Iyus ngadadak pias, karék rék némbalan telepon tapi dina telepon kadéngé sora sirineu mobil pulisi, terus kadéngé ogé sora panto didobrak, disusul ku sora lalaki anu nyorowok,
"Anjeun di téwak, milu ka kuring keur panyalidikan!"
Iyus leuleus, HP anu dicekelna langsung murag, sirahna lieur, bumi alam asa muter. Iyus ngudupruk andéprok bari ceurik hareupeun Udin anu masih kénéh nangtung, terus tanggah neuteup beungeut Udin bari ngalengis nanya,
"Saha anjeun? Omongan anjeun bener. Anjeun anu ngalakukeunna pan?"
Udin ngabongkokeun awakna bari ngaréwos lalaunan kana ceuli Iyus,
"Bieu pan kuring nitah anjeun milih, tapi anjeun teu percaya, ayeuna mah pék wé lebok!"
Sararéa anu nyaksian ukur colohok bengong. Sabab ngarasa anéh Iyus anu saméméhna nyeungseurikeun sarta ngahina udin. Ayeuna jadi ceurik bari andéprok dina taneuh. Euweuh anu nyaho naon anu didéngé ku Iyus tina teleponna jeung naon anu diharéwoskeun ku Udin ka iyus. Jadi euweuh anu nyangka yén Udin geus ngalakukeun hiji hal gedé anu pamohalan dilakukeun ku jelema biasa.
"Kuring nyaho kuring salah. Kuring jangji moal sakali-kali deui ngahina anjeun atawa ngaganggu Icih, balikeun deui kondisi perusahaan kuring" ceuk Iyus ngahinghing ceurik.
"Telat" Témbal Udin pondok.
Iyus terus-terusan ménta dihampura ka Udin. Iyus teu nyangka éfék anu bakal timbul akibat tina kalakuanna bisa ngancurkeun kahirupan diri jeung kulawargana. Padahal saméméhna Udin katempo ukur ngetik dina HP. Teu ngalakukeun nanaon pisan.
Iyus neuteup sieun ka udin, lalaki anu saméméhna dianggap moal ngalawan, nyatana saurang monster anu bisa ngancurkeun perusahaanna ukur dina itungan menit. Ngan Udin mah teu némbongkeun riuk nanaon. Sabab Udin ogé sadar keur dilalajoanan ku jelema loba.
Udin gogodeg,
"Kuring geus teu bisa nulungan, hampura. Lamun anjeun hayang nyaho saha kuring, kuring saurang yuotuber anu boga subscribers ratusan rébu. Gampang pikeun kuring ngeprakeun jelema keur ngacak-ngacak perusahaan anjeun. Nyaho sabaraha gajih saurang YouTuber? Moal hése pikeun kuring ngarungkadkeun anjeun. Ngan anjeun teu perlu loba cumarita ka sasaha, ulah kumawani muka idéntitas kuring ka batur. Sabab bakal beuki goréng akibatna keur anjeun. Sanajan lumpat ka tungtung dunya, pasti bakal diudag sarta dipodaran ku kuring. Ngarti?"
Iyus beuki murungkut sieun.
Udin ngetrok tarang Iyus lalaunan,
"Menggeus montong léwéh, anjeun lalaki. Kudu inget kana kalakuan anjeun samémehna anu polontong ka kuring" saterusna Udin asup ka jero ténda acara.
Nempo Udin asup, Iyus ngudag miheulaan ka jero terus luak-lieuk néangan Icih. Saenggeus kapanggih, Iyus langsung nyuuh dina suku Icih anu keur ngajanteng nangtung,
"Cih, kuring ménta di hampura, anjeun murni meunangkeun kontrak ku sorangan tanpa bantuan ti sasaha. Hampura kuring bieu geus ngabohong"
Icih reuwas nempo Iyus anu ujug-ujug aya di hareupeunna bari deku nyekelan sukuna, Icih anu mémang geus lila ijid kana kalakuan Iyus jelas sukuna réflek ngajejek dada Iyus nepi ka Iyus ngajengkang. Saterusna Icih lumpat ka Udin terus ngagabrug bari murungkut sieun.
Udin molotot ka Iyus,
"Nanaonan bet asup kadieu bari ngareureuwas Icih? Indit!"
"Hayu nyi urang jauhan, sigana tadi sirah si Iyus tidagor dina jero Porsche waktu ngerém ngadadak, matak otakna rada kaganggu" ceuk Udin langsung mawa Icih ngajauhan Iyus.
Icih unggeuk terus ngagero security Palapa anu mémang ngajaga di dinya, terus nunjuk ka Iyus anu keur ngajoprak bari ceurik,
"kaluarkeun jelema ieu meungpeung ondangan anu daratang can loba, usir ulah nepi ka ngaganggu jalanna acara"
Saacan security ngajalankeun paréntah Icih, Iyus geus ngoréjat nangtung terus lumpat kaluar. Nempo Iyus geus indit. Icih rurat rérét ka sakuriling siga aya anu keur di téangan.
Udin kerung terus nanya,
"Néangan saha nyi?"
"Bu Susi, sareng direktur Bima Raya kang, kedahna aranjeumna parantos sumping" témbal Icih bari angger panona mah muter ka sakur jelema anu geus aya di jero, ditengetan hiji-hiji.
Di luar. Iyus amprok jeung Dudung, Unah, Ibro sarta saurang pamuda anu kakara datang. Mireungeuh aya Iyus kaluar bari tungkul sarta panona beureum kawas anu geus ceurik. Ibro nanya,
"Juragan Iyus? saleresna aya kajantenan naon? Abdi ngadangu perusahaan salira aya masalah. Naha leres?"
Iyus nyurungkeun dada Ibro,
"Teu perlu nanya deui ka kuring ari geus nyaho mah" pokna bari terus ngaléngkah nyampeurkeun kana mobil Porschena terus asup. Porsche langsung muter balik ngabiur ngebut kaluar ti lingkungan villa Kulawarga Kusumah siga anu kasétanan.
Ibro kerung bari melong mobil Iyus nepi ka leungit di gerbang, kitu deui Dudung jeung Unah. Terus Ibro nyarita,
"Sigana bener Saputra Group mémang geus tamat, teu nyangka sakitu perusahaan gedé tapi bisa langsung tikusruk dina itungan menit"
Ibro ngarahuh mangkarunyakeun kana nasib Iyus. Saterusna opatanna arasup ka jero ténda. Nempo aya Udin jeung Icih anu keur narangtung. Opatanna buburu nyampeurkeun ka Icih tapi teu maliré ka Udin mah. Dudung nyarita bari ngawuhkeun pamuda gigireuna,
"Téh, ieu Frédi adina kang Ibro, keur libur kuliah di Autralia"
Saterusna Dudung ngarérét ka Frédi,
"Frédi, ieu téh Icih kapilanceuk kuring"
"Abdi parantos lami ngadangu kageulisan salira ti kang Ibro, bingah ayeuna tiasa tepang langsung, nyata sanés mung cariosan. Salira mémang widadari" ceuk Frédi ngabongkokkeun awakna ka Icih bari rék nyekelan leungeun Icih ngajak sasalaman. Ngan buburu Icih nyumput ka tukangeun Udin.
"Geus nambahan deui laleur héjo téh" gerentes Udin bari ngaranggeum pigeulang leungeun Fredi anu bieu rék nyalaman Icih, terus nyarita,
"Kuring salakina"
Frédi metot leungeunna sangkan leupas tina ranggeuman Udin. Terus seuri sinis,
"Oh. Sugan téh supirna"
Unah nyarita ka Frédi,
"Ulah dipaliré, anjeun teu perlu akrab jeung si Udin, sabab ukur budak pulung bari pangangguran. Saenggeus kuring kawin ka kang Ibro, anjeun bakal jadi adi kuring, jadi kudu leuwih akrab jeung kuring" Ceuk Unah bari seuri centil.
Frédi anu geus lila di Australia sarta geus kapangaruhan ku budayana jelas surti kana maksud Unah, Frédi seuri neuteup cunihin ka Unah bari ngiceupan. Ibro mah teu merhatikeun tindak tanduk Unah ka Frédi. Jadi langsung nungtun leungeun unah,
"Hayu urang bari diuk ngobrolna"
Opatanna ahirna leumpang terus dariuk dina korsi kosong anu aya di jajaran hareup. Teu maliré deui ka Udin jeung ka Icih.
Teu lila kurunyung ogé Mardi jeung Lastri anu kakara datang. Lastri langsung nyampeurkeun ka Icih, terus ngaharéwos,
"Cih, geus nyaho Saputra Group bangkrut?"
Icih anu mémang can nyaho nanaon ngajenghok bari nanya,
"Uninga timana ma? Nembé Iyus ti dieu. Nanging teu nyebatkeun nanaon, mung ngaganggu ka kang Udin teras nyuhunkeun dihapunten ka abdi perkawis kontrak"
"Bieu?" Lastri colohok,
"Padahal awalna ema ngarepkeun pisan si Iyus jadi minantu, tapi ayeuna mah keheulaanan"
Ngadéngéna Udin ngarahuh bari ngagerentes,
"Ulah ngimpi. Moal aya anu bisa ngagantikeun kuring dina haté Icih"
Tapi di luar mah Udin manggut hormat ka Lastri jeung ka Mardi.
Frédi geus diuk bari merhatikeun terus ka icih. Pas nempo Lastri datang buburu Frédi nangtung deui terus nyampeurkeun ka Lastri ngasongkeun leungeunna ngajak sasalaman,
"Salira pasti ibuna Icih pan? Nepangkeun abdi Frédi, rayina kang Ibro"
Saenggeus leungeunna ditarima, Frédi nyarita deui muji Lastri,
"Bibi geulis, teu anéh tiasa ngalahirkeun widadari anu geulis sapertos Icih"
"Oh, anjeun jeung Icih geus wawuh?" Témbal Lastri bari seuri marahmay.
"Nembé pendak, parantos dikenalkeun ku Dudung" témbal Frédi.
"Hayu, urang dariuk. Ulah narangtung kieu" ceuk Lastri bari ngalesotkeun leungeun Fredi terus ngajak Frédi jeung Icih diuk. Udin jeung Mardi mah ukur silih rérét, tapi ahirna nuturkeun pikeun diuk.
Harita Rukmini geus nangtung hareupeun podium dina luhur panggung leutik bari nyekelan mic.
"Ngawakilan kulawarga Kusumah sareng Palapa, sim kuring nganuhunkeun pisan ka sadayana anu parantos keresa sumping kadieu. Utamina ka ibu Susi wakil Diréktur Bima Raya" ceuk Rukmini bari nunjuk ka Susi anu diuk dina korsi panghareupnna ku 5 ramona.
Sararéa keprok bari narempo ka lebah Susi anu nangtung bari manggut. Icih ngarénghap reugreug sabab nyatana Susi geus datang sarta geus diuk panghareupna. Susi katempona geulis kacida, maké gaun malam kelir hideung. Perhiasan pérak mau dipakéna surup pisan jeung gaun hideung sarta pakulitanna anu bodas beresih, kacirina glamor pisan.
Panon Susi ngarérét ka Udin anu diuk tukangeunna bari ngodeuan sangkan Udin pindah diukna kana korsi kosong gigireunna. Sabab saenggeus dirina pasti sakeudeung deui ngaran diréktur Bima Raya ogé bakal disebut ku Rukmini. Tapi Udin pura-pura teu nempo. Malah miluan keprok siga ondangan séjénna.
Saenggeus Susi diuk deui, Rukmini neruskeun omongana,
"Sim kuring ogé ngahaturkeun nuhun ka Bima Raya anu parantos mercantekeun hiji proyék kanggé dipidamel ku Palapa. Palapa pasti bakal berusaha anu terbaik, moal nguciwakeun"
Hadirin keprok deui. Rukmini ngarérét ka Dudung ku juru panona terus nyarita deui,
"Anu saterasna, sim kuring hoyong ngenalkeun saurang karyawan anu angeung jasana dina raraga nyambungkeun tali silaturahmi antawis Bima Raya sareng Palapa, anjeuna anu bakal tanggel waler dina proyék anu dimaksad. Sim kuring salaku direktur Palapa parantos jangji sareng parantos ngadamel keputusan. Demi kalancaran proyék, sim kuring anu parantos sepuh seja mundur tina jabatan diréktur, saterasna Palapa bakal dipingpin ku anjeunna. Ka anu dimaksad, mangga naék kana panggung"
Lantaran Rukmini teu nyebutkeun ngaran. Icih ngarasa omongan Rukmini ditujukeun keur dirina. Jadi buburu Icih nangtung bari manggut ka sararéa.
Hadirin keprok deui.
"Buru naék kana panggung Cih" ceuk Lastri teu sabar.
Udin ogé unggeuk ka Icih bari seuri. Nyumangetan sangkan Icih maju. Ngan teu disangka ku sasaha, Dudung anu mémang diukna di hareup langsung naék kana panggung. Terus nangtung di gigireun Rukmini bari memener dasina.
"Ieu diréktur énggal Palapa, putu sim kuring hiji-hijina anu pameget. Dudung Kusumah!" ceuk Rukmini bari keprok. Hadirin bingung, sabab bieu geus ngeprokan Icih tapi anu naék bet Dudung. Sabab Rukmini keprok. Sawaréh ogé jadi kabawakeun keprok deui nuturkeun Rukmini. Tapi kulantaran anu keprok ngan sababara urang, sora keprok téh kadéngéna cawérang.
Icih langsung jamedud bari ngaragragkeun bujurna diuk deui dina korsi. Sedengkeun Udin bati colohok ngarasa teu percaya. Watir ka Icih jeung ambek ka Rukmini. Caréhamna nepikeun ka kekerot nahan ambek. Peureupna dikeupeulkeun. Udin jelas teu tarima Icih diwiwirang dihareupeun jelema loba. Icih anu capé usaha, tapi Dudung anu narima ngeunahna.
Katempo cipanon Icih mimiti ngabarendung. Lantaran geus teu kuat nahan éra jeung kuciwa, ahirna Icih nangtung terus lumpat kaluar bari ngageunggeuik ceurik, teu ngalieuk deui ka tukang.
Udin can wani ngudag, sabab hayang nyaho heula sandiwara naon deui anu bakal dimaénkeun ku Rukmini dina luhur panggung. Kadéngé Dudung nyarita bari nyekelan mic,
"Haturnuhun kana kapercantenan nini salaku mantan diréktur Palapa ka abdi, abdi pasti bakal 'bekerja keras' sabagé diréktur énggal. Sacara profésional pasti bakal merhatoskeun kana kalancaran proyék anu parantos dipercantenkeun ku Bima Raya ka Palapa"
Saterusna disambung ku Rukmini,
"Salajengna, sabagé rasa sukur ti sim kuring. Kuring nganuhunkeun ogé ka pangeresa diréktur Bima Raya, bapak Radén U. Subrata!" Ceuk Rukmini bari keprok.
Hadirin ogé keprok bari marelong ka korsi jajaran hareup, nungguan saha anu bakal nangtung. Sabab sararéa ogé can aya anu kungsi nyaho kumaha rupa jeung dedegan diréktur anyar Bima Raya anu kawéntar beunghar.
Kadéngé sababaraha urang ngagerendeng patingkuciwes silih haréwos.
"Ceuk kuring sigana Diréktur anyar téh budak ngora anu meuli kongkorong di Émily, moal salah!"
"Sarua jeung pamikiran kuring, pasti manéhna. Anu fotona sumebar dina médsos" ceuk baturna némbalan.
"Enya euy, panasaran hayang nyaho rupanya" témbal saurang deui.
Tina korsi jajaran kadua, Lalaunan Udin nangtung. Kabéh ondangan anu mémang keur narungguan saha anu bakal nagtung, jelas sararéa ngalieuk ka Udin.
"Udin, nanaonan ari sia? Diuk! Ulah ngérakeun!" Ceuk Lastri bari ngenyang leungeun Udin sangkan diuk deui.
Kabéh jelema kawas anu kasima, kaasup Frédi jeung Ibro, malah Ibro mah anu mémang saacana geus curiga ti saprak dirina di usir ti Bima Raya langsung noél ka Unah bari ngaharéwos,
"ceuk akang ogé naon, pasti si Udin"
Share this novel