96. Icih jeung Lastri disandera

Fantasy Series 60

Udin ogé seuri,
"Tiandi. Ulah manggut waé satiap panggih jeung kuring. Kuring saumuran jeung incu anjeun. Cukup sasalaman jeung sebut ngaran kuring Udin. Ulah maké pa atawa guru"

Tiandi gogodeg,
"Kecuali umur, sagalana anu aya dianjeun, kabéh saluhureun kuring. Kuring teu wani campelak"

Udin unggeuk,
"Oké. Ceuk Zofia si Junaédi jeung si Firman kamari datang kadieu. Bener?"

Tiandi ngarénjag, terus ngarérét ka Zofia saolah ménta penjelasan. Sabab Tiandi geus papadon ti saméméhna ka Zofia sangkan kajadian naon waé di klinik ulah nepikeun ka bébéja ka Udin. Sabab bisi ngaganggu kana waktu jeung kasibukanna Udin.

"Abdi anu ngawartosan pa Udin ki, supados teu aya lepat faham" ceuk Zofia.

"Ulah dibiasakeun sagala bébéja, komo hal leutik kieu. Karunya pa Udin, bisi kaganggu" ceuk Tiandi teu panuju.

Zofia mayun, sabab Akina teu ngarti kana perasaan budak ngora. Zofia ogé nyaho, mémang teu pantes hal sarupa kitu kudu dibéjakeun. Tapi Zofia sono kana sora Udin. Haténa reugreug ngadéngé sora Udin sanajan ukur dina telepon. Ngan piraku kudu nelepon teu pupuguh tanpa alesan. Jadi euweuh salahna bari ngalaporkeun kajadian kamari.

Ningali kasalah fahaman antara aki jeung incu, Udin nyarita,
"Tiandi. Zofia teu salah. Kuring mémang kudu nyaho kaayaan anjeun. Anjeun datang jauh-jauh ti Jakarta netep di Bandung pan demi kuring. Piraku kuring kudu masabodo. Junaédi jeung Firman mémang duanana geus nyinggung kuring. Ngadéngé anjeun nolak ngubaran, kuring jelas bungah sabab ngarasa dihargaan. Kuring nganuhunkeun pisan ka anjeun"

Tiandi unggeuk,
"Musuh anjeun musuh kuring ogé, sobat anjeun sobat kuring ogé. Kuring kataji ku sagala ringkak paripolah anjeun anu mémang pantes diturutan. Éta sababna kuring muka klinik didieu sabab sakalian bari hayang diajar ti anjeun. Sanajan anjeun teu sacara langsung ngawarah kuring, tapi naon anu dilakukeun ku anjeun ku kuring dipulungan mangfaatna"

"Anjeun mulia" ceuk Udin bari ngaluarkeun bungkusan ubar. Terus diasongkeun ka Tiandi,
"Ieu ubar tambahan ti kuring, gunakeun dina kaayaan darurat. Heulakeun keur kabutuhan anjeun, sésana bisa dipaké keur tutulung ka batur. Percumah ngubaran batur lamun kaséhatan diri sorangan teu diperhatikeun" ceuk Udin bari ngeupeulkeun bungkusan ubar kana dampal leungeun Tiandi. Terus nyarita deui,
"Kuring yakin, dina leungeun anjeun ubar ieu bakal leuwih manfaat. Awét-awét sabab teuing iraha kuring boga kasempetan pikeun nyieun deui, salian ti bahanna hararésé jeung mahal, kuring ogé kudu ngaluarkeun énérgi spiritual anu lumayan gedé dina prosés ékstraksina"

Leungeun Tiandi anu ngeupeul ubar nepi ka ngadaregdeg bakat ku bungah. Sababaraha kali biwirna ngucapkeun syukur jeung nganuhunkeun ka Udin.
"Guru geus méré hiji pikeun diinum langsung ku kuring, terus satengah di rumah sakit, ayeuna ieu, kudu kucara naon kuring mulangtarima"

Jelema anu paling nyaho kamujaraban ubar ti Udin mémang ukur Tiandi jeung Zofia. Jadi Zofia ogé milu bungah, cipanon kabungah ngalir dina pipi Zofia.

"Hatur nuhun Guru" ceuk Zofia.

Udin ngarérét ka Zofia,
"Zofia. Alusna anu satengah inum ku anjeun. Éta bisa ningkatkeun kamampuan otak anjeun pikeun diajar deui Élmu médis leuwih jero, sarta ningkatkeun kamampuan silat anjeun. Jaga kasalametan aki anjeun keur kuring"

"hatur nuhun pa Udin" ceuk Zofia nganuhunkeun deui.

Harita Icih geus tepi di gerbang bungalow milik Junaédi dumasar kana alamat anu dikirim ku Lastri kana ponsélna. Terus Icih nelepon Lastri,
"Ma dimana bungalowna, abdi parantos aya dipayuneun gerbang sasuai alamat ti Ema. Nanging teu katingal aya wangunan"

Lastri némbalan,
"Bungalowna jauh di tukang, asupkeun mobilna ka jero gerbang terus parkirkeun didinya, mobil teu bisa nepi ka bungalow. Ema nyampeurkeun kadinya"

"Mangga ma, ku abdi diantosan" témbal icib terus nutup teleponna.

Di bungalow harita geus aya Junaédi, Jujun jeung Lastri. Lastri nyarita ka Junaédi,
"Jun, Icih geus aya di hareup, bibi rék ngajemput heula"

"Enya Bi, bawa ka méja makan anu ku kuring geus disiapkeun, ulah bébéja kuring aya didieu" ceuk Junaédi bari nunjuk kana méja anu geus dihias éndah. Aya lilin jeung kembang Eros beureum anu geus dirangkai siga daun écéng.

Lastri ngacungkeun jempolna ka Junaédi terus lumpat kaluar. Jujun jeung Junaédi euweuh anu nyarita, tapi panon duanana melong ka Lastri anu lumpat. Sanajan geus umuran tapi awak Lastri sanjan lintuh tapi ngarareusi, bujurna anu lumpat kaciri éplok cendol. Jujun mah nepikeun ka neureuyan ciduhna sababara kali.

"Indungna sakitu geulisna, kumaha anakna? Hanjakal duanana kudu paéh" Ceuk Jujun anu memang can kungsi nempo beungeut Icih.

"Pa, inget jangji bapa. Awewe ieu duanana kudu hirup, keur mancing si Udin datang, ulah Aya anu dipaéhan heula" ceuk Junaedi ngingetan Jujun.

"Justru kudu diparaéhan tiheula saméméh si Udin datang, bisi ngariweuhkeun" témbal Jujun.

"Pokona kudu seuai rencana, keur naon ngobrolkeun rencana ari prak-prakana béda" ceuk Junaédi teu panuju kana pendapat bapana.

Lastri mah teu boga pikiran yén dirina jeung anakna keur dijebak, matak sapanjang jalan ngajemput Icih terus sura-seuri sitangan sabab bungah. Padahal musibah geus deukeut pisan.

"Pa, sabar, ulah gagabah, bisi kaburu curigaeun terus duanana kalabur. Anu penting kumaha carana si Udin sina datang heula terus paéhan. Tapi anu awéwé, bisa jadi cocooan urang heula, kerem didieu sabulan atawa dua bulan mah, geus bosen karék duanana paehan" ceuk Junaédi.

Jujun nyakakak ngadéngé ideu anakna,
"Tah mun kitu bapa satuju pisan, keun baé bapa indungna. Manéh anakna. Aya ruang bawah tanah di handapeun bungalow ieu. Simpen didinya, kari maraban, ngabajuan, terus paké sakadaék urang"

Junaédi anu titadi fikiranna spaneng ahirna nyakakak seuri. Seuri lantaran nempo bapana anu masih karoohan ku awéwé séjén, padahal di Imah aya indungna.
"Sanajan geus bosen, anu nyusahkeun mah bisa dipaéhan tiheula. Anu rada lindeuk urang urus bila perlu sataun atawa dua taun deui mah. Bisi sakali waktu hayang. Boh kuring boh bapa bisa maké" ceuk Junaédi beuki édan.

Jujun mariksa péstol anu nyelap dina cangkéngna, terus nyarita,
"Bapa anu bakal maéhan si Udin, keur males kanyeri anjeun"

Icih masih nungguan Lastri bari nangtung gigireun mobilna anu geus diparkirkeun di jero gerbang. Panona rurat-rérét nempoan kaéndahan di sabudeureunna. Sanajan geus reup-reupan Maghrib, tapi suasana didinya masih kaciri éndah. Komo lamun dia kaayaan caang.

Rentang-rentang Lastri datang satengah lumpat bari seuri.
"Hayu tuturkeun Ema"

Icih leumpang nuturkeun Lastri.
"Ma, kunaon abdi némbé uninga aya réréncangan Ema anu kagungan bungalow didieu?"

"Babaturan Ema karék balik ti luar negri, jadi anjeun moal nyaho. Manéhna hayang ngainvéstasikeun duitna pikeun meuli bungalow ieu keur sakalieun butuh niis. Tapi Aya anu kudu rénovasi saeutik, dana anu geus disiapkeunna 80 juta" témbal Lastri

"Cekap sakitu ogé ma ari rénovasina teu seueur mah" témbal Icih.

Tepi ka bungalow, Icih jeung Lastri nangtung hareupeun panto. Terus Lastri mencét bél. Teu lila panto dibuka, anu muka panto Junaédi, geus maké jas rapih sarta dasi kukupu. Tapi tetep maké kruk jeung ingkud-ingkudan.

"Icih. Wilujeung sumping" ceuk Junaédi bari méré jalan sangkan Icih jeung Lastri asup.

Icih colohok, sabab teu nyangka bakal nempo deui beungeut Junaedi. Terus Icih ngarérét teu suka ka Lastri,
"Ma, naha Junaédi aya didieu? Atanapi Junaédi anu dimaksad réréncangan ku Ema?"

"Sabar Cih. Ieu kejutan anu geus disiapkeun ku Ema jeung Junaédi keur anjeun" tembal Lastri bari nyurungkeun tonggong Icih ka jero.

Junaédi buburu deku bari ngasongkeun sabeungkeut kembang Eros beureum ka Icih.

Icih masih neuteup ambek ka Lastri,
"Ma. Salira sareng Junaédi ngajebak abdi?"

"Lain ngajebak. Junaédi bener-bener bogoh ka anjeun" témbal Lastri

Junaédi buburu milu ngajelaskeun,
"Cih. Ulah nyalahkeun bibi. Bibi ukur ngabantu kuring mawa anjeun kadieu, saleuwihna kuring anu ngarencanakeun"

Icih molotot ka Lastri,
"Ma, abdi leres-leres kuciwa ka Ema" ceuk Icih bari malik rék indit.

Lastri buburu ngahalangan,
"Ema moal nyilakakeun anjeun. Kabéh keur kabagjaan anjeun kénéh. Katambah Junaédi mémang rék ngarénovasi bungalow ieu. Jadi butuh ngobrol jeung anjeun"

"Teu sudi ma!" Ceuk Icih bari tetep ka luar ngaliwatan Lastri.

Ngan leungeun Icih dijewang tarik ku Lastri bari molotot,
"Saha anu ngawarah manéh teu sopan? Junaédi iklas rék ménta di hampura ka anjeun. Rék méré pagawéan. Ku naon manéh kawas anu linglung? Sok ngobrol heula duaan, lamun mémang manéh teu cocok ka Junaédi. Obrolkeun masalah pagawéanna. Manéh kudu narima pagawéan rénovasina sangkan meunang duit" ceuk Lastri bari metot leungeun Icih ka jero bungalow, terus didiukeun dina korsi hareupeun méja anu geus aya lilin jeung buket Eros beureum.

Lastri can sadar, ngusrukeun Icih bari dirina sorangan sabenerna keur tikusruk. Harepan Lastri, Icih bisa narima Junaédi sarta nyeréikeun Udin.

Diperlakukeun kasar ku paksaan Lastri anu samasakali teu sasuai jeung haténa, Icih ambek. Gara-gara duit jeung judi Lastri nepikeun ka teu boga moral. Téga ngaraheutan haté anak anu geus boga salaki sangkan narima lalaki séjén.

Icih nangtung rék lumpat ka luar, tapi Junaédi buburu nulakan panto, terus koncina dialungkeun jauh ka juru rohangan. Kembang Eros beureum sabeungkeut ogé ahirna dibalangkeun.

Icih muncereng,
"Junaedi! Naon maksudna panto maké dikonci Sagala?"

Junaédi nyéréngéh seuri,
"Teu boga maksud nanaon, indung anjeun aya didieu, hayu diuk deui, urang ngobrol"

Dimata Junaédi, sanajan tara dangdan. Beungeut Icih anu keur sieun, katembongna malah beuki geulis. Sukuna anu lenjang, cangkéng anu leutik sarta bujur jeung dada anu ngarareusi ngajieun jajantungna ratug tutunggulan.

"Kuring euweuh waktu pikeun ngobrol jeung anjeun. Buka panto!" Ceuk Icih nyorowok ka Junaédi.

"Icih. Sieun kunaon manéh? Pan aya Ema didieu. Diuk!" Ceuk Lastri ka Icih.

Icih colohok bari mureleng ka Lastri,
"Ma, salira sadar? Tingal niatna anu teu saé. Naon maksadna ngoci panto? Teu sudi abdi kedah ngobrol sareng jalmi kieu"

Saterusna Icih ngarérét deui ka Junaédi,
"Junaedi. Buka panto, lamun henteu kuring rék ngajerit"

Junaedi nyakakak seuri,
"Sok ngajerit satarikna. Bungalow ieu teu boga tatangga sarta jauh ti jalan raya. Anjeun geus datang kadieu jeung geus aya dijero. Ulah ngarepkeun bisa kaluar kalayan salamet"

"Junaedi. Naon kahayang anjeun?" Ceuk Icih.

"Kahayang?" Junaedi nyakakak deui,
"Rék naon deui lalaki ngondang awéwé geulis ka tempat tiiseun kieu jaba ti peuting lamun lain hayang nyaréan"

Ngadéngé Junaédi boga niat ngalécéhkeun dirina. Icih lumpat kaditu kadieu nyurung-nyurungkeun jandéla jeung panto sangkan bisa kabur, tapi kabéh nyatana geus dikaroncian.

Buburu Junaédi ngudag bari ingkud-ingkudan sanajan suku nyeri, terus ngaranggeum pigeulang leungeun kénca Icih pageuh pisan.

Icih adug-adugan hayang lésot, bari nampilingan beungeut Junaédi ku leungeun katuhuna. Tapi tibatan lésot, ranggeuman leungeun Junaedi malah beuki pageuh.
"Lesotkeun!" Ceuk Icih ngajerit.

Nempo kajadian kitu, Lastri kerung. Sabab karék sadar Icih keur aya dina bahaya. Tapi masih asa-asa pikeun ngabéla Icih.

"Icih. Lamun keur ambek kieu, anjeun beuki geulis" ceuk Junaédi bari ngaragragkeun krukna terus ngrarangkul cangkéng Icih sarta dibetot adek kana awakna.

Beungeut Junaédi ku Icih diciduhan, tapi Junaédi malah beuki babarakatakan seuri. Posisi sabeulah leungeun Icih masih dicekelan sarta cangkéngna dirangkul persis saperti adegan pasangan anu keur dansa. Tapi teu katingali kaéndahanna. Sabab anu lalaki sukuna péngkor bari neuteup beungeut Icih ku tetepan cunihin. Sedengkeun anu awéwé keur ambek bari ti teterejel hayang lésot.

Sanajan beungeutna geus lamokot ku ciduh icih, Junaédi terus nyéréngéh seuri bari melong mata Icih anu mimiti ngaluarkeun cimata.

Lastri nyampeurkeun,
"Junaédi! Aya naon ieu? Anjeung ngabohongan bibi?"

"Dasar belegug!" Ceuk Junaédi bari nyurungkeun Lastri ku leungeunna anu keur ngarangkul cangkéng Icih. Nepi ka Lastri langsung ngagubrag nangkarak sabab selopnya tikudawet kana kruk anu ngagolér dihandap.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience