"Teu kedah Bu, abdi mung badé masihkeun serat kaputusan pangacara" ceuk si lalaki nolak asup.
"Surat kaputusan naon?" Rukmini nanya bari kerung.
Si lalaki ngajelaskeun,
"Surat kaputusan penangguhan proyék ti Bima Raya, sareng surat kaputusan pemutusan kerjasama kontrak antawis Palapa sareng Bima Raya. Sanaos kapayunna proyék éta jalan deui, Palapa parantos teu tiasa deui ulubiung dina sagala proyék Bima Raya. Kumargi Kitu, Ibu kedah énggal nyiapkeun sadaya data tagihan, diantos dinten rebo di kantor Bima Raya kanggé méréskeun sésa pembayaranna"
Rumini ukur bisa colohok reuwas, 3 masalah anu ngarugikeun kulawargana datang dina waktu ngan sapoé. Pasti lain kabeneran. Tapi naha? Karék ogé bieu ngabahas proyék, ayeuna proyékna langsung leungit. Lain saukur diputus, tapi diblokir. Ahirna Rukmini nanya,
"Aya naon? Naha pagawéan Palapa nguciwakeun?" Rukmini nanya.
"Teu aya kalepatan dina padamelan ibu Icih, malih kaanggé pisan. Nanging kumargi Bima Raya ngadangu ibu Icih parantos teu janten pingpinan deui di Palapa deui. Bima Raya kapaksa kedah ngaluarkeun keputusan penangguhan ieu" témbal pangacara.
Rukmini ambek,
"Bima Raya perusahaan gedé sarta boga réputasi alus. Ayeuna mutuskeun kerjasama safihak. Teu sieun ditungtut?"
Pangacara seuri, terus ngajelaskeun deui,
"Abdi pangacara Bima Raya, mangga waé upami ibu badé nungtut mah. Nanging dumasar kana naon? Mangga aos deui perjanjian kontrak anu masih aya di ibu. Didinya disebatkeun, upami proyék ditangguhkeun, otomatis sadaya bentuk kerjasama dibatalkeun. Naon anu kedah dipidamel deui upami proyékna lirén?"
"Tapi naha maké kudu di blacklist, teu meunang deui miluan proyék saterusna?" Ceuk Rukmini.
Pangacara némbalan,
"Perkawis blacklist, éta hak mutlak perusahaan anu kagungan proyék. Standard Palapa saleresna ti awal mémang teu nyekapan syarat tendér. Nanging kumargi aya kasanggeman sarta jaminan pribadi ti ibu Icih, kakirangan tiasa ditolérir. Nanging anu masihan jaminan ayeuna tos teu damel deui di Palapa. Hartosna jaminanna ogé ical. Ngartos panginten Bu?"
Ngadéngéna Rukmini bener-bener geus teu kuat nangtung. Awakna ngarumpuyuk andéprok. Sabab harepan hiji-hijina ogé ahirna leungit. Anu kabayang ku rukmini ukur hiji 'palapa angkrut'.
Rukmini ngarenghik,
"Pa pengacara, béjakeun ka ibu Susi. Kabéh asét Palapa geus dijadikeun jaminan ka bank keur modal, ulah nepi ka Palapa di blacklist"
"Punten Bu, ibu Susi mung wakil diréktur. Sadaya kaputusan aya di diréktur utama Bima Raya" ceuk pangacara bari nunda map dina lahunan Rukmini. Terus indit.
Rilis berita diputusna kontrak sarta di blacklistna Palapa langsung nyebar peuting éta kénéh di sababaraha platform média online. Ngajadikeun Rukmini ngalenggerek teu sadar sarta dibawa ka rumah sakit umum ku Karsidi.
Isukna di imah Mardi, sararéa keur ngarumpul diuk ngurilingan méja makan bari sarapan. Icih nembongkeun layar ponsélna ka Mardi,
"Pa tingal, aya berita énggal anu dirilis ku Bima Raya tadi wengi. Palapa di blacklist. Sareng aya WA ti mang Karsidi, saurna Nini lebet ka rumah sakit"
Mardi teu katembong reuwas. jadi Mardi nyarita,
"Nini anjeun tara daék ngadéngékeun saran ti batur, jadi mémang geus waktuna kudu narima balukarna. Keun baé sina difikiran di rumah sakit. Susuganan nini anjeun sadar kana kasalahanna"
Udin kerung, tara biasana Mardi bisa ngomong tenang. Biasana lamun narima béja goréng naon waé pasti sok langsung geumpeur. Naha lantaran pangaruh ubar anti déprési anu diinumnna? Upama enya, aya alusna. Sangkan émosina leuwih kakontrol.
Réngsé dahar Icih pamit ka sararéa rék néangan pagawéan. Mardi ogé pamit.
"Pa, salira badé kamana?" Udin nanya.
Mardi nepak taktak Udin bari némbalan,
"Bapa hayang jalan-jalan ngajagjagkeun suju. Saenggeus nginum ubar ti anjeun, bapa langsung tibra saré. Hudang saré geus teu karasa nyeri nanaon deui, malah awak ogé karasana seger jeung hayang digerakeun. Nuhun"
Lastri mah teu loba omong tapi langsung ka ka kamarna deui. Sedengkeun Udin saperti biasa, mérésan piring kotor urut dahar sararéa terus dikumbahan. Saterusna beberes imah, nyeuseuh, moé, sarta indit ka pasar balanja sayuran keur pasakeun beurang.
Balik ti pasar, nyampak Mardi keur sura seuri bangun geus manggih kabungah, nempo Udin asup Mardi langsung hariweusweus bébéja,
"Din, bapa bieu ti Cikapundung deui, nyaho teu bapa panggih jeung saha?"
Udin kerung bari rurat rérét bisi bapana geus ditipu deui sarta mawa barang anyar ka imah. Tapi teu katempo nanaon. Jadi Udin nanya,
"Mémangna pendak sareng saha?"
"Inget kénéh ka si Érwin padagang tukang tipu téa?" Mardi Malik nanya.
"Bapa balanja barang deui ka kiosna?" Udin panasaran.
Mardi gogodeg,
"Henteu, saenggeus nyaho yén bapa mitoha anjeun. Si Érwin jadi bageur, bapa dibéré liontin batu bacan gratis. Terus manéhna ogé daék mangjualkeun ubar. Bari langsung payu harita kénéh"
Udin colohok reuwas, tapi lain reuwas ku liontin. Reuwas lantaran Mardi ngajual ubar. Jadi Udin nanya deui sabab panasaran,
"Landong naon pak? Ékstasi?" Udin nanya serieus sabab sieun Mardi kalibat bisnis narkoba.
Mardi gogodeg deui,
"Lain, ubar anu dijieun ku anjeun téa, pan masih nyésa 5 siki. Ku bapa dititipkeun 2 ka si Érwin nitah mangjualkeun"
Udin nepak tarangna. Sabab ubar jieunanna lain kaasup barang antik anu langka, babari dijieun jaba hargana ogé teu sabaraha. Teu nyangka ku Mardi masih kapikiran pikeun diduitkeun. Si Érwin deui belegug, daék katitipan ngajual ubar. Udin hariwang ubarna disalah gunakeun ku Érwin pikeun nipu batur, der diakukeun yén ubar paninggalan tabib jaman raja fir'aun. Bisa cilaka.
"Kunaon bapa bet kaémutan ngical landong?" Udin nanya alesan Mardi sabab panasaran.
Mardi némbalan,
"Tempo tah sirah bapa, geus teu benjol deui, geus teu geuneuk. Lieur jeung nyeri sirah leungit. Irung ogé ngemplong bari awak jagjag. Padahal karék sapeuting jaba ukur nginum hiji. Hartina ubar jieunan anjeun mémang alus. Hiji ubar kangunaana loba. Lewih hadé ti ubar biasa. Wajar dianggap langka sarta dijual mahal ogé. Anjeun hayang nyaho payuna sabaraha?"
"Sarébu?" Ceuk Udin asal nebak, bari muka panto kulkas rék nyokot cai nginum.
"Lain" ceuk Mardi.
"Lima rébu?" ceuk Udin nebak deui. Bari nyuruput cai hérang tina botol anu dicokot tina jero kulkas
"Saténgah juta! Yeuh duit hasil ngajualna" Ceuk Mardi bari ngodok sakuna nembongkeun duit sajuta. Terus ngigel bungah bari duit digeber-geber kana beungeut Udin.
Cai nginum dina sungut Udin langsung nyebrot bakat ku reuwas. Terus Udin ngagubragkeun manéh diuk kana korsi bari nyekelan botol cai. Haténa ngagerentes,
"Obat teu pira, tapi ari dijualna ku tukang tipu mah bisa payu maha"
Terus Udin nanya,
"Saha jalmi linglung anu parantos ngagaleuhna pa?"
Mardi gogodeg,
"Haish, éta rusiah dagang. Miturut étika jual beuli, padagang teu meunang ngabéjakeun status pembeli ka batur"
Saterusna Mardi ngaharéwos,
"Din, ema bieu indit, ulah bébéja ka ema bapa boga duit nya? Bisi dipénta terus béak dipaké judi. Duit ieu keur kabutuhan sararea, jadi kudu bapa anu nyekelna"
Udin unggeuk,
"Leres pa, Icih parantos teu didamel. Bapa ogé parantos moal kénging deui devidén sasihan ti Palapa. Urang sadayana sementawis kedah tiasa ngirit"
Teu lila Icih datang. Katempo lalungsé bari jamedud. Langsung asup ka kamarna teu nolih ka Udin jeung ka Mardi. Udin buburu nuturkeun asup ka kamar terus nanya ka Icih anu langsung ngadapang dina kasur.
"Kunaon nyi, gering?"
"Henteu kang, mung ngaraos kesel wé, kukurilingan ka sababaraha perusahaan teu aya anu nampi padamel" ceuk icih.
"Sabar nyi, karék ogé sapoé" témbal Udin.
"Oh enya nyi akang aya béja" ceuk Udin deui terus nyaritakeun lalakon Mardi.
Icih ngarénjag langsung diuk,
"Leres eta teh kang? Hiji landong pajeng satengah juta? Kumaha upami landongna teu cocok teras ngajantenkeun éfék bahaya kanggé anu ngaleueutna? Urang moal kajiret hukum?"
Udin gogodeg,
"Moal, nyi. Ulah hariwang. Ubar jieunan akang lain ukur keur anu gering, anu séhat ogé bisa nginum da éta mah jamu hérbal biasa, teu maké bahan kimia. Anu bodo mah anu meulina wé"
Icih ngarahuh,
"Saur abdi mah teu bodo kang, justru abdi curiga anu ngagaleuhna jalmi anu mémang ngartos kana kualitas landong. Margi sabodo-bodona jalmi, mustahil 2 guruntul landong wantun dipésér sajuta"
Udin kerung, terus unggeuk.
"Asup akal, ubar jieunan akang mémang keur panglancar getih jeung nurunkeun déprési. Tapi teu mustahil keur anu ngarti, éfék panglancar getih éta bisa dipaké ogé keur ngubaran gangguan otak, kardiovaskular jeung serebrovaskular"
Saterusna Udin pamitan rék ka dapur sabab kudu masak.
Ngadéngé penjelasa ti Udin yen ubar anu dijual ku Mardi moal jadi matak. Icih reugreug jeung percaya kana penjelasan ti Udin. Sabab kabukti Mardi ogé bisa cageur ukur dina sapeuting. Hartina kualitas ubar mémang sabanding jeung hargana. Panyakit geger otak bisa méakeun jutaan lamun dibawa ka rumah sakit.
Di dapur Udin narima telepon ti Bahar.
"Aya naon kang?" Udin nanya.
Bahar nyarita,
"Dén. Kuring ningali ngaran anjeun aya dina daftar anggota ikatan paranormal Bandung anu karék dibentuk ku Barda. Kuring milu bungah"
Udin kerung terus nanya,
"Ah, Kuring lain paranormal kang, Barda geus kaleuleuwihi ngasupkeun ngaran kuring. Pasti aya kasalahan ngaran"
Bahar nyarita deui,
"Teu kudu nyumput ti kuring dén. Tapi béja éta mah ukur intermézo wé, sabab sabenerna aya hal séjén anu leuwih penting deui pangna kuring nelepon"
"Aya naon kang, ulah bulat-beulit, burukeun kuring keur masak" ceuk Udin panasaran.
Bahar ngajelaskeun,
"Geus Lila saupama aya gangguan masalah kaamanan dirina, Warni Nataprawira sok tara asa-asa bébéja sarta ménta tulung ka kuring. Bieu néng Warni nelepon kuring sabab ngarasa aya anu teu bérés di imahna. Kaséhatanna geus 2 poé goréng. Kawas aya anu ngaheureuyan. Lamun urusanna gelut, kuring pasti sanggup, tapi urusan anu kieu mah kuring oge teu bisa. Adén bisa nulungan kuring nempo kaayaanna?"
"Warni?" Udin nanya bari kerung.
"Enya Warni Nataprawira, manéhna keur boga masalah mistis" ceuk kang Bahar deui.
Warni mémang can nyaho saha Udin. Warni masih nganggap Udin ukur nyaho kana barang antik jeung métafisika, tapi lain ahli. Masalah kajadian béntar di imah Salman Wijaya ogé Warni masih percaya yén éta fenomena alam anu kabeneran. Matak wajar lamun Warni teu ménta tulung ka Udin.
Udin nanya,
"Oh, jadi akang néangan ahli métafisika tina daftar komunitas terus ningali ngaran kuring kitu? Coba caritakeun kang, aya kajadian naon waé anu kaalaman ku Warni bet bisa nyimpulkeun aya anu ngaheureuyan? Sangkan Kuring bisa ngararampa naha sanggup nulunganna atawa henteu"
Kang Bahar buburu ngajelaskeun,
"Cenah kungsi rék katipu meuli Mirah delima palsu. Terus di imah Kulawarga Wijaya ampir cilaka ku serangan santét Ki Waja. Balikna kacilakaan, mobilna nabrak tangkal padahal kari 500 méter deui ti imahna. Sanepina ka Imah, sukuna tijalikeuh basa turun tina tangga. Kamari leungeunna digégél ku anjing piaraanna sorangan. Poé ieu leungeuna kaseblok cai panas. Salian ti éta, geus saminggu usahana loba hambatan, paméran barang antikna kungsi gagal, ngan untungna anu kadua mah lancar. Éksportna ka Jepang ngalaman masalah, barangna ditahan ku béa cukai Jepang"
Udin kerung, sabab sababaraha kajadian anu dijelaskeun ku Bahar, Udin ogé nyaho jeung nyaksian sorangan. Tapi teu nyangka satukangeunna, masalah Warni loba kénéh.
Bahar nyarita deui,
"Anu jadi kasedih utamana nyaéta kangkalung titinggal indungna leungit. Padahal saprak ditingalkeun maot ku indungna sapuluh taun katukang. kangkalung éta tara kungsi leupas tina beuheungna. Éta anu ngajieun Warni loba malaweung jeung ceurik waé"
Udin nanya,
"Kunaon anjeun paduli, Jeung ngarasa kudu nulungan?"
Bahar ngajelaskeun dumareuda sabab ngarasa sedih,
"Akina Warni baheula geus ngajait kuring ti jalan. Kuring tadina préman terminal. Terus kuring dibéré tanah sarta dimodalan ngajieun réstoran Rumah Klasik. Kuring loba kahutangan budi. Ayeuna waktuna pikeun kuring males budi. Lamun Adén daék, lain ukur Warni anu di bantu, tapi kuring ogé ngarasa dibantu"
Udin némbalan,
"Anjeun ayeuna geus jadi dulur kuring, ka Warni ogé kuring geus wawuh. Jemput kuring isukan isuk-isuk kénéh. Urang indit babarengan"
"Alhamdulillah, nuhun dén" ceuk Bahar terus nutup teleponna.
Share this novel