Réngsé mandi, teleponna disada, Icih ngabéjaan keur aya di Bima Raya. Tapi mobilna keur diservicekeun ka béngkél. Jadi ménta Udin sangkan ngajemputna. Udin nyanggupan, jadi buburu kaluar ti kamarna nginjeum konci mobil ka Mardi, terus indit ka Bima Raya. Nepi ka Bima Raya, Udin diuk di lobby, terus nelepon Icih rék ngabéjaan yén dirina geus nungguan. Ngan Icih teu ngangkat telepon, tapi males kana WA.
"Kang, abdi masih rapat, sakedap deui réngsé, antosan" ceuk Icih.
Buburu dibales ku Udin,
"Enya, akang geus nungguan di lobby"
Teu lila teleponna disada deui, pas di tempo telepon ti Susi. Jadi buburu ditarima. Susi nanya,
"Juragan, aya Bima Raya?"
"Timana anjeun nyaho?" Ceuk Udin.
"Abdi ningal mobil juragan di luar" ceuk Susi.
"Aya hal penting anu rék dilaporkeun ka kuring?" Udin nanya deui.
Susi némbalan,
"Ibu Icih masih rapat. Upami juragan aya waktos, abdi badé ngalaporkeun sagala rupi padamelan anu paratos berjalan sareng anu masih dina rencana"
"Anjeun aya di rohangan anjeun pan? Kuring naék" témbal Udin.
"Haturnuhun juragan. Langsung ka kantor juragan nyalira wéh. Abdi anu nepangan" témbal Susi.
"Oke" ceuk Udin terus nutup teleponna.
Udin buburu naék kana lift langsung nuju ka kantorna anu aya di lantai pangluhurna. Pas Udin kaluar tina lift sarta ngaléngkah ka kantorna. Ti tukangeunna Élsa ogé karék kaluar ti toilét. Nempo aya lalaki keur leumpang ka rohangan direktur, Élsa bungah. Sanajan ukur katempo ti tukang, tapi Elsa yakin lalaki éta nyaéta direktur Bima Raya anu salila ieu keur ditutungguan ku dirina. Komo deui tonggongna persis jeung lalaki anu katempona dina foto-foto basa kajadian di émily. Élsa beuki yakin. Ngan Élsa teu nyaho lamun lalaki anu dimaksud nyatana Udin.
Tujuan Élsa datang ka Bandung sarta digawé di Bima Raya mémang lantaran lalaki éta, ayeuna manéhna datang. Élsa jelas atoh. Élsa kudu néang cara sangkan bisa ngobrol. Saha anu nyaho lalaki éta mémang jodona. Kapincut ku dirina terus daék ngawin. Sangkan teu lila teuing nuntaskeun tugas ti bapana. Jadi buburu Élsa ngudag, saacan si lalaki asup ka rohangan direktur.
Ngarasa aya anu nuturkeun, Udin teu wani ngalieuk, tapi léngkahna digancangan langsung asup ka rohangan direktur anu mémang geus teu jauh. Panto buburu ditutupkeun terus di konci ti jero.
Élsa kesel bari téténjrag. Teu nyangka si lalaki bakal ngahindar ti dirina kawas anu nyaho keur di tuturkeun. Tapi Élsa teu béakeun akal, Élsa langsung keketrok kana panto,
"Halo bapa ditektur, abdi kepala bagéan énggal ti divisi administrasi, badé masihkeun laporan"
Ti tukangeun panto Udin némbalan bari ngageremkeun sorana sangkan Élsa teu wawuheun,
"Ka Susi, teu bisa langsung ka kuring"
"Oh, hapunten. Abdi hilap" ceuk Élsa anu ngadadak ngadégdég, beungeutna langsung pias, sabab tina sora jeung cara ngomongnya, kaciri direktur lain jelema soméah. Ahirna Élsa lumpat ka rohanganna sorangan.
Ngadéngé sora selop lumpat ngajauhan. Udin teu kuat nahan piseurieun, beungeutna bareureum bari nyekelan beuteungna anu seueul, terus Udin lumpat ngajauhan panto terus diuk dina sofa bari ngabarakatak tarik.
"Bahaya lamun bieu kanyahoan" gerentes Udin.
"Kantor Élsa kudu dipindahkeun. Ulah salantéi jeung kuring sangkan kahareupna kajadian kieu teu kaulang deui"
Teu lila kadéngé sora Susi bari ngulutrakkeun gagang panto,
"Juragan, salira di lebet? Abdi Susi"
Udin buburu nangtung terus leumpang kana panto muka konci terus nitah Susi asup. Susi kerung,
"Naha bet dikonci juragan?"
Udin teu némbalan, tapi malik nanya,
"Sus, divisi naon anu teu salantéi jeung kantor kuring sarta teu ngawajibkeun pagawéna ngantor tiap poé?"
"Divisi penjualan sareng divisi bisnis, dua divisi éta teu ngawajibkeun karyawanna aya dikantor" témbal Susi
"Sip, pindahkeun Élsa jadi kepala divisi penjualan" ceuk Udin méré paréntah.
"Mangga juragan, saparantos ieu abdi badé langsung ngadamel surat paréntahna sakantenan manggil jinisna" témbal Susi.
Saterusna Susi ngalaporkeun sagala urusan pagawéan. Hususna rencana-rencana kahareupna. Proyék hotél geus di mimitian, lokasina di Cisarua, di suku gunung anu pamandanganna hadé, tukang langsung nyinghareup ka gunung Burangrang, ka hareup negrak kota Cimahi. Lamun geus jadi, hotél éta bakal jadi hotél pangméwahna sa Bandung barat. Proyékna di taksir bakal réngsé dina 2 taun kahareup.
"Lamun pamajikan kuring bisa nganggeuskeun pagawéanna kalawan hasilna alus tepat waktu sasuai jeung standar anu diterapkeun ku Bima Raya, béré deui keur tahap-2" ceuk Udin.
"Mangga juragan, sumangétna saé, nanging masih kedah seueur di bimbing sareng diarahkeun. Nanging éta tugas abdi. Juragan teu kedah salempang" témbal Susi.
Sabab sieun icih néangan, Udin buburu pamitan ka Susi,
"Kuring kudu buburu turun deui. Inget! Panggil Élsa terus pindahkeun" ceuk Udin bari kaluar langsung asup kana lift.
Susi manggut, terus balik ka kantorna maréntahkeun sékrétarisna pikeun ngajieun surat paréntah pamindahan Élsa sarta maréntahkeun pikeun ngagero Élsa sangkan nyinghareup ka dirina.
Pas udin tepi ka lobi, Icih geus nyampak diuk dina sofa nonggongan dina kaayaan siga anu lalungsé. Jadi teu nyahoen Udin bieu karék kaluar tina lift. Pan nempo Udin datang Icih nanya,
"Akang ti mana?"
"Ti toilét" témbal Udin.
"Calik heula kang" ceuk Icih saterusna Icih ngajelaskeun pagawéanna,
"Kang, proyék parantos di kawitan. Kapayuna pasti abdi bakal sibuk pisan"
Udin ngarasa karunya, jadi nyarita,
"Subkeun atuh sawaréh nyi, ulah digawéan ku Palapa kabéh"
Icih gogodeg,
"Moal kang, Palapa tos lami teuing pareum, abdi kedah mérésan hutang-hutang Palapa ka sababara Bank"
Udin kerung,
"Kulawarga Kusumah anu séjén euweuh anu ngabantu?"
Icih gogodeg deui,
"Teu aya kang, Unah masih trauma. Dudung pananganna masih di gips, nini tara sumping pisan ka kantor"
Udin ukur bisa ngarahuh terus ngajak Icih balik. Dina mobil, Icih saré tibra, Udin oge teu wani ngaganggu.
Di kantor Susi, Élsa ngarénjag lantaran di béré paréntah pindah ka divisi penjualan. Élsa bingung mikiran panyababna. Aya naon? Tapi teu wani tatanya ka Susi.
Susi ngajelaskeun,
"Kuring geus mariksa resume anjeun, ternyata kuring salah nempatkeun. sértifikat akademi anjeun management bisnis dan pemasaran. Jadi posisi anu pas keur anjeun kuduna jadi ujung tombak perusahaan di divisi penjualan anu berhubungan langsung jeung konsumén"
Susi nyarita kitu lain tanpa dasar, tapi mémang bener, penjualan leuwih penting tibatan administrasi.
Élsa atoh teu atoh, sabab di divisi penjualan pasti bakal leuwih capé. Dirina kudu mineng kaluar berhubungan langsung jeung klien. Tapi anu jadi kabungahna nyaéta umpama pagawéanna bisa méré konstribusi gedé ka perusahaan, méré kauntungan anu leuwih. Kasempetan pikeun panggih jeung direktur ogé tangtu bakal leuwih kabuka.
Kaluar ti kantor Susi, Élsa kaciri bungah, langsung nelepon sobatna, Icih.
"Cih, Kuring dipindahkeun ka divisi penjualan!"
Icih milu atoh,
"Alus atuh, Kuring percaya anjeun bakal jadi sales hadé, céréwéd, boga wawasan lega. Teu pusing kudu ngantor tiap poé"
Élsa seuri,
"Anjeun bener. Lantaran kuring keur bungah, Kuring hayang nerantir anjeun makan malam. Daék? Bawa kang Udin sakalian"
Icih ngarahuh,
"Hampura. Ayeuna mah moal bisa, kuring keur capé pisan, butuh ngaso"
Élsa bisa ngamaklum, sabab kasaksian ku dirina Icih mémang bener-bener sibuk. bérés ti Palapa, Icih kudu ka Bima Raya, teu jarang tepi ka peuting. Jadi Elsa nyarita,
"Nya teu nanaon atuh, urang néangan deui waktu séjén. Istirahat sing bener, sarékeun, ulah hayang disaréan wae" ceuk Elsa nyakakak bari nutup teleponna.
Réngsé nelepon Élsa ngalamun, sabab di Bandung euweuh batur pakumaha salian ti Icih. Sedengkeun peuting éta Elsa hayang poya-poya sabab haténa keur bungah. Malah kafikiran hayang boga kabogoh sangkan bisa maturan saupama keur dibutuhkeun siga ayeuna. Ngan Élsa inget kana tugas ti bapana anu kudu meunangkeun direktur Bima Raya. Sumangetna pikeun ngajalin hubungan jeung lalaki langsung leungit deui.
Keur anteng ngalamun, Dudung nelepon. Élsa sabenerna haroréam narima, sabab geus faham motif Dudung pasti ukur hayang ngadeukeutan hungkul pikeun mikat haténa. Jadi telepon teu diangkat.
Tapi telepon terus disada, ka opat Kalina karék ditarima.
"Aya naon?" Ceuk Elsa nanya judes.
"Élsa, Aya beja anjeun dipindahkeun ka divisi penjualan nya?"
"Nyaho timana?" Élsa kerung.
"Babaturan anu digawé di Bima Raya ngabéjaan" témbal Dudung.
"Enya, bener, mimiti isukan" ceuk Élsa.
"Sukses nya, tetep sumanget" ceuk Dudung deui.
"Enya, nuhun Dung" témbal Élsa geregeteun hayang buburu nutup teleponna.
Ngan Dudung nyarita deui,
"Élsa, anjeun geus lumayan lila di Bandung, saprak kajadian di Rumah Klasik, Kuring can ménta di hampura sacara husus ka anjeun. Peuting ieu Kuring hayang neraktir anjeun makan malam sakalian ngarayakeun pagawéan anyar anjeun. Kumaha, daék?"
"Kuring aya pagawéan lembur" ceuk Elsa méré alesan.
"Élsa, isukan geus béda deui pagawéanna, keur naon anjeun masih lembur?" Ceuk Dudung maksa.
Élsa bingung, sabab tadina hayang ngajak Icih, tapi Icih nolak. Ayeuna aya anu ngajak, sanajan teu resep ka Dudung anu munafik, ahirna Élsa nyatujuan, daripada ngarayakeun sorangan.
"Oké. Pesen tempatna Dung, terus kirim alamatna" ceuk Élsa bari nutup teleponna.
