31. Mardi meuli cangkir palsu

Fantasy Series 36

Alan ogé ka luar jeung Gugun,
"Sia geus aki-aki geus bau taneuh, téga rék nipu dunungan sorangan jeung batur. Cuih! Lamun kulawarga Nataprawira daék ngahampura, aing moal" ceu Alan, kituna téh bari nyiduhan ka Masduki anu keur deku.

Warni ngalieuk ka Udin ,
"Hapunten abdi kang, padamel abdi ieu parantos ngadamel masalah"

"Loba jelema jahat dimana-mana. Tapi mémang jarang penjahat anu deukeutna kawas Masduki ka anjeun. Sapopoé masduki digawé di anjeun, dibayar ku anjeun, ayeuna rék nipu anjeun. Bener-bener hianat" témbal Udin

Qin Gang ogé kaluar, terus nyarita ka Udin,
"Jang, nuhun nya, lamun euweuh anjeun, diantara tiluan, sigana kuring anu bakal katipu"

Mang Gugun ogé ngomong,
"Jang, Nuhun mamang geus di geuing, mamang éra ku anjeun anu masih ngora. Rumasa pangarti mamang masih déét, masih kudu loba diajar deui"

"Kuring datang kulantaran diajak ku Warni. Kuduna aranjeun nganuhunkeun ka Warni lain ka kuring" ceuk Udin bari manggut ka sararéa.

Ahirna kabéh baralik, saenggeus nganuhunkeun ka Warni, kabéh arasup kana mobilna séwang-séwangan. Ukur Masduki jeung anu boga batu anu nyésa.

Tanpa sakanyaho sararéa, Udin sempet ningali dalapan urang jelema maraké jas anu sarua hideung. Geus arasup ka jero imah pikeun nyerek anu boga batu jeung Masduki. Tangtu maranéhna para pangawal Warni anu geus dibéré paréntah.

Sapanjang perjalanan balik, Warni teu nyarita saucap-ucap acan lantaran kuciwa. Haténa masih kesel ka Masduki. Saupama Warni katipu, terus Masduki kabur bari mawa duitna. Tada teuing wirangna. Saurang pangusaha suksés bisa ditipu ku pagawéna sorangan. Untung Warni mawa Udin.

Warni ngaluarkeun kartu ATM, terus dibikeun ka Udin,
"Kang, aya artos 100 juta dina kartu ieu, sandina angka dalapan 6 kali. Mangga ditampi"
Dina haté leutikna warni hayang ngarékrut Udin jadi karyawanna pikeun ngagantikeun Masduki, ngan sieun Udin nolak. Jadi warni ukur bisa mayar ku duit.

Udin sabenerna hayang nolak kartu ti Warni, tapi bisi nyinggung perasaanna, ahirna kartu ditarima terus dipésakan,
"Nuhun" ceuk Udin

"Sami-sami kang" témbak Warni bari seuri
"Akang badé lungsur dimana?"

"Turunkeun kuring di pasar sayur, kuring kudu balanja sayuran terus masak" ceuk Udin.

Warni ngarénjag,
"Kang, hapunten sanés abdi badé ngarendahkeun salira. Abdi mung ngaraos manglebarkeun kana pangartos salira, kumaha upami akang didamel di abdi kanggé ngagentos posisi Masduki?"

Udin gogodeg,
"Hampura, Lain kuring nolak, tapi kuring can sanggup mayar pembantu keur di imah. Kuring ukur minantu anu pangangguran, lamun lain kuring, rék saha deui anu ngurus pagawéan imah mitoha?"

Warni unggeuk tapi katembong kuciwa. Lian ti éta aya rasa reueus dina haténa ka Udin, ngora, kasép, boga pangarti, jeung daékan.

Turun dipasar, Udin pamit ka Warni, terus asup ka pasar pikeun balanja. Balik ti pasar Udin asup ka imah tina panto tukang, sabab sakalian rék neundeun balanjaan. Kadéngé Mardi anu keur seuseurian di tengah imah bangun mangih kabungah.

"Udin, éta maneh? Kadieu! Tempo yeuh, bapa boga barang anyar" ceuk Mardi nyorowok.

Udin buburu asup nyampeurkeun ka Mardi. Katempo Icih ogé karék datang, asup tina panto hareup. Tapi Icih langsung diuk bari mukaan map.
"Aya naon pa?" Ceuk Icih bari panona mah tetep nempo kana lambaran keretas dina jero map. Udin ogé diuk dina korsi anu séjén.

"Tempo, ieu cangkir titinggal karajaan Galuh, ceuk dagangna kapanggih dina jero peti batu di gunung Sawal Panjalu. Hargana 500 rébu" ceuk Mardi bari némbongkeun cangkir porselen warna coklat susu.

Ngadéngé bapana geus miceun duit 500 rébu, Icih ngabantingkeun map kana méja terus nangtung
"pa! Timana bapa kagungan 500 rébu?!"

Udin ukur bisa gogodeg. Sabab nyatana Mardi masih can kapok nyiar barang antik sakitu geus loba anu nipu sarta geus pada neunggeulan lantaran meupeuskeun kendi.

Mardi seuri bari ngareret ka Icih,
"Maksud bapa lamun diual hargana bisa 500 rébu. Teguh sabaraha bapa meulina?"

Icih diuk deui "300 rébu!"

"Salah!" Ceuk Mardi bari ngelapan cangkir ku keretas tisu anu aya dina méja.

"200 rébu" ceuk Icih deui.

"Masih salah" témbal Mardi.

Udin mencrong kana cangkir anu aya dina leungeun Mardi. Langsung nyaho yén cangkir palsu. Paling hargana ukur rébuan.

"Bapa meuli ieu 250 rébu, hébat pan?" Ceuk Mardi reueus. Bari seuri bungah.

"Kacida, cangkir kitu seueur di toko parabot pa. 250 rébu tiasa kénging 5 losin" Ceuk Icih molotot.

Ngadéngé di tengah imah keur ngarobrol, Lastri ogé kaluar ti kamarna terus diuk di gigireun Mardi. Langsung nyarita teugeug,
"250 rébu di paké meuli barang palsu. Teu kapok tibaheula ukur ditipuan batur?"

"Béda atuh, jelema anu ngajual barang ieu lain tukang tipu. Saacan dibeuli ogé kuring geus tatanya heula kaaslianna ka batur" ceuk Mardi bari ngarérét teu suka ka Lastri.

"Cik nempo!" Ceuk Lastri bari nyokot cangkir tina leungeun salakina. Carkir dibulak baik ditempoan luar jero.

Udin anu keur maén game dina HPna ngarérét ka pasangan mitohana bari seuri ipis. Geus teu anéh nempo Mardi atoh tiap boga barang anyar, tapi ahirna sok ngeluh lantaran pas dijual jadi rugi.

Mardi nyarita,
"Tatakanna ogé aya, ceuk bos toko isuk rék dibawa ka toko. Matak isuk bapa rék ka toko deui, lamun cangkir geus sasetél jeung tatakanna, hargana pasti bakal salangit"

Udin kerung bari mésakan HPna,
"Pa, teu kéngéng sarakah. Cangkirna hungkul ogé tos cekap. Ical heula éta, upami leres aya untungna nembé ngagaleuh deui. Upami tatakanna digaleuh, bapa bakal di bobodo teras, anu ngical pasti bakal nyarios cangkir éta aya tutupna. Janten sasétna aya 3 barang. Tatakan, cangkir sareng tutupna. Moal aya tungtungna atuh margi bakal teras ngarémbét kana balina, kana tékona"

Mardi mencrong ka Udin,
"Ulah mamatahan ngojay ka meri, manéh nyaho naon masalah barang antik"

Udin ngarahuh,
"Mangga atuh, teu langkung bapa ari kitu mah. Tadina abdi sakadar ngemutan"

Udin jadi keuheul ka Mardi, leuheung lamun anu dipaké téh duit manéhna, da pastina ogé ménta ti Lastri, sedengkeun duit di Lastri éta duit Icih kabéh.

Icih nyarita ngabéla Udin,
"Pa, upami bapa leres ngartos kana barang, ti kapungkur tangtos moal pada nipu. Tos sabaraha juta artos di piceunan teu puguh. Sakinten upami barangna tiasa dituang, awis ogé teu panasaran. Upami aya anu ngemutan téh tampi.heuo ateras émutan, ulah langsung dicawad"

Anu diomongkeun ku Icih mémang bener. Meuli cangkir 250 rébu, cenah bisa dijual deui 500 rébu. Lamun enya batina gedé kitu, Mardi kuduna geus beunghar tibaheula. Matak asa anéh pisan ku kalakuan Mardi, hobina ngeus nutupan akal warasna.

Lantaran ngarasa di sapélékeun ku sararéa, Mardi ngomong,
"Geus lah, ulah laloba koméntar. Ukur jelema ngarti nu nyaho nilai barang ieu. Ngarana ogé jual beuli, aya untung aya rugi. Tapi cangkir ieu pasti moal rugi. Pokona isuk bapa rék nebus tatakanna, bisi kapiheulaan batur"

"Lamun enya bakal untung, ulah saukur meulian. Téangan ogé anu rék meulina, tatawarkeun. Nanaonan numpuk-numpuk barang teu guna di imah" ceuk Lastri.

Icih mérésan keretas dina méja diasupkeun deui kana map terus nangtung rék ka kamar bari ngaharewos heula ka Udin "Réncangan bapa énjing, supados teu ditipu batur"

Udin sabenerna haroréam kudu indit babarengan jeung Mardi, sabab nyaho sifat Mardi anu teuas hulu, jeung sok loba nyieun masalah bari euweuh kawani, hésé digeuing. Tapi kusabab Icih anu ménta, kapaksa Udin unggeuk.

Isukna poé Minggu, jalan Cikapundung keur meumeujeuhna ramé.

"Hayu turun, tuturkeun bapa, manéh kudu wawuh jeung bos toko. Ieu toko anyar langganan bapa ayeuna. Bosna kawéntar jujur" ceuk Mardi bari metot Udin sangkan turun tina mobil.

Udin nuturkeun bari rurat rérét nempoan sakur barang-barang anu dipajang di sababaraha toko anu di liliwatan. Loba pisan pangunjung anu daratang, turis lokal jeung luar negri. Sababaraha palayan aya ogé anu ngahaja nangtung luareun toko mapagkeun para palanggan bari natawarkeun barang daganganna. Béda jeung basa kamari basa Udin datang ka dinya. Ayeuna mah anu ngampar ogé loba. Ngajajarkeun daganganna dina trotoar jalan ukur ditilaman ku terpal.

Udin kerung, sabab dina sakitu lobana barang anu katempo, kalolobaana palsu. Ukur hiji dua anu kaciri asli.

"Tah ieu tokona, hayu asup" ceuk Mardi ka Udin.

Udin ngarérét ka toko anu ditunjuk ku Mardi. Anu sabenerna mah ukur kios leutik, lain toko. Aya sababaraha turis asing anu keur narangtung dijero bari nempoan barang. Tapi Mardi siga anu teu sabar, manéhna asup maksa bari seseledek. Kapaksa Udin ogé milu asup seseledek.

Udin nempo di kios éta anu dijualna kabéh barang palsu anu saacan dipajang ngahaja dibaluran heula leutak atawa di pulas ku oli urut atawa minyak jalantah sangkan katempo hérang semu konéng. Saperti lukisan, duit bénggol, jeung nu séjénna. Euweuh hiji ogé anu asli.

Pamilik kios siga katurunan India atawa Pakistan, pakulitanna rada hideung, bégang tapi jangkung jeung mancung. Kimiana ogé baplang. Katempo saderhana, buuk herang kulimis disisiran katukang teuing sabaraha tétés minyak urang aring anu geus dikuncurkeun kana buukna.

"Tempo, ieu téko jeung baki pasangan cangkir anu dibeuli ku bapa kamari, tah bapa hayang bisa kabeuli barang ieu kabéh sasét kumplit, tapi nyicil, sabab hargana pasti mahal mun dibeuli kabéh" ceuk Mardi ka Udin.

Udin ngarérét kana barang anu ditunjuk ku Mardi, terus ngangkat tatakan diilikan sakeudeung bari nanya ka pamilik kios,
"Anu ieu sabaraha hargana?"

Pamilik kios ngoréhan kwitansi dina laci terus némbalan,
"Tuh, kuring meulina 100 rébu, sok sabaraha wé asal leuwihan, asal aya untungna keur kuring"

Udin kerung, Paingan Mardi percaya bos kios jelema jujur lain tukang tipu. Sabab cara ngajualna siga kitu. Ngabéjakeun harga pameulianna. Padahal Udin nyaho meulina pasti lain sakitu. Ieu ukur trik, kwitansi mah babari dijieun.

"Ku kuring dileuwihan 5 rébu, bungkus!" ceuk Mardi bari noél ku siku ka Udin, terus ngaharéwos,
"Lamun teu buburu di beuli ku bapa pasti bakal kapiheulaan batur" saterusna Mardi ngasongkeun duit 105 rébu ka pamilik kios.

Buburu Udin nyekelan leungeun Mardi,
"Ulah pa, barang ieu teu sakitu pangaosna"

"Terus sabaraha pantesna? Pan sidik aya kuitansi pameulianna" Ceuk Mardi muncereng ka Udin.

"Barangna palsu, kuitansina ogé palsu. Paling pangaosna mung 10 rébuan" ceuk Udin.

Mardi jeung pamilik kios ngarénjag bari molotot ka Udin anu geus nyebutkeun barang 100 rébu disebut 10 rébuan.

"Ati-ati jang ngomong téh, barang ieu meuli ti aki babaturan kuring. Akina meuli ti babaturan bapana, barang ieu titinggal karajaan Galuh" ceuk pamilik kios morongos.

"Din, Ieu barang kuno, ulah nempo rupa, tapi itung umurna, 10 rébu keur ongkos mawana ti Ciamis kadieu ogé moal cukup" ceuk Mardi

Udin malikeun tatakan, terus ngagaro taneuh garing dihandapeun tatakan anu nutupan tulisan,
"Cobi tingal ieu naon?" Ceuk Udin bari némbongkeun tulisan 'Made in China' ka Mardi.

Mardi colohok némpo tulisan anu leutik hampir teu kabaca. Terus molotot ka si pamilik kios,
"Ti iraha jelema jaman karajaan ngarti nulis maké bahasa Inggris?"

Udin nyokot deui téko jeung baki, sarua bagéan handapna digaro maké kuku, terus katémbong deui ka Mardi tulisan anu sarua 'Made in China'
"Tuh tingal, ieu ogé palsu sadayana"

Pamilik kios pura-pura nepak tarangna bari seuri.
"Haduh hampura, Kuring tadi ti imah rusuh, salah mawa barang"

Udin seuri sinis,
"Salah mawa? Hartina kabéh salah mawa atuh. Terus anu ieu kumaha? Salah mawa ogé?" Ceuk Udin bari nyokot piring porselén terus diacungkeun ka luhur bari dipencrong.
"Piraku piring porselen bisa tebus cahaya. Jelas ieu palastik"

Mardi ngaranggeum kerah baju pamilik kios lantaran ambek,
"Anjeun tukang tipu, balikeun duit 250 rébu kuring anu kamari!" Ceuk Mardi bari tanggah, sabab awakna leuwih pendék ti pamilik kios.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience