16. Dudung disiksa ku Murad

Fantasy Series 36

Dina pikiran Udin, jadi ras inget kana kenangan dirina keur leutik, baheula di Imah kulawarga Subrata, kadaharan modél kieu mangrupakeun hidangan resmi kulawargana sapopoé. Jadi Udin geus teu anéh deui. Ngan mémang salila 13 taun Udin can kungsi ngalaman deui. Kakara ayeuna.

Nempo Udin tonggoy dahar bari teu némbalan, Unah negor,
"Kang Udin! Anjeun ngadéngé kana omongan kuring jeung Dudung?"

Ngan teu disangka, panto rohangan ditajong ti luar nepi ka muka. Saurang lalaki jangkung badag asup langsung ngabedega bari molotot mencrong ka sararéa.
"Timana asal maranéh kunyuk? Saha anu geus ngijinan asup kadieu?"

Kabéh jelas ngarénjag terus eureun tina daharna bari neuteup sieun ka si lalaki. Ukur Udin anu masih tenang nyelebek dahar teu nolih nanaon. Lalaki jangkung badag éta ngarana Murad, salah sahiji jelema kapercayaana Bahar. Bahar saacana geus talatah ka Murad yén rohangan VVIP bakal dipaké ku Radén Udin Subrata. anu ciri-cirina geus dijelaskeun ka Murad.

Jadi Murad mémang ngahaja ngosongkeun sarta nyiapkeun rohangan éta. Ngan ayeuna nyampak geus aya anu ngeusi. Basa Murad mariksa surat konfirmasina, didinya ditulis jeung ditandatangan ku anu ngaranna Dudung Kusumah, lain Udin Subrata. Sabab Murad sieun disalahkeun ku Bahar. Kapaksa Murad kudu ngaluarkeun Dudung jeung rombonganna bisi Udin Subrata anu dimaksud kaburu datang.

Dudung nangtung bari nanya,
"Aya naon ieu? Kuring geus mesen tempat ieu. Euweuh hak anjeun asup ku cara teu sopan ngaganggu kanikmatan anu keur dahar"

"Sia anu ngarana Dudung?" Murad malik nanya bari molotot.

"Enya, Kuring Dudung Kusumah" témbal Dudung.

Murad maju molotot bari leungeun kéncana ngaranggeum kerah baju Dudung. Tuluy Dudung digusur ka tempat anu rada lega.

"Naon salah Kuring, leupaskeun!" Ceuk Dudung anu teu nyangka bakal diperlakukeun kitu ku Murad.

"Pura-pura teu ngarti siah!" Témbal Murad bari ngaheumbatkeun leungeun katuhuna kana taktak Dudung satarikna, anu ngakibatkeun Dudung langsung ngudupruk deku hareupen Murad.

Panon Murad molotot ka Dudung bari ngaragragkeun surat konfirmasi ka hareupeun Dudung.
"Deléh kusia terus baca, rohangan naon anu geus dikonfirmasi ku sia? Aya hak naon sia nandatangan jeung maké rohangan ieu goblog!"

Tanpa némpo surat konfirmasi, dudung nyarita,
"Yakin salah faham ieu mah kang. Kuring geus mesen rohangan VIP sarta geus transfer deposit 500 rébu keur syarat bookingna"

Disambung ku Unah anu keur diuk,
"Bener kang, anjeun sebagé naon didieu? Bet wani memperlakukeun palanggan kawas kieu?"

Murad ngarérét ka Unah, terus mencrong deui ka Dudung,
"Ceuk sia bieu VIP pan? Déléh heula eusi suratna, jelas pisan didinya ditulis VVIP. Jadi anu dibooking ku sia lain rohangan ieu"

Dudung, Unah jeung Élsa colohok reuwas. Ukur Udin anu katémbong masih tenang. Udin mah malah nginum terus teurab meni ngaeureuleu.

Mémang ti tadi ogé ku Dudung geus karasa aya anu teu bérés, boh kaméwahan rohangan, cara pelayanan, jeung jenis hidangan anu dihidangkeun. Kabéh ujug-ujug daratang tanpa kudu mesen menu heula. Jadi Dudung pias, késang tiis mimiti maseuhan bajuna.

Unah ngomong ka Dudung,
"Dung, buru telepon kang Bahar"

"Ngajedog! Kuring teu wawuh ka kang Bahar" témbal Dudung

Unah kerung,
"Lain tadi basa dihareup anjeun ngomong wawuh?"

Élsa melong teu suka ka Dudung, sabab nyatana tadi geus dibohongan ku Dudung.

Panon Murad mencrong ka Dudung jeung ka Unah,
"Silaing geus wani nyebut ngaran kang Bahar, rék néangan pipanyakiteun? Kokod ieu anu tadi dipaké nanda tangan, bener?" Ceuk Murad bari ngaranggeum leungeun katuhu Dudung terus diparieuskeun nepi ka kadéngé sora ngabeletrok potong.

Dudung ngocéak ngarasa nyeri anu taya papadana. Teu karasa calanana baseuh alatan ngompolan manéh. Sabab jelas karasa tulang pigeulang leungeunna potong. Élsa jeung Unah beuki murungkut sieun. Duanana lumpat nyumput ka tukangeun Udin anu masih katempo tenang bari nyeunghil ku tusuk gigi.

Udin seuri terus nyarita ka Élsa,
"Elsa, anjeun ulah sieun, moal aya anu wani nganyenyeri awéwé lamun lain banci"

Bari muringis sarta bari nyekelan leungeun katuhuna anu ngaplék, Dudung neuteup ambek ka Murad, terus nyarita,
"Anjeun bakal hanjakal, kuring ti kulawarga Kusumah, adi kuring ogé tunangan ti katurunan kulawarga Wijaya. Anjeun bakal boga urusan jeung 2 kulawarga beunghar"

"Saha kulawarga Kusumah jeung Wijaya? aing Murad teu sieun! Mun sia hayang nyaho, kamari aya budak anu ngarana Frédi Wijaya, geus wani cucungah ka kang Bahar sarta geus diwarah, mémangna aya anu leuwih jago ti si Frédi?" Ceuk Murad bari habek sukuna najong dada Dudung.

Ngadéngé omongan Murad, Dudung jeung Unah beuki ngadarégdég. Sabab miturut caritaan ti Ibro, Frédi kamari aya anu ngarampog sarta dihuruk ku belasan urang. Unah teu nyangka yén kang Bahar sorangan palakuna. Sabot keur mikiran Frédi, leungeun Murad diheumbatkeun deui ngetig punduk Dudung, kasadaran Dudung langsung leungit sapada harita. Dudung ngajoprak teu usik-usik.

Unah ngajerit nempo lanceukna teu sadar,
"Ambulan, ambulan" ceuk Unah bari buburu ngaluarkeun HP ku leungeunna anu ngeleper kawas anu lilinieun rék nelepon.

Murad ngalieuk bari molotot nunjuk beungeut Unah,
"Ulah wani-wani nelepon, kadieukeun HPna!" ceuk Murad bari lalaunan ngaléngkah ngadeukeutan Unah.

Unah mundur sieun terus eureun lantaran tonggongna geus napel kana témbok teu bisa kamamana deui. Hp direbut ku Murad bari beungeut Unah ditampiling. Sakali nampiling ogé pipi Unah langsung bareuh, biwirna jamonom jeding. Élsa anu nempo Unah dicabok, buburu ngarangkul pageuh ka Udin anu masih diuk bari sirahna ditungkulkeun kana taktak Udin bakat ku sieun.

"Giliran sia duaan!" Ceuk Murad bari ngarérét ka Udin jeung Élsa terus nyampeurkeun. Ragamang leungeun Murad ngalogodor rék ngajenggut buuk Élsa. Ngan méméh leungeuna tepi, satarikna Udin ngajejek beuteung Murad. Nepi ka Murad mundur sababaraha léngkah.

Udin nyarita,
"ukur banci anu wani nganyenyeri awéwé"

Lalaunan Udin ngaleupaskeun rangkulan Élsa anu masih nangkeup pageuh kana tonggongna saolah embung lésot.
"Mundur, jauhan akang" ceuk Udin bari nangtung.

"Saha sia?" Ceuk Murad bari ngusapan beuteungna anu tadi dijejek ku Udin. Tapi teu katembong nyerieun.

"Kuring jelema anu teu bisa ditoél ku saha waé" témbal Udin bari seuri sinis.

"Sia hayang modar didieu?" Ceuk Murad ambek pas ngadéngé jawaban Udin.

Udin teu némbalan, tapi ngangkat HP-na terus nelepon Bahar.
"Kang Bahar, Kuring ayeuna geus aya di rohangan VVIP. Ngan kuring jadi teu nafsu dahar sabab didieu aya cucunguk anu ngaranna Murad ngaganggu kuring. Pangagebahkeun heula kang!"

Élsa reuwas jeung beuki ngarémpod nempo Udin nelepon Bahar, Dudung tadi geus ngabohongan sararéa ngaku wawuh jeung Bahar. Ayeuna Udin nelepon Bahar. Lamun Udin ogé bohong sarta ukur pura-pura nelepon. Élsa yakin kabéh ahirna bakal cilaka. Lalaunan Élsa nyampeurkeun ka Unah, terus duanana nagog bari murungkut silih rangkul di juru rohangan.

Ngadéngé dirina disebut cucunguk, Murad kekerot ambek,
"Sia wani pura-pura nelepon kang Bahar, rék nyingsieunan ka aing!"

Saterusna Murad ngarontok ka Udin bari ngaheumbatkeun peureupna. Ngan aya peureup séjén geus leuwih tiheula ngahantem dadana anu ngakibatkeun awak Murad anu jangkung badag ngalayang mundur katukang deui langsung ragrag nangkarak bengkang, Murad muringis nyekelan dadana anu karasa nyeri, bari ohék-ohékkan batuk getih.

Nyampak Bahar geus ngabedega nyinghareup ka Murad bari nonggongan Udin, Bahar bieu anu nonjok Murad. Panonna molotot ka Murad,
"Dasar cucunguk, wani rék nenggeulan dén Udin?"

Ningali kang Bahar geus aya di dinya bari nyebut ngaran Udin. Murad buburu ngoréjat hudang terus deku. Langsung nanya bari tungkul,
"Akang geuning? Mémangna anu mana dén Udin téh kang?"

Kang Bahar maju bari nampiling Murad, kerah bajuna diranggeum terus digusur ka hareupeun Udin,
"Pan ku aing geus dijelaskeun ciri-cirina, masih tatanya kénéh? Nungguan naon deui? Buru ménta di hampura!"

Murad tanggah neuteup ka Udin, terus tungkul deui,
"Hampura ku kabodoan Kuring dén, kuring teu tatanya heula. Ampir kuring nyilakakeun anjeun"

Bahar ogé deku gigireun murad, terus nyarita,
"Hampura akang ogé dén. Rumasa akang telat datang jeung rumasa teu bisa ngawarah anak buah"

Udin nyampeurkeun ka Élsa anu masih murungkut nagog dijuru rohangan, terus dicekelan leungeuna ditangtungkeun. Saterusna Udin nyarita ka Bahar,
"Kuring pesen tempat ka anjeun pan keur duaaneun. Jadi sabenerna ukur ieu tamu kuring anu rék dijamu didieu, anu duaan deui mah lain"

Élsa jeung Unah kaciri bingung, sabab kabéh anu dicaritakeun ku Udin nyatana bener. Udin wawuh jeung Bahar sarta geus mesen kamar VVIP di Rumah Klasik. Dudung anu bohong disangka bener, sedengkeun Udin anu bener disangka bohong. Anu leuwih teu nyangka deui nyatana rohangan VVIP ieu dipesen langsung ku Udin ka Bahar.

Bahar nangtung manggut ngahormat ka Élsa. Terus ngarérét deui ka Udin,
"Hampura akang ku kajadian ieu. Mun seug akang teu keur di luar, moal nepi ka kieu sabab pasti bakal akang langsung anu ngalayanan Adén. Kukituna keur nebus kasalahan akang. Mimiti poé ieu, rohangan ieu moal diséwakeun deui ka sasaha. Bakal jadi rohangan jamuan khusus keur Adén sarta tamu Adén. akang ogé moal wani ngagunakeunna. Adén bisa datang iraha waé dahar didieu kalawan gratis"

Saterusna Bahar nyusut késang anu maseuhan tarangna. Udin unggeuk nganuhunkeun, terus ngarérét ka Élsa,
"Élsa kusabab Kuring mah geus wareg jaba didieuna ogé geus acak-acakan. Kumaha lamun kaluar, Icih pasti geus nungguan di Imah. Jadi wéyahna anjeun neruskeun dahar di imah"

Élsa teu némbalan tapi ngarérét ka Dudung anu masih kénéh ngagolér jeung ka Unah anu masih nagog nyempod di juru. Élsa nanya,
"Kumaha aranjeunna kang?"

"Keun baé, aya kang Bahar anu ngurusna. Hayu" ceuk Udin bari metot leungeun Élsa kaluar ti rohangan.

Bahar unggeuk,
"Siap dén, duanana ku akang rék dikirim ka rumah sakit sangkan dipariksa sarta diubaran. Saterusna dianteurkeun ka imahna"

Udin ngacungkeun jempolna ka Bahar bari seuri. Saenggeus di luar, Udin nyarita ka Élsa,
"Élsa, rusiahkeun kajadian didieu ka batur, nepi ka iraha waé ogé ulah bocor. Utamana ka Icih, bisi hariwangeun. Kang Bahar ogé tangtu bakal kasinggung lamun kajadian di dieu ahirna kanyahoan ku batur. Jadi omat ulah cumarita ka sasaha, lain akang sieun. Akang ukur hayang ngajaga kasalametan anjeun"

"Mangga kang" Élsa unggeuk.

Saenggeus Udin jeung Élsa indit, kang Bahar maréntahkeun anak buahna ngarero ambulan pikeun mawa Dudung jeung Unah ka rumah sakit. Beungeut Unah rada béngo akibat dicabok ku Murad, sedengkeun Dudung masih kénéh can sadar sarta leungeuna ngaplék sabeulah balas diparieuskeun.

Poé isukan Élsa kudu ngadatangan Susi ka Bima Raya. Sabab Icih can balik ti Palapa, jadi Udin nganteurkeun heula Élsa ka hotél pikeun reureuh, saterusna Udin balik ka Imah.

Élsa datang ka Bandung sarta bakal digawé di Bima Raya sabenerna mah mancén tugas ti kulawargana. Saméméhna bapana Élsa kungsi ngabéjaan yén Agus Subrata geus manggihan incuna anu geus belasan taun leungit di Bandung. Incu anu leungit ayeuna geus jadi saurang pamuda ganteng jeung gagah sarta geus dipasrahan hiji perusahaan, nyaéta Bima Raya. Kukituna bapana Élsa ngaharepkeun Élsa bisa ngadeukeutan si pamuda. Pikeun leuwih ngaraketkeun deui hubungan antara kulawargana jeung kulawarga Subrata ku jalan Élsa digawé di Bima Raya.

Bapana Élsa lain ti kulawarga konglomerat, sanajan beunghar tapi masih jauh mela-melu lamun dibandingkan jeung kulawarga Subrata. Matak ngaharepkeun pisan anakna bisa ngajodo ka incuna Agus Subrata pikeun ngaronjatkeun status Kulawargana dikalangan pangusaha-pangusaha gedé di Jakarta.

Sanajan Élsa teu resep kana masalah perjodohan anu dipaksakeun, tapi teu wani mungpang kana kahayang kolotna. Nya daék teu daék ahirna kudu ka Bandung sarta ngalamar gawé di Bima Raya. Bari néangan jalan sangkan bisa ngadeukeutan pamuda anu disebutkeun ku bapana. Nyaéta diréktur Bima Raya.

Élsa mémang awéwé jangkung geulis jeung pinter, kageulisanna bisa disajajarkeun jeung artis-artis top Indonésia, jangkungnna sarua jeung modél-modél ténar. Kapinteranna ogé geus teu kudu dicaritakeun deui.

Élsa yakin ku rupa, latar kulawarga jeung kapinteranna bakal mampu mikat diréktur Bima Raya. Matak sumanget pisan mancén tugas ieu sangkan bisa ngajodo jeung si pamuda. Kabayang ku Élsa, kahareupna kulawargana moal ngan ukur sabagé pengusaha biasa, tapi bakal sajajar jeung konglomerat-konglomerat séjénna.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience