12. Rukmini ngaralat kaputusanna

Fantasy Series 36

"Mustahil kang, uwa Lastri moal wani metot leungeunna bari nyarita kasar kitu lamun bener si Udin direktur Bima Raya" témbal Unah lalaunan.

"Woy, runtah! Nanaonan nangtung? Ulah coba-coba ngacowkeun acara. Diuk!" Ceuk Dudung ti luhur panggung ngagorowok maké mic.

Udin teu maliré, tapi ngaléngkah ka jajaran korsi hareup terus diuk dina korsi kosong gigireun Susi, Udin ngaharéwos ka Susi. Saenggeus diharéwosan, Susi unggeuk.

Nempo kajadian éta Rukmini jeung anu séjéna colohok. Sabab teu percaya Udin bakal wani ngaharéwosan Susi, wakil direktur Bima Raya anu dipihormat ku sasaha. Rohangan anu sakitu gedéna ngadadak jempling kawas anu euweuh eusian. Kabéh saolah-olah keur nahan napas nungguan anu bakal kajadian saterusna.

Réngsé ngaharéwosan Susi, Udin langsung ngagedig kaluar, maksudna rék néangan sarta ngupahan Icih anu tangtuna keur sedih pisan.

Susi nangtung, terus ngaléngkah naék kana luhur panggung terus nyokot mic tina leungeun Dudung. Bari imut marahmay, Susi ngomong,
"Sadérék sadayana. Saleresna diréktur tos aya didieu, nanging anjeuna teu acan lebet, masih kénéh aya diluar"

Kabéh hadirin ngarénghap ngemplong, Komo Rukmini mah kaciri pisan atohna. Sabab hartina diréktur Bima Raya lain Udin.

Susi neruskeun deui omonganna,
"Supados kauninga ku sadayana, kunaon pangna bapa diréktur alim lebet? Margi dunungan abdi ngaraos kuciwa ku acara ieu, anjeuna pendak sareng ibu Icih diluar dina kaayaan nuju nangis. Anu ahirna nyandak sikep mutuskeun kerjasama kontrak sareng Palapa. Kaputusanna éta di dugikeun ka ibu Icih diluar. Ku ibu Icih didugikeun deui ka carogéna ngalangkungan pesen WA. Teras nembé amanatna éta ku carogéna didugikeun deui ka abdi. Janten ti danget ieu, teu aya deui anu namina kontrak kerjasama proyék antawis Bima Raya sareng Palapa. Ayeuna dunungan abdi parantos mulih"

Kabéh ondangan reuwas, rohangan anu tadina simpé jadi ngaguruh ku rupa-rupa koméntar. Dudung anu keur nangtung langsung leuleus, terus diuk dina korsi anu aya dina luhur panggung bari kaciri beungeutna pias.

"Ibu Susi, anu disaurkeun ku salira leres?" Rukmini nanya ka Susi.

"Leres Bu, proyék ieu awalna tina kamufakatan antawis dua fihak. Nyaeta dunungan abdi sareng ibu Icih. Nanging salira nembé parantos ngaklaim yén kontrak ieu alatan jasa Dudung. Janten hapunten pisan, Bima Raya teu tiasa ngalajengkeun kerjasama sareng Palapa. Abdi ogé seja pamit" témbal Susi bari neundeun mic terus turun tina panggung ngaléngkah gancang kaluar.

Kusabab mic can dipareuman, atuh penjelasan Susi bieu téh kadéngé jelas ku sararéa nepi ka barisan korsi anu pangtukangna. Anu nyababkeun sora di rohangan beuki ngaguruh. Ahirna kabéh ondangan jadi nyaho kalicikan Rukmini.

Nepo acara teu saperti anu dibayangkeunna, ondangan saurang-saurang mimiti baralik bari pating gerendeng. Sararéa ngejejeléh ka Rukmini anu dianggapna geus ngajieun kasalaha gedé, ngawiwirang dirina sorangan.

Rukmini ngarasa euweuh beungeutan, terus diuk gigireun Dudung bari ngeluk tungkul. Sabab teu ngabayangkeun ti saméhna acara anu geus méakeun biaya gedé peuting éta bakal jadi ahir sagala impianna. Diputus kontrak ku Bima Raya, naon bédanya jeung diblokir. Sedengkeun Rukmini nyaho pisan, perusahaan mana waé anu geus di blacklist ku Bima Raya moal aya anu awét. Saupama kamari Rukmini teu kapangaruhan ku Dudung, tangtu kajadianna moal kieu.

Keur baluweng mikir. Dudung malah nanya,
"Ni, pengangkatan abdi sabagé diréktur parantos diumumkeun. Iraha nini badé serah terima ka abdi?"

Rukmini mureleng ka Dudung, leungeuna ngadadak ngeleper terus nyabok pipi Dudung,
"Dasar Incu koplok! Dina kaayaan kieu masih kénéh mikiran jabatan?"

Di luar Udin rurat-rérét néangan Icih. Di juru taman katémbong Icih keur nagog nonggongan bari nyegruk ceurik. Lalaunan Udin ngadeukeutan, terus ngaleupaskeun jasna, disangsangkeun dina taktak Icih sangkan teu katirisan ku angin peuting. Udin nagog gigireunna, ngusapan tonggong Icih bari nyarita,
"Ulah dipaké ceurik nyi, geus euweuh anu bisa diharepkeun. Ibu susi geus balik. Kontrakna ogé geus diputus. Nanaonan maké jeung diceungceurikan? Percumah Dudung diangkat jadi diréktur ogé lamun proyékna gagal dipigawé"

"Akang mah teu ngartos, kulawargi urang salami ieu mung janten bahan panghinaan kumargi balangsak. Upami abdi janten Diréktur, abdi tiasa ngangkat darajat kulawargi" témbal Icih bari nginghak.

Udin terus ngupahan,
"Sakeudeung deui maranéhna anu bakal datang ka nyai ménta dihampura sarta bakal ménta nyai sangkan jadi diréktur. Jadi ulah kateterusan sedih, ké geulisna leungit" ceuk Udin bari imut.

"Mustahil kang, watak Nini keras, hésé dirobih. Langkung saé akang ka lebet deui, tingalkeun abdi nyalira didieu" ceuk Icih.

Udin teu indit, tapi ngaranggeum tak-tak Icih kudua leungeunna, ditangtungkeun, terus disinghareupkeun ka dirina terus dirangkul.
"Sok nyi, ceurik sing wareg dina dada akang. Sugan bisa ngaringankeun rasa kuciwa nyai" ceuk Udin bari ngusapan buuk Icih pinuh ku kadeudeuh.

Teu lila Rukmini datang rurusuhan nyampeurkeun dituturkeun ku anggota kulawarga Kusumah séjénna. Bari ngahégak lantaran leumpang gancang ti jero, Rukmini nyarita ka Icih,
"Cih, buru udag ibu Susi, olo ulah nepikeun ka kontrak diputus!"

Salian béja ti Udin. Icih mémang ngadéngé kabéh ucapan Susi tina speaker anu kadéngé nepi kaluar. Wajar Susi kasinggung sarta ngaréka yén Dirékturna geus aya. Jadi Icih teu reuwas. Tapi tetep haténa mah manghanjakalkeun jeung ngarasa sedih lantaran perjoanganna nyatana diruksak ku Rukmini jeung Dudung. Jadi Icih teu némbalan.

Lantaran Icih teu némbalan. Dudung nyarita,
"Kunaon cicing téh? Ieu pan lantaran tétéh. Tétéh jeung diréktur Bima Raya geus ngabadamikeunna di dieu pan? Jadi tétéh kudu tanggung jawab!"

Rukmini nampiling deui pipi Dudung,
"Sia moal eureun nyieun masalah? Dasar incu kurang ajar! Ngajedog!"

Saterusna Rukmini ngarérét ka sararéa,
"Déngékeun ku sararéa. Icih anu pantes jadi diréktur. Tadi ucapan kuring ukur kasalah fahaman"

"Lain tadi nini geus ngumumkeun kuring anu jadi diréktur? naha ayeuna bet robah deui?" Ceuk Dudung teu tarima.

"Mun aing teu diracunan ku sia, moal kieu kajadianna, mantog!" Cek Rukmini ngagorowok kana ceuli Dudung.

Dudung teu némbal deui, ukur ngadelék ka Rukmini bari ngusapan pipina anu geus dua kali ditampiling.

"Icih, anjeun daék jadi diréktur pan? Susulan ibu Susi terus jelaskeun. Ulah ngantep Palapa ancur" ceuk Rukmini ngolo Icih.

Icih tanggah ngarérét kana beungeut Udin ménta pendapatna.

"Naon tadi ceuk akang, teu kudu nyai anu ménta. Nyai pasti ditawaran" Ceu Udin ngaharéwos bari noél irung Icih.

Icih seuri maur bari nyokot HP tina tasna,
"Mangga, ku abdi ditelepon"

Kabéh caricing nempo Icih nelepon. Loud speaker ngahaja diaktifkeun ku Icih sangkan kadéngéeun ku sararéa.

"Halo ibu Susi, nini nyuhunkeun abdi ngajelaskeun kalepatan anjeunna tadi. Saleresna anu janten direktur téh abdi. Ibu Susi tiasa masihan kasempetan deui perkawis kontrak?" Ceuk Icih.

Kadéngé Susi némbalan,
"Upami salira dirékturna, mangga, kontrak tiasa dilajengkeun. Bima Raya mung percanten ka salira, janten teu kenging aya fihak katilu anu ikut campur. Éta anu dipikahoyong ku diréktur, Upami aya kasempetan, tangtos anjeunna bakal ngajelaskeun ka salira alesanna"

Sabot anu séjén atoh ngadéngéna, Icih mah malah kerung, sabab teu ngarti kunaon Bima Raya ngaistimewakeun dirina. Asa anéh.

"Upami kitu, tiasa salira mulih deui ka acara?" Ceuk icih

"Mangga bu, kaleresan abdi teu acan tebih" témbal Susi.

Sararéa ngarasa reugreug, ahirna ngabring baralik deui ka jero ténda. Teu lila mobil Susi kaciri parkir deui di lawang hareup, Icih buburu mapagkeun Susi anu kaluar tina mobil terus dibawa asup.

Sanajan tamu kari saeutik, Rukmini tetep neruskeun acarana. Leungeun Icih ditungtun naék kana panggung. Dituturkeun ku Susi anu sarua milu naék kana panggung. Rukmini nyarita bari nyekelan mic,
"Sim Kuring neda dihapunten ka sadayana margi parantos midamel kalepatan ageung. Kanyataana Icih anu parantos nyukséskeun kontrak kerjasama sareng Bima Raya didukung sapinuhna ku sim kuring kalih wargi-wargina. Hartosna anu langkung pantes janten diréktur palapa kanggé gegentos sim kuring mung Icih"

Mic direbut ku Susi,
"Dikoréksi ku kuring, kerjasama murni usaha Bu Icih, tanpa bantuan atawa dukungan ti sasaha"

Kalakuan ibu Susi mémang teu sopan, tapi para tamu anu masih kénéh hadir keprok ngarasa panuju. Sabab jelas tadi kasaksian ku sararéa lamun Rukmini mémang ngahaja hayang nyingkirkeun Icih.

Dina panggung Susi nyodorkeun leungeuna ngajak sasalaman ka Icih,
"wilujeng nya Bu" saterusna ngarangkul Icih.

Icih maksakeun seuri sanajan bingung, teuing geus sabaraha kali ucapan Udin bener. Kawas anu keur tetebakan tapi kabéh anu dicaritakeunna ngabukti. Ayeuna dirina dipénta langsung ku Rukmini pikeun jadi diréktur.

Acara ahirna dituluykeun kana acara makan-makan anu saterusna acara dibubarkeun. Sanajan geus balik ka Imah ogé Icih masih tetep bingung.

Isukna Icih geus dangdan siap-siap rék indit ka Palapa dina kaayaan haté anu bungah. Sabab poé éta dirina bakal mimiti diuk dina korsi diréktur anu saacana didiukan ku Rukmini. Saméméh indit ningalkeun kamar, Icih deku heula nyium tarang Udin nu masih ngaréngkol dina samak.
"Nuhun nya kang"

Saterusna Icih kaluar ti imah nyegat taxi.

Pabeubeurang Udin kakara hudang, terus diuk bari ngarérét kana luhur ranjang, nyatana Icih geus euweuh. Rét Udin kana jam dinding, Udin ngagebeg reuwas. Sabab nyatana geus beurang jaba can bébérés imah, can nyeuseuh jeung can masak. Jadi buburu Udin kaluar ti kamar terus nyokot sapu keur sasapu, diteruskeun ku ngepél, nyeuseuh, Jeung ngistrika. Geus réngsé, terus udin nyokot sapédahna di pipir Imah sabab kudu ka pasar meuli sayuran keur dahareun soré. Ngan kakara ogé rék ngaboséh sapédahna. Lastri nelepon kana ponsélna.
"Din, buru ka kantor Asuransi Mutiara jalan Suci ayeuna kénéh, Tulungan Ema"

"Mangga ma" témbal Udin bari kerung. Udin rék nanya deui, ngan telepon kaburu ditutup ku Lastri.

Saenggeus telepon ditutup, Udin buburu nunda deui sapédahna,
"Beu! Aya masalah naon deui atu ieu téh? Meni unggal poé aya waé masalah" geurentesna bari ngodok saku ngitung duit récéh anu tadina keur balanja sayuran ka pasar. Terus udin lumpat ka sisi jalan nyegat taxi,
"Anteurkeun Kuring ka jalan Suci" ceuk Udin ka supir taksi.

Tepi ka tujuan Udin nempo puluhan kelompok ibu-ibu jeung bapa-bapa umur 50an kaluhur keur darémo. Malah Aya sababaraha aki-aki jeung nini-nini nu geus kolot pisan. Aya anu maké iteuk jeung anu diuk dina korsi roda. Bari kabéhanana pating corowok nyinghareup ka wangunan kantor asuransi.

Katempo Lastri aya panghareupna bari nyekelan spanduk sarua cocorowokan,
"Héri koplok! Asuransi palsu! Kaluarkeun hak aing, balikeun duit aing!" Ceuk Lastri.

Disela-sela pating corowokna sora aki-aki jeung nini-nini anu dengér, Udin nutupan ceulina anu ampir katorékan terus ngadeukeutan ka Lastri,
"Aya naon Bu?"

Lastri mikeun spanduk dina leungeuna,
"Cicing di dieu, cekelan spanduk, turutan batur milu cocorowokan. Ema capé hayang nginum heula" Ceuk Lastri bari ngoloyong ka tukang céndol teu jauh ti dinya ningalkeun Udin anu ukur bisa colohok.

Udin anu masih can ngarti masalahna nanyakeun ka saurang lalaki anu rada ngora tujuan tina démo ieu, saenggeus ngarti Udin unggut-unggutan. Nyatana Mutiara Asuransi ieu nawarkeun produk anu ngajangjikeun kauntungan gedé anu sasaranna para lansia. Jadi kabéh anu démo mangrupakeun korban anu kungsi kabongroy nunda prémi. Ayeuna nungtut duit maranéhna pikeun dipulangkeun.

Poe ieu kuduna fihak Mutiara ngaluarkeun dévidén, tapi kabéh anggota dibohongan. Alesanna lantaran yayasan keur rugi, jadi tong boro narima dévidén, duit prémi maranéhna ogé moal bisa dicokot deui. Jadi kabéh teu baralik tapi langsung darémo ménta sangkan hakna mangrupa dévidén dikaluarkeun. Atawa duit prémi dibalikeun.

Udin ngagulungkeun spanduk terus nyampeurkeun ka Lastri anu keur nyuruput céndol,
"Bu, sabaraha artos ibu anu parantos disimpen didieu?"

"Kabéh duit kulawarga hasil gawé Icih, ku ema diasupkeun kadieu kabéh" témbal Lastri.

"Hah! Sadayana?" Udin ngajenghok.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience