Dudung langsung nangtung, bari nodongkeun garpuh kana beungeut si pamuda,
"Dasar anjing, teu beunang ku omong siah. Indit tidieu! Wani ngaganggu deui di cokél tah mata sia ku garpuh!"
Ningali Dudung ngancém bari nangtung. Si pamuda kawas anu ngahajakeun ngagusur korsi kosong tina méja séjén terus diuk di gigireun Élsa bari nanya,
"Geulis, mémangna lalaki ieu kabogoh anjeun?"
Élsa gogodeg sabab mémang bener Dudung lain kabogohna.
Si pamuda ngarérét ka Dudung bari seuri sinis,
"Anjeun waé anu lain kabogohna bisa diuk bareng, Kuring ogé tangtu bisa atuh. Jadi ulah ambek"
Dudung muncereng,
"Kuring teu wawuh ka anjeun, anjeun geus ngaruksak privasi kuring"
Silalaki kerung,
"Ti tadi Kuring teu ngadéngé anjeun duaan keur ngobrolkeun hal anu penting, privasi naon?"
"Ulah loba bacot, aing ti kulawarga Kusumah, indit ti dieu, ulah ngajieun masalah!" Ceuk Dudung bari ngantelkeun tuntung garpuh kana beuheung si pamuda.
Élsa geus teu kuat nahan kakesel dina haténa, kesel ka si pamuda anu memang kurang ajar, kesel ogé ka Dudung anu sombong saolah-olah kulawarga Kusumah jelema nomer hiji.
sanajan di ancém ku garpuh dina beuheungna. Si pamuda teu katémbong sieun, malah nangtung bari molotot ka Dudung.
"Mémangna saha kulawarga Kusumah? Ulah coba-coba nyingsieunan kuring" pokna bari sakilat ngarebut garpuh tina leungeun Dudung terus ditunda dina méja.
Dudung éléh gos, saterusna Dudung diuk bari huntuna kekerot nahan kaambek jeung éra ku Élsa. Katambah sabeulah leungeuna masih di gips. Pamohalan bisa meunang saupama bener-bener kudu gelut. Tapi lamun diantep, pamuda éta pasti bakal terus ngaganggu Élsa. Upayana pikeun mikat Élsa jelas bakal gagal total saupama dirina teu bisa ngabéla Élsa.
Tanpa pikir panjang, ahirna Dudung nangtung bari ngarawél deui garpuh langsung di cocogkeun kana sirah si pamuda,
"Bener-bener sia mah hayang modar!"
Teu nyangka bakal diserang, si pamuda teu kaburu ngagiwar, getih langsung ngucur tina sirahna. Si pamuda nyobaan nangtung anjeun rék ngalawan tapi sirahna karasa lieur teu bisa nyaimbangkeun awakna, ahirna ngadayagdag ka tukang terus ambruk diuk di handap bari nyekelan sirahna anu geus baloboran getih.
Jelema loba anu harita keur dalahar pating jarerit nempo kajadian éta, aya anu masih cicing lantaran panasaran hayang nempo, aya ogé anu langsung lumpat ka luar.
Dudung masih nangtung ngabedega bari nyekelan garpuh anu geus beureum, terus nyarita ka si pamuda,
"Kaluar!"
Si pamuda maksakeun nangtung bari melong ceuceub ka Dudung.
"Didagoan ku aing diluar!" Ceuk si pamuda, terus lumpat kaluar bari sosoloyongan,
"Éta akibatna wani kurang ajar ka aing" ceuk Dudung bari diuk deui saolah-olah euweuh nanaon.
Teu lila palayan datang mawa pesenan. Dudung nyarita ka Élsa bari nunda garpuh dina méja,
"Elsa, hayu dahar. Geus euweuh cucungukna ayeuna mah"
Élsa gogodeg, nafsu daharna mémang geus leungit. Panonna mencrong seukeut ka Dudung. Dudung nyaho Élsa keur jéngkél ka dirina, tapi Dudung teu maliré deui ka Élsa atawa ka jelema réa anu masih narempo. Dudung tonggoy nyelebek dahar sorangan.
Miturut Élsa, Dudung geus ngalakukeun hal anu gagabah sarta ngérakeun. Jelas bisa ngabahayakeun kasalametan dirina. Élsa ogé éra lantaran diperhatikeun ku jelema loba akibat kajadian bieu.
Sedengkeun Dudung ngarasa kajadian bieu kuduna Élsa nganuhunkeun jeung mimuti simpati ka dirina. Tapi teu nyangka teuteupan Élsa siga anu malah malik teu suka. Aya rasa handeueul dina haté Dudung sabab geus ngalakukeun kakerasan ka batur di hareupeun Élsa.
Népi ka Dudung rengsé daharna, euweuh obrolan nanaon deui. Élsa mah malah teu dahar sama sakali. Nempo Dudung geus bérés daharna, Élsa nangtung bari nyoléndangkeun tasna,
"Geus peuting, kuring kudu balik" saterusna Élsa ngaléngkah nuju ka lawang kaluar.
"Tungguan! Hayu, dianteur ku kuring" ceuk Dudung bari nunda duit dina méja terus nangtung ngudag Élsa.
"Teu kudu, Kuring geus pesen taxi" témbal Élsa nolak bari terus leumpang.
Élsa geus niat, ti mimiti peuting éta kudu geus ngabatasi jarak jeung Dudung. Teu hayang panggih deui, komo kudu babarengan. Sabab satiap bareng jeung Dudung pasti bakal aya waé masalah.
Dudung masih ngudag nepi kaluar.
"Tapi marengan anjeun nepi ka naék taksi mah teu nanaon pan? Saha nu nyaho jelema tadi datang deui terus hayang nyilakakeun anjeun" Ceuk Dudung maksa hayang bareng.
Élsa ukur unggeuk, terus leumpang bareng nuju ka sisi jalan.
Di Imah, Udin ogé karék réngsé dahar bareng jeung kulawargana. Terus nangtung ngumpulkeun piring urut dahar sararéa rék di kumbahan. Udin kudu buburu méreskeun pagawéanna sabab rék ngetést kai kaboa téa.
"Kang, ningal berkas penawaran barang ti supplier dina tas abdi?" Ceuk Icih anu ujug-ujug nanya ka Udin bari ngoréhan eusi tasna.
Udin gogodeg
"Akang teu nyabak-nyabak acan kana tas, boro-boro nempo eusina"
Icih ngahuleng, terus nepak tarangna sorangan,
"Hadeuh! Sigana kakantun di kantor Palapa kang. Akang tiasa jajap abdi nyandak berkasna?"
Udin gogodeg deui,
"Anjeun keur capé nyi, istirahatkeun. Keun ku akang sorangan anu nyokotna"
Icih unggeuk terus mikeun konci,
"Punten pangnyandakkeun ayeuna kang, keun wé kumbaheun mah tiasa di damelan uihna. Mapna beureum aya nomeran 2714 dina luhur méja abdi. Anu ieu konci kantorna"
Udin teu talangké, narima konci kantor ti Icih terus ngarawél konci mobil Mardi anu ngagantung dina témbok langsung lumpat kaluar. Ngabiur ka Palapa.
Élsa rék asup kana taxi bari ditempokeun ku Dudung. Tapi di téwak ku 4 lalaki anu beungeutna kabéh dibarungkus ku stocking hideung, biwir Élsa dibekem. Élsa adug-adugan tapi teu bisa ngalawan. Jelas Dudung ngarénjag langsung cocorowokan ménta tulung, jelema ti jero réstoran ahirna rabul kalaluar.
Tina mobil séjén kaluar lalaki anu geus ngaganggu Élsa tadi. Ngan ayeuna mah sirahna geus dibengker ku perban. Si lalaki nyorowok ka batur-baturna bari curukna nunjuk ka Dudung,
"Tewak ogé lalakina!"
2 jelema anu keur nyekelan Élsa langsung nyampeurkeun ka Dudung bari nyabut pipa beusi tina tonggongna. Nempo kitu, jelema réa anu geus ngadareukeutan jelas malundur deui sabab sieun.
"Kuring ti kulawarga Kusumah, ulah macem-macem" ceuk Dudung, sorana ngageter sieun bari undur-unduran. Terus lumpat asup kana mobilna. Dudung langsung kabur nyalametkeun dirina, bari teu maliré deui kana nasib Élsa.
Nempo Dudung kabur Élsa colohok.
"Sia anu ngajieun masalah sia anu kabur, dasar banci!" ceuk si lalaki nyorowok ambek bari melong mobil Dudung anu beuki lila beuki jauh.
Si pamuda ngarérét ka Élsa anu masih direjengan ku 2 lalaki sarta biwirna dibekem. Terus nyampeurkeun.
"Geulis, geroan lalaki banci tadi sina balik deui kadieu. Lamun henteu, anjeun anu kudu narima akibatna"
Jelema anu ngabekem Élsa ngaleupaskeun leungeuna sangkan Élsa némbalan,
"Kuring teu wawuh, leupaskeun! Tulung! Tulung!" Témbal Elsa bari adug-adugan terus nyorowok ménta tulung ka jelema loba.
Si lalaki ngaranggeum gado Élsa,
"Bohong! Tempo tah sirah aing, aya 5 jaitan akibat kalakuan lalaki banci tadi. Lamun sia teu buburu nelepon si banci balik deui kadieu. Sia kudu milu ka aing sarta ngalayanan aing jeung batur-batur aing peuting ieu, éta impas 5 urang keur 5 jaitan. Ngarti?!"
Terus si pamuda nyakakak, dituturkeun ku 4 lalaki séjenna saleuseurian bungah.
Awak Élsa ngadégdég,
"teu sudi, euweuh hubungan jeung kuring. Leupaskeun!" Élsa mimiti ceurik.
"Telepon si banci atawa asup kana mobil, tinggal pilih! Cuih!" Ceuk silalaki bari nyiduhan beungeut Élsa.
Élsa geus leungit harepan, dirina pasrah geus teu adug-adugan deui,
"Oké, leupaskeun heula leungeun kuring. Rék di telepon ayeuna"
Saacan nyokot HP dina tasna, Élsa ngelapan heula beungeutna anu lamokot ku ciduh ku leungeun bajuna, terus nelepon Dudung.
Bari nungguan telepon diangkat, Élsa rurat-rérét ka jelema réa anu ngan saukur lalajo ti kaangangan bari euweuh saurang-saurang acan anu wani maju pikeun nulungan. Elsa teu nyaho, kalolobaan jelema geus nyangka Élsa mémang awéwé teu bener abu keur diparebutkeun ku dua lalaki. Matak wajar euweuh anu maju atawa nelepon pulisi salian ti lalajo.
Dudung nyaho HPna disada jeung nyaho Élsa anu nelepon, tapi anu kapikiran ku manéhna kabur sajauh-jauhna. Balik ka Imah pikeun néangan panyumputan anu buni sangkan teu kapanggih sanajan disusulan ka Imah.
Sabab teleponna teu diangkat waé, Élsa leuleus. Terus nyarita ka si lalaki,
"Kuring bisa mayar ku duit sabaraha waé ka anjeun, tapi leupaskeun kuring, kuring teu salah"
Si lalaki ngaluarkeun péso tina kaos kakina terus diantelkeun kana pipi Élsa,
"Kuring teu butuh duit, tadi geus disebutkeun, ukur aya dua pilihan keur anjeun. Ngadatangkeun deui si banci kadieu, atawa ngabaturan kuring limaan peuting ieu" terus sabeulah leungeuna ngarames dada Élsa bari kumétap.
Lantaranan si lalaki geus mimiti kurang ajar, ahirna Élsa nékad, sabab leungeun anu sabeulahna masih bébas teu di cekelan deui lantaran kakara nelepon Dudung, Élsa nyurungkeun si lalaki hareupeuna nepi ka ngadayagdag rubuh diuk, terus najong bobogaan lalaki anu masih nyekelan sabeulah leungeunna ku tuurna. Terus Élsa malik rék lumpat.
Ngan teu disangka, si lalaki anu geus diuk nancebkeun pésona kana pingping Élsa. Élsa ngajerit sabab pingpingna karasa peurih. Élsa rubuh, péso nanceb dina pingpingna. Si pamuda nangtung, nyabut péso dina pingping Élsa bari ngajenggut buuk Élsa ditangtungkeun.
"Ulah coba-coba kabur"
Élsa ceurik jejeritan bari sabeulah leungeuna nyekelan pingpingna anu mimiti baseuh ku getih.
Udin kabeneran ngaliwat, mobilna di launan sabab kaciri sisi jalan beulah katuhu aya riributan di hareupeun hotél Papandayan. Pas disidik-sidik, Udin ngagebeg sabab nempo Élsa keur di kuriling ku 5 lalaki. Udin buburu markirkeun mobilna sisi jalan terus kaluar maké maskerna, sarta nutupkeun topi jakét Hoodie anu dipakéna kana sirah. Terus Udin meuntasan jalan bari dua leungeuna diasupkeun kana saku jakét.
"Asupkeun kana mobil, urang bawa ka basecamp" ceuk si lalaki maréntahkeun baturna bari nyurungkeun Élsa.
Élsa anu geus tatu sukuna langsung dipanggul ku saurang lalaki rék di asupkeun kana grandmax,
"Kuring kabagéan moal bos?" Ceuk lalaki anu manggul Élsa.
"Kabéh kabagéan, tapi saenggeus kuring" témbal si lalaki bari nyakakak.
Saenggeus méré paréntah ka baturna pikeun buburu ngasupkeun Élsa kana grandmax, si lalaki malik ngaléngkah kana mobilna sorangan. Tapi karék ogé rék muka panto, kadéngé batur-baturna pating gorowok pikarunyaeun titukangeunna. Sabab panasaran manéhna malik bari nanya,
"Aya naon?"
Can sempet nempo kaayaan batur-baturna, hiji peureup geus ngahantem beungeutna, sirahna anu masih dibeulit ku pereban ti dagor tarik kana kaca mobilna nepi ka kaca mobil peupeus. Getih ngucur deui tina sirahna kaluar tina sela-sela pereban. Pon kitu deui tina irungna anu bieu ditonjok.
Bumi alam karasana ku si lalaki asa langsung pararoék, awak si lalaki rubuh diuk nyarandé kana mobilna sorangan. Sareretan saacan dirina teu sadar, si lalaki nempo batur-baturna geus ngajaloprak ngagolér teu daya dina taneuh euweuh anu usik.
Élsa anu karék di balangkeun kana jero grandmax ngadéngé di luar jelema pating gorowok pikarunyaeun, terus simpé teu kadéngé sora nanaon deui. Jadi Élsa buburu maksakeun diuk terus kaluar tina panto grandmax anu masih muka. Hayang nempo kajadian diluar.
Élsa tanggah, sabab dihareupeunna geus nangtung saurang pamuda maké masker bari sirahna buni ditutupan ku topi jakét Hoodie anu di cotomkeun. Élsa teu bisa nebak beungeut Udin, ukur bisa nempo panonna anu melong ka dirina.
Bari reuwas pacampur jeung bungah, Élsa nanya,
"Saha anjeun?" Pokna bari ngarérétan ka 5 lalaki jahat anu geus ngagalolér euweuh anu usik.
Élsa maksakeun nangtung, tapi sukuna anu tadi di tusuk péso teu kuat nahan awakna, ahirna Élsa diuk deui. Nempo Élsa teu bisa nangtung jeung kaciri calana levisna baseuh ku getih, Élsa dipanggul ku Udin dibawa lumpat ngajauhan jelema loba anu masih pada lalajo.
Dina kaayaan bingung bari nahan kanyeri, Élsa ukur bisa pasrah. Sanajan atoh geus ditulungan, Élsa ogé ngarasa hariwang sabab can nyaho saha anu manggul dirina. Boga niat nulungan atawa justru bakal nyilakakeun?
Share this novel