125. Atang jalir jangji

Fantasy Series 60

Ciompol geus béak, Firman buburu nyeuseup nafas sababaraha kali bari ngalelempeng cangkéngna. Sabab masih aya saléter deui anu kudu buburu diinum.

"Nungguan naon deui? buru inum ubarna" ceuk Udin.

Firman ngarénghap panjang deui, bari mengék irung sarta meureumkeun panonna. Ubar dileguk. Ngan kusabab rasa cai ubar anu hideung paitna kacida. Panona langsung molotot burial buncelik siga jelema anu keur dicekék. Rasana lewih pahang tibatan ciompol anu bieu. Létah jeung sakabéh kulit bagéan jero sungutna asa ketir hareuras. Firman ampir kapaéhan sabab can kungsi sapanjang hirupna nginum cai anu pait jeung peuheurna siga kitu. Katambah bauna anu nembus kana irungna sanajan dipengék, ngaleuwihan bau bangké.

Létah jeung beuteungna panas asa keur diduruk. Kabéh awakna asa pararaéh teu bisa ngararasakeun nanaon deui. Késang ngagarajag ti sakujur awakna ngabaseuhan kaméja. Geus puguh tina sirah jeung beungeutna, siga jelema anu geus diguyur.

Tapi Firman reugreug, sabab aya hawa tiis seger anu ngajalar kana bobogaanna. Nyeri, peurih jeung ateulna karasa leungit. Firman buburu méakeun ubar, malah hampasna anu siga aspal oge dicolékan ku curuk, dilamotan nepi ka béak.

Buburu Firman nangtung muka sarungna. Terus tungkul jero ningali ka palebah bobogaanna. Firman bungah kacida. Sabab bobogaanna teu jiih deui, budugna morolok garing, kulitna megar kawas oray anu keur ganti kulit.

Firman ngarasa sungutna baal. Pasti sababara bulan kahareup baalna moal leungit, moal ngeunah dahar moal ngeunah nginum. Sabab euweuh rasa nanaon deui salian ti pait molélél anu napel dina létahna..

Kabéh colohok nempo bobogaan Firman anu langsung cageur.
"Ajaib. Pa Udin bener-bener mampu nyageurkeun" ceuk Atang bungah.

Firman sorangan malah ngeclakeun cimata bakat ku atoh. Teu buburu maké deui sarungna saolah-olah hayang mamérkeun ka batur yén bobogaanna ayeuna geus cageur.

"Syaraf anjeun masih nékrotik, éta teu bisa dicageurkeun. Saran kuring, tarimakeun nasib. Ulah gagabah deui nginum ubar" ceuk Udin.

Firman unggeuk sababaraha kali. Saprak bobogaanna buruk, dirina mémang geus pasrah masalah impoténsina. Anu penting ulah nepikeun ka bobogaanna leungit. Keun baé tetep aya dina tempatna sanajan ukur jadi hiasan anu euweuh gunana.

"Anjeun kudu syukur dina pelélangan bajakah bisa kabeuli ku kuring. Sabab lamun kabeuli ku anjeun sarta dijieun ubar, bobogaan anjeun bakal langsung murag. Malah nyawa anjeun moal katulungan" ceuk Udin deui.

Firman colohok, ngarasa reuwas kareureuhnakeun. Udin bener, ku bajakah kalimantan 100 taun ogé bobogaanna geus buruk, komo ku bajakah Papua 300 taun. Geus pasti akibatna bakal leuwih parah.

"Nuhun pa Udin, anjeun geus nyalametkeun kuring" ceuk Firman bari nyondongkeun awakna ngahormat. Terus buburu maké deui sarungna.

"Kusabab anjeun geus cageur, teu perlu ngancem rék ngajabel kakayaan Atang deui" ceuk Udin ngingetan.

"Moal, kuring tara jalir jangji" témbal Firman.

Firman datang ka Bandung ngarasa saperti asup ka kandang maung. Sagala masalah teu eureun-eureun nimpa dirina. Lain ukur awakna hungkul anu ripuh, tapi harga diri jeung hartana ogé geus kapiceunan loba. Firman niat rék balik deui ka Banjar, moal hayang balik deui ka Bandung lamun teu perlu-perlu teuing. Masalah impotén, Firman boga niat rék tatamba deui di Banjar. Katambah indungna rék ulang taun. Firman mémang kudu balik sanajan teu bisa mawa Tiandi.

Firman ahirna pamitan sarta nganuhunkeun ka sararéa. Bari diiringkeun ku asistén jeung dua pangawalna. Firman indit ningalkeun Imah Atang.

Ningali Firman indit. Atang, Baréna jeung Ilyas ngarénghap reugreug. Sabab masalah di kulawargana ayeuna geus réngsé. Tanpa sakanyaho Udin, Atang geus nyumputkeun resép palsu jieunan Udin anu dipaké ngubaran Firman. Atang boga niat rék mroduksi resép éta jadi ubar anu bakal dijual ka masyarakat sabagé ubar budug.

Atang buburu manggut jero ka Udin,
"Pa Udin nuhun. Kulantaran jasa anjeun, kulawarga kuring bisa leupas tina masalah. Kuring moal poho kana jasa anjeun"

Anu séjén ogé manggut, kabéh nganuhunkeun ka Udin.

"Kuring masih cicing didieu lain hayang ngadéngé aranjeun nganuhunkeun" ceuk Udin ka sararéa.

Udin mencrong ka Atang. Bari nunjuk ilyas,
"Lantaran Ilyas anu boga jasa ngondang kuring kadieu. Aranjeun kudu nganuhunkeun ka Ilyas sarta ngangkat Ilyas jadi pamingpinan di Triman Pharmaceutical sasuai jeung jangji anjeun. Iraha rék diumumkeun?"

Atang ngagebeg, sorot mata licikna mimiti kaciri. Baréna ogé sarua, kaciri beungeutna teu suka ku ucapan Udin. Béda jeung Ilyas, beungeut Ilyas mah marahmay bungah bari neuteup reueus udin. Sabab harepanna pikeun mingpin Triman Pharmaceutical bakal ngawujud.

Tapi anu teu disangka. Tina rengkuh hormat. Atang langsung nangtung ajeg bari lajag lejeg leuleumpangan ka ditu kadieu,
"Udin, Sakadar anjeun nyaho. Masalah Triman urusan kulawarga kuring, anjeun urang luar, teu pantes pipilueun kana urusan internal kuring"

Ilyas anu ngadéngé omongan Atang jelas ngarénjag, terus ngarérét ka Atang ku teuteupan ceuceub. Huntuna kekerot ambek. Sabab nyaho Atang rék jalir jangji.

Ningali sikep Atang, Udin jadi karunya ka Ilyas anu geus dikhianatan,
"Anjeun rék jalir?" Udin nanya ka Atang.

"Kuring mémang ngomong ka duanana. Saha waé anu bisa nyalametkeun kulawarga ti Firman. Bakal jadi pingpinan Triman. Tapi lain maksudna langsung kudu mimpin ayeuna sabab kuring masih hirup. Masalah pingpinan bisa dijabat ku Ilyas dimana kuring geus teu mampu mimpin" témbal Atang.

Baréna ogé nangtung,
"Urusan kulawarga kuring euweuh urusana jeung anjeun. Leuwih hadé anjeun balik saacan diusir tidieu"

"Hiji deui anu perlu dijelaskeun, Ilyas can tangtu anak kuring. Sabab kuring teu nungkulan kalahiranna jaba teu panggih jeung indungna basa dicokot. Jadi euweuh alesan pikeun kuring mikeun pingpinan Triman ka Ilyas" ceuk Atang ka Udin

Ilyas colohok, langsung nyorowok ambek ka Atang,
"Rék kumaha bapa nyaho kuring lahir jeung Ema maot lamun bapa can kungsi ngalongok kaditu? Lamun bapa teu yakin kuring anak bapa, naha kuring bet dibawa kadieu?"

Atang langsung muncereng, molotot ka Ilyas,
"Mémangna kunaon? Wani nyégag ka aing? Lain mulang tarima diurus ti leuleutik siah, malah wani nyaréan aing. Mantog! Jig balik deui ka Papua! Montong hayang ngajedog didieu deui"

Ilyas tungkul jero bari ceurik, haténa ngarasa hanjakal geus ninggalkeun tanah Papua. Anu tadina hayang deukeut jeung anu jadi bapa. Tapi nyatana malah manggih kanyeri anu teu béak-béak.

Ilyas buburu tanggah deui mencrong beungeut Atang.
"Lamun kitu kahayang bapa. Ayeuna kénéh kuring rék balik ka tanah kalahiran kuring"

Ngadéngé Ilyas rék nyingkah, Baréna atoh.
"Nungguan naon deui? Buru kaluar ti imah ieu!"

Udin melong ka Atang,
"Di hareupeun kuring anjeun geus wani terang-terangan jalir kana jangji. Malah teu ngaku anak ka ilyas"

"Kulawarga kuring urusan kuring, euweuh hubunganna jeung anjeun, leuwih hadé anjeun ogé kaluar!" Témbal Atang ka Udin.

Boh Atang atawa Baréna mémang can nyaho saha Udin, jadi kawanina beuki muncak. Komo nempo Udin anu kacirina lemah jeung datang sorangan.

Beuki kolot jelema mémang sifat bisa robah. Komo boga anak leuwih ti hiji. Jarang anu bisa ngabagi kanyaahna sacara adil. Contona Rukmini, kumaha memperlakukeun Mardi jeung Karsidi, padahal sarua anak. Kumaha memperlakukeun Unah jeung Icih, padahal sarua incu. Kitu deui Atang.

Udin ngomong deui ka Atang,
"Kuring ngomong sakali deui, bikeun pingpinan Triman ka Ilyas. Tempo heula kumaha cara Ilyas mingpin"

"Teu bisa. Ilyas geus mutuskeun rék balik ka Papua" témbal Atang ka Udin.

Terus Atang ngalieuk ka Ilyas,
"Kunaon masih ngajedog kénéh didieu. Mantog! Mening modar di Papua sakalian, baturan indung sia di naraka!"

Ngadéngé ucapan Atang, Amarah Ilyas beuki ngagidir,
"Atang! Teu nanaon kuring dihina. Tapi anjeun euweuh hak ngahina indung kuring!"

"Indung sia pantes dihina. Awéwé miskin urang leuweung, mandi sapoé sakali tapi ngimpi hayang boga salaki ka urang kota. Ngabayangkeun bau awakna ogé aing hayang utah" ceuk Atang bari ngabarakatak seuri.

Awak Ilyas ngadégdég, peureupna geus ngeupeul. Langsung nyorowok tarik,
"Atang! Sia beuki ngahina indung aing. Hayu gelut jeung aing" kituna téh bari ngaheumbatkeun peurepna ka Atang.

Tapi leungeuna ditéwak ku Udin,
"Ulah ngalawan aki-aki. Di mata kuring anjeun geus jadi pingpinan Triman Pharmaceutical. Sabage jelema terhormat, ulah ngotoran leungeun anjeun ku nyiksa aki-aki. Jeung ulah ingkah ti Imah ieu. Sabab imah ieu ayeuna geus milik anjeun"

Atang jeung Baréna colohok,
"Udin! naon hak anjeun ngomong kitu? Triman anu kuring, lain milik anjeun!" Ceuk Atang ka Udin

"Mémangna kuring salah?" Udin nanya.

"Tugas manéh nyageurkeun Firman geus bérés. Leuwih hadé manéh balik. Ulah ulubiung kana urusan kulawarga kuring" ceuk Atang bari nunjuk beungeut Udin.

Baréna ogé nyorowok ka Udin,
"Udin, masalah di Brilliant Club aing can balitungan ka manéh. Ayeuna sia ngajieun masalah anyar jeung aing di dieu"

Udin ngaléngkah terus nampiling Baréna satarikna. Awak Baréna nyoloyong ka gigir ampir rubuh. Baréna reuwas, teu nyangka Udin bakal nyabok. Pipina peureus jeung ninggalkeun tapak beureum.

Udin mencrong ka duanana,
"Déngékeun kuring. Mimiti poé ieu, aranjeun moal leupas tina pangawasan kuring. Aranjeun bakal diboro sanajan lumpat kamana waé ogé. Lamun aya anu rék ngabéla, ku kuring dianggap saruana. Saha anu wani ngabela? Maju!" Ceuk Udin bari panonna nguriling ka para pagawé Atang anu aya di dinya.

Keur Udin gampang, kari telepon Bahar. Dijamin Atang jeung Baréna moal bisa hirup tenang. Pasti bakal diboro ku kabéh préman aa Bandung.

Contona Ichiro, ayeuna jadi tukang miara anjing di kandang Bahar. Padahal calon Diréktur farmasi gedé di Jepang anu kakayaanna jauh leuwih beunghar ti Atang. Tapi Ichiro teu walakaya lantaran diboro ku préman Jepang. Ichiro ukur bisa nyumput di kandang teu wani kaluar.

Tapi Atang lain sieun, malah kumecrot nyiduh,
"Cuih! Mémangna sia saha? Ku harta aing, aing bisa nyéwa ratusan préman pikeun moro sia!"

"Anjeun ukur runtah, moal aya préman anu bakal ngagugu ka anjeun" ceuk Udin. Terus ngaluarkeun ponselna nelepon Bahar bari diloudspeaker.

"Dén. Aya paréntah naon keur akang?" Bahar nanya.

"Kang. Boro 2 jelema anu ngarana Atang jeung Baréna. Hadiah ti kuring samilyar. Dibéré waktu nepi ka jam 12 peuting ieu"

"Dén. Ulah nyaritakeun hadiah ka kueing. Tanpa hadiah ogé akang pasti bakal ngerahkeun para préman sa Bandung ayeuna kénéh"

Atang jeung Baréna colohok. Teu lila ponsélna Baréna disada, Aya notif tina grup WA para pangusaha Bandung. Baréna ogé pangusaha wajar dirina jadi anggota grup éta. Buburu dibaca ku Baréna,
"Barena! Aya masalah naon manéh jeung kang Bahar? Sirah manéh jeung bapa manéh disayémbarakeun dihargaan samilyar berlaku nepi ka jam 12 peuting ieu"

Teu lila Aya pesen deui, anu ieu mah langsung ti Salman Wijaya,
"Baréna! Kuring nambahan hadiah samilyar, harga sirah manéh jeung bapa manéh ayeuna geus ningkat jadi 2 milyar!"

Can béak kareuwasna, aya pesen anyar deui. Nyaéta ti Qin Gang,
"Kueing ogé nambahan hadiah samilyar, harga sirah manéh jeung bapa manéh ayeuna geus ningkat jadi 3 milyar! Aya naon sabenerna? Buru bales!"

Warni ogé milu nulis pesen,
"Ngawakilan kulawarga Nataprawira, kuring ogé nambahan 2 milyar pikeun moro manéh jeung bapa manéh. Ayeuna hadiah geus ningkat jadi 5 milyar. Dimana manéh ayeuna?"

Barena langsung pias, terus ngarumpuyuk deku. Ponsélna langsung ragrag tina leungeunna. Lain ukur Boyo anu geus katipu ku Udin. Nyatana kabéh jelema beunghar geus tunduk ka Udin. Kitu pamikirna.

Atang reuwas nempo Baréna deku siga anu leuleus bari beungeutna pias,
"Baréna! Aya naon?"

Baréna langsung ngajelaskeun eusi chat ka Atang bari késang ngagarajag tina tarangna. Jelas Atang ogé langsung ngadégdég, sabab teu sangka Udin bisa ngendalikeun jelema-jelema berpengaruh di Bandung ukur dina itungan menit. Suku Atang ogé langsung leuleus sarta ngudupruk deku hareupeun Udin.

Atang ngalengis bari nyekelan suku Udin, gigireunna Baréna ngeluk tungkul,
"Pa Udin, kuring rumasa salah, Kuring teu nyaho anjeun jelema hébat. Kuring geus gagabah. Hampura kuring"

"Anjeun betah kénéh hirup? Teu jadi rék moro kuring? Kunaon?" Udin nanya.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience