Ngan Udin can nyaho lamun layanan hotél Padma ngaadopsi layanan mémber, ukur anggota anu geus kadaftar anu bisa nyéwa jeung maké fasilitas di dinya. Salian ti éta, layanan mémberna ogé dibagi jadi sababaraha kelas. Silver, gold, platinum jeung Diamond. Ukur mémber diamond hungkul anu bisa nyéwa taman gantung. Syarat jadi mémber ogé lain ukur kudu nyimpen duit gedé sabagé déposit, tapi kudu jelas ogé status sosialna di masyarakat.
Turun tina taxi, Udin ngajanteng kasima nempo kaméwahan hotél. Terus Udin ogé nempo aya hélikopter anu kakara hiber ningalkeun rooftop hotél. Saméméh asup ka lobi, Udin geus dihalangan ku 2 kaamanan maké jas rapih ala hotél gedé.
"Témbongkeun heula kartu mémber anjeun" ceuk saurang anu dina ceulina napel alat komunikasi headsét wireless anu nyambung Kana HT dina cangkéngna.
Sabenerna anu leuwih hak nanya téh bagéan resépsionis di jero, tapi bubuhan nempo Udin turun tina taxi bari papakéanna saderhana béda jeung tamu séjéna. Hal éta anu ngadatangkeun kacurigaan patugas kaamanan.
"Kuring hayang panggih jeung manajer marketing pikeun réservasi" ceuk Udin kalem.
"Hampura, anjeun teu bisa asup lamun can némbongkeun kartu mémber" témbal kaamanan.
"Dimana Kuring bisa meuli kartu mémber jeung sabaraha hargana?" Udin nanya.
"Kartu mémber teu bisa diprosés dadakan, tapi kudu ngajukeun heula" ceuk kaamanan ngajelaskeun.
Udin anu mémang can biasa, gagaro sirah bari ngagerentes,
"Duh Gusti, sanajan geus loba duit ogé gening masih kénéh susah jeung bararingung kieu nyinghareupan aturan. Beu!"
Ngan Udin inget, sabab kungsi aya béja yén babaturan SMAna aya anu digawé di Padma, ngarana Sabrina. Buburu Udin néangan nomer kontak Sabrina dina HP heubeulna sabéh kabéh kontak can dipindahkeun kana HP anyar paméré ti Asép. Saengges kapanggih, Sabrina langsung di telepon.
Saenggeus dijelaskeun yen Udin datang ka Padma pikeun nyieun kartu mémber diamond sangkan bisa nyéwa taman gantung. Sabrina kacida atohna. Sabab fikiranna pasti Udin geus suksés jeung senang hirupna. Jadi buburu ngajangjikeun pikeun nepungan Udin di luar,
"Kuring rék kahandap nepungan anjeun, tungguan"
Udin nganuhunkeun.
Teu lila saurang awéwé kaluar ti jero hotél nyampeurkeun "Udin!" Ceuk Sabrina bari ngadadahan sanajan masih jauh kénéh, ngan tarang Sabrina rada kerung sabab nempo dangdanan Udin.
Udin ngarérét bari seuri,
"Sabrina!"
Ningali Sabrina wawuheun sarta nyampeurkeun ka Udin, 2 kaamanan langsung mundur méré jalan keur sabrina bari manggut hormat,
"Wilujeng sumping ibu manager!"
Ngadéngé Sabrina disebut ibu manajer, Udin ngarénjag, terus muji ka Sabrina,
"6 taun teu panggih ayeuna anjeun geus jadi manager? anjeun bener-bener hebat!" Ceuk Udin bari bari nyodorkeun dampal leungeuna ngajak sasalaman.
"Ukur manajer personalia" témbal Sabrina bari ngaranggeum dampal leungeun Udin terus dileupaskeun deui.
"Tapi pangkat manager geus luhur, geus bisa ngajieun aturan sorangan keur Padma" ceuk Udin muji deui.
Sabrina ngarérét ka kaamanan,
"Aranjeun ngahalangan babaturan Kuring asup?"
Dua kaamanan silih rérét bingung jeung sieun, anu saurang buburu ngajelaskeun,
"Punten bu, sanés ngahalangan. Abdi teu uninga ibu kenal sareng pameget ieu, abdi mung ngajalankeun prosédur hotél. Naros heula bilih anjeunna sanés mémber hotél. Nyatana mémang teu kagungan kartu mémber"
Sabrina unggeuk panuju,
"Teu masalah. Anjeun bener. Prosedurna mémang kudu kitu"
Udin anu samemehna ngarasa urusana bakal digampangkeun, ngajenghok ngadéngé Sabrina ngomong siga kitu. Jadi Udin nanya,
"Jadi kuring kudu kumaha? Kuring ogé boga hak jadi member pan?"
Ngan teu nyangka Sabrina malah seuri sinis,
"Hayang jadi mémber Padma? Ulah ngimpi. Baheula mémang anjeun sakelas jeung kuring, tapi ayeuna geus béda, terahir kuring ngadéngé anjeun jadi kuli ngaduk. Ayeuna datang kadieu hayang jadi member Padma. Asa teu asup akal, ngukur diri atuh din! Heunteu keur mabok mah?"
Udin colohok terus nyarita,
"Sabrina, tibaheula diantara urang duaan tara aya masalah. Kunaon ayeuna anjeun téga ngahina kuring?"
Pananyana can ditémbalan, HP dina saku Udin ujug-ujug disada. Jadi ku Udin dikaluarkeun heula terus ditempo layarna. Nyatana aya dua pesen ti Asép, jadi buru-buru ku Udin pesen anu kahiji dibaca,
"Radén, nembé uwa ningal salira di Padma. Nanging uwa parantos paméng aya dina hélikopter badé mulih ka Jakarta, upami peryogi bantosan, telepon wéh Isak, ku uwa dikintun nomerna"
"Siap wa, nuhun" ceuk Udin males pesen, terus Udin muka pesen kadua anu nyatana nomer telepon Isak. Jadi buburu nomer éta ditelepon ku Udin.
Saenggeus nyambung, Udin nyarita,
"Kuring Udin Subrata, ayeuna keur dihareupeun hotél Padma sarta keur aya masalah. Anjeun bisa datang ka dieu?" ceuk Udin tanpa nyebut ngaran Isak sabab can kungsi panggih jeung jelemana. Terus telepon ditutup deui.
Sabrina nyéréngéh,
"Dasar urang kampung, euweuh kasopanan pisan. Keur ngobrol jeung kuring masih wani maké telepon"
Saterusna Sabrina ngarérét ka dua patugas kaamanan.
"Usir ti lingkungan padma! Kuring teu hayang nempo jelema ieu aya di dieu"
Dua kaamanan hotél langsung nyekelan leungeun Udin kénca jeung katuhu bari siap-siap rék disurungkeun. Ngan kadéngé Sora saurang lalaki ngagorowok ti lebah lawang lobi,
"Leupaskeun!"
Kabéh ngalieuk ka lebah Sora, kaasup Udin. Saurang lalaki kolot tapi masih gagah kénéh, ngagedig nyampeurkeun dituturkeun ku 4 pangawalna.
Udin wawuh ka si lalaki, nyaéta anu tadi ngajingjing koper eusi duit 250 juta bareng jeung Asép basa di Émily. Ka 4 pengawal tukangeunna ogé Udin wawuh, sanajan maraké kacapanon hideung tapi setélan jas anu dipakéna sarua jeung anu daratang ngawal Asép ka Émily tadi. Bédana ukur dina jumlah, tadi mah 8 urang, ayeuna ukur 4. Ngan Udin bingung, naha Isak bet kaluarna ti Padma?
"Kuring teu nyangka juragan bakal datang kadieu" ceuk Isak bari ngabongkokkeun awakna ka Udin, diturutan ku 4 pangawalna.
