100. Unah dibikeun ka Baréna

Fantasy Series 60

Pas Firman nempo foto anu dimaksud jelas Firman colohok, terus neunggeul méja makan,
"Bangsat!"
Firman langsung ngaduga yén leungitna Jujun jeung Junaédi pasti pagawéan Udin. Sabab kajadianna saenggeus maranéhna ngabatalkeun niatna ngaduruk klinik Tiandi. Firman beuki sieun ku Udin. Sabab saha deui anu wani ngabéla Tiandi iwal ti Udin.

Rukmini nyangka ambekna firman lantaran Firman bingung narékahan bobogaanna. Jadi Rukmini nyarita,
"Firman. Kumaha lamun uubar ka rumah sakit di Jakarta, susuganan cageur"

Firman hiji-hijina anu bisa ngajait kulawarga Kusumah. Jadi kabéh Kulawarga Kusumah ngarasa boga tanggungjawab pikeun milu mikiran nasib Firman. Ulah nepikeun ka Firman poho kana jangjina lantaran terus mikiran bobogaanna. Sabab masih aya 700 juta deui duit anu can ditarima ti Firman.

"Gandeng! Euweuh deui di Jakarta ahli ngubaran kawas Tiandi. Percumah kuring jauh-jauh ka Jakarta. Tiandi aya didieu tapi teu daékeun ngubaran kuring" ceuk Firman.

Karsidi ogé nyarita,
"Firman. Cenah ceuk anjeun di Bandung aya babaturan anu boga pabrik farmasi? Moal nyobaan ménta tulung nitah mangjieunkeun ubar matih ka manéhna?"

Firman asa diingetan, beungeutna kaciri atoh. Mémang aya Atang, babaturanna anu boga PT Triman di jalan Banten. Farmasina dijalankeun ku anakna Atang nyaéta Baréna, kabeneran Atang jeung Baréna ogé sarua jeung Firman, nyaéta resep ka awéwé. Tangtu bakal babari ménta tulung ka maranéhna saupama dibibita ku awéwé.

Jadi Firman ngaérét ka Unah, dirina geus mimiti teu resep ka Unah saenggeus nempo kageulisan Zofia jeung Icih. Mayar 50 juta ka Unah asa rugi gedé, ukur bisa dipaké 2 peuting sabab kaburu bobogaanna kaleungitan fungsina. Bobogaanna ayeuna ukur jadi hiasan bari terus-terusan bocor. Sapoé ieu hungkul Firman geus 4 kali ganti pempers. Sangkan teu rugi teuing, Firman boga niat rék ngoperkeun Unah ka Atang atawa ka Baréna, bari rék ngolo sangkan dipangajieunkeun ubar anu hadé.

Firman seuri ka Unah,
"Unah, dangdan sing geulis isukan. Baturan akang ka pabrik farmasi"

Ningali Firman daék seuri, Unah bungah pisan. Sabab ti saprak balik ti pertemuan Ikatan Pengusaha Jawa Barat Firman geus tara seuri deui jeung sok ambek-ambekan teu puguh.

"Mangga kang" ceuk Unah seri bari unggeuk. Rukmini, Karsidi, Isah jeung Dudung reugreug nempona.

Isukna. Béja leungitna Jujun jeung Junaédi sarta saémbara 50 juta ti kulawargana masih jadi obrolan masyarakat Bandung. Tapi keur Lastri jeung Icih mah teu paduli, sabab ceuk Udin, duanana geus kabur lantaran sieun ku kajahatanna sarta keur dibeberik ku pulisi. Jadi wajar leungit sabab pasti nyumput jauh kaluar ti Bandung.

Saacan indit, Firman geus nelepon Atang, anu boga PT. Triman. Sarta janjian panggih di hiji rohangan private di Club House Bandung. Tapi Atang teu bisa datang sarta ngawakilkeun ka anak cikalna nyaéta Baréna. Jadi Firman jeung unah keur nungguan Baréna.

Unah geus dangdan séksi sakumaha paménta Firman. Baju ipis lahak anu némbongkeun beulahan dadana sarta tonggongna anu bodas. Erokna ogé pondok pisan nengahan pingping, riasan beungeutna kandel, maké bulu mata sarta maké perhiasan simpenan Isah.

Sanajan kageulisana jauh lamun dibandingkeun jeung Icih, tapi kusabab dangdananna anu séksi sagala kabuka. Sanepina ka tujuan, Unah langsung jadi perhatian kabéh lalaki anu Aya di Club House.

Unah leuwih bungah deui ngadéngé Firman rék ngawawuhkeun dirina ka Diréktur Triman, nyaeta Baréna anakna Atang. Sabab ampir kabéh pangusaha di Bandung nyaho ka Baréna. Baréna saurang lalaki anu royal, resep pésta sarta teu lebar ku duit.

Saenggeus pamor Palapa pareum, Unah sabagé direktur anyar boga kawajiban pikeun wawuh jeung pangusaha-pangusaha beunghar séjénna. Pikeun muka kasempetan bisa kerjasama jeung Palapa kahareupna.

Saenggeus 10 menit nungguan di rohangan private anu geus di pesen. Ahirna Baréna anu umurna sakitar 35-an datang. Ditukangeunna nuturkeun saurang pamuda kriting mawa tas. Katempona siga saurang asistén.

Firman buburu nangtung, ngajak sasalaman ka Baréna bari seuri.
"Baréna. Lila teu panggih, baheula basa kuring ulin ka Triman nepungan bapa anjeun. Anjeun masih sakola kénéh. Teu nyangka ayeuna geus jadi diréktur. Hayu diuk"

Baréna diuk bari seuri,
"Firman. Anjeun jelema sibuk, geus lila tara ka Bandung. Kunaon ayeuna bet aya didieu? Sisinarieun maké hayang panggih jeung kuring deuih?" Ceuk Baréna, terus neuteup cunihin ka Unah.
"Saha néng geulis ieu? Moal diwawuhkeun ka kuring?"

"Ieu alo kuring, ngarana Unah Kusumah" ceuk Firman.

"Oh, masih ti kulawarga Kusumah. Paingan geulis atuh" ceuk Baréna ngasongkeun leungeunna ka Unah terus sasalaman lila bari panonna ngarérét kana beulahan dada Unah.

Firman buburu ngajelaskeun ka Unah,
"Unah. Baréna direktur Triman Pharmaceutical. Farmasi gedé anu aya di jalan Banten Bandung"

Unah manggut seuri bari ngabetot leungeunna anu keur dicekelan pageuh ku Baréna.

Baréna muka jasna terus dialungkeun ka pamuda kriting anu diuk tukangeunna. Lantaran dialungkeun ngadadak, jas teu kasanggap terus ragrag, tapi buburu dicokot ku si pamuda dikeprukan terus ditunda dina lahunanna. Nempo jasna ragrag Baréna langsung muncereng bari nyentak,
"Dasar anak leuweung! ngan ukur bisa nyieun kasalahan wae!"

"Punten kang. Nembé abdi malaweung" tembal si pamuda sieun jeung reuwas.

Sanajan geus ditémbalan sarta dijelaskeun, Baréna tetep ambek terus nangtung sarta nampiling pipi si pamuda.
"Ilyas. Dasar sia mah budak leuweung. sabaraha kali aing ngomong ulah ngera-ngera aing dihareupen batur, ulah nyebut aing Aa, kaluar! Tungguan aing diluar!"

Ilyas ngagugu, buburu kaluar ti rohangan.

"Bangsat!" Ceuk Baréna kukulutus bari diuk deui.

"Saha anu bieu?" Firman panasaran nanya.

"Budak leuweung, lain sasaha" témbal Baréna.

Baréna ngareret deui ka Unah bari seuri,
"Unah anu geulis, anjeun geus boga kabogoh?"

Unah teu némbalan, tapi ngarérét ka Firman bari kerung. Unah teu wani ngajawab yén dirina calon pamajikan Firman sabab dikenalkeun ku Firman sabagé alona. Jadi Unah bingung rék nembalan naon? Unah nungguan Firman anu ngajelaskeun.

Firman Surti, jadi buburu nyarita,
"Baréna. Sabenerna Unah milik kuring. Tapi anjeun teu perlu nyarita ka sasaha, cukup anjeun anu nyaho"

Beungeut Baréna langsung robah lantaran kuciwa. Sabab nyatana Unah lain alona Firman tapi kabogohna. Sanajan resep ka Unah, ahirna Baréna ukur bisa cicing.

Firman jelas nyaho eusi haté Baréna, jadi ukur seuri,
"Kumaha kabar pa Atang, séhat?"

Baréna ngarahuh,
"Nyéta atuh, keur ngorana maceuh teuing ka awéwé, jadi beuki dieu panyakitna beuki ripuh"

"Baruk! Naha kuring karék nyaho?" Firman kerung.

"Nya pasti ka Batur mah moal loba omong" témbal Baréna.
"Keur ngorana bapa kawas kuring jeung anjeun. Beunghar, pamajikan dimana-mana, nepi ka palosok daérah aya"

"Teu sangka" ceuk Firman nyakakak.

Baréna nyarita deui,
"Pamuda kriting bieu, éta sabenerna adi téré kuring, ngarana Ilyas. Anak bapa kuring ti suku Amungme atawa amui, kacamatan Tembagapura deukeut puncak jaya Papua. Baheula bapa mineng kaditu nyiar bahan ubar anu ngarana akar bajakah. Kawin ka urang ditu sarta boga budak. Ngan ku sabab indungna maot, dumasar paréntah ti aki, jadi budakna dicokot dibawa kadieu sarta disakolakeun Farmasi didieu. Ayeuna babantu ka kuring di pabrik. Lain ukur kuring anu teu resep, tapi bapa kuring ogé. Pédah ngaragangan aki wé terus diurus nepi ka ayeuna"

Geus Lila Firman mémang kungsi ngadéngé Atang boga 2 anak lalaki béda indung. Tapi nyaho jujutana mah karék ayeuna.

Baréna jeung Ilyas mémang béda, salian tina beubeungeutan, tina sifat ogé jauh pisan. Ilyas bageur, cicingeun, tara loba ngomong tapi pinter. Ngan kusabab perlakuan kulawarga anu kurang hadé, jarang jelema anu nyaho ka Ilyas sacara persis. Kabéh nyangkana Ilyas ukur asisténna Baréna.

"Mémangna ubar alus naon anu bisa dijieun tina akar bajakah nepi ka pa Atang jauh-jauh nyiar kaditu?" Firman nanya.

"Aya resép anu bisa diramu, akar bajakah ukur salahsahiji campuranna hungkul. Hasilna aya sababaraha jenis ubar. Keur panyakit gula, keur nguatkeun otot, nyéhatkeun ginjel, impotén, jeung sajabana" témbal Baréna.

Firman curinghak ngadéngéna,
"Hadé teu hasiatna?"

Baréna ngarahuh deui,
"Justru resép éta andelan bapa matak bisa boga pamajikan loba dimana-mana ogé. Nepi ka bapa kuring nelah boga landian raja surabi. Tapi ubarna can diproduksi massal, resépna kudu disampurnakeun deui, sabab senggeus diparika farmakokinetik boga éfék ngaruksak haté jeung néfrotoksisitas. Anu jadi panyabab panyakit bapa kuring ayeuna. Haté jeung ginjelna geus parah"

Beungeut Firman anu tadina atoh alum deui. Baréna kerung nempona,
"Firman, kunaon anjeun? gering?"

Firman unggeuk leuleus,
"Kuring ayeuna impotén, dokter geus teu bisa ngubaran. Pangna kuring ngondang anjeun datang kadieu lantaran masalah éta. Bieu kuring atoh sugan téh ubar anu dimaksud teu boga éfék samping nanaon"

"Saran kuring ulah dicoba, kauntungana teu sabanding jeung akibatna. Kecuali anjeun daék nungguan nepi ka panalitianna rengsé sarta kapanggih campuran keur nganétralisir racunna, jadi moal nimbulkeun akibat goréng" ceuk Baréna.
"Nepi ka iraha kuring bisa nungguan?" Firman nanya.

"Nepi ka bahan keur nganétralisir racunna aya. Mun teu salah tilu poé deui bakal aya paméran bahan ubar, kuring geus nitah staf ahli ti pabrik pikeun datang" témbal Baréna.

Firman atoh,
"Senggeus bahana aya sarta formulana cocok, omat heulakeun ngajieun keur kuring"

Baréna ngahuleng,
"Sanajan geus aya bahan keur nganétralisir racunna, tapi bahan inti ubar ieu tetep akar bajakah, stok kuring teu loba paling ukur bisa jadi 2-3 tablét. Salian ngalana jauh, harga akar bajakah ogé mahal. Kecuali..." ceuk Baréna teu kebat bari ngarérét ka Unah.

"Kecuali naon?" Ceuk Firman teu sabar.

"Salila ubar ieu can dijieun, awéwé ieu moal bisa dipaké ku anjeun pan? Kumaha lamun bari nungguan, injeumkeun heula ka kuring. ubar keur anjeun bakal diheulakeun sarta gratis" Ceuk Baréna bari seuri.

Firman ngarérét ka Unah,
"Geulis, anjeun ngadéngé pan? Wéyahna demi akang, anjeun jeung Baréna heula. Layanan Baréna saperti anjeun ngalayanan akang. Daék?"

Unah ngajenghok, teu nyangka Firman bakal marabkeun dirina ka Baréna. Unah bingung, Naha salila jeung Baréna, Firman masih tetep bisa nyepengan jangjina rék ngawin sarta méré duit anu 700 juta deui keur Palapa atawa moal? Terus sabaraha lila kudu ngalayanan Baréna?

Impian Unah hayang jadi Diréktur Palapa, sakaligus bisa jadi pamajikan Firman anu beunghar. Lain hayang jadi awéwé bangor.
"Sayang, salira calon carogé abdi. Piraku abdi kedah kulem sareng anu sanés?"

Firman ambek, Firman geus teu resep ka Unah. Komo nempo kabéh kulawargana anu piduit. Firman ngarasa dirina keur diporotan. Matak euweuh deui jalan iwal ti dibikeun ka Baréna. Hubungan jeung dirina bakal dipegatkeun kaasup jangjina mantuan Palapa. Cukup 150 juta anu kapiceun, teu meunang aya duit anu kaluar deui. Sakitu ogé geus kawilang mahal teuing keur ukuran awéwé siga Unah. Leuwih Hadé néangan awéwé séjén. Anu leuwih penting keur Firman ayeuna ukur ubar.

"Calon pamajikan tapi teu nurut ka calon salaki. Komo engké mun geus jadi pamajikan resmi. Lamun bener masih ngarepkeun akang, sok baturan Baréna. Ulah hararésé jeung loba alesan" ceuk Firman muncereng ka Unah.

Cimata kasedih Unah merebey,
"Sayang, salira bogoh ka abdi dumasar cinta pan? Nanging naha teu karunya ka abdi?"

Nempo Unah ceurik, Baréna ngomong ka Firman,
"Firman. Unah kacirina bogoh pisan ka anjeun. Ulah dipaksa"

Firman ngangkat leungeuna terus nampiling Unah,
"Sia ukur bonéka ruksak tapi wani jual mahal. Layanan Baréna! Lamun henteu, aing rék ka luar ti villa Kusumah sarta moal neruskeun deui ngabantu kulawarga anjeun"

Unah ngarénjag bari ngusapan pipina anu peureus akibat ditampiling ku Firman. Unah ahirna unggeuk. Naon hartina nolak, Unah rumasa geus kotor, geus biasa dihina jeung dilécéhkeun ku lalaki. Satungtung teu kuluyuran kawas ublag dijalan. Jeung satungtung kulawargana masih dibantu, eweuh alesan keur nolak. Malah ahirna Unah boga niat rék morotan Baréna ogé.
"Mangga kang, abdi keresa"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience