Udin datang lantaran saran ti Tiandi, jelas Udin lain jelema samanéa. Wajar Atang ngahormat ka Udin, sabab lamun Firman bisa katulungan, hartana ogé bakal salamet. Jadi buburu Atang nyarita deui ka Udin,
"Pa Udin. Omongan anak kuring ulah diasupkeun Kana haté. Kuring rumasa salah ngadidik anak"
Firman langsung ngajejek beuteung Baréna,
"Indit siah! Ulah loba omong didieu! Ulah ngaganggu pa Udin anu rék ngubaran aing. Wani ngomong deui, didagor ku aing!"
Baréna nyampoyong ka tukang, terus diuk nyerangkeun ti kaanggangan teu wani ngadeukeutan atawa nyarita deui.
Firman buburu deku hareupeun Udin,
"Pa, buru tulungan kuring, ulah ngadéngékeun jelema anu teu boga ahlak"
Baréna beuki bingung nempo Firman deku. Pamikirna Udin ukur runtah pangangguran tukang nipu. Ngajelaskeun sajujurna sangkan bapana jeung Firman teu katipu, tapi malah dirina anu diperlakukeun kasar.
Udin ahirna nyarita,
"Lamun lain Ilyas anu datang ka kuring. Sarua jeung tabib Tiandi, kuring ogé moal daék datang kadieu pikeun ngubaran anjeun. Jadi catet ku sararéa, lamun Firman cageur, éta lantaran jasa Ilyas. Lain jasa kuring. Kaharti?"
Atang unggeuk terus neuteup ka Ilyas,
"Ilyas. Anjeun mémang anak kuring anu pinter sarta babakti ka kolot. Tangtu bapa moal poho kana jasa anjeun"
Ilyas bungah ngadéngéna, omongan Udin geus nguatkeun posisi dirina di kulawarga anu moal lila deui bakal jadi pamingpin Triman Pharmaceutical kahareupna. Tapi Ilyas teu nyaho, Atang teu boga niat mikeun Triman ka Ilyas.
Dimata Atang, sanajan bener Ilyas anakna. Tapi tetep Baréna salaku lanceuk anu leuwih pantes jeung boga hak mingpin Triman. Atang ngucapkeun jangji sabenerna keur mancing Baréna sangkan leuwih bisa néangan solusi keur nganggeuskeun masalah kulawargana. Tapi teu nyangka malah Ilyas anu hasil ngadatangan Tiandi sarta bisa mawa Udin kadinya.
Tapi di hareupeun Udin tetep kudu ngomong alus. Sangkan Firman diubaran.
"Pa Udin, ulah hariwang masalah Ilyas, kuring ngarti. Ayeuna tulungan heula Firman"
Tapi lain ogé Udin lamun teu ngarti kana maksud Atang anu sabenerna. Ngan Udin moal waka ngungkapkeun kacurigaanna. Réngsé ngubaran Firman pasti kabéh ogé bakal némbongkeun watak asli maranéhna.
"Diuk. Dieukeun leungeun anjeun, kuring rék mariksa" ceuk Udin ka Firman bari diuk dina korsi.
Firman buburu diuk terus nyodorkeun leungeunna ka Udin.
Udin pura-pura mariksa denyut nadi Firman,
"Anjeun ngalaman statis darah. Aliran ka handap teu lancar. Anjeun ogé salah nginum ubar anu ngaruksak haté jeung ginjél anjeun, anu ngakibatkeun akumulasi khahsiat jeung ulserasi. Jadi moal cageur ukur ku anti inflamasi"
Firman unggeuk, sabab omongan Udin asup akal,
"Terus kumaha sangkan kuring bisa cageur?"
"Kuring hayang anjeun nginum samangkok ubar maké 18 jenis bahan tradisional. Ménta pulpén jeung keretas!" ceuk Udin seuri.
"Nuhun pa Udin" ceuk Firman atoh bari ménta kertas jeung pulpen ka asisténna, langsung dibikeun ka Udin.
Udin nulis 18 bahan ubar anu rasana paling pait, paling peuheur jeung paling bau. Bari jumlahna loba. Resép anu dijieuna ukur bobodoan tapi teu ngabahayakeun. Tujuanna ukur keur ngawarah Firman. Létahna pasti bakal pait salila 3 bulan, moal ngeunah dahar, moal ngeunah nginum. Nyageurkeun bobogaanna mah tetep Udin bakal maké ubar ajaib racikana sorangan.
Saenggeus ditulis. Catetan dibikeun Atang,
"Anjeun boga usaha farmasi, kuduna bahan ubar kieu aya pan?"
Atang buburu maca resép ti Udin, terus seuri,
"Ukur bahan biasa, kabéh aya di kuring" témbal Atang bari nitah pagawéna nyiapkeun bahan ubar anu dipénta ku Udin.
Pagawé anu dititah ku Atang nanya ka Udin,
"Pa. Salajengna bahanna badé dikumahakeun? Badé dipangolahkeun sakantenan atanapi candak bahan atahna ka salira?"
"Bawa heula ka kuring, bisi aya anu salah jeung ukuranna teu sarua" témbal Udin.
Si pagawé unggeuk terus indit. Saterusna Udin nyarita deui,
"Oh enya kuring poho, Aya hiji bahan utamana"
"Bahan utama? Naon? Ulah hariwang, sanajan hésé pasti bisa disiapkeun ku Atang" ceuk Firman nanya.
"Getih anjeun geus kotor lantaran kainfeksi ku baktéri, jadi kudu diberesihkeun heula ku ciompol jelema" témbal Udin.
Firman ngarénjag,
"Jadi kuring kudu nginum ciompol jelema?"
Udin unggeuk,
"Tanpa meresihan heula getih anjeun, percumah diubaran. Sabab baktéri anu geus nyebar kana darah moal leungit. Malah bakal ngahudangkeun panyakit anyar"
Saterusna Udin ngarérét ka Atang,
"Bisi Firman teu percaya ka kuring. Kuring rék nanya ka anjeun Atang. Anjeun pan ahli farmasi. Tangtu kungsi ngajieun ubar ku ciompol jelema?"
Atang buburu unggeuk,
"Sababaraha ubar mémang butuh ciompol jelema. Malah dihiji daerah aya tradisi ngulub endog ku ciompol jelema, éta dipercaya keur ningkatkeun stamina awak"
Saterusna Atang nyarita ka Firman,
"Firman. Ulah hariwang ku cai ompol, asal diwadahan kana tempat anu beresih. Ciompol murni, teu kotor"
Firman ahirna unggeuk. Katambah dina film dewasa anu mineng dilalajoan ku Firman ogé, aya pamaén anu daék nginum ciompol pasanganna. Mémang teu nanaon. Jadi firman oge percaya,
"Oké. Lamun kitu, téangan ciompol budak leutik" ceuk Firman ka Atang.
Ngan Udin buburu nyarita,
"Anjeun boga statis darah, getih anjeun teu lancar. Cikiih budak boh budak awéwé atawa budak lalaki moal bisa dipaké. Ciompolna kudu ciompol lalaki anu geus kungsi nyaréan minimal 20 awéwé anu béda-béda sapanjang hirupna. Tapi teu bisa ogé ku cikiih sorangan. Kudu cikiih Batur"
Firman kerung sarta mimiti curiga,
"Pa Udin, Anjeun masih ambek ka kuring? Kunaon kuring ngarasa anjeun keur ngaheureyan?"
Udin gogodeg,
"Anjeun butuh bukti atawa rék débat masalah médis? Lamun embung cageur nya teu nanaon. Kuring rék balik"
"Naon jaminan anjeun panyakit kuring bisa cageur?" Firman nanya.
"Loba saksi didieum. Lamun teu cageur, kuring rék mayar karugian samilyar ka anjeun" témbal Udin.
Sabab Firman kungsi nyaksian Udin sanggup meuli bajakah samilyar. Ngadéngé ayeuna wani méré jaminan samilyar. Keur Firman geus cukup ngabuktikeun yén Udin bener-bener rék ngubaran. Dina teu cageurna ogé firman moal rugi, sabab bakal meunang samilyar ti Udin jeung kabeh kakayaan Atang. Barina ogé Ukur nginum cikiih, moal matak paéh ieuh. Kitu pamikirna.
"Siap. Teu nanaon ari mémang éta bahan utama sangkan panyakit kuring cageur. Kuring teu kabeuratan" ceuk Firman.
Udin ngarérét ka sararéa,
"Sok saha anu rek nyumbang ciompol keur Firman. Ulah éra-éra. Tapi kudu diitung heula sing bener sabaraha awéwé anu kungsi disaréan. Sabab lamun salah itung moal bisa nyageurkeun. Kudu anu leuwih ti 20 awéwé anu béda-béda"
Kabéh silih reret. Tapi ahirna kabéh panon éncring ka Atang anu nelah raja surabi. Atang anu ngarasa diparelong, beungeutna langsung bareureum era. Komo deui didinya aya anakna nyaéta Ilyas jeung Barena. Mémang ukur Atang anu nyukupan syarat keur nyumbangkeun ciompolna. Ahirna Atang unggeuk,
"Kuring bisa. Sanajan kuring teu yakin sabaraha awéwé anu kungsi disaréan. Tapi saumur hirup kuring, kuring kungsi ngadatangan ratusan tempat di Indonésia pikeun néangan bahan ubar. Di satiap tempat, pasti kuring bakal nyempetkeun diei indit ka palacuran. Jelas leuwih ari 20 awéwé mah jeung tangtuna béda-béda"
Baréna jeung Ilyas colohok ngadéngéna.
"Alus. Kumaha Firman, daék ku ciompol Atang?" Udin nanya ka Firman.
Firman manyun, sabab ngarasa geuleuh kudu nginum ciompol aki-aki gering anu boga panyakit ginjel. Tapi ahirna unggeuk bari baeud,
"Nya teu nanaon. Tapi tandéan dina wadah anu beresih"
Udin ngarérét ka Atang,
"Atang. Sok nginum cai hérang ayeuna 2 léter mah, terus tahan heula. Lamun geus hayang ngompol, tandéan. Kuring butuh saléter"
Firman ngarénjag,
"Hah! Saleter? Teu bisa saséndok?"
Udin seuri,
"Moal cageur atuh. Atawa ngahaja embung cageur sangkan kuring mayar ka anjeun samilyar?"
Firman buburu gogodeg,
"Ulah salah faham pa. Lain masalah duit. Tangtu kuring hayang cageur. Tapi ari saléter mah asa kacida"
Udin unggeuk,
"Teu nanaon teu saléter oge. Tapi cageurna samentara. Lamun budugna kanceuh deui, ulah nyalahkeun kuring"
Sasuai jeung paménta Udin, 18 bahan ubar garing geus datang, total beuratna sakitar 20 kilo. Udin mariksaan hiji-hiji. Saengges dianggap bener, Udin nitah pagawé Atang sangkan ngulub bahan jadi hiji.
"Kulub kabéh maké cai 40 léter, kudu nepi ka jadi salétereun, saring caina terus wadahan, bawa kadieu"
Pagawé Atang unggeuk ngagugu, terus gura-giru indit ka dapur bari manggul bahan ubar.
Udin nyarita ka Firman,
"Firman. Saupama ubarna geus jadi sarta ciompolna geus aya. Inum heula ciompolna nepi ka béak sambung ku ubarna. Ulah kaputus, ulah aya anu nyésa jeung ulah aya anu kautahkeun. Lamun aya anu kautahkeun. Hartina kudu ngamimitian deui ti awal"
Firman unggeuk bari hayang ceurik, sabab hartina kudu nginum dua leter dina sakali nafas. saléter cai pait, peuheur jeung bau. Saléter deui ciompol aki-aki anu panyakitan. Tapi asal panyakitna bisa cageur teu nanaon, Firman teu wani ngabantah,
"Pa Udin, meunang diinum ubarna heula?"
"Teu bisa, justru ciompol anu utama kudu diinum tiheula, keur nginduksi ubar" témbal Udin.
Firman ngabirigidig, terus unggeuk leuleus,
"Oké. kuring ngarti"
Udin ngarérét ka Atang anu keur ngaleguk cai.
"Kumaha Tang. Geus sabaraha léter cai anu geus diimum?"
"Karék 6 gelas, Ké heula, kuring reureuh heula. Beuteung kuring bunghak" témbal Atang.
Firman ngarahuh ngarasa waregah. Atang waé kakara 6 gelas geus ngomong bunghak beuteung, komo dirina anu kudu nginum dua léter. Terus Firman ngadayagdag nyarandé kana korsi bari sukuna dicangégangkeun sangkan borokna anu nanahan teu rapet kana pingping. Leungeunna ngusapan beuteungna anu bucitreuk. Keur firman, asal budugna cageur geus cukup. Ulah nepi ka diamputasi.
Teu lila ti dapur nyambuang bau ubar anu kaambeuna ogé geus teu ngeunah. Meledek bau hitut minuhan imah. Kakara nganbeu ogé nepi ka ngelél ngadadak asa garing tikoro. Komo saupama diinum.
Cai dina buleng gedé anu tadina pinuh umpal-umpalan ayeuna kari saeutik. Warna cai geus mimiti robah jadi hideung. Atang ngoréléng ka kamar mandi bari mawa téko palastik, sabab geus hayang kiih. Firman masih nungguan teu genah cicing.
Atang anu keur kiih di kamar mandi ogé cengar cengir nahan nyeri. Sabab ginjelna geus parah, ayeuna dipaksa nginum dua léter cai bari kudu diompolkeun buburu sabab Udin butuh saléter. Pasti ginjélna jadi digawé beurat. Ahirna ciompol geus cukup, butuh 20 menit keur Atang ngompol nepi ka ngahasilkeun ciompol saléter.
Bari mengék irungna. Atang asup deui ngajingjing téko anu pinuh ku ciompol. Terus ditunda dinaéja hareupeun Baréna,
"Pa Udin, ieu ciompolna saléter"
Kabéh ngagusur korsi dibawa mundur ngajauhan méja, kari Firman sorangan. Teu lila pagawé Atang ogé geus datang bari mawa cai warna hideung meles sateko palastik anu sarua, dina kaayaan ngebul kénéh.
"Sok inum heula ciompolna, béakeun" ceuk Udin ka Firman ti kaanggangan.
Firman unggeuk. Demi panyakitna sangkan cageur. Geus teu mikir deui kageuleuh. Teko cai warna orén kolot mimiti diangkat bari ditandéan ku baki, sabab ceuk Udin, teu meumang baheula sarta teu meunang kautahkeun.
Barena jadi inget ka dirina anu kungsi ngalétakan urinoir, rasana geus nyaho. Firman oge moal salah, pasti bakal ngarasakeun hal anu sarua. Jadi Baréna nyarita ka Firman dumasar pangalamanna,
"Ulah ditempo. Peureumkeun panon anjeun, pengék irung terus inum sakaligus, ulah dirasa-rasa"
Firman unggeuk ngarénghap heula, terus mengék irung sarta meureumkeun panonna. Ciompol dileguk meni ngaleklek. Bau nyegak hangseur langsung minuhan rohangan.
"Ulah rusuh teuing bisi aya anu bahe" ceuk Udin ngingetan.
Firman ampir kabéakeun nafas, beungeutna geus beureum. Nginum saléter karasana asa sataun sabab teu béak-béak. Sababaraha kali katempo rék Utah, tapi ditahan. Ngan kaciri tina beuteungna anu beuki bucitreuk oyag, kawas jelema anu keur break dance, jelas gerakan éta tanda Firman keur nahan piutaheun.
Bari nungguan ciompol béak. Udin ngadeukeutan méja, terus nganclomkeun curukna kana ubar. Saolah-olah keur mariksa bisi panas kénéh, tapi sabenerna ngaragragkeun ¼ ubar ajaib anu diselapkeun dina dua ramona.
Udin hayang midéokeun Firman, tapi teu téga. Padahal pantes lamun video Wuki anu keur viral disusul ku vidéo Firman. Bandung bakal beuki geunjleung. Bakal jadi hiburan hadé keur masarakat.
Share this novel