14. Fredi gagal nulungan Lastri

Fantasy Series 36

Saurang préman séjénna ogé maju kahareup, peureuna geus diheumbatkeun rék nonjok Lastri, tapi ku Bahar dicarék.
"Montong nonjok nini-nini, dicabok ogé modar nini-nini mah. Mundur!" Ceuk Bahar ka préman anu tadi maju.

"Koplok! Wani ngajieun masalah Jeung kang Bahar" ceuk préman bari mundur deui kana tempatna.

Ngadéngé ngaran Bahar disebut, Frédi ngajenghok bari melong ka Bahar, Lastri ogé langsung andéprok emok sabab reuwas bari ceurik ménta dihampura,
"Kang Bahar, euceu ménta dihampura. Teu boga maksud ngajieun masalah didieu. Euceu ukur rék nanyakeun hak euceu, duit euceu" ceuk Lastri teu sirikna bari sembah depong.

Sedengkeun Frédi lalaunan mundur kana lawang panto. Nempo galagat Fredi anu rék kabur, Udin anu mémang aya deukeut lawang gancang ngahalangan.
"Montong waka kabur, anggeuskeun heula" pokna bari nyurungkeun tonggong Frédi sangkan ka jero deui.

Kaayaan diluar jempling, saraéa euweuh anu wani ngomong. Tapi pasedek-sedek hayang nempo kajadian di jero. Bari haténa sarua pada tagiwur, sabab geus katempo usaha Lastri jeung Frédi gagal.

"Tampiling lalaki ieu 10 kali, terus balangkeun kaluar" ceuk kang Bahar ka anak buahna bari nunjuk ka Frédi.

Saurang préman maju langsung ngaranggeum kerah baju Frédi terus ngagaplokkan pipi Frédi 10 kali. Saterusna Frédi dijejek beuteungna kaluar. Frédi ngajengkang nangkarak gigireun suku Udin. Katempo getih tina irung jeung biwirna mimiti maseuhan beungeutna.

Frédi ahirna ngulahék teu usik-usik sanajan ditokéran ku suku Udin ogé.
"Jawara téh kieu gening, duh ngérakeun pisan" ceuk Udin.

Dijero kadéngé saurang préman nanya ka Bahar,
"Nini-nini ieu kumahakeun kang?"

"Sarua, tampiling 3 kali terus balangkeun kaluar" ceuk Bahar.

Ngadéngé mitohana rék ditampiling, Udin buburu ngajleng asup ka jero terus nangtung di gigireun Lastri bari néwak pigeulang leungeun préman anu geus ngalogodor rék ngajenggut buuk Lastri.

Nyaho aya préman rék ngajenggut buukna, Lastri ukur bisa ngajerit bari meureumkeun panona. Tapi lila ditungguan buukna can aya waé anu ngajenggut, Lastri ngarampaan sirahna terus beunta. Lastri reuwas sabab di gigireunna geus nyampak aya Udin keur nyekelan pigeulang leungeun préman anu tadi rék ngajenggut buukna.

Bahar ningali aya pamuda asup sarta wani ngahalangan anak buahna anu rék nampiling Lastri langsung nanya,
"Saha silaing? Hayang modar?!"

Udin nunjuk ka Frédi,
"Bahar! Anjeun nyiksa lalaki éta tepi ka kojor ogé kuring teu paduli. Tapi nini-nini ieu mitoha kuring, kuring teu bisa ngantep"

"Oh, jadi éta mitoha silaing. Terus kulantaran rék ngabéla mitoha, silaing wani cucungah ka déwék?" Ceuk bahar ambek sabab geus ngarasa dicampelakan ku 2 budak ngora, tadi ku Frédi, ayeuna ku Udin.

"Podaran jelema anu geus bosen hirup ieu" ceuk Bahar ka anak buahna bari nunjuk ka Udin.

Udin ukur seuri bari ngodok sakuna ngaluarkeun HP,
"Ké heula, saacan maéhan kuring, kuring rék ngawawuhkeun heula hiji anak buah kuring ka anjeun"

Terus Udin nelepon Isak,
"Aya naon gan?" Kadéngé Isak nanya saenggeus teleponna nyambung.

Udin buburu nyarita,
"Mang, kuring ayeuna keur paadu hareupan jeung anu ngarana Bahar, kuring diancem rék dipaéhan. Mamang nyaho ka Bahar?"

"Kurang ajar! Mana jelemana? Bikeun telepona ka si Bahar gan" ceuk Isak ambek.

Udin mikeun telepona ka Bahar, sanajan rada teu ngeunah haté, Bahar narima ku leungeun kéncana terus HP ditapelkeun kana ceulina
"Déwék Bahar, Saha didinya? Rék ngabéla budak ieu?"

"Bahar! Aing Isak! Wani noél dunungan aing anu ngarana Radén Udin Subrata. Ayeuna kénéh imah jeung perusahaan sia diduruk kabéh ku aing" ceuk Isak nyorongot.

"Radén Udin?" Ceuk Bahar ngayakinkeun.

"Heueuh! Pamuda anu keur disinghareupan ku sia, éta dunungan kuring. Tapi montong nyebut status juragan hareupeun batur. Ieu masih rusiah. Kaharti?" Ceuk Isak deui. Terus HP dipareuman.

Ngadéngé Isak ambek. Jelas Bahar sieun. Bahar nyaho Isak saurang mantan perwira TNI anu anak buahna ogé sarua loba jeung dirina. Anak buah Isak dilatih di sacara militer. Sedengkeun anak buahna ukur préman tukang gelut biasa. Saupama diadukeun jeung anak buahna, jelas anak buahna moal bisa nguntup.

Rét Bahar ka Udin, HP dibikeun. Bahar kerung sabab bieu Isak nyebutkeun pamuda ieu dununganna. Tapi piraku turunan Subrata kuleuheu, teu kaciri dedegan saurang ningrat.

"Ngaran silaing Saha?" Ceuk Bahar nanya ka Udin.

"Udin" ceuk Udin bari nyakuan HPna.

"Udin naon?" Bahar nanya deui.

"Udin Subrata" témbal Udin bari melong beungeut Bahar.

Bahar langsung deku,
"Hampura, kuring teu taliti ningali anjeun. Kuring teu nyaho éta mitoha anjeun, Ieu kabéh ukur salah faham. Ulah ambek ka kuring" ceuk Bahar acong-acongan nyembah.

Héri bingung nempo Bahar kalah andéprok deku hareupeun Udin, Kitu deui anak buah Bahar anu opatan. Sabab teu nyangka raja préman anu barangasan nepi ka deku. saha pamuda ieu?

"Kuring bisa ngahampura, tapi masalah asuransi, duit poko jeung dévidén anu dijangjikeun. tetep kudu dibéréskeun" témbal Udin

Bahar ngalieuk ka Héri, terus nyentak,
"Heri. nungguan naon deui? Buburu béréskeun!"

Bari ngadégdég Héri unggeuk,
"Mangga kang" saterusna Héri lumpat ka jero.

Lastri ukur colohok ngalalajoan prosés demi prosés kajadian bieu, anu katempo jeung anu kadéngé. Kabéh euweuh anu asup kana akal Lastri. Frédi anu karék sadar tina pingsanna ogé sarua colohok bari diuk nyusutan getih tina beungeutna ku saputangan.

Teu lila Héri ngurunyung ti jero bari ngajingjing koper ku leungeun katuhu jeung keretas daftar klien dina leungeun kénca. Koper ditunda dina méja resépsionis. Bari nempo daftar ngaran dina keretas, Héri muka koper terus nyokot hiji amplop eusi duit anu geus di ngaranan. Terus mikeun amplop ka Lastri bari nyarita,
"Bibi Lastri, Poko anjeun 1,3 juta dévidén 200 rébu. Dina amplop aya 2 juta. Anu 500 rébu éta tanda hampura ti kuring" ceuk Héri bari mikeun amplop ka Lastri.

Lastri ngorejat nangtung langsung ngarawél amplop terus ditangkeup dina dadana bari atoh.
"Nyaan eusina 2 juta ieu téh?"

"Enya Bi" témbal Héri.

"Terus kumaha duit klien séjén" ceuk Udin nanya.

"Sadayana diréngsékeun ku abdi ayeuna kénéh" témbal Héri.

Diluar nini-nini jeung aki-aki surak ngadéngé duit bakal dibagikeun. Kabéh nganuhunkeun ka Udin. Udin ngalieuk ka Bahar,
"Kang, Kuring rék balik tiheula. Wéyahna Akang kudu nyaksian didieu nepi ka duit bérés dibagikeun, ulah aya anu kaliwat"

Bahar unggeuk,
"Mangga dén, anak buah kuring pasti bakal ngabantuan Héri sangkan urusanna gancang réngsé. Lamun duit kurang, kuring bakal nambahan" témbal Bahar bari méré kodeu ku leungeunna maréntahkeun anak buahna sangkan mantuan Héri babagi amplop.

"Keheula, bieu akang ngomong lamun kurang rék ditambahan? Naha ari kitu kumaha?" Udin nanya bari kerung.

"Sabenerna Mutiara keur rugi, duit teu kagolangkeun, jadi duit dina kas pasti moal cukup" témbal Bahar.

"Lamun kitu bagikeun saayana walatra, teu kudu akang anu nalangan. Kuring kadieu ukur nguruskeun duit mitoha. Euweuh kaitana jeung anu séjén" ceuk Udin.

Udin nyarita kitu sabab jujur dirina ogé masih keuheul ka sababaraha jelema anu tadi ngalédék dirina diluar. Jadi Udin teu pati paduli ka anu séjén. Bahar ngarti kana maksud Udin terus unggeuk,
"Siap Dén, tapi pamuda ieu kumahakeun?" Ceuk Bahar nanya bari curukna nunjuk ka Frédi.

"Terserah akang, Kuring teu wawuh" témbal Udin.

Bahar unggeuk bari ngarérét ka anak buahna,
"Gusur jelema ieu kaluar, ulah sina ngahalangan jalan, tadi wani nyentak nampeu kana beungeut déwék, ayeuna jejek beungeutna di luar"

Harita kénéh Frédi langsung digusur kaluar ku 2 préman bari disiksa, beuteung, dada jeung beungeutna ditincakan terus diculkeun diluar dina kaayaan ripuh baloboran getih jeung kekebul taneuh.

Nyaksian éta Udin ukur seuri. Bahar mikeun kartu namana ka Udin.
"Ieu alamat kantor jeung nomer HP Kuring, lamun aya nanaon di Bandung. Ulah asa-asa nelepon kuring"

Kartu nama ku Udin ditarima terus dipésakan. Saterusna Udin nyarita ka Lastri,
"Bu parantos sonten, hayu uih"

Kadéngé Héri nyarita ka jelema loba anu masih ngariung,
"kulantaran Mutiara rugi, Kuring ngan ukur bisa méré dévidén 200 rébu saurang, éta dévidén terahir, sabab perusahaan ieu rék dibubarkeun. Duit poko moal bisa dibalikeun deui jeung dianggap hangus. Anu daék narima 200 rébu, sok ngantri. Anu embung, teu nanaon, aranjeun bisa langsung balik"

Kabéh pating rarérét pasrah, tapi aya nini-nini nyampeurkeun ka Udin anu harita leumpang jeung Lastri kaluar rék nyegat taksi,
"Jang tulungan nini"

Udin ngalieuk, singhoréng nini-nini anu tadi célémbéng tatanya ngeunaan dirina ka Lastri. Jadi Udin seuri sinis,
"Ménta tulung ka minantu anjeun wéh"

Ngadéngéna kabéh kuciwa jeung ngarasa hanjakal. Mun seug tadi teu kapancing ku omongan Lastri anu ngagogoréng Udin, tangtu maranéhna ogé moal pipilueun ngahina. Anu ahirna nyinggung Udin. Ayeuna euweuh pilihan séjén, sararéa ukur bisa ngantri nungguan ngarana digero pikeun narima duit 200 rébu.

Dina taxi, Lastri nanya ka Udin
"Saha anu ditelepon ku anjeun tadi nepi ka kang Bahar raja préman oge sieuneun?"

"Réréncangan kapungkur di proyék bu, sami sareng abdi kuli ngaduk ogé" ceuk Udin.

Sanajan masih kurang percaya, tapi Lastri teu loba tatanya deui, pamikirna anu penting geus bisa mawa balik duit 2 juta ka Imah. Jadi Lastri sura-seuri sorangan sabab ngarasa bungah.

Terus Lastri nyarita deui ka Udin,
"Din, ulah nyaritakeun kajadian tadi ka bapa jeung ka Icih. Sabab duanana euweuh anu nyahoeun yén duit di teundeun ku ema di mutiara"

Udin unggeuk reugreug bari seuri, sabab lamun Lastri nyarita kitu, hartina Lastri ogé moal nyaritakeun status dirina. Jadi rusiahna tetep bakal buni,
"Mangga Bu, nanging saéna artos éta simpen di bank, ulah di bumi"

Lastri unggeuk. Terus maréntahkeun supir taksi sangkan eureun heula di ATM, sabab Lastri rék ngalakukeun setoran tunai kana akun bank milikna. Réngsé setor duit di ATM, Ahirna duanana langsung balik ka Imah.

Tepi ka Imah Udin langsung asup ka kamarna. Katempo Icih karék réngsé nelepon, terus seuri ka Udin anu karék datang. Udin nanya,
"Tos nelepon saha nyi?"

"Élsa, réréncangan sakola kapungkur kang. Anu ku abdi kantos dikenalkeun ka akang waktos urang nikah téa, anjeuna badé sumping ka Bandung" témbal icih

"Oh, enya akang inget, urang Jakarta téa anu bapana bos Kratingdaeng pan?" Ceuk udin

"Tah éta" Icih unggeuk ngabenerkeun.
"Élsa sumping ka Bandung sanés mung hoyong pendak sareng abdi atanapi kulawarga Kusumah anu sanésna. Nanging badé didamel di Bima Raya" ceuk Icih ngajelaskeun.

"Hor! Pan bapana pengusaha, boga pabrik Kratingdaeng. Naha bet hayang digawé di Bima Raya?" Udin kerung.

"Duka atuh kang, abdi ogé teu uninga alesanna" témbal Icih.

Udin unggeuk, tapi tetep mikir. Naon tujuan Élsa anak pangusaha beunghar kudu digawé di perusahaan batur. Naha teu digawé di perusahaanna sorangan mantuan kolotna.

"Kang, abdi énjing aya meeting di Bima Raya perkawis proyék. Akang tiasa nulungan abdi ngajemput Élsa ka pull Cipaganti travel?" Ceuk Icih deui.

Udin beuki bingung, sabab saurang anak jelema beunghar, teu mawa mobil sorangan atawa dianteukeun ku supirna pribadina. Tapi malah naék kandaraan umum, Padahal mun niat maké hélikopter pribadi ogé kolotna tangtu bogaeun. Tapi Udin buburu unggeuk,
"Enya nyi, ku akang dijemput isukan, tapi rék dibawa kamana?"

"Ulah kamamana heula, ajak tuang heula wéh di réstoran anu saé, upami abdi tos réngsé meetingna, tangtos abdi ogé bakal nepangan, ieu artos kanggé cepengan akang" ceuk Icih bari mikeun kartu ATMna ka Udin.

Ngan ku Udin di tolak,
"Teu kudu nyi, akang boga kenalan pemilik réstoran bari tara daék dibayar. Jadi nyai teu kudu ngaluarkeun duit"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience