Unah ngadeukeutan Firman sabab tetep, dina masalah harta, Firman leuwih unggul ti Baréna. Jadi Firman teu bisa dileupaskeun kitu waé. Salila milu ka Baréna, Unah can kungsi dibéré duit, ukur diwowoy ku dahareun mahal jeung dangdanan hungkul.
Firman anu keur jadi kelinci percobaan can ngarasakeun éfék nanaon. Jadi bari nungguan, sareréa ngararoko heula keur miceun waktu bari ngaharuleng ngaduga-duga afék anu bakal lumangsung dialam fikiranna séwang-séwangan.
Firman mimiti ngarasa aya aliran haneut kana ginjel kénca katuhuna. beuki lila rasa haneut jadi panas. Terus beuki panas. Nepi ka késang ngucur ngagarajag ti sakujur awakna. Rasa panas lalaunan turun ka handap ahirna ngahiji dina bobogaanna. Firman seuri, sabab bobogaanna anu asalna teu bisa ngarasakeun nanaon, ayeuna karasa panas. Nempo Firman seuri, sareréa rada reugreug.
"Kuring geus bisa nahan kiih! Geus bisa ngarasakeun bobogaan kuring aya dina tempatna!" Ceuk Firman atoh bari mukaan gambar-gambar awéwé taranjang dina ponsélna. Tujuanna keur mancing sangkan bobogaanna hudang.
Atang, Baréna jeung apotéker ogé kaciri bungah,
"Yes! Aing bakal beunghar!" Ceuk Baréna bari nangtung ajrag-ajragan teu kawawa nahan kaatohna.
"Anjeun mémang jenius, kuring rék méré hadiah villa jeung duit 500 juta" ceuk Atang ka apotékerna.
"Nuhun pa Atang" témbal apotéker atoh bari manggut ka Atang.
Unah nempo Firman sibuk nempoan gambar langsung ngantelkeun awakna ka Firman bari ngaharéwos.
"Ulah ningalan gambar, tinggal we abdi" ceuk Unah centil.
"Baréna. Kuring rék mawa Unah balik pikeun ngabuktikeunna. Diijinan?" Ceuk Firman nanya ka Baréna.
Baréna langsung manyun teu panuju, sabab geus kapalang Bogoh ka Unah. Tapi kulantaran awalna mémang nginjem, Baréna kapaksa unggeuk,
"Terserah anjeun, tapi saran kuring leuwih hadé nyéwa awéwé. Kuring loba kontak ublag kelas atas lamun anjeun daék"
Firman gogodeg,
"Ublag can tangtu séhat, Unah kudu milu ka kuring ayeuna"
"Hayu kang, uih ayeuna. Ulah dilami-lami" ceuk Unah teu sabar.
Firman ngalieuk ka Atang,
"Kuring ayeuna ngarasa muriang, moal nanaon?"
"Éta kulantaran antibodi dina awak anjeun keur nyesuaikeun, kawas budak anu anyar divaksin, moal lila" témbal Atang.
Firman unggeuk, terus nangtung.
"Lamun kitu kuring pamit heula"
Firman langsung kaluar rusuh bari nungtun Unah, asup kana mobil langsung ngabiur ka villa Kusumah.
Dina mobil Firman guling gasahan, diukna teu daék cicing siga anu keur ambéien. Panas dina bobogaanna teu leungit-leungit. Muriangna ogé beuki parna nepi ka awakna ngadégdég.
"Akang sigana moal kuat nyupiran" ceuk Firman terus nyisikeun mobilna.
"Tadi saur pa Atang moal lami, teu sawios istirahat wéh sakedap di dieu" ceuk Unah.
"Tepi ka imah. Anjeun kudu leuwih hadé ngalayanan akang" ceuk Firman nyakakak.
"Siap kang" ceuk Unah seuri.
"Hayu maju deui" ceuk Firman bari majukeun deui mobilna teu sabar.
Sabeulah leungeun Firman geus ngusapan pingping Unah.
"Lamun akang cageur, tingalkeun Baréna!"
"Pasti atuh kang, Baréna mah pelit" témbal Unah.
"Lamun akang cageur. Kahayang anjeung ngajieun si Udin sujud ka anjeun ogé bakal laksana" ceuk Firman gedé haté. Terus kekerot nahan kaambekna ka Udin jeung ka Tiandi.
Firman jeung Unah ahirna tepi ka villa Kusumah. Duanana asup ka imah ngaliwatan rohangan tamu langsung naék tangga ka kamar Firman.
Ningali Unah anu lila teu balik-balik ka imah Rukmini kerung. Komo deui asup ka imah ditungtun ku Firman bari rusuh langsung asup ka kamarna.
"Mémangna si Firman geus cageur?" Rukmini nanya lalaunan ka Karsidi.
"Teuing atuh ma, saprak bobogaanna paéh, sifatna geus teu bisa ditebak. Tara ngomong nanaon" témbal Karsidi.
"Lamun geus kaluar ti kamar, coba si Unah tanya. Lamun ceuk si Unah geus cageur. Ema rék nagih anu 700 juta deui" ceuk Rukmini ka Karsidi bari seuri.
Rukmini ngarérét ka Isah,
"Isah, manéh naék. Déngékeun tina daun panto kamarna, atawa intip tina liang konci"
Isah ngarénjag,
"Piraku abdi kedah ngintip murangkalih nyalira Bu?"
Rukmini molotot,
"Lamun teu nempo sorangan rék kumaha ema nagihna? Si Unah geus lila teu balik ka imah, sanajan ditanya pasti moal langsung ngajawab, leuheung lamun si unah daék jujur. Mun bohong kumaha?"
Ahirna Isah ngagugu naék ka luhur rék ngintip ka kamar Firman. Isah geus nonggéng noong tina liang konci. Dikamar Firman keur nangkarak taranjang dina ranjangna, sabab kahalangan ku beuteungna anu budayut, bobogaanna teu kaciri. Terus ugal-ugil diuk nyarandé. Sedengkeun Unah katémbong keur gutak-gitek ngigel bari taranjang nurutan penari striptis persis hareupeun firman. Maksudna keur mancing nafsu Firman.
Firman kerung, sabab asa aya anu anéh. saméméhna tong boro nempo Unah taranjang, karék nempo pingpingna anu bodas oge bobogaanna sok langsung hudang. Komo deui ayeuna geus lila tara dipaké. Anu karasa malah rasa panas anu beuki ngahéab sarta beuteungna anu mules.
Saenggeus disidik-sidik, sakuriling bobogaanna ayeuna jadi loba titik-titik bareureum kawas anu geus digembrong ku reungit. Lila-lila mémang karasa aya anu ateul jeung nyeri. Tapi Firman masih positive thinking. Pasti réaksi tina éfék ubar.
Firman héhéotan ngabeberah haténa sorangan. Sedengkeun Unah geus hanjat kana ranjang, sirahna digolérkeun dina dada Firman, sabeulah sukuna didisilangkeun kana suku Firman.
"Kumaha karaosna kang?"
Firman gogodeg,
"Acan, tapi geus karasa ateul"
Unah diuk terus tungkul mimiti ngageloman bobogaanna Firman. Firman peureum ngararasakeun. Isah anu ngintip diluar kamar ogé mimiti teu daék cicing, gutak gitek kawas anu nahan hayang kiih.
Tapi Unah ngajerit langsung cengkat, terus ooroloan Utah uger, nyokot tisu terus ngelapan sungutna.
"Kunaon janten barentol kitu kang, kulitna sapalih tos ngolokop nanahan bari bau hanyir"
Sabab kalahalangan ku beuteungna, Firman teu bisa nempo bobogaanna sirangan. Firman nyuntrungkeun unah langsung cengkat leumpang ka hareupeun eunteung. Firman ogé ngarénjag.
Sirah Firman asa bitu, naon anu diomongkeun ku Unah bener, kulit bobogaanna ngolokop. Firman nyangka rasa ateulna lantaran picageureun. Teu nyangka malah jadi borok. Moal Lila bobogaanna pasti bakal bener-bener buyatak.
Firman diuk dina sisi ranjang bari tungkul ceurik. Unah jadi sieun Firman bakal ngamuk deui. Jadi buburu maké bajuna.
"Bangsat! Aing geus jadi kelenci percobaan produk ubar gagal" Firman nyorowok kuciwa.
Unah anu karék bérés dibaju nanya,
"Kang, ayeuna kedah kumaha?"
Unah ditampiling,
"Teu perlu tatanya koplok! Béjaan bapa sia, kudu nganteur deui aing ka rumah sakit"
Unah buburu muka panto tapi ngarandeg bari kerung sabab nempo indungna keur nonggéng ngintip.
"Ema nuju naon di dieu? Hayu lungsur" ceuk Unah bari nungtun Isah turun tangga nepungan Karsidi.
Pas ngadéngé laporan ti unah, Karsidi ngarénjag. Meunang tugas kudu ngaganteur deui Firman ka rumah sakit.
"Dasar monyet! Ukur nyusahkeun aing hungkul" ceuk Karsidi bari kaluar mawa konci mobil. Karsidi bener-bener teu nyangka lamun panyakit Firman bakal kateterusan.
Saenggeus Firman turun sarta asup kana mobil. Karsidi langsung ngabiur ka RSUD mawa Firman anu ukur disasarung jeung asisténna. Sapanjang jalan Firman kukulutus nyarékan Atang jeung Baréna. Ngajadikeun sirah Karsidi lieur ngadéngéna asa beuki bejad. Asisténna Firman ogé murungkut teu wani nyora.
Firman langsung ngagégag ka IGD bari sarung lebah bobogaanna dijiwir kahareup, leumpangna teu bisa jejeg lantaran bobogaanna peurih saumapa kagasruk-gasruk kana sarung.
Tanpa basa basi Firman asup ka rohangan pamariksaan, langsung morosotkeun sarungnya hareupeun dokter awéwé anu harita keur tugas.
"Déléh bpbogaan aing!"
Dokter jelas ngajerit, bari meungpeun carang,
"Nanaonan pa, anjeun waras? Paké deui sarungna atawa kuring nelepon sécurity pikeun ngusir anjeun!"
"Ulah salah Faham" ceuk asisténna Firman bari rengkuh hormat ka dokter.
"Aing lain maksud teu sopan, aing ukur hayang némbongkeun yén panyakit aing beuki parah, buburu ubaran!" Ceuk Firman.
Dokter buburu sadar, terus maké sarung tangan karét. Bobogaan Firman dicekel diilikan bari dibulak balik.
"Aya nanahan pa, anjeun nékrotik"
"Maksud anjeun naon?" Firman panasaran.
"Nékrosis total, teu bisa diubaran. Inféksi anjeun geus parah pisan. Kudu diamputasi" ceuk dokter.
"Hah! Amputasi?!" Firman colohok, awakna leuleus langsung ngagubrag diuk dina korsi. Teu paduli deui kana kaayaanna anu teu di calana. Asisténna buburu nyokot sarung anu ngalumbuk dihandap dipaké nutupan bobogaan Firman.
"Buru amputasi saacan inféksina beuki parah sarta ngarémbét ngaganggu organ séjénna" ceuk dokter.
Firman ceurik bari naleukeum kana méja dokter.
"Kuring lalaki, piraku kudu euweuh nanaonan pisan. Teu paduli jadi impoten, tapi ubaran heula borokna, ulah dileungitkeun!"
Firman pasrah, upaya pikeun ngahudangkeun deui bobogaanna beuki pamohalan. Tapi Firman embung ari kudu kaleungitan mah. Kajeun ukur hiasan, anu penting tetep aya ngagantung dina tempatna.
"Dok, ubaran boroknya, sabaraha waé biayana ku kuring dibayar asal bobogaan kuring ulah nepi ka coplok" ceuk Firman ngalengis ka dokter.
"Lain masalah duit pa, Kuring ukur bisa nyarankeun amputasi" témbal dokter karunyaeun.
"Lamun nungguan nepi ka ulsérasi jeung inféksi baktéri anu lewih parah, kekebalan awak anjeun moal kuat, baktéri bakal nyebar ka sakujur awak anjeun, ahirna bakal ngancem nyawa anjeun" ceuk dokter ngajelaskeun.
Firman beuki soak ngadéngéna. Otakna asa kram.
"Bapa teu kudu hariwang, amputasi jaman ayeuna bakal beresih, moal ningalkeun tapak. Ukur nyésakeun liang cikiih" ceuk doktet ngabeberah sangkan Firman tenang.
Tapi kadéngéna ku Firman béda, boro-boro bisa tenang. Firman ngagenggeuik ceurik bari ngabayangkeun tarang bagana bener-bener beresih kawas tarang dina sirahna. Lénang euweuh nanaonan pisan.
Cipanon Firman geus maseuhan méja dokter,
"Teu bisa dok, anjeun kudu néangan cara, bobogaan kuring ulah nepikeun ka leungit tina tempatna"
"Kuring teu bisa maksa, tapi akibatna ku kuring bieu geus dijelaskeun. Éta terserah bapa. Sabab ukur aya 2 opsi, kaleungitan bobogaan atawa kaleungitan nyawa" témbal dokter.
Firman nangtung,
"Tuduhkeun ka kuring, dimana ahli anu bisa nahan ulsérasi?"
Dokter tetep némbalan kalawan sabar,
"Kunaon bapa kawas anu teu yakin ka abdi? Kondisi bapa ayeuna ukur tiasa di amputasi. Baktéri anu engké nyebar ngaliwatan pembuluh darah bakal sistemik, nyawa anjeun dina bahaya"
Amarah Firman ka Baréna jeung ka Atang beuki ngagugudag, terus Firman ngarérét ka asisténna.
"Sabaraha pengawal anu geus bisa balik atawa geus rék cageur?"
"Aya duaan pa, anu 4 masih di gips" témbal asisténna.
"Kaluarkeun anu duaan, kuring nungguan dina mobil. Urang jorag si Baréna!" Ceuk Firman bari maké deui sarungna terus kaluar ti rohangan pamariksaan. Dokter ukur bisa colohok.
Asistén buburu ngagugu, manéhna lumpat ka bangsal perawatan, nyampeur 2 pangawal Firman. Saterusna ngalunasan biaya parawatanna sarta ménta ijin pulang paksa.
Saperti anu geus dibahas saacanna, 6 pangawal Firman parotong sukuna ku Udin basa aya pertemuan asosiasi Pengusaha Jawa Barat. Kabéh dirawat di rumah sakit éta
Ayeuna dina mobil geus aya 5 jelema, Karsidi, Firman, asistén jeung 2 pangawal anu can cageur bener. Mobil langsung ngabelesat ka Imah Baréna.
Nepi ka imah Baréna saurang palayan kabeneran rék asup ka imah bari ngajingjing kandang manuk,
"Pak, dunungan abdi parantos istirahat" pokna
Tapi palayan langsung ditampiling ku Firman,
"Hudangkeun!"
Palayan buburu asup, sarta lumpat ka lantéi-2. Firman geus bener-bener ambek, ibarat gunung anu rék bitu, hayang buburu neunggeulan Baréna jeung Atang. Firman asup ka rohangan tamu bari lajag-léjég.
"Atang! Baréna! Kaluar! Teu wani kaluar ku aing didobrak kamar sia!" Ceuk Firman tanggah ka lantéi 2 bari cocorowokan.
Ngadéngé Firman ngamuk, Baréna turun bari ngagédéng Atang. Satukangeunna nuturkeun Ilyas.
Nempo Firman ukur maké sarung, Atang colohok,
"Firman, aya naon? Anjeun geus nginum ubar, kuduna ayeuna keur olah raga pan? Naha maké datang deui kadieu bari ambek-ambekan. Si Unah kabur?"
"Ubar anjeun palsu! Panyakit aing beuki parah!" Témbal Firman.
Firman ngagulingkeun méja anu aya di dinya, terus molotot bari nunjuk beungeut Atang,
"Anjeun geus ngajadikeun aing kelenci percobaan keur produk ubar gagal. Bobogaan aing ayeuna ruksak. Lamun teu mampu ngubaran, kabéh kakayaan manéh dijabel ku aing pikeun ganti rugi"
Share this novel