73. Élsa ngungkapkeun eusi haténa

Fantasy Series 60

Udin colohok bingung, naha Élsa bet nyaho?
"Di Papandayan? Ari kitu kunaon di Papandayan? Akang teu rumasa nulungan anjeun di Papandayan" ceuk Udin pura-pura.

Nyaho Udin keur pura-pura Elsa surti. Pasti Udin masih rék nyumputkeun jati dirina. Tapi Naha? Kuduna Udin balaka teu kudu pura-pura deui. Udin nunda balanjaana kana karanjang sapédah, sawaréh sicantélkeun dina setang, terus leumpang lalaunan bari nungtun sapédahna dibarengan ku Elsa,

"Wengi harita abdi ditraktir tuang di Papandayan ku Dudung. Nuju tuang abdi digoda ku pameget, teras pameget éta ditusuk ku Dudung mastakana nganggé garpuh. Abdi teu nyangki masalahna bakal manjang. Uihna abdi badé diculik malah pingping abdi ditubles ku péso margi abdi ngalawan. Teras aya saurang pamuda anu nulungan abdi" ceuk Élsa ngajelaskeun kajadian di Papandayan bari ditungtungan ku ngarénghap panjang, sabab masih kabayang kénéh basa leungeun Udin nyasar urat dina pingpingna sarta leungeun Udin anu geus deukeut pisan kana bobogaanna sawaktu meulitkeun beubeur dina puhu pingpingna.

Sanajan Harita Udin teu niat jahat, tapi hiji awéwé muka calana dihareupeun lalaki bari ngan ukur duaan. Jelas Élsa baper.

Udin pura-pura ngarénjag,
"Terus kumaha si Dudung? Mémangna teu nulungan?"

"Ningal abdi ditéwak, Dudung mah malah kabur kang" ceuk Élsa bari kekerot ambek.

Udin seuri,
"Anjeun salah, éta lain kuring. Pasti aya lalaki séjén anu mirip. Kuring karék nulungan anjeun sakali, kamari hungkul"

Élsa ngaluarkeun batu bodas tina tasna anu geus dipulangkeun deui ku Érwin ka dirina,
"Ieu buktosna"

Udin ngarandeg bari molohok melong batu dina leungeun Élsa, sabab éta mémang batu anu salila ieu keur ditéangan ku dirina.

"Ukur batu, naon kaitanna jeung kuring? Dimana mobil anjeun diparkir? Kuring rék balik" ceuk Udin méngparkeun obrolan bari rurat-rérét némpoan mobil anu parkir ngajajar di sisi jalan.

Élsa nyarita deui,
"Érwin anu masihan uninga ka abdi, batu ieu anu akang"

Udin nepak tarangna, sabab nyatana Érwin biang kérokna,
"Oké, mémang kuring anu nulungan anjeun di Papandayan. Tapi omat ulah nepi ka Icih nyahoeun" ceuk Udin ahirna ngaku.

Udin neruskeun leupangna nungtun sapédah ngajauhan pasar, tapi Élsa ngudag bari ngahalangan. Udin ngarandeg.

"Abdi bogoh ka akang" ceuk Élsa bari neuteup panon Udin.

Udin reuwas,
"Élsa, istighfar! Anjeun sobat Icih"

Élsa ngarebut sapédah ti Udin terus di surungkeun ka sisi jalan terus disetandarkeun. Terus Elsa malik, leungeun Udin dicekelan duanana. Anu katuhu diantelkeun kana dada Élsa.
"Rampa dada abdi anu ngageter ieu kang, abot kanggé istri ngucapkeun rasa suka ka pameget. Nanging kapaksa abdi kedah miceun kaisin supados akang uninga. Akang teu kedah ngahindar ti abdi, abdi uninga akang saha, akang teu kedah alit manah, teu kedah ngaraos rendah diri. abdi anggota ti kulawarga Wisesa. Abdi sanggem ngabahagiakeun salira lahir batin" ceuk Élsa sorana dumareuda.

