukun, tapi loba anu percaya yén akang dukun anu mampu tutulung ka batur. Kudu kumaha deui?"
"Timana akang tiasa ngadukung?" Icih panasaran.
Udin seuri,
"Tina TV, loba acara anu nampilkeun kamampuan para ahli supranatural jeung ahli ramal"
Icih muringis sieun,
"Akang gagabah, Tina nongton TV langsung dipraktékeun kanggé nulungan batur. Teras wantun nampi vila méwah sabagé bayaranna. Moal aya buntutna kang?"
Udin seuri,
"Ieu buah tina kayakinan, akang mineng dihina, disapirakeun. Allah geus ngaijabah usaha sarta du'a akang, méré rejeki mangrupa villa"
Share this novel