26. Udin manggih kitab kuno

Fantasy Series 36

Ahirna Udin nurut. Bandung mémang kota sajarah, loba titinggal sejarah anu ngahaja di jual beulikeun di sakitaran jalan cikapundung, jalan ABC tepi ka Braga. Loba koléktor lokal anu ngahaja daratang ka dinya, malah aya anu ti luar negeri sagala. Dinas pariwisata ogé ngamanfaatkeun daya tarik éta ku ngarénovasi jalan, trotoar jeung nyingkahkeun padagang-padagang liar. Parkiranna ogé dilegaan sarta ditartibkeun deui. Anu ahirna wilayah éta jadi obyék wisata.

Tepi ka Cikapundung, Mardi asup ka hiji toko sarta ngomong ka palayan yén geus aya jangji jeung pemilikna rék nempo barang. Ahirna dianteur ku palayan ka jero nepungan dunungana. Udin rék nuturkeun ka jero, ngan dicaram ku Mardi,
"Montong nuturkeun, nyaho naon manéh kana barang antik. Tungguan didieu!"

Udin ukur unggeuk nurut. Terus diuk dina bangku saluareun toko. Selang sababaraha menit, Udin ngadéngé ti jero toko sora ngolomprang siga aya barang anu peupeus. Disusul ku Mardi anu ti tuturubun lumpat kaluar bari nyekelan sirah,
"Cilaka, cilaka" ceuk Mardi.

Udin teu maliré ka Mardi, tapi langsung asup nempo ka jero toko. Ngan di jero Udin teu nempo kaanéhan nanaon. Salian ti 4 urang palayan toko anu katembongna bingung bari marelong kana lawang panto séjén. Jadi Udin asup deui ka rohangan kadua toko ngaliwatan panto éta anu diduga rohangan kantor atawa gudangna toko. Nyampak di handap aya kendi saukuran galon cai geus belah jadi dua jeung sababaraha bagéan sesemplékanna anu laleutik, mancawura disakurilingeunna.

Keur leutik udin kungsi cicing di imah Kulawarga Subrata, modél kendi anu peupeus mirip jeung guci keramik Cina di Imah akina. Bédana anu ieu mah polos, sedengkeun keramik Cina mah pinuh ku gambar jeung warna.

"Boa ieu kendi titinggal Pajajaran téh" ceuk haté Udin.
"Lamun enya, cilaka. Kudu sabaraha kuring ngagantian? Sabab pasti mitoha kuring anu geus ngaragragkeunna nepi ka peupeus kieu. Lamun lain, pamohalan mitoha kuring lumpat bari siga anu sieun"

Salian ti kendi anu geus ngagolér dihandap bari geus dina kaayaan ruksak. Udin ogé nempo aki-aki kolot anu umurna sakitar 60 taun keur ngabedega bari katémbong ambek. Si aki nyorowok,
"Mardi! kendi ieu karék datang kamari nebus saharga 500 juta ti saurang patani di Sukabumi. Geus ditaliti yén kendi titinggal karajaan Pajajaran anu umurna geus ratusan taun. Kuring keur ngadaftarkeunna ka dinas purbakala, Naha kendi ieu bisa dijual atawa kudu disetorkeun ka Nagara sabagé situs budaya. Matak ku kuring can dipajang pikeun di jual dihareup. Ayeuna kunanjeun geus dipeupeuskeun. Anjeun kudu ngagantian paling saeutikna samilyar!"

Aki-aki éta ngaranna Kartawi. Manager anu ngelola toko.

Mardi anu geus aya di luar ngagebeg ngadéngé kudu ngagantian samilyar. Jadi buburu asup deui terus nangtung tukangeun Udin. Mardi nyarita,
"Ieu minantu kuring anu beunghar. Tong boro samilyar, leuwih ti éta ogé minantu kuring pasti sanggup ngagantian" ceuk Mardi bari nyurungkeun tonggong Udin nepi ka jadi pahareup-hareup jeung si aki. Mardi mah malah terus lumpat deui ngabecir kaluar.

Udin ngarénjag, teu nyangka Mardi bakal neumbleuhkeun kasalahan ka dirina.

Kartawi melong ka Udin,
"Jang, rék dibayar kontan atawa rék di transfer?"

"Kuring teu boga duit Ki, naon anu rék di bayarkeun?" Témbal Udin. Udin lain teu hayang ngagantian, keur Udin duit samilyar teu sabaraha. Tapi Udin hayang ngawarah heula Mardi salaku mitohana.

Kartawi nyampeurkeun ka Udin bari molotot
"Anjeun teu boga duit? Mitoha anjeun geus ngahancurkeun barang kuring tapi embung ngagantian. Ulah nganggap bodo ka kuring Jang. Anjeun jeung mitoha anjeun wani datang ka dieu hartina boga duit. Nanaonan datang kadieu ari sakadar Ulin mah"

"Bener Ki, keur naon kuring bohong. Kuring ukur nganteur mitoha. Jeung kuduna lain urusan kuring da lain kuring anu meupeuskeunna" ceuk Udin

Kartawi cicing, naon anu diomongkeun ku Udin mémang bener. Mardi anu sakuduna ngagantian. Udin mah ukur paneumbleuhan.

Kartawi ngalieuk ka 4 pelayan toko,
"Hayu arindit jeung kuring ka luar, urang tewak lalaki anu bieu lumpat" ceuk Kartawi méré paréntah bari lumpat tiheula kaluar dituturkeun ku para palayan toko.

Udin diuk bari seuri ngabayangkeun mitohana diberik ku 5 urang. Mémang kangeunahan saupama Udin anu kudu ngagantian. Sabab lamun dibayar, kahareupna pasti Mardi bakal leuwih wani deui ngamanfaatkeun dirina.

Sabot Kartawi jeung para palayan toko ngudag Mardi, Udin nagog nempoan kendi anu peupeus, susuganan bisa dioméan kénéh. Kendi mémang geus beulah jadi dua dina bagéan beuheungna, Ngan untungna teu bubuk, Katempona teu parah sarta masih bisa dioméan kénéh.

Dina beuteung kendi anu ngagolér, Katempo ku udin aya barang mangrupa peti kai pasagi saukuran buku tapi kandelna ukur 4 ramo. Ku Udin dikodok terus dikaluarkeun. Udin teu nyangka bakal magihan peti kai dina beuteung kendi. Padahal ukuran kotak lumayan gedé. Pamohalan bisa asup lamun ngahaja aya anu ngasupkeun kana kendi dina kaayaan can peupeus. Tong boro peti kai saukuran kitu. sanajan leungeun Udin ogé jelas moal bisa asup sabab liang beuheung kendi mémang leutik pisan.

Udin kerung bari nempoan peti kai dina leungeunna. Bahan kaina alus jeung teuas, gurat kai katempo jelas siga anu geus rék ngabatu. Udin yakin peti diasupkeun basa kendi dijieun. Hartina umur peti saumur jeung kendi, bisa jadi leuwih kolot ti kendi. Jadi pasti peti kai ogé ti jaman karajaan Pajajaran.

Peti ku Udin dibuka, tapi pageuh. Siga anu geus ngahiji antara peti Jeung tutupna. Ahirna ku Udin dipaksa dibuka ditanagaan sanajan bari tibeberegég. Saenggeus tutupna kabuka, seungit kai Cendana langsung nyambuang asup kana irung Udin. Ku Udin diseuseup, awakna jeung fikiranna ujug-ujug ngarasa seger.

Dina jero peti aya buku tapi bahana lain tina keretas biasa, Udin ogé teu nyaho naha kulit kai, kulit jagong atawa daun lontar. Sabab geus konéng semu coklat. Gedéna ukur sagedé dampal leungeun. Kadel tapi sigana moal leuwih ti 100 lambar.

Buku ku Udin dikaluarkeun, Aya tulisan Sunda baheula dina jilidna, nyaéta "Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun". Udin kungsi diajar maca jeung nulis tulisan Sunda basa diasuh ku ma Éméh. Jadi teu hésé maca tulisan dina jilid buku éta.