Sabrina reuwas nempo Presidén Dirékturna turun bari langsung nyolongkrong ka Udin bari rengkuh hormat. Tapi Sabrina can neundeun curiga nanaon. Sabrina masih nganggap hal éta biasa, kadatangan Udin ka Padma memang sabagé tamu hotél, geus jadi kawajiban pikeun kabéh pagawé hotél kudu ngahormat ka tamuna. Ngan bédana Udin tadi ku dirina diperlakukeun kasar béda jeung perlakuan Isak salaku diréktur Utama Padma.
Saenggeus ngahormat ka Udin, riuk beungeut Isak anu tadina éra jadi biasa deui, sabab kungsi dipapadonan ku Asép sangkan ulah ngabolékérkeun idéntitas Udin dihareupeun jelema loba. Matak Isak ogé can wani ngomong panjang lébar. Malah anu bieu nyebut ka Udin juragan langsung tobah jadi bapa. Ngan untungna pas Isak nyebut juragan ka Udin bieu, teu kaperhatikan ku Sabrina.
"Katingalina geus aya kajadian didieu, hayu pa, urang béréskeun di kantor kuring, ulah didieu. Teu hadé lamun katingali ku tamu séjén" ceuk Isak ka udin bari leumpang miheulaan asup ka jero hotél. Udin, Sabrina jeung 4 pengawalna Isak naluturkeun. Ukur 2 kaamanan anu teu milu téh, sabab maranéhna mah mémang keur tugas di luar.
Kantor Isak aya dilantéi pangluhurna. Sapanjang jalan atawa dina jero lift, saurang ogé euweuh anu nyarita. Tepi ka kantorna, isak maréntahkeun 4 pangawalna ngajaga di luar, terus nitah Udin jeung Sabrina dariuk dina sofa. Bérés nutupkeun panto, Isak ogé diuk. Isak masih mikir, sabab bingung kumaha muka omongan anu hadé dihareupeun dununganna anu dipikahormat ku manéhna.
Sedengkeun Udin anu can ngarti, panona nguriling ngarérétan ka kabéh eusi rohangan, Udin nempo méja kerja badag anu diluhurna aya papan nama tina jati anu diukir, jeung aya tulisan Isak presidén dirékrut. Udin reugreug. Saacan aya anu ngomong, Udin miheulaan nanya ka Isak.
"Anjeun Isak pan?"
Lantaran geus aya di kantorna, Isak ogé manggut deui,
"Bener juragan. Kuring Isak CEO hotél Padma"
"Oké" Udin unggeuk bari juru panonna ngarérét heula ka Sabrina,
"Kuring rék nanya ka anjeun, kumaha cara Padma ngarékrut karyawan sampé ka bisa ngawékeun awéwé siga kieu, anu téga memperlakukeun tamu hotél kawas keur nyinghareupan anjing budug. Komo bari dibéré jabatan manager? Jelaskeun ka kuring!"
Isak ngarénjag, ngan saacan isak bémbalan. Sabrina miheulaan morongos ka Udin,
"kurang ajar, boga hak naon manéh tatanya sarupa Kitu ka presidén dirékrut?"
kituna téh bari malik ka Isak sikepna langsung robah,
"Saleresna Udin téh réréncangan sakelas abdi waktos di SMA kapungkur pa"
Isak kerung bari melong anteb ka Sabrina,
"Tapi naha diperlakukeun siga ka lain babaturan? Malah tadi kuring nempo siga anu rék diusir?"
Isak ngarét ka Udin,
"Coba gan caritakeun ka mamang, Aya kanjadian naon anu sabenerna, sangkan mamang teu salah nindak"
Bérébét Udin nyaritakeun kabéh kajadian tadi,
"lantaran Kuring datang teu mawa kartu anggota, Kuring nelepon Sabrina ménta tulung. Tapi teu nyangka bakal dihina jeung diwiwirang. Nepi ka rék diusir lamun mamang teu kaburu datang"
Beungeut isak langsung geuneuk beureum lantaran ambek. Isak langsung nangtung bari ngajenggut buuk Sabrina, dibetot satarikna sangkan Sabrina nangtung. Gelepok pipina ditampilingan tarik dua kali bulak balik nepi ka katempo aya huntuna anu murag. Ley getih beureum ngucur tina juru biwir Sabrina,
"Kurang ajar siah, mémangna anjeun teu nyaho saha anu keur disinghareupan?"
Sabrina anu teu nyangka Isak bakal ambek tur nampiling, langsung Sabrina nyuuh deku,
"Ampun diréktur, abdi mung uninga anjeunna rerencangan sakelas waktos SMA"
"Deuleu ku sia sing bener, ieu Radén Udin Subrata, incu pamilik hotél Padma" ceuk Isak bari ngaranggeum buuk Sabrina ditanggahkeun sina nempo kana beungeut Udin.
Ngadéngé kitu, awak Sabrina langsung leuleus kawas kapuk kaibunan, dirina asa di béntar gelap, ngudupruk diuk bari colohok melong ka Udin. Kaciri biwirna geus jeding jeung huntuna ogé ompong.
"Hah! Pamilik Padma? Hampunten juragan, abdi lepat"
Udin reuwas pas ngadéngé Padma milik Kulawarga Subrata. Éta hartina Udin mémang dununganna isak. Jadi Udin Melong sinis ka Sabrina,
"Ngaku ngalaman jadi batur sakelas, tapi téga memperlakukeun babaturan kawas kitu, bener-bener teu boga haté. Kuring moal ngajieun masalah lamun teu dimimitian. Kulantaran kuring geus dihina, wéyahna anjeun ogé bakal ngalaman jadi jelema hina. Kuring teu bisa ngahampura"
Sabrina geus teu bisa ngomong nanaon deui, ukur bisa ngeluk tungkul bari nginghakceurik. Udin teu maliré, tapi ngalieuk ka Isak,
"Mang, paréntahkeun pengawal pikeun ngusir awéwé ieu ti Padma, gusur terus alungkeun kaluar saperti anu rék dilakukeunna ka kuring tadi. Kuring teu hayang nempo deui awéwé ieu digawé deui di dieu. Kuring teu perlu kapapanjangan urusan jeung manéhna sabab aya hal anu leuwih penting deui anu rék diobrolkeun ku kuring ka mamang, nyaéta masalah taman gantung"
"Siap gan" tembal Isak bar ngaléngkah muka panto terus maréntahkeun pengawal anu aya diluar sangkan mawa Sabrina. Harita kénéh Sabrina langsung dipaksa digusur kaluar.
Saenggeus Sabrina euweuh, Udin nyarita deui ka Isak,
"Saacan kuring ngomongkeun masalah taman gantung anu jadi tujuan utama kadatangan kuring kadieu. Coba jelaskeun heula kumaha pakaitna Hotél Padma jeung peran mamang didieu jeung naon pakaitna antara mamang jeung wa Asép sarta jeung kulawarga Subrata. Sabab jujur kuring masih bingung saprak kajadian tadi di Émily. Terus mamang bieu nyarita Padma milik kulawarga Subrata. Naha bener?"
Derekdek Isak ngajelaskeun kabéh anu ditanyakeun ku Udin,
"Mamang wahuh ka juragan Agus Subrata ti baheula sawaktu mamang masih kénéh dines di TNI, pangkat terahir mamang saacan pangsiun Létnan Kolonél. Saenggeus pangsiun, mamang dipercaya ku juragan Agus ngelola kabéh asétna anu aya di Bandung, ngantor di Padma ieu, anu mangrupakeun pusat operasional sagala kagiatan kulawarga Subrata di Bandung. Bisa disebutkeun mamang jelema nomer hiji kapercaaan juragan Agus keur wilayah Bandung jeung sabudeureunna"
Udin unggeuk, terus nanya deui.
"Trus waktu kuring di Émily, timana asalna duit jeung Rolls-Royce anu dipaké sarta para pangawal anu dibawa. Sabenerna asét naon waé anu dipiboga ku kulawarga Subrata di Bandung?"
Share this novel