"Duanana geus euweuh deui anu bisa diutahkeun tina beuteungna, jadi beuki kaleungitan sumangetna" témbal Boyo.
"Béré waktu sajam, lamun teu bérés dina sajam, hukumanna tambahan ka toilét di lantai-2 sanajan deui. Saupama teu réngsé kénéh dina sajam di lantéi-2, sambung ka lantéi-3. Ku cara kitu, pasti moal aya deui alesan pikeun ngalika-lila pagawéanna " ceuk Udin.
"Kadéngé ku aranjeun? Aya sajam pikeun nganggeuskeun di dieu. Lamun henteu, 16 urinoir deui nungguan dilétakkan di lantéi-2" ceuk Boyo ka Baréna jeung Unah.
Duanana geumpeur, buburu ngalétakkan urinoir leuwih gancang, geus teu paduli deui ku bau hangseur jeung rasa ketar dina létahna. Duanana hayang buburu nganggeuskeun hukumanna.
Udin nganggap hukuman éta geus sabanding jeung kasalahanna. Unah geus sababaraha kali ngahina jeung rék nyilakakeun dirina ku cara mangaruhan Batur. Susuganan ku jalan kieu jadi kapok salilana.
"Boyo, kuring pamit. Geus waktuna balik. Mihapé Baréna jeung Unah. Tetep awaskeun nepi ka réngsé" ceuk Udin.
Boyo unggeuk,
"Siap guru, kuring moal ingkah tidieu saacan réngsé" témbal Boyo.
Nempo Udin indit, Baréna jeung Unah beuki rajin ngalétakkan urinoir siga anu keur balapan. Duanana hayang buburu dibébaskeun.
Réngsé ngalétakkan, duanana ngalungsar bari nyarandé. Rasa pait ketar jeung bau karasa napel terus dina létahna. Bau hangseur anu kaambeu tina sungutna kawas bau cai ompol anu geus ditunda saminggu dina botol.
Saterusna duanana narangtung terus leumpang nuju ka wastafel. Maksudna rék sibeungeut, ngumbah buuk bari kekemu. Tapi ku Boyo dicarék. Teu lila saurang patugas administrasi asup nganteurkeun duit 50 juta ka Boyo. Ku Boyo ditarima langsung dibikeun ka Baréna ditukeuran ku kartu mémber senior milik Baréna,
"Ayena geus beres, jig aranjeun baralik. Ulah nincak deui kadieu" ceuk Boyo.
Baréna jeung Unah unggeuk, buburu duanana kaluar bari tungkul diiringkeun ku 4 sécurity. Di luar loba jelema, jelas kabéh perhatian jelema langsung katuhu ka Baréna jeung unah. Kabéh nyangkana duanana kapanggih geus ngalakukeun asusila di jero toilét. Katambah duanana barau hangseur, jadi eweuh anu wani deukeut. Kabeh ukur bisa nempo ti kaanggangan bari narutupan irungna sarta teuteupan anu ceuceub.
Di luar gedung. Duanana langsung ancrub ngagejeburkeun awakna kana Balong air mancur teu jauh ti panto utama gedung Brilliant Club. Terus duanana tanggah sibeungeut, ngubah buuk sarta kekemu ku cai anu mancer tina patung lauk anu aya di 4 juru Balong. Tapi sanajan sababaraha kali kekemu, bau dina létahna teu leungit-leungit sarta teu bisa ngarasakeun rasa nanaon salian ti rasa peuheurna ciompol.
Unah langsung diuk andéprok dina cai anu mémang déét bari nyarandé disisi balong. Ngageunggeuik ceurik teu maliré ka jelema loba anu keur ngalalajoan ti kajauhan. Baréna ogé sarua, diuk di gigireun unah kawas sapasang anu gélo. Duanana teu nyangka, gara-gara ngaganggu Udin bakal nanggung akibat siga kieu.
Unah ngarérét ka Baréna terus ngomong,
"Saurang anak yatim anu ngalaman jadi kuli wangunan, terus hirup ngandelkeun diparaban ku pamajikan. Naha bet bisa boga kakawasaan siga kitu?"
Baréna nutupan irungna,
"Ngomongna rada jauh, aing teu kuat ngambeuna" ceuk Baréna bari ngajejek cangkéng Unah sangkan teu deukeut teuing diukna.
Unah ambek, tapi mémang bener, sabab sungut Baréna oge bau pas bieu ngomong. Jadi unah buburu ngisedkeun bujurna ngajauhan Baréna.
Teu lila Baréna nyarita,
"Kueing ogé teu ngarti, kunaon kulawarga Nataprawira jeung Boyo nepi ka tunduk ka si Udin"
Unah unggeuk,
"Jadi panasaran hayang nyaho, aya naon sabenerna. Padahal sawaktu si Udin masih kénéh cicing di villa Kulawarga Kusumah. Tong boro wani nyentak ka kuring, melong beungeut kuring waé teu wani. Saré dipabéasan bari ukur ditilaman ku samak butut. Malah kungsi ku kuring diguyur ku cai saémber sabab meupeuskeun gelas waktu keur ngumbah piring, tapi da tara ambek, malah sok nyuuh ménta dihampura. Kungsi ogé ku kuring ditampiling lantaran ngepél imah teu bener anu ngajadikeun kuring tisolédat, tetep cicing teu ngalawan. Naha ari ayeuna bet bisa jadi jelema telenges teu gableg perasaan. Kabéh jelema ngahormat, aya anu nyebut bapa, aya anu nyebut guru, adén, juragan. Firman kurang kumaha beunghar, tapi ku si Udin malah dijieun impotén"
"Mémang Bangsat! Kueing kudu manggihan Firman pikeun ngalaporkeun kajadian didieu. Kalakuan si Udin kudu dibales" ceuk Baréna.
Warni nurunkeun Udin di pasar sayur sasuai jeung pamentana.
"Nuhun geus nganteurkeun kuring" ceuk Udin saenggeus turun tina mobil Warni.
Warni unggeuk, bari perasaan pacampur aduk sabab watir nempo Udin anu rék asup kapasar tradisional pikeun balanja sayuran,
"Ati-ati kang. Bilih akang ngaraos capé ku padamélan dibumi. Ulah asa-asa sumping ka Brilliant Club kanggé istirahat. Telepon abdi upami hoyong diréncangan"
"Pasti akang bakal kaditu saupama aya waktu" témbal Udin bari seuri.
Warni teu buburu indit, tapi nempokeun Udin anu asup ka jero pasar nepi ka teu katembong deui.
Warni ngarénghap panjang, cipanonna teu karasa ngeclak teu pupuguh tina kongkolak panonna. Aya rasa anu hésé pikeun diungkapkeun dina haténa. Warni ngarasa manglebarkeun kana nasib Udin. Padahal Icih jelema biasa anu saderhana.
Sanajan geulis Icih ogé mémang teu cerdas sarta teu bisa teges. Pendidikanna ukur S1 dalam negeri bari préstasina ogé goréng. Teu kawas Warni, S2 cumlaude jebolan universitas Harvard di Amérika. Dina masalah temperamén jeung étika ogé masih jauh saupama dibandingkeun jeung Warni. Kunaon Udin teu bisa leupas ti Icih. Ukur Udin anu nyaho alesanna.
Sanajan can jadi Patriark. Tapi Warni geus dipercaya ngajalankeun ½ tina kabéh usaha milik kulawarga Nataprawira. Setiap jenis bisnis anu dijalankeunna tara aya anu gagal, malah beuki maju. Sedengkeun Icih, ngarintis usaha tanpa modal ngandelkeun kamampuan dirina sorangan anu saayana, bari éta ogé lantaran aya jasa gedé ti Udin anu susulumputan ngabantu.
Wajar Warni jadi timburu. Icih anu dina sagalana hal sahandapeuna, tapi bisa meunangkeun salaki bageur, nyaah sarta réla ngorbankeun diri pikeun ngajaga sarta ngadukung Icih.
Saméméhna Warni can kungsi ngarasa timburu ka sasaha. Sabab lahir ti kulawarga mampu anu hartana moal béak 7 turunan. Karék ayeuna Warni ngarasa iri ku nasib Icih. Kuduna kalaki siga Udin pantesna jeung dirina, lain jeung Icih.
Mikiran hal éta, tékad Warni beuki buleud, kudu bisa meunangkeun Udin ku cara anu séhat tanpa ngaraheutan haté icih. Kudu bisa nahan perasaanna ka Udin, kudu nunda kesan hadé dina haté Udin, teu meunang nyinggung haténa, ngajaga sikep dihareupeunna, nepi ka perasaan éta jadi malik sacara alami. Udin anu ahirna kudu malik Bogoh ka Warni. Jadi moal aya fihak anu ngarasa kapaksa atawa diteungteuinganan.
Ti pasar Udin balik ka imah langsung masak. Mardi geus nyampak di Imah. Sawaktu Icih balik, kabéh dahareun anu dimasak ku Udin geus ngampar dina méja makan. Sabab kari nungguan Lastri, jadi tiluanana ngarobrol heula di rohangan tamu. Jadi pas Lastri datang, sararéa pindah diukna kana korsi di méja makan. Terus dahar balakécrakan dalahar saruka bungah.
"Poé ieu Ema meunang 70 rébu" ceuk Lastri reueus.
"Enya tapi éléhna sabaraha kali?" Ceuk Mardi nyindiran.
"Ma, nunutkeun abdi, badé kawon atanapi kénging, tetep hasilna moal sabanding sareng karugianna upami Ema katéwak ku pulisi" ceuk Icih.
"Ema lain jelema bodo, geus katelah ratu judi. Lamun nyaho piéléheun nya eureun. Masalah katéwak mah kumaha nasib, Ema tara ngahajakeun indit ka tempat judi, tapi di imah. Tempatna di arisankeun muter" témbal Lastri.
Sararéa geus teu hayang ngomong deui, sabab diteruskeun ogé percumah, sabab bisa jadi debat panjang anu ahirna paséa.
Keur jongjong dahar, ponsél Icih disada, sabab aya pesen WA. Saenggeus dibaca, icih ngarérét ka Udin,
"Kang, enjing Sabtu moal kamamana?"
"Aya, 2 kali ka pasar" témbal Udin bari nyoélkeun jengkol ngora kana sambel.
"Élsa nembé nga-WA, anjeunna parantos ngabooking bungalow di pamandian air panas Sari Ater. Ngajak abdi. akang tiasa nyarengan?" ceuk Icih ngajelaskeun.
"Mandi Cipanas? Naha bet kudu jeung akang?" Udin nanya bari nyapék.
"Ciater tebih kang, lebet ka wilayah Subang. Jabi ngawengi, upami teu aya pamegetan mah abdi ogé alim. Bungalowna aya 2 kamar. Akang teu kedah isin" témbal Icih.
Lastri ngabantingkeun sendok kana méja,
"Meuting? Hartina dua poe? Teu bisa! Saha anu rék masak di imah? Saha anu rék beberesih? Si Udin teu meunang milu!"
"Ma. Élsa anu ngulem, piraku abdi kedah angkat duaan bari istri hungkul?" Ceuk Icih.
Lastri molotot ka Icih,
"Ema teu percaya ka si Udin, lalaki sorangan ngiringkeun dua awéwé rék saimah. Sanajan béda kamar tapi tujuanna rék ngeueum bareng. Kumaha lamun si Udin macem-macem ka Élsa?"
Udin anu sungutna samutut ku sangu hayang nyakakak, tapi buburu ditahan ku cara nutupan sungutna ku dampal leungeunna sabab sieun ngabura ka Lastri anu aya hareupeunna. Udin ngagerentes,
"Niat rék kikituan mah ka Icih wé anu sidik geus sah, tiap peuting sakamar tapi can daék disaréan, dipaksa ogé moal salah da kuring salakina. Kunaon maké kudu ka Élsa?"
"Ma. Abdi sareng kang Udin parantos nikah. Élsa ogé uningaeun. Sadayana sanés murangkalih deui, uninga mana anu leres mana anu henteu" témbal Icih.
Lastri nangtung teu neruskeun daharna.
"Dimana-mana lalaki mah sarua. Sanajan aya manéh ogé tetep ngarana saimah mah loba kasempetan. Saha anu nyaho sabot manéh tibra saré, si Udin asup ka kamar Élsa"
Icih ogé nangtung,
"Ma. Ema parantos sepuh, nanging émutan sapertos murangkalih. Upami Élsa ngadangueun naon anu disebatkeun ku Ema nembé, pasti anjeuna ogé moal nampi parantos dicuriga kitu"
"Anjeun bakal ngarasakeun kumaha hariwangna saurang indung lamun anjeun geus boga budak awéwé" ceuk Lastri bari ngagebrag méja.
"Teu langkung Ema. Énjing Sabtu tetep abdi bakal angkat sareng kang Udin, teu aya anu tiasa ngahalangan" témbal Icih bari diuk deui.
"Enya jig. Tapi ulah hanjakal komo bari nyalakeun Ema lamun aya nanaon" ceuk Lastri jamotrot.
Saterusna Lastri mureleng ka udin,
"Udin. Sabtu jeung Minggu milu ka Ema, baturan Ema maén judi. Diburuhan 20 rébu sapoé"
Udin seuri, terus nyarita pikeun ngagoda Lastri,
"Bu. Abdi teu tiasa kempel sareng nini-nini. Abdi badé ngiring ka Icih hoyong ngaraosan janten Arjuna, diriung ku dua istri bari duanana gareulis"
Icih nyiwit pingping Udin. Tapi Mardi nyakakak malah nepi kabesékan lantaran kalepasan seuri.
Tadina Udin mémang teu hayang milu ka Icih. Sabab pasti Élsa anu jelas-jelas geus nyatakeun bogoh, pasti bakal maling-maling néangan kasempetan sangkan bisa ngagoda udin. Ngan kusabab nempo Lastri anu nyuriga teu bener, Udin jadi hayang ngahajakeun indit. Pikeun ngabuktikeun ka Lastri yén dugaanna salah. Udin justru bakal leuwih waspada ka Élsa sarta rék ngamanfaatkeun momént ieu sangkan bisa leuwih akrab deui ka Icih.
Sabab ambek ka Udin, tapi sieun Udin jeung Icih parindah ka Bougenvile. Ahirna Lastri murang-maring ka Mardi anu keur seuseurian. Beungeut Mardi diseblok ku cai nginum. Terus Lastri ngajéngkat asup ka kamar.
"Kang Sari Ater masih anak perusahaan Padma hotél. Énjing Élsa badé nyampeur kadieu nganggé mobilna, anjeunna anu badé nyupiran. Janten urang mah teu kedah nyandak mobil nyalira" ceuk Icih ka Udin.
Udin unggeuk.
"Kang, ulah hilap nyandak lancingan renang, akang kedah ngeueum nganggé lancingan renang. Teu kénging nganggé lancingan panjang, ngisinkeun" ceuk Icih ngingetan.
"Enya atuh nyi. Minimal calana pondok. Nyai ogé kudu maké bikini atuh" ceuk Udin seuri.
"Muhun atuh kang" ceuk icih seuri.
Lastri ti kamar nyorowok bari nolol dina panto kamar,
"Ulah make bikini! Paké baju renang muslim! Béjaan ogé Élsa!"
Lastri kajero kamar deui, kadéngé muka lomarina. Terus kaluar bari mawa baju renang anu ditilepkeun.
"Lamun teu boga baju renang muslim, yeuh paké Face Gini Ema!"
Face Gini nyaéta baju renang anu sok dipaké ku nini-nini, kumplit jeung masker anu nutupa full beungeut ukur kaciri panon jeung biwir, persis dangdanan ninja Jepang atawa jelema anu rék ngarampog bank. Lamun awéwé make face gini, rék geulis rék henteu tetep bakal kawas jurig jarian.
Share this novel