Udin teu bisa ngarasakeun geteran nanaon dina dada Élsa sakumaha anu disebutkeun ku Élsa, anu puguh mah dampal leungeuna keur didedetkeun ku Élsa kana dadana nu ngejendol gedé bari hipu. Udin buburu metot lengeunna, mundur saléngkah bari luak-lieuk bisi aya batur anu nempoeun. Terus Udin tungkul.
"Élsa, mustahil. Kuring teu bisa khianat ka Icih"

Élsa nyarita deui,
"Ti kawit akang nulungan abdi anu munggaran, akang tos nyiksa abdi siang wengi. Tadi wengi malah abdi dugi ka teu tiasa kulem margi hoyong énggal-énggal ngedalkeun eusi haté ka akang. Ayeuna akang teu masihan harepan pisan ka abdi. Abdi kuciwa"

Udin seuri dina haténa. Saupama Élsa nyaho saha Udin anu sabenerna, pasti moal wani ngomong saperti ayeuna.
"Kuring dunungan anjeun Élsa, dina hal materi leuwih mampu ti anjeun" gerentes Udin.

"Teu sawios akang nolak abdi ayeuna, nanging ijinkeun abdi tetep bogoh ka salira. Abdi badé ngabuktoskeun yén abdi pantes dipikabohoh ku akang, abdi bakal nganggap akang bébéndé abdi sanaos akang teu kagungan rasa anu sami. Abdi nyalira di Bandung, akang ogé uninga dimana abdi. Ulah asa-asa sumpingan abdi upami akang ngaraos diteungteinganan ku Icih" ceuk Élsa bari ceurik, terus lumpat kana mobilna anu rada anggang.

Udin teu malire, tapi buburu naék kana sapédahna terus diboséh gancang balik ka Imah.

Dina jero mobil Élsa masih bisa neuteup tonggong Udin keur ngaboséh sapédahna anu rimbil ku balanjaan. Ngarasa watir nempo nasib lalaki anu dipikacintana balik balanja kaluar ti pasar bari ngaboséh sapédah. Terus ngabayangkeun tepi ka Imah Udin kudu masak, sasapu, ngepél, nyeuseuh jeung sajabana. Cerikna beuki tarik, Élsa jejeritan dina jero mobil tuluy ngagukguk kanyenyerian bari nyuuh kana setir.

Tepi ka imah Udin geus teu mikiran Élsa deui. Keur jongjon ngepél, Udin inget kana jangjina ka Tiandi jeung Soni rék méré ubar anu geus disampurnakeun téa. Keur maranéhna ubar jieunan udin ubar ajaib. Tapi keur Udin ubar éta ukur ubar level-1 anu aya dina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun.

Udin mikir, lamun ubar level-1 waé boga kaampuhan kitu sarta dianggap ubar ajaib, komo lamun ubar level-9 diracik. Sigana bisa ngahirupkeun jelema paéh. Ngan mustahil, Udin gogodeg. Beuki luhur levelna, bahan-bahanna ogé beuki langka sarta beuki mahal. Dina ngajieunna ogé nguras énérgi spiritual anu kudu dikaluarkeun ku dirina. Jadi kudu dikeureuyeuh salevel-salevel.

Alesan Udin nyaggupan rék méré ubar anu geus dimurnikeun sabab Udin oge hayang nambah pangalamanna dina meraktékeunna. Hayang terus ngulik kabéh anu can kungsi dicobaan tina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun.

Sabab keur ubar anu rék dijieun masih aya bahan anu kurang, ahirna Udin wani nelepon Warni pikeun mantuan néangan bahan ubar anu kurang éta. Warni tangtu moal kabeuratan sabab hasilna keur Akina.

Warni sorangan ahir-ahir ieu mémang keur néangan cara sangkan bisa leuwih deukeut deui jeung Udin. Saupama Udin daék jadi salakina geus tangtu Udin anu bakal jadi pawaris kabéh usaha milik Nataprawira sakumaha jangji Soni.

Kulawarga maung, kudu boga anak maung. Komo deui Warni can kungsi ngalaman boga kabogoh. Warni hayang Udin anu jadi kabogoh munggaran jeung saterusna. Anéh mémang, parawan kudu bogoh ka salaki batur, tapi perasaan teu bisa dibohongan. Matak pas nyaho Udin nelepon, haténa kacida bungah pisan.

"Kang, aya pikeresaeun naon?" Ceuk warni sorana ngageter.

Udin kerung. Sabab ieu kadua Kalina Warni nyebut dirina 'akang' deui,
"Tapi keun baé lah, sebutan akang masih wajar kadéngéna keur urang Sunda" Gerentes Udin.

Jadi Udin nyarita,
"Warni, kuring rék ngamurnikeun ubar téa, tapi aya sababaraha bahan anu kurang, anjeun bisa mantuan kuring neangan bahanna? terus kirimkeun ka imah kuring?"

Warni langsung sumanget ngadéngé Udin rék ngamurnikeun ubar, sabab Soni geus nanyakeun waé. Tapi karék ayeuna Udin ngabéjaan. Sararéa ukur bisa narungguan, euweuh anu wani nanyakeun, Matak ayeuna piraku paménta Udin teu disanggupan.

Jadi buburu Warni némbalan,
"Mangga kang, WA-keun ka abdi bahan-bahan anu diperyogikeunna. Abdi badé milari anu pangsaéna langsung dikintun ka bumi salira"

"Alus, mun bisa leuwihan jumlahna. Sabab sawaktu-waktu pasti bakal butuh deui" ceuk Udin sugema.

Udin teu butuh duit keur meuli bahan ubar sabab ayeuna duit Udin ogé loba. Tapi Udin butuh sumber séjén keur kahareupna anu bisa minuhan sagala pangabutuhna. ukur ngandelkeun Qin Gang jeung Warni tangtu masih can cukup.

Udin nutup teleponna, terus ngetik bahan-bahan ubar langsung dikirimkeun ka Warni. Ngan teu disangka ku udin, nyatana Warni ogé ménta bahan ubarna ka Qin Gang. Sabab di Bandung ukur Qin Gang anu bisnisna kana bahan ubar. Jadi chat ti Udin ku Warni di share deui ka Qin Gang.

Warni nelepon Qin Gang,
"Pak Qin, nembé abdi ngintun daftar nami bahan landong, pa Qin tiasa nyiapkeunna? Abdi peryogi seueur"

"Néng Warni peryogi bahan landong, tangtosna kanggé pa Udin pan?" Qin Gang nebak-nebak.

Warni némbalan,
"Muhun. Steven ogé pasti uningaeun pun aki ayeuna parantos séhat deui kumargi dilandongan ku pa Udin. Tah ayeuna pa Udin nuju peryogi bahan landong kanggé ngamurnikeun landong anu parantos didamel sateuacanna"

Qin Gang seuri,
"Neng Warni teu kedah salempang, sadayana badé disiapkeun sarta dikintun lansung ka bumi pa Udin"

"Teu kedah répot, wios kintun ka abdi wéh, sakantenan sareng tagihanna" ceuk Warni.

Qin Gang seuri,
"Néng, salira sareng abdi kenal tos lami. Sawios abdi anu ngintunna. Sakantenan abdi ogé badé nyuhunkeun landongna. Kumargi bahan landong ieu kanggé pa Udin, néng Warni ogé teu kedah mayar ka abdi"

Warni ahirna ngéléhan,
"Nya teu nanaon ari kitu mah, tapi sing taliti nyiapkeunna. Ulah aya kasalahan"

"Bérés néng, sing percanten ka abdi" témbal Qin Gang. Ahirna telepon ditutup.

Qing Gang teu talangké ,langsung maréntahkeun pagawéna nyiapkeun bahan ubar anu di maksud.

"Aya naon pa, katingalna bingah pisan" Auxe nanya.

Qin Gang ngajelaskeun,
"Pa Udin rék ngajieun ubar ajaib. Néng Warni bieu nitah bapa nyiapkeun bahan ubarna. Saupama geus jadi, bapa kudu menta hiji"

Saprak nyaho kahébatan Udin, sifat Auxe mimiti robah, anu tadina galak jeung rada playboy, ayeuna jadi kalem jeung mimiti resep dangdan. Di imah Salman, Auxe geus nempo kakuatan Udin, katambah ayeuna kanyahoan bisa ngajieun ubar, haténa beuki resep sanajan bujurna kungsi ditalapung ku Udin. Tapi ku Auxé dijieun hiji kenangan anu moal bisa dipopohokeun.

Auxé saurang atlit beladiri, nempo Udin jago silat sarta kamampuanna jauh ti ukuran jelema biasa. Udin geus jadi idolana anu kudu diconto.

Qin Gang nyarita deui ka Auxé,
"Steven dibéjaan ku Héndri. Tabib Tiandi waé ngaku dirina éléh ku kamampuan pak Udin dina hal ngubaran jeung ngajieun ubar. Juragan Soni anu geus 3 bulan teu bisa hudang tina ranjangna, ayeuna geus jagjag waringkas deui"

Auxe colohok ngadéngéna. Kulawargana geus puluhan taun usaha bahan ubar, tapi can nyaho cara ngajieun ubar. Udin mémang luar biasa. Tabib kasohor Tiandi waé anu geus pangalaman sarta diakui ku sasaha, tukang ngubaran para konglomerat sarta bayarana mahal, ayeuna tunduk kana pangabisa Udin. Wajar Auxe beuki resep. Lalaki kasép, ngora kénéh bari sagala bisa, saha awéwéna anu teu resep.

Saurang bapa nempo anak awéwéna ujug-ujug ngalamun bari sura seuri sorangan saenggeus nyaritakeun kahébatan Udin. Jelas langsung bisa nebak naon anu difikiran ku anakna.

"Auxe, Pagawé keur nyiapkeun bahan ubarna. Saupama geus réngsé, isukan kirimkeun ka imah pa Udin" ceuk Qin Gang nitah bari sakalian hayang nyaho réaksi Auxé.

"Ku abdi? Naha kedah ku abdi?" Auxe nanya.

"Anjeun ngora kénéh, sanajan leuwih ngora, umur anjeun teu béda jauh jeung pa Udin. Jadi dina nyarita ogé moal kararagok ari sarua ngora mah. Bahasa kolot jeung bahasa budak ngora béda, teu pantes lamun bapa anu nganteurkeunna" ceuk Qin Gang méré alesan.

Saterusna Qin Gang nyarita deui,
"Ulah éra, pa Udin ogé jelema biasa, moal nanaon. Komo deui bapa kungsi ngadéngé pa Udin anak yatim, beuki loba batur anu saumuran tangtu beuki hadé keur pa Udin"

"Muhun pa, abdi ogé kantos ngadangu. Malih nikahna ogé kumargi dijodokeun. Hawatos nya pa?" Ceuk Auxe.

Qin Gang unggeuk,
"Lain ukur éta, pa Udin ogé cicing di imah mitohana sarta ukur di babukeun. Masak, ngepél, nyeuseuh, kabéh tugas imah dibikeun ka pa Udin kabéh. Hal éta geus jadi rusiah umum sabab batur ogé nyarahoeun"

"Katerlaluan!" Ceuk Auxe ujug-ujug kekerot ambek.

Qin Gang seuri,
"Pasti mitohana can nyarahoeun saha sabenerna pa Udin. Atawa mémang kitu cara pak Udin sangkan jadi jago. Kudu loba khidmat. Loba jawara anu kudu tapa, puasa jeung sajabana. Pa Udin mah jigana luhung élmu ku cara ngalayanan jelema tanpa pamrih"

Auxe unggut-unggutan,
"Khidmat ku cara anu teu biasa, ngahasilkeun kamampuan anu luar biasa"

Qin gang satuju kana ucapan Auxé,
"Bapa yakin sababaraha taun ka hareup, pa Udin bakal jadi jelema gedé anu dipikasérab ku sasaha. Moal saeutik awéwé anu hayang jadi pamajikanna. Bisa waé pada ahirna diparebutkeun. Anjeun ogé ulah cicingeun, anteurkeun bahan ubar isukan isuk-isuk kénéh. Dangdan sing geulis"

"Kah?" Auxe pura-pura reuwas.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience