"Firman? Firman ngajieun masalah ka anjeun? Tapi si Firman ayeuna keur di Bandung, lain di Jakarta" ceuk Bihaéni colohok.
Tiandi ngajelaskeun,
"Kuring muka klinik di Bandung, sarta geus netep di Bandung sangkan bisa leuwih deukeut ka guru kuring. Firman mémang teu ngajieun masalah ka kuring sacara langsung. Tapi geus ngahina guru kuring. Jadi hampura kuring. Kuring teu bisa narima perlakuan siga kieu"
Sajongjongan euweuh jawaban deui ti Bihaéni. Tapi kadéngé Bihaeni ceurik. Teu lila Bihaéni nyarita deui,
"Tiandi. Kalakuan Firman ulah diasupkeun kana haté. Ayeuna kénéh ku kuring rek di tegor sangkan datang ka anjeun ménta dihampura"
"Bihaeni, teu perlu. Lamun kuring anu dihina, kuring masih bisa ngahampura. Tapi anu dihina ku Firman guru kuring, anu geus ngajarkeun loba Élmu ka kuring. Kuring teu tarima" ceuk Tiandi bari langsung nutup teleponna.
"Zofia, konci panto terus saré" ceuk Tiandi bari mareuman HP sangkan Bihaéni teu nelepon balik.
Tepi ka villa Kusumah Firman langsung ménta cai haneut sagelas jeung sendok keur ninyuh jamu. Terus diuyup bari disaksikan ku Rukmini, Isah jeung Karsidi.
Rukmini kerung nempo gambar awéwé ngadéngkak dina bungkus jamu.
"Ieu jamu keur ngubaran tarang anjeun anu bénjol?" Rukmini nanya panasaran bari nempo tarang Firman anu bénjol urut dibalédog ku Tiandi.
Firman ukur ngarérét keuheul, tapi teu némbalan. Sedengkeun Isah anu nyaho, ngélémés éra terus asup ka kamarna. Karsidi mah ngadayagdag nyarandé dina korsi sabab ngarasa capé geus ngaganteur Firman.
Dina jero haté, kabéh kulawarga Kusumah boga harepan anu sarua. Kudu ngabantu Firman sangkan bisa cageur deui. Sabab lamun panyakitna katutuluyan. Tong boro uang jajan keur Unah, invéstasina anu 700 juta deui ogé can karuhan bisa kaluar. Kabéh kasieunan Firman balik ka Banjar tanpa ningalkeun nanaon deui.
Ayeuna karék 100 juta anu katarima ku Palapa, éta ukur cukup keur mayaran bunga tagihan hutang ka bank jeung gajih karyawan hungkul. Jauh kénéh lamun hayang bener-bener ngangkat Palapa ka puncakna saperti jaman Wawan Kusumah masih mimpin.
Firman buburu pamitan terus naék ka lantéi dua. Terus noong heula ka kamar Unah,
"Unah, ka kamar akang ayeuna" ceuk Firman ka Unah anu harita mémang keur nungguan.
"Mangga Sayang, kumaha parantos dilandongan?" Témbal Unah bari cengkat terus nyusul Firman ka kamarna.
Firman langsung nangkarak dina ranjang muka kolorna bari nitah Unah ngagunakeun sagala pangartina pikeun mantuan ngahudangkeun si jagurna. Tapi sanajan sagala rupa cara geus dibudalkeun kabéh ku Unah, ditambahan ku pangarti anyar anu diwarahkeun ku Isah jeung nempo tutorialna tina vidéo. Si jagur milik Firman masih kénéh ngulahék tibra.
Sajam euweuh hasil, firman turun pikeun ninyuh jamu deui. Malah disakalikeun 2 bungkus. Tapi angger euweuh hasilna. Firman ahirna ceurik ngagukguk kanyenyerian, ngarasa nalangsa ku nasibna. Tapi sanajan Firman ceurik, Unah masih kénéh ngotélan si jagur sangkan hudang. Ahirna bakat ku keuheul, Unah anu keur anteng ngoprék si jagur. Dijejek ku Firman nepi ka nyuksruk ragrag tina ranjang,
"Kaluar! Aing teu butuh ku sia!" Ceuk Firman nyorowok.
Unah sieun Firman katutuluyan ambek, sanajan sirahna tidagor kana karpét jeung bujurna nyeri lantaran dijejek. Unah nérékél deui kana ranjang,
"Sayang, ulah bendu atuh, abdi masih aya cara"
"Ceuk aing kaluar!" Firman ngajejek deui taktak Unah nepi ka ngajéngkang nangkarak, terus dibalédog ku bantal.
Unah teu wani ngadeukeutan deui, buburu cengkat terus lumpat ka kamarna. Firman terus ngageungeuik ceurik. Fikirana dibungkus ku rasa nalangsa jeung kabingung. Saurang lalaki suksés anu keur aya dina puncakna, ayeuna kudu nandangan kasedih anu taya papadana. Harta loba ogé euweuh gunana ari kudu kaleungitan kalalakianna mah.
Keur ngalamunkeun nasibna bari ceurik, ponsélna disada sabab aya telepon ti indungna, Bihaéni. Buburu ku Firman ditarima,
"Aya naon ma? Kunaon wayah kieu can saré? Ieu geus tengah peuting"
"Dasar anak doraka! Sia rék maéhan aing?" Ceuk Bihaéni ambek.
"Ma, aya naon ujug-ujug nyarékan kuring?" Témbal Firman bingung.
Bihaéni nyorowok,
"Koplok siah pura-pura teu ngarti. Kunaon sia nyieun masalah jeung Tiandi? Tiandi geus moal datang deui pikeun ngubaran kulawarga urang"
Firman ngarénjag ngadéngéna. Lantaran urusanna jeung Udin, Tiandi lain ngan ukur teu daék ngubaran dirina, tapi nelepon indungna ogé, embung ngubaran deui kulawargana.
"Si Tiandi bener-bener geus kapangaruhan ku si Udin" ceuk Firman ngagerentes bari huntuna kekerot.
Terus Firman nyarita,
"Ma, naon maké kudu mikiran si Tiandi. Loba kénéh tabib jeung dokter séjén anu bisa ngarawat kulawarga urang"
Bihaéni muncereng,
"Dasar anak kacingcalang! Pokona Ema teu hayang nyaho, manéh kudu ménta dihampura sarta kudu bisa mawa Tiandi ngahadiran ulang taun Ema anu ka 84 bulan hareup. Lamun henteu, aing moal ngahampura manéh!"
Firman bisa ngamaklum kana kahayang indungna, sabab taun kamari nyawana kungsi disalametkeun ku Tiandi. Firman hayang ngajelaskeun masalahna sarta hayang ngobrolkeun panyakitna. Tapi Bihaéni teu méré kasempetan Firman ngajelaskeun nanaon sabab teleponna langsung ditutup.
Firman ngoréjat hudang, terus ngamuk sagala dibanting-bantingkeun nepi ka kamar jadi acak-acakan. Terus nyokot telepon rék nelepon Tiandi, tapi telepon Tiandi dipareuman. Ahirna buburu dibaju sarta kaluar, indit sorangan ka klinikna Tiandi.
Tepi ka klinik, klinik geus tutup, sanajan digedoran angger euweuh anu muka. Ahirna Firman balik deui ngadeukeutan mobilna. Bari nyarandé dina mobil Firman ngahuleng, teu lila Firman nempo 2 lalaki keur keketeyepan ngadeukeutan klinik. Anu saurang leumpangna ingkud-ingkudan maké kruk, jelas éta Junaédi anu tadi panggih di klinik keur diusir satpam.
Firman buburu nyalingker ka tukangeun mobil terus ngintip. Lalaki anu maturan Junaédi saumuran jeung Firman. Dina leungeuna ngajingjing jarigén sarta corong anu geus dipanjangan ku selang. Katempona maranéhna rék ngaduruk klinik Tiandi.
Saprak di usir ku satpam ti klinik. Junaédi langsung balik sarta bébéja ka bapana anu ngarana Jujun. Ngarasa watir ku nasib anakna, ahirna Jujun boga ideu pikeun ngaduruk tempat praktékna Tiandi. Saenggeus ngaduruk klinik, duanana rék nyulik Icih atawa Lastri pikeun dijadikeun Sandera. Sangkan Udin datang néangan, tuluy Udin rék dipaéhan ku duaan.
"Pa, kira-kira si Tiandi saré di klinik teu?" Ceuk Junaédi nanya ka Jujun.
"Har! Nyao. Lamun saré didieu nya alus, bisa langsung modar kabeuleum" témbal Jujun.
"Pa, kumaha cara ngucurkeun bénsinna sangkan bisa asup kajero" Junaédi nanya deui.
Jujun teu némbalan, tapi nunda jarigén anu dijingjingna. Terus rurat-rérét saolah aya anu di téangan. Ahirna Jujun nyokot bangku kai ti kios roko anu geus tutup. Bangku disimpen dina handapeun blower AC, terus Jujun nété kana bangku sarta ngabedol pipa AC anu nyambung ka jero. Tina urut liang pipa AC selang anu geus nyambung kana corong diasupkeun.
"Dieukeun jarigéna" ceuk Jujun ka Junaédi.
Junaédi mikeun jarigén ka bapana,
"Duruk pa, sina malodar duanana. Beres ieu urang podaran si Udin" ceuk Junaédi ka Jujun.
Jujun nékad rék ngaduruk klinik Tiandi, sanajan posisi klinik Tiandi aya di jajaran ruko-ruko padet di jalan utama. Jujun teu paduli ku bahayana anu bakal ngarémbét ka ruko-ruko séjén. Saha bapana anu bakal cicing nempo anakna dijieun cacad bari euweuh anu daék ngubaran. Komo deui Junaédi anak lalaki hiji-hijina anu diogo ti bubudak.
Malah basa Junaédi masih sakola SD. Jujun ogé kungsi motongkeun leungeun guru ukur ku gara-gara dampal leungeun Junaédi digebugan ku jidar alatan kukunya paranjang. Harita Jujun kudu dibui 3 bulan.
Waktu Junaédi SMP ogé sarua, Jujun kungsi neunggeulan babaturan Junaédi nepi ka koma sarta dibawa ka rumah sakit alatan buuk Junaédi ditundaan peremen karét anu ahirna buukna kudu digundulan. Ku kajadian éta ogé Jujun kudu ngalaman dibui deui salila 3 bulan.
Jadi lain sakali dua kali Jujun nyilakakeun batur akibat nyaah teuing ka anak, tanpa naliti deui kasalahana aya disaha. Wajar lamun kalakuan Junaédi teu robah-robah, sabab aya andelan bapana anu pastina bakal ngabéla. Réngsé maéhan Tiandi, Jujun boga niat rek males kanyeri anakna ka Udin.
Firman anu keur ngintip, ngadéngé kabéh obrolan sarta niat bapa jeung anak. Buburu Firman nyampeurkeun,
"Dasar jelema barodo!" Ceuk Firman.
Jujun jeung Junaédi ngarénjag bari bareng ngalieuk ka Firman. Maranéhna teu nyangka kalakuanna bakal aya anu nempokeun.
Nepo Firman, Junaédi kerung.
"Anjeun anu datang jeung mang Karsidi tadi pan? Rék ngabéla si Tiandi?"
Firman gogodeg,
"Moal, kuring teu paduli ku hirup jeung paéhna Tiandi. Tapi aranjeun bodo, sabab ubar ajaib anu bisa nyageurkeun suku anjeun jeung panyakit kuring aya dijero. Lamun klinik diduruk, anjeun moal cageur, kuring ogé sarua"
Junaedi karék sadar, buburu unggeuk bari ngarebut jarigén anu geus dibikeun ka Jujun, terus ditunda dihandap. Jujun ogé ahirna turun tina bangku. Tiluanana mémang nyaho, Tiandi boga ubar ajaib anu bisa ngubaran paraplégia, teu mustahil ubar éta bisa ogé dipaké keur ngubaran suku anu potong jeung ruksakna kalalakian Firman.
"Ulah diduruk klinikna, leuwih hadé urang rampog. Podaran jelemana, téangan ubarna, terus bagi dua jeung kuring" ceuk Firman méré ideu.
"Naha anjeun bet méré ideu kitu? Anjeun ogé sarua butuh ubarna?" Jujun nanya ka Firman.
"Lain ukur butuh ubar, kuring ogé hayang modaran si Tiandi. Tapi lain ku cara ngaduruk" témbal Firman.
"Lamun kitu, tujuan urang sarua. Kumaha lamun babarengan. Tapi ulah ayeuna sabab sakeudeung deui subuh" ceuk Junaédi.
"Oké, isukan. Kadieukeun nomer kontak anjeun sangkan bisa ngabadamikeun rencanana kalawan leuwih rapih" ceuk Firman bari ngaluarkeun ponsélna.
Jujun jeung Junaédi teu nyahoeun Tiandi ukur boga ubar satengah tablét deui. Tapi Firman nyaho. Ngan kusabab Firman teu wani gagabah, jadi rék ngamanfaatkeun kawani Jujun jeung Junaédi pikeun maéhan Tiandi, Firman mah ukur butuh ubarna hungkul.
Jujun jeung Junaédi atoh boga batur sanasib saperjuangan. Teu nyuriga kana niat Firman. Saenggeus sasalaman, tiluanana bubar baralik ka imahna séwang-séwangan.
Tepi ka villa Kulawarga Kusumah, Firman buburu ngagodog mié instan, terus caina dituuskeun. Mié dibuleud-buleud sagedé tai domba sarta dianclomkeun kana cet terus dipoé, jadi mirip ubar ajaib anu katempo ku dirina dina leungeun Tiandi tadi basa teu jadi dibikeun téa. Maksudna, dimana ubar aslina geus beunang, ubar bakal buburu diinum. Sedengkeun ubar paksu jieunanna ieu bakal pura-pura dibagi dua jeung Junaédi.
Sedengkeun di imah Jujun. Junaédi jeung Jujun keur dariuk,
"Pa, kumaha saupama rencanana di oper, isukan beurang maéhan heula si Udin, peutingna kakara maéhan si Tiandi bareng jeung si Firman?" Ceuk Junaédi.
"Satuju" témbal Jujun tanpa mikir panjang.
Saperti biasa isuk kénéh Udin karék balik ti rumah sakit geus maturan Mardi bari dina karanjang sapédahna aya rantang kosong satiir jeung sakérésék seuseuheun urut baju Mardi.
Sedengkeun Lastri geus ginding kaluar ti imah sabab geus aya jangji rék judi di villa babaturanna. Kagiatan Lastri mémang sapopoéna judi jeung judi teu bisa dicarék, daék cicing di imah sotéh lamun duit geus béak. Sabab boga modal gedé anu 1,6 juta téa, jadi geus sababaraha poé tara aya di imah. Balik téh ukur mandi jeung salin baju hungkul, terus indit deui.
Dina taxi, Lastri ditelepon ku Junaédi.
"Jun, aya naon nelepon bibi?" Lastri nanya.
Junaédi mémang geus akrab pisan jeung Lastri, sabab salian ka Iyus jeung ka Frédi. Lastri ogé kungsi rék ngajodokeun Junaédi ka Icih. Sanajan teu laksana tapi hubungan duanana teu putus. Malah lamun teu boga duit keur modal judi, Lastri wani nginjeum ka Junaédi.
3 lalaki anu dimaksud kabéh kungsi jadi korban Udin, usaha Iyus dirungkadkeun maké pangaruh Susi. Frédi jeung Junaédi ruksak ku anak buah kang Bahar. Wajar lamun Lastri ngarasa prihatin ku cacadna suku Junaédi.
"Bi, basa mang Mardi dirawat, kuring sabenerna sarua dibohongan ku Joni. Jadi bibi ulah ngéwa ka kuring" ceuk Junaédi.
Share this novel