Teu lila Aya SMS ti Dudung,
"DI Papandayan hotél, bejakeun wé ngaran kuring ka bagéan reservasi réstoranna"
Élsa buburu nelepon taxi keur nganteurkeunna ka Papandayan, terus bébérés barangna sarta buburu kaluar ti kantor.
Nepi ka Papandayan Élsa geus nempo Dudung keur nangtung nungguan dirina. Dudung maké jas, buukna disisiran rapih katukang. Tapi gips sarta perban dina leungeunna mah masih aya. Sedengkeun Élsa, lantaran langsung ti kantor. Masih maké baju gawé, kaluhurna casual, kahandapna calana jeans. Langsung di papagkeun ku Dudung kana panto taksi. Jelas, penampilan anu béda éta jadi perhatian jelema loba.
"Elsa, anjeun katempo beuki geulis. Hayu langsung ka jero" ceuk Dudung bari ngasongkeun leungeunna anu masih walagri. Ngan Élsa teu maliré sabab kudu mayar heula taksi.
"Nuhun" ceuk Élsa anu ahirna némbalan bari kapaksa nyekelan leungeun Dudung anu masih namprak, duanana silih tungtun asup ka jero langsung diuk dina korsi anu geus disadiakeun. Terus mesen menu.
"Élsa, bérés dahar kuring hayang neraktir nginum ogé. Resepna naon?" Ceuk Dudung muka obrolan.
Élsa gogodeg nolak,
"Kulawarga Kuring bisnis dina Kratingdaéng jeung inuman séhat séjénna. Teu nyarankeun anak-anakna nginum inuman anu ngandung alkohol"
Ngan Dudung pura-pura teu ngadéngé, Dudung ngagero deui palayan saterusna mesen sabotol anggur mérah. Dudung seuri ka Élsa,
"Poe ieu anjeun keur manggih kabungah, jadi sakali-sakali mah teu nanaon"
"Dung, lamun anjeun maksa kuring nginum. Kuring rék balik" ceuk Élsa ngancem.
Tadina Dudung rék ngamanfaatkeun kabungah Élsa pikeun nyekok Élsa ku inuman. Dudung boga rencana séjén ka Élsa. Tapi ayeuna Élsa malah nolak. Kapaksa Dudung kudu mikir deui cara pikeun bisa ngalaksanakeun niatna bari ngabatalkeun pesenanna.
Élsa ngarti kana niat Dudung, Élsa urang Jakarta. Trik sarupa kitu geus mineng ngadéngé. Jadi Élsa tetep waspada ulah nepi kapancing. Sabab ningali Dudung geus ngabatalkeun pesenanna. Élsa nyarita,
"Nuhun, lamun anjeun geus bisa ngamaklum"
Teu jauh ti méja Élsa, aya saurang pamuda anu keur dahar sorangan. Ti saprak Élsa asup, geus merhatikeun terus ka Élsa. Manéhna kapikat ku penampilan jeung kageulisan Élsa. Saenggeus ngadédéngékeun obrolan antara Dudung jeung Elsa, dirina mimiti yakin yén duanana teu boga hubungan nanaon. Ahirna ngawanikeun nangtung bari nyampeurkeun ka Élsa, terus nyarita,
"Halo geulis, ti kawit anjeun sumping, akang ngaraos kapikat ku anjeun. Tiasa nyuhunkeun nomer teleponna?"
Élsa ngarénjag, teu nyangka bakal aya lalaki anu wani langsung ménta nomer telepon ka dirina. Dudung ogé ngarénjag, haténa ngagerentes,
"Ti mana datangna cucunguk kurang ajar ieu. Teu neuleu Élsa keur kuring?"
Saterusna Dudung molotot ka si lalaki,
"Saha manéh? wani nyampeurkeun bari ngaganggu awéwé kuring"
Si lalaki seuri sinis bari mencrong ka Dudung,
"Mémangna naon hubungan anjeun jeung awéwé ieu, Kuring ménta telepon ka awéwé ieu, kunaon anjeun anu kasinggung?"
Saterusna si Pamuda neuteup deui ka Elsa,
"Saleresna akang teu kagungan maksad ngaganggu, akang wantun tumaros kumargi bilih teu aya kasempetan pikeun pendak deui sareng salira"
Share this novel