Satengah jam prosés transfer énérgina réngsé, jadi Udin beunta. Aya kaanéhan anu karasa, tetempoana ayeuna jadi leuwih béngras, ngarérét ka luar tina jandéla ogé anu kuduna di luar cakueum jadi asa beurang kénéh. Padahal waktu geus rék Maghrib. Aura dina batu ogé e geus rada pareum, sanajan masih aya sésa aura, énérgina masih gedé sabab teu kaserep kabéh ku awak Udin.
Batu di tunda deui kana cepukna. Niatna tetep rék disimpen ku susuganan kahareupna aya jodona barang séjén anu bisa di kombinasikeun jeung batu éta.
Adzan Maghrib geus kadéngé, Udin buburu ka cai terus sholat. Bérés sholat Udin kaluar ti kamar. Nyampak Lastri anu karék balik keur kukulutus bari mukaan lomari makan,
"Ti iraha manéh jadi ngedul masak Din? Wéyah kieu can aya nanaon. Ema lapar!"
"Abdi kacapéan bu, nembé kaboboan di kamar" témbal Udin.
"Di usir ti palélangan nyebut capé? Atawa si Dudung anu geus ngajieun manéh capé?" Ceuk Lastri
Udin kerung,
"Ibu, uninga ti mana abdi di usir ti palélangan sareng aya masalah sareng Dudung?"
Lastri ngajelaskeun bari ambek,
"Nini anu ngabéjaan Ema, si Dudung diusir ti BCC bari balik dina kaayaan babak belur cenah gara-gara manéh. Cik atuh, keur mah di imah nyusahkeun. Diluar loba néangan masalah. Rék jadi naon hirup teh? Ngabantuan usaha henteu, masak henteu. Pangedulan!"
Icih anu kakara balik ngadéngé Udin keur dicarékan laklak dasar ku indungna milu nyarita,
"Ma, paling ogé Dudung anu ngadamel masalah teras di usir. Kang Udin mah moal wantun ngusir batur dina acara sapertos kitu"
Lastri muncereng ka Icih,
"Naha maké teu mungkin? Ceuk si Dudung, si Udin jeung bapa manéh kanyahoan asup make ondangan palsu. Lantaran nyaho bapa manéh ti kulawarga Kusumah. Ahirna tiluan disakompét daunkeun di usir kabéh. Akibatna kabéh kulawarga Kusumah moal diondang deui lamun aya acara-acara saterusna. pan ngérakeun"
Ngadéngé omongan Lastri, Mardi teu tarima. Jadi Mardi milu nyarita lantaran ambek,
"Pikir wé ku sia atuh Lastri, lamun bener kitu kajadianna, atuh aing jeung si Udin ogé pasti di siksa. Lain ngan ukur si Dudung hungkul. Buktina ieu aing jeung si Udin mah teu kunanaon. Ngomong padu calawak. Karék béja tapi kawas anu nyaho. Aing ogé nyaho lah, sia mah gara-gara lapar teu manggih hakaneun dina lomari, ahirna sirah sia jadi koclak. Teu bisa ngabédakeun salah jeung bener. Si Dudung pasti geus méré laporan palsu ka ema, tapi ku sia dianggap bener. Dasar!"
Lastri malik muncereng ka Mardi,
"Naon manéh bet jadi ngabéla si Udin? Mun lain gara-gara manéh hayang indit ka palélangan. Moal aya kajadian nanaon"
Mardi geus teu hayang deui ngalayanan Lastri. Jadi ngarérét ka Udin,
"Din, masak naon wé heula kaituh. Sina dahar heula tah indung sia sangkan otakna cageur"
Ngan Lastri beuki kasinggung,
"Montong waka méngkolkeun omongan siah. Yeuh déngékeun. Lamun manéh teu luh lah gara-gara teu di ondang. Si Udin oge moal maksakeun nyieun ondangan palsu. Si Dudung moal cilaka. Jadi sabenerna mah manéh anu jadi biang kérokna"
Sabot Mardi jeung Lastri keur paraséa, panto hareup aya anu ngetrokan ti luar. Terus kadéngé sora lalaki,
"Punten. Dupi Pa Udin aya di bumi?"
Lastri langsung pias bari ngarérét ka Udin,
"Tah, pasti jelema titahan nini, singhareupan!"
"Keun ku abdi di tingalna" ceuk Icih anu sarua reuwas, sabab tara biasana aya tamu ti peuting lamun euweuh jangji heula.
Imah anu tadina ramé hog-hag ku anu paséa, ayeuna langsung jempling euweuh anu wani nyarita, Mardi jeung Lastri curiga yén anu datang pasti jelema titahan Rukmini.
Udin ogé kerung, sabab lamun enya Rukmini ngirim jelema pikeun nyusulan dirina, kapaksa kudu disinghareupan maké kakerasan. Geus lila Udin nahan-nahan kaambekna ka Rukmini.
Icih ngadeukeutan panto,
"Saha di luar? Aya naon néangan salaki kuring?"
Udin metot leungeun Icih terus muka panto, diluar nyampak geus aya 3 urang lalaki, Udin nanya ka lalaki anu panghareupna,
"Anjeun néangan kuring?"
Lalaki saumuran Mardi anu ditanya buburu ngabongkokkeun awakna,
"Salira pa Udin? Abdi manager BCC anu énggal, abdi nembé di tunjuk tadi sonten ngagentos manager sateuacana anu parantos di pecat"
Udin kerung,
"Manager BCC anu ngayakeun acara pelélangan?"
Si lalaki unggeuk,
"Sumuhun pa, BBC parantos ngusir pa Dudung anu janten biang masalahna. Sareng BCC ngaraos manghajakalkeun kuayana pa Udin mulih deui anu ngajantenkeun acarana kedah dibatalkeun. Malih BCC kedah ngagentosan kompénsasi karugelan ka kulawarga Nataprawira. Abdi sumping kadieu seja neda dihapunten, mugia pa Udin tiasa ngahapunten"
Bérés nyarita kitu, 2 lalaki tukangeunna maju bari ngagotong karanjang parcel ukuran gedé terus di tunda di hareupeun Udin. Udin ngarérét eusina anu mémang ukur kahalangan ku palastik hérang, aya sababaraha barang seni anu aralus. Pas kembang, surutu Cuba, ukiran maung, hiasan batok kuya, jeung sajabana. Malah aya sababaraha botol inuman mahal. Ditaksir ku Udin hargana moal kurang ti 10 juta.
Si lalaki nyarita deui bari manggut jero,
"Pa Udin, Kumargi kalepatan murni aya di fihak BCC, ayeuna abdi nuju ngarencanakeun deui acara pelélangan salajengna sareng ibu Warni. Masalah waktos, Ibu Warni bakal sumping ngulem sacara pribadi nepangan salira sakantenan nangtoskeun waktosna. Ieu sakedik hadiah ti BCC kanggé salira, Mugi ditampi"
Udin unggeuk,
"Kuring ogé nganuhunkeun ka fihak BCC anu geus daék ngadéngékeun keluhan kuring sarta buburu ngarombak pangurus. Harepan kuring kahareupna, ulah tepi ka kajadian deui hal-hal anu teu di piharep, anu sifatna ngarugikeun tamu"
Manager unggeuk bari ngodok 2 kartu warna emas tina saku jasna, terus dibikeun ka Udin.
"Ieu dua kartu VVIP kanggé ngahadiri sagala rupi acara anu diayakeun di BCC tanpa batas waktos, BCC mung ngaluarkeun 10 kartu sapertos kieu, janten khusu kanggé salira, teu aya ondangan husus, cekap sumping ku kartu ieu. Abdi janji moal nguciwakeun salira. Pasihan abdi kasempetan kanggé nebus kalepatan fihak BCC"
Udin nempo kartu anu di cekel ku manager, nyatana lain ukur warnana anu emas, tapi mémang di jieun tina salambar emas. Mardi colohok atoh. Sabab kungsi ngadéngé aya jenis kartu all access anu jumlahnya ngan 10 berlaku keur saumur hirup jeung teu di jual beulikeun, teu nyangka 2 tina 10 éta ayeuna bakal jadi milik kulawargana.
Nempo Udin cicing waé, Lastri anu aya di gigireun Mardi maju bari langsung ngarebut kartu tina leungeun manager,
"Pa, kartu ieu bisa diséwakeun atawa digadékeun?"
Ngadéngé pananya Lastri anu ngérakeun, Icih buburu nyarita,
"Ulah ngisinkeun atuh ma!"
Tapi Lastri teu maliré kana tegoran Icih, buburu lastri nagog ngagusur karanjang parcel ti hareupeun Udin ka jero imah, terus anteng sorangan ngaluar-luarkeun barang ti jerona hiji-hiji bari di ilikan. Kalkulator dina otakna langsung ngitung harga 2 lambar kartu emas jeung barang-barang dina karanjang parcel, bari sura-seuri sorangan. Terus ngajepretkeun sababaraha foto Selfi ku HPna. Buburu di-postingkeun kana médsos jeung status WAna, 'rejeki nomplok kiriman ti BCC keur kuring'.
Ningali kalakuan Lastri kabéh pada ngarérét ka Lastri. Ngarasa dipencrong ku sararéa, Lastri nanya,
"Kunaon? Teu meunang ema narima hadiah ieu?"
Icih ngarahuh,
"Sanes Kitu ma, tadi Ema ngalepatkeun kang Udin, kang Udin teu acan nampi. Anu masihanna ogé masih ngadeg di dieu, tapi Ema tos maén bongkar waé. Ulah ngisinkeun atuh ma"
Udin buburu nyarita
"Baé nyi, akang geus narima, teu nanaon dibongkar ku ibu, sarua waé"
Haté manager langsung ngemplong ngadéngé omongan Udin anu geus narima hadiah ti manéhna anu tandana Udin geus bisa ngahapura kana kasalahan BCC. Ahirna manajer pamitan,
"Hapunten abdi tos ngaganggu salira, abdi seja pamit" ceuk manajer saterusna baralik.
Bérés nutupan panto, Udin malik ngarérét ka tukang, nyampak Lastri geus nangkeup sababaraha botol inuman mahal jeung kotak surutu cuba langsung dibawa ka kamarna. Udin ukur bisa gogodeg. Udin, Mardi jeung Icih dariuk deui. Sajongjongan kabéh ukur caricing. Teu lila kurunyung deui Lastri ti kamarna.
Udin nanya,
"Bu kadangu ku nyalira pan. Saha anu parantos ngadamel masalah di BCC?"
Lastri unggeuk,
"Enya. Ema ngadéngé, BCC ménta di hampura jeung méré hadiah ka anjeun. Hartina anu salah si Dudung"
Udin seuri,
"Tah, jelaskeun ka Nini. Ibu ulah gampang nampi pangaduan upami teu acan aya buktosna"
Lastri teu némbal tapi diuk di gigireun Mardi bari haténa ngarencanakeun isukan kudu indit ngajual surutu jeung inuman anu geus diampihan ku dirina bieu.
Udin nangtung ngaléngkah kana méja makan ngumpulkeun piring urut dahar terus di bawa ka dapur. Di dapur, Hp dina sakuna disada, nyatana telepon ti Qin Gang.
"Sareng Pa Udin"
"Enya, ieu Kuring" témbal Udin
Qin Gang bungah, buburu nyarita,
"Ku ayana bantuan ti anjeun, masalah-masalah di kulawarga kuring, utamana masalah gedé, hiji-hiji geus di béréskeun. Kukituna kuring rék nganuhunkeun pisan sabab saupama euweuh anjeun, kuring sorangan teu yakin masalah bakal bérés tanpa timbul masalah séjén"
Udin kerung,
"Karék ogé mangkukna pa, jeung ngarana ogé jelema hirup, tangtu moal leupas tina masalah. Kunaon kudu nganuhunkeun ka kuring, Kuring mah ukur nyaréatan"
Qin Gang nyarita deui,
"Perusahaan kuring ayeuna geus normal deui, anu tadina rugi jeung rugi. Ayeuna sababaraha pesenan barang mimiti daratang deui. Persis ti saprak kuring nyimpen keretas téa dina kusén luhureun lawang panto sarta nuturkeun pituduh ti anjeun. Wajar lamun kuring nganuhunkeun ka anjeun. Tapi..."
"Tapi naon?" Udin panasaran sabab Qin Gang teu neruskeun deui omonganna.
"Tapi tadi isuk, batu Voodoo anu di piceun ka walungan cikapundung ku anjeun nyaho-nyaho geus nyampak aya di hareupeun panto imah dina kaayaan geus beulah dua. Jelas anéh, jadi ku kuring batuna di ruang. Salametkeun kuring pa bisi kadatanganna mawa mamala deui" ceuk Qing Gang sorana laun bari ngadarégdég kawas anu sieun.
Saterusna Qin Gang ngajelaskeun,
"Saacana, anak kuring Steven teu ngahaja ngaragragkeun keretas éta sawaktu meresihan ramat lancah ku sapu. Budakna ku kuring geus diteunggeulan malah sapoé ieu mah di kerem di kamarna teu meunang kaluar"
Udin kerung,
"Mémangna aya kajadian naon saprak batu éta balik deui?"
Qin Gang némbalan,
"Tadi soré langit poék, terus aya guludug ngaguruh sababaraha kali bari dituturkeun hujan badag pisan, méméh hujan raat, aya béntar tarik pisan ngahantem tangkal kalapa nepi ka rubuh ninggang kenténg persis luhureun kamarna Auxé jeung ampir nyilakakeun Auxé. Ngan anéhna, hujan ukur di lingkungan imah kuring hungkul"
Udin ngahuleng, miturut bab Élmu Ramalan nu aya dina buku 9 Élmu Karuhun. Melak tangkal kalapa, palm, korma atawa sajenisna di buruan mémang hadé, sabab éta simbol kamakmuran. Tapi lamun geus di béntar gelap bari ninggang imah, hartina kulawarga anu nyicingan imah bakal ancur. Udin teu nyangka batu Voodoo boga kakuatan mistis anu luar biasa.
Lantaran Udin lila teu némbalan, Qin Gang ngomong deui,
"Tulungan deui kulawarga kuring pa"
Kakara Udin némbalan,
"Lain Kuring nolak, tapi jujur kuring ogé masih di ajar, ku kaayaan kuring ayeuna, kuring can sanggup pikeun ngalawan kakuatan gedé tina batu Voodoo anu datangna jauh ti Afrika bari tangtuna ogé geus di paké sababaraha kali keur ngalakukeun sagala kajahatan teluh. Kuring kudu ngabogaan heula barang anu boga kakuatan sabanding pikeun ngalawanna"
"Terus kudu kumaha atuh kuring?" Qin Gang nanya.
"Béré kuring waktu pikeun néangan barang anu dimaksud" témbal Udin.
"Mangga pa, Kuring réla ngaluarkeun harta anu aya sangkan pa Udin bisa néangan barangna" ceuk Qin Gang nunda harepan ka Udin.
Udin nyarita,
"Moal lila deui bakal aya paméran jeung lélangan barang di BCC, Kuring rék nempo, susuganan aya barang anu bisa dimanfaatkeun"
Qin Gang curinghak bungah,
"Oke, isukan kuring rék méré kartu ATM ka pa Udin, lamun aya barang anu perlu di beuli, sabaraha waé hargana, ulah asa-asa langsung beuli terus gésék ku kartu Kuring keur mayarna"
Share this novel