Steven ngarénjag, sabab salila maké kongkorong éta, dirina mémang kungsi sababaraha kali ngalaman kacilakaan, anu terahir Hummerna tiguling ka jungkrang. Lamun lain mobil mahal anu tahan benturan. Pasti nyawana geus ngalayang. Tapi babaturan di gigireunna mah maot. Jadi Steven nanya ka Udin,
"Maksud anjeun?"
"Sabab batu anu di paké ku anjeun batu Voodoo, nyaéta batu anu sok di paké sarana sihir ku urang Afrika. Lamun anjeun masih tetep rék maké batu éta. Kacilakaan demi kacilakaan bakal tumiba terus, tanpa diduga iraha datangna" ceuk Udin serieus
Kabéh ngarenjag ngadéngé penjelasan Udin. Sababaraha urang katempo mundur ngajauhan. Steven ogé kaciri sieun, késang tiis mulai maseukan awakna. Steven ngalaan kongkorongna terus dialungkeun ka tukang.
Nempona Udin seuri,
"Matak kudu ngarti, teu kabéh barang antik mahal boga éfék anu alus"
"Saha anjeun?" Ceuk Steven panasaran.
"Kuring jelema anu teu bisa dibeuli ku duit" ceuk Udin malikeun awakna rék indit.
Steven buburu maréntahkeun 4 pangawalna,
"Téwak! Wani néangan kasalahan kuring, pasti diutus ku jelema anu sirik. Nyebut teu bisa dibeuli? Mémangna anjeun saha? Péngkoran sukuna terus tanya, saha anu geus ngirim manéhna pikeun ngahina sarta ngawiwirang Kuring"
Steven curiga Udin dikirim ku saingan bisnisna. Lamun lain, Naha bet nyaho dirina kungsi ngalaman kacilakaan. Boa-boa kacilakaan anu salila ieu dialaman ku dirina lantaran jieunan batur.
2 pangawal ngudag Udin, langsung ngabedega ngahadang di hareupeun Udin. 2 deui langsung nyerek Mardi. Mardi ngadégdég, teu nyangka bakal aya masalah deui. 2 kali indit Jeung Udin, 2 kali ogé nyinghareupan masalah.
"Si Udin bener-bener mawa apes" Ceuk gerentes haténa.
Nempo Mardi di téwak Udin anu tadina teu hayang ngaladénan ngarandeg, langsung sukuna ngalayang najong beuteung saurang pangawal hareupeunna ku sabeulah sukuna. Pangawal anu ditajong ngabangkieung ngajolongjong ka tukang.
Terus Udin lumpat nyampeurkeun Mardi bari nonjokeun peureupna kana beungeut 2 pengawal anu keur nyekelan Mardi masing-masing ku sakali tonjokkan. Peureup anu bangbaraan nyuruwuk teu bisa ditangkis ngabelesat kana cukang irung duanana.
Narima tonjokan anu sakitu tarikna. Dua pangawal ngalésotkeun cekelanana tina leungeun Mardi, langsung nungkup beungeutna anu karasa asa diteunggar ku banteng. Kaciri tina sela-sela ramona ngalucur getih.
Saurang pangawal anu masih kénéh jagjag buburu nyabut pentungan listrik. Terus diamang-amang bari muru tonggong Udin anu nukangan sabab keur nyinghareup ka Mardi.
Mardi nempo Udin aya dina bahaya. Nyorowok,
"Din! awas tukangeun!"
Udin ngagiwar ka kénca bari néwak pigeulang leungeun lawan anu nyekelan tongkat listrik ku leungeun katuhuna, terus leungeun lawan ditilepkeun. Tongkat listrik anu dicekelna jadi malik kana awakna sorangan. Anu ngakibatkeun awakna kasetrum ngalayang ka tukang terus tibeubeut kana taneuh. Pangawal langsung cicing dina kaayaan nangkarak teu sadar.
Mardi gigisik panonna, ngarasa teu percaya kana tetempoanna yén anu ngalawan 4 pangawal tur ngabéla dirina nyatana Udin. Mardi ngagerentes,
"Ti iraha si Udin bisa gelut?"
Udin nyokot tongkat listrik anu ngagolér dina taneuh. Di cepengan ku dua leungeuna, terus di tinggangkeun kana pingpingna sorangan anu ngakibatkeun tongkat potong jadi dua.
"Aya kénéh anu rék ngalawan kuring? Maju!" Ceuk Udin bari rurat rérét ka sakuriling.
Jelema loba anu ukur lalajo kawas anu kasirep nempo Udin ngamuk. Kabéh cicing euweuh anu wani nyora. Érwin ogé colohok nempo Udin. Érwin ngarasa reuwas kareureuhnakeun. Untung tadi basa Udin meuli batu dirina teu maksa ménta deui batuna jeung teu nyinggung perasaan Udin. Lamun sempet ribut jeung Udin, tangtu nasibna ogé bakal goreng.
"Udin, timana anjeun diajar silat?" Ceuk Mardi.
"Tina TV pa, abdi pan tara kamamana. Upami padamelan di bumi parantos réngsé. Abdi sok nongton tinju dina TV" ceuk Udin.
Padahal ti leuleutik Udin mémang di warah silat ku bapana. Ngan Udin ogé rada anéh ku dirina. Bieu kawas aya énérgi kakuatan tambahan anu ningkatkeun staminana. Jeung teu karasa capé saeutik-eutik acan. Teuing pangaruh tina buku 9 Élmu Karuhun anu aya dina dirina, atawa tina batu ti Érwin anu aya dina saku calanana. Teu mustahil ogé datang ti duanana.
Kabéh jelema anu nyaksian tur ngadéngé penjelasan ti Udin reueus. Kamampuan silat bieu anu cenah diajar tina lalajo TV kaciri lewih rapih tibatan prakték silat anu salila ieu katempo nyata. Sararéa percaya, diajar otodidak, atawa diajar sorangan bisa méré kabébasan improvisasi jurus keur jelema anu tekun diajarna. Kabukti ayeuna, 4 pangawal lain jelema bantrak-bantrakeun, pasti maranéhna ogé geus dibekelan pangarti dina urusan gelut pangna bisa jadi pangawal. Tapi nyatana hiji ogé euweuh anu sanggup ngalawan Udin.
"Jang, saluran TV naon anu ku anjeung sok di lalajoan, Kuring ogé rék diajar" ceuk Érwin nanya ka Udin.
"Kabéh channel anu nayangkeun acara olah raga mang, aya tinju, karaté, judo jeung sajabana. Lamun taliti lalajona, urang bisa nyokotan élmuna, kumaha carana ngagiwar, kumaha carana ngamimitian serangan, cara nangkis, nonjok, najong jeung sajabana" témbal Udin.
Kabéh jelema unggut-unggutan, sababara urang boga niat hayang nurutan Udin, diajar silat tina TV.
Steven anu ti tadi bingung nempo kabéh pangawalna rubuh dina sakali serangan, ukur bisa kukulutus bari nangtung di gigireun pengawalna anu masih gegerungan bari nangkarak dina taneuh. Terus molotot,
"Ngérakeun! Silaing kabéh di bayar pikeun ngajaga kuring. Tapi nyinghareupan hiji jelema anu ngan saukur diajar silat tina TV ogé teu mampu!"
Rata-rata jelema anu aya di dinya mémang jelema anu teu ngarti nanaon masalah béla diri, kaasup Steven. Wajar teu bisa nganilai tingkatan silat Udin. Tapi 4 pangawal lain jelema bodo, silat Udin pasti lain tina lalajo TV, tapi hasil warahan saurang guru anu hébat.
"Jelema ieu bener-bener teu bisa dibeuli" Gerentes saurang pangawal anu tadi ditajong beuteungna, seueul akibat tajongan Udin masih karasa nyeri, kawas anu tatu di jero.
Mardi anu sataun saimah jeung Udin sarta tara nempo Udin latihan silat masih ngaduga kajadian bieu ukur kabeneran. Pamikirna éta mah kulantaran nasib Udin wé keur alus.
"Steven, kumaha? Anjeung hayang nyobaan peureup Kuring?" Udin nanya ka Steven.
"Moal! Kuring teu siap, cicing! anjeun ulah maju" ceuk Steven bari undur-unduran panona mencrong sieun ka Udin.
Tapi Udin tetep maju nyampeurkeun ka Steven, Udin teu boga maksud neunggeul. Ukur hayang mapatahan leuwih deukeut. Ngan katarimana ku Steven béda, bakat ku sieun Steven malik rék lumpat. Udin buburu nahan taktak Steven.
Tanpa kanyahoan iraha datangna, Hiji mobil BMW hideung ujug-ujug geus nyampak teu jauh ti dinya, klaksona disada sakali, terus panto tukangnya muka, kaluar saurang awéwé China maké pakéan olahraga tanktop dikombinasi ku calana training ngepas awak. Sanajan umurna budak kénéh sakitar 16 taun, tapi kaciri awakna jangkung, seseg tur ngeusi.
"Leupaskeun leungeun anjeun tina taktak lanceuk Kuring" ceuk si awéwé anu nyatana adina Steven.
Nempo adina datang Steven atoh.
"Auxé! Tulungan kuring"
Riungan nyingrai, sawaréh nyaho yén anu datang anak kadua Qin Gang anu ngarana Auxé. Auxé leumpang ngadeukeutan ka Udin. Tina cara leumpangna Udin langsung nyaho yén si awéwé rajin olahraga, awakna sampurna. Bisa jadi saurang ahli silat. Jadi Udin waspada.
Auxé ngarérétan ka 4 pangawal anu geus raripuh bari saurang mah masih nangkarak dina kaayaan can sadar,
"Ieu kalakuan anjeun?" Ceuk Auxé muncereng ka Udin
"Enya" témbal Udin pondok
"Buburu ménta di hampura ka lanceuk Kuring!" ceuk Auxé deui.
"Teu sudi" témbal Udin.
"Lamun kitu, Kuring rék maksa anjeun" ceuk Auxé bari sakilat ngangkat suku katuhuna nalapung pipi Udin.
Udin reuwas diserang ngadadak siga kitu. Maca tina gerakana geus jelas, kamampuan Auxé saluhureun 4 pangawal anu geus diéléhkeunna bieu. Auxé saurang atlit Sanda, nyaéta béladiri gabungan taékwondo jeung tinju. sarupa jeung kick boxing, béladiri modél kitu mémang ngutamakeun kakuatan tonjokan jeung tajongan.
Sajeungkal deui suku Auxé keuna kana pipi. Udin ngagiwar bari najongkeun sukuna kana bujur Auxé, awak Auxé langsung muter kabawa ku sukuna sorangan anu ngeplos nyépak angin disusul ku tajongan tarik Kana bujurna anu ngakibatkeun awakna langsung ti beubeut nangkuban.
Steven ngarénjag, sabab kakara nempo ayeuna adina éléh. Auxe leuwih éra deui, roboh dina sakali gerakan bari di lalajoan ku jelema loba. Auxé buburu nangtung, katémbong pipina bareureum.
Bari luncat Auxé ngaheumbatkeun leungeunna rék nonjok beungeut Udin. Tapi peureup anu datang ukur di tepak ku Udin, awak Auxé anu masih ngalayang langsung muih malik nukangan udin. Buburu ku Udin ditahan ku awakna sabab lamun Udin nyingkah geus pasti Auxé bakal ti beubeut deui nangkarak bengkang.
"Auxe eureun! Ulah ngajieun masalah jeung pa Udin" ceuk Qin Gang anu tipaparetot nyingraykeun anu lalajo langsung lumpat ka tengah metot leungeun Auxé, terus nangtung hareupeun Udin ngahalangan.
"Kasisi pa, abdi hoyong ngawarah jalmi ieu" ceux Auxé.
"Hayang males najong bujur? Tah!" Ceuk Udin bari nyenggékeun bujurna ka Auxé.
Nempo Udin anu malah ngalédék. Auxé ukur bisa kekerot ambek, tapi teu bisa kumaha sabab bapana ngahalangan di hareupeun Udin.
"Cicing!" Ceuk Qin Gang bari molototan Auxé terus malik ka Udin.
"Pa Udin, anjeun geus panggih jeung anak-anak kuring. Sacara pribadi Kuring ménta di hampura" ceuk Qin Gang ka Udin bari rengkuh hormat.
Steven jeung Auxé ukur silih rérét, ngarasa anéh bapana bet bisa wawuh jeung pamuda éta. Bapana saurang pengusaha ka dua sa Bandung, sedengkeun Udin kacirina ukur jelema biasa.
Udin seuri,
"Teu nanaon, dua anak anjeun mémang masih perlu didikan masalah kasopanan sangkan teu nyapélékeun jelema sangsara siga kuring"
Qin Gang unggeuk terus ngagero dua anakna,
"Steven, Auxé, ka darieu! Deku terus ménta di hampura ka pa Udin!"
"Abdi moal nyuhunkeun di hapunten ka jalmi anu parantos najong bujur abdi pa" témbal Auxe.
"Euweuh alesan! Buru ménta di hampura!" Ceuk Qin Gang muncereng, ngomongnya lewih tarik batan bieu.
Nempo bapana ambek, Auxé maju bari jejebris terus deku bari tungkul hareupeun Udin.
"Hampura kuring" Ceuk Auxé.
"Pa, jelema ieu geus ngawiwirang kuring, ngawiwirang adi kuring, nyiksa 4 pangawal kuring. Lamun bapa moal méréskeun. Kuring rék nelepon jelema anu bisa méréskeunna" ceuk Steven anu can ngagugu kana paréntah Qin Gang.
Réngsé Steven nyarita, pipina langsung di cabok satarikna ku Qin Gang.
"Aing teu nitah sia mapatahan aing. Aing hayang sia ménta di hampura ka pa Udin. Masih kurang jelas?" Ceuk Qin Gang bari awakna ngeleper nahan ambek.
Steven teu nyangka bapana bakal nampiling, leungeuna ngusapan pipina, karasa aya getih ngucur tina juru biwirna. Buburu steven deku terus tungkul hareupeun Udin
"Hampura Kuring" ceuk Steven, sorana ngageter.
"Kulawarga Qin geus euweuh hargana poé ieu, loba jelema anu nyaksian" ceuk Steven lalaunan, kaciri aya rasa kuciwa dina kalimahna. Saterusna Steven rék cengkat.
Ngan suku Qin Gang ngajejek taktakna nahan Steven sangkan teu cengkat,
"Aing geus leuwih tiheula aya di dieu sarta nyaho kumaha jujutan ti awalna. Saupama pak Udin teu ngajelaskeun batu anu ngagantél dina beuheung sia geus mawa sial. Aing ogé moal nyaho. Paingan kulawarga urang ahir-ahir ieu mineng ngalaman cocoba. Singhoréng gara-gara sia. Ménta di hampura deui ka pa Udin, sakuduna anjeun nganuhunkeun geus dibéjaan. Lamun henteu, kasalametan sia jeung kulawarga kahareupna bakal terus ditutur-tutur ku masalah, Jeung usaha Kulawarga urang ogé bakal terus-terusan rugi"
Steven leuleus, terus nyarita deui ka Udin,
"Hampura kuring, nuhun geus nyalametkeun kuring jeung kulawarga kuring tina bahaya"
Udin unggeuk,
"Teu masalah, lantaran Steven geus deku sasuai jeung jangjina sarta geus ménta di hampura. Kuring ogé moal memperpanjang masalah ieu"
Qin Gang ngarénghap reugreug terus nanya ka Udin,
"Pa Udin, saenggeus kongkorong Steven dipiceun, Naha kulawarga kuring bakal normal deui?"
"Sanajan geus di piceun, kusabab batu éta geus aya 3 taun dilingkungan kulawarga anjeun. Pangaruhna masih bakal karasa salila sataun kahareup. Kuring ngan ukur bisa nyarankeun aranjeun tetep kudu ati-ati" témbal Udin.
Qin Gang jelas reuwas jeung sieun,
"Naon maksud anjeun pa? Kuring geus ati-ati dina usaha, geus ngusahakeun ngajauhkeun diri tina sagala hal anu matak nyinggung batur. Malah geus ngusahakeun néangan barang keur panangkalna kaasup kamari basa panggih jeung anjeun"
Share this novel