Ku Udin kitab dibuka, halaman pangheulana nyaéta Elmu ngubaran, eusina cara ngubaran jeung cara ngaracik ubar.

Udin panasaran hayang maca eusi saterusna sacara taliti. Buburu Udin néangan tempat dijuru rohangan, terus Udin diuk bari nyarandé kana témbok. Cara ngubaran jeung cara ngajieun ubar dina kitab lain cara médis jaman ayeuna, tapi murni tradisionil titinggal Karuhun. Bahan ubar masih maké bahan-bahan alami euweuh bahan kimia. Kabéh prakprakannna, cara ngadiagnosa panyakit, cara ngubaran jeung cara ngaracik ubar sarta pangaruh ubar, jéntré ditulis kabéh kalawan jelas dina kitab.

Udin muka bab saterusna, dibaca lalaunan kalayan taliti euweuh anu kaliwat. Salian ti Élmu ngubaran, aya ogé Élmu Kanuragan, Élmu kabatinan, Élmu ramalan jeung sajabana. Kabéhna aya 9 Élmu sasuai jeung judul bukuna nyaéta kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun.

Ku Udin satiap tulisan dibaca sarta terus dilenyepan kalimah demi kalimah. Kabéh geus kaharti jeung kapatri dina otakna. Dina lambaran panutup aya kalimah. "Ukur anu boga getih katurunan nigrat Pajajaran anu bisa ngawaris Élmu ieu"

Udin nutupkeun kitab anu geus dibacana, terus kitab diasupkeun deui kana petina. sabab teu asup kana saku. Peti ku Udin diasupkeun kana jero kaméjana, peti karasa tiis antel kana dadana. Saenggeus kaméja dikancingkeun deui, Udin ngahuleng bari tanggah nempo kana lalangit toko bari ngagerentes,
"Ieu lain kitab samanéa. Tapi harta Karun anu kudu di rawat bener bener"

Sabot Udin masih mikiran kaanéhan kitab jeung mikiran saha anu geus ngajieunna. Peti anu napel dina dadana ujug-ujug karasa panas, kulit dada Udin asa dibeuleum. Udin muringis ngagolér bari ngaréngkol nyekelan dadana, Ngan anéhna udin teu ngarampa aya nanaon dina dadana. Padahal kuduna aya peti anu bieu geus diasupkeun kana jero bajuna.

Jadi buburu Udin nguniang diuk deui terus mukaan kabéh kancing kaméjana, katempo kulit dadana beureum saukuran peti anu tadi. Kulit dada Udin anu beurem lalaunan baik deui normal. Rasa panas ogé lalaunan leungit. Udin luak lieuk ka kénca jeung ka katuhu neangan peti, tapi euweuh. Piraku peti asup kana dada mah? Udin ukur bisa kerung bingung bari ngancingkeun deui kaméjana.

Ngan tiap kalimah anu bieu dibaca ku Udin dina kitab. Saolah-olah ngaliwat terus dina fikiranna. Kabéh masih bisa diinget kalawan jelas ti halaman awal nepi halaman ahir, euweuh anu poho.

Udin buburu nangtung, tapi tina lahunanna aya anu ngagepluk murag. Ku Udin dirérét. Nyatana ukur sapotong régang kai saukuran curuk panjangna ogé sacuruk. Saliwatan kawas surutu. Buburu ku Udin dipulung terus disakuan.
"Pasti ieu tina jero peti bieu anu poho teu kaasupkeun" Gerentes Udin.

Teu lila Mardi anu geus katéwak kadéngé dibawa asup ka jero toko. Jadi Udin kaluar ti rohangan éta. Katempo Mardi keur dicerek ku dua palayan dina kaayaan beungeutna geus barareuh jeung bajuna acak-acakan kawas anu geus diteunggeulan.

Nempona Udin hayang seuri, tapi ditahan. Udin ngagerentes,
"Dasar kolot bedegong, geus ngajieun kasalahan masih sempet lumpat bari neumbleuhkeun kasalahana ka kuring"

Sabenerna Mardi geus kabur ka parkiran. Ngan teu bisa asup kana mobil lantaran koncina aya di Udin. Jadi mémang geus teu bisa kabur leuwih jauh deui, sanajan lumpat deui ogé pasti pada ahirna bakal kaudag. Sabab umurna geus teu ngora deui, sedengkeun para palayan toko anu ngudagna masih ngarora kéneh. Ahirna Mardi pasrah sarta langsung katéwak terus ditareunggeulan.

"Anjeun geus ngaruksak barang kuring terus kabur, Hadé!" Ceuk Kartawi ka Mardi.

"Déngékeun heula kang, sumpah kuring teu ngahaja. Kendi karasa ngageter jeung leueur basa ku kuring diangkat" ceuk Mardi ngalengis.

"Ulah loba alesan, rék ngagantian atawa rék dilaporkeun ka pulisi lantaran geus ngaruksak properti milik Batur? Anjeun bakal dibui jaba tetep Pangadilan bakal maréntahkeun anjeun sangkan mayar karugian ka kuring. Milih mana? Terserah!" ceuk Kartawi.

Mardi ngarérét pikarunyaeun ka Udin,
"Din, kumaha ieu? Manéh moal nulungan bapa?"

Udin gogodeg,
"Pa, abdi parantos teu kagungan artos deui. Sésa artos abdi, sadayana parantos dianggé manjer mobil kanggé bapa"

"Lamun kitu manéh anu kudu ngagantikeun bapa asup bui. Bapa teu hayang dibui" ceuk Mardi beuki ngalengis.

Udin seuri,
"Pa, pulisi teu bodo, mustahil jalmi teu lepat dibui"

Kartawi ngarérét ka Udin,
"Jang, jig anjeun indit, téangan duit kumaha waé carana keur ngagantian. Mitoha anjeun jadi tandon didieu. Lamun anjeun teu datang mawa duit tepi ka jam tutup toko. Kapaksa mitoha anjeun dipasrahkeun ka pulisi"

Udin unggeuk nyanggupan. Ngan Mardi ngalengis deui,
"Din ulah indit, kumaha nasib bapa mun manéh indit? Pasti bapa ditareunggeulan deui"

Udin teu bisa nahan seuri nempo Mardi luwa lewé rék ceurik kawas budak. Jadi buburu Udin ngabalieur bari nutupan biwirna. Saterusna Udin nyarita ka Kartawi,
"Ki, saupama kuring bisa ngoméan kendina kumaha?"

Kartawi némbalan,
"Kendi ieu geus ditaliti ku para ahli, sababaraha foto ogé geus dilampirkeun ka dinas purbakala. Rék dioméan kucara kumaha? Urut peupeusna jelas moal bisa leungit. Kendi anu geus peupeus mustahil bisa dijual"

Udin ngahuleng, terus nyarita deui,
"Béré kuring kasempetan pikeun ngoméanna, saha anu nyaho saenggeus dioméan mah bisa dijual"

Kartawi ahirna unggeuk,
"Saupama yakin anjeun bisa, sok. Tapi lamun henteu. Mitoha anjeun tetep bakal dipasrahkeun ka pulisi"

Udin curinghak bungah,
"Oké. Kuring ménta keretas minyak, koas jeung 5 endog meri atah. Sarta ménta tempat anu teu kagiridig ku sasaha sangkan kuring bisa fokus ngoméanna tanpa kaganggu"

Kartawi unggeuk, terus nitah saurang palayan toko néangan barang anu dipénta ku Udin. Terus Kartawi ngajak Udin ka tukang. Nuduhkeun hiji rohangan anu dijerona ukur aya meja jeung korsi. Rohangan éta memang khusus paranti mariksa sarta meresihan barang-barang anu anyar datang saacan dipajang di toko.

Bari nungguan bahan-bahan anu dipénta datang. Udin ngumpulkeun bagéan-bagéan kendi anu peupeus terus dibawa ka rohangan éta sarta ditunda dina luhur méja.

"Maké endog meri keur ngarapet kendi. Metode timana jang? Saumur-umur Kuring karék ngadéngé. Barang antik ulah dipaké heureuy" ceuk Kartawi seuri sinis nyapélékeun kamampuan Udin.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience