Nilik tina dedegan jeung seungit parfum anu di paké ku Udin, Élsa ngarasa geus kungsi wawuh, tapi saha? Élsa geus haroréam mikir deui, katambah awakna beuki leuleus alatan lobana getih anu geus kaluar tina urut péso dina pingpingna. Élsa ukur bisa peureum nahan nyeri bari ngadu'a. Élsa teu nyaho yén anu keur lumpat bari manggul dirina nyatana Udin.
Kamampuan Udin geus ningkat pangaruh tina énérgi batu anu geus di serep ku dirina. Teu butuh waktu lila pikeun ngalumpuhkeun 5 jelema, ayeuna sanajan bari manggul Élsa, lumpatna ogé tetep gancang, teu ngarasa beurat tur teu ngarasa capé.
Ahirna Udin asup ka hiji taman anu sepi euweuh jelema saurang-saurang acan. Saenggeus rurat-rérét sarta yakin euweuh anu nempokeun, lalaunan Udin ngaléngkah ka handapeun tangkal gedé. Élsa di écagkeun terus di golérkeun dina luhur jukut anu ngampar rapih jeung beresih. Udin melong kana liang dina calana Élsa anu terus-terusan ngaluarkeun getih. Tapi teu nyarita nanaon.
"Nuhun kang, tos nyalametkeun abdi. Anjeun saha?" ceuk Élsa, sorana haroshos ngahelas pikarunyaeun.
Udin ukur ngantelkeun curukna kana biwir Élsa sangkan Élsa ulah loba tatanya. Élsa ngagugu, sabab anggapanana, lamun dirina terus ngomong. Bisi kadéngéeun ku batur anu ahirna batur bakal daratang, kaayaan bakal beuki kacow. Padahal maksud Udin mah lain kitu, taman ieu jauh ti ditu didieu, jelas aman. Udin ngan ukur ngahindar sangkan teu kapancing némbalan pananya-pananya ti Élsa. Saupama dirina ngomong, Élsa tangtu bakal bisa nebak.
Tapi Udin tetep kudu ngomong sabab Élsa mustahil di tingalkeun dina kaayaan kawas kitu. Ahirna Udin malik nukangan Etlsa terus luak-lieuk neangan batu leutik. Batu di elapan ku jakétnya terus di gelom. Masudna saupama perlu ngomong, sorana bakal ngosom lamun bari ngabaheum batu, jadi Élsa pasti moal bisaeun nebak.
"Buka calana!" Ceuk Udin sorana ngosom.
Élsa ngarénjag, bari maksakeun rék diuk lantaran sieun,
"Anjeun rék ngagadabah Kuring?"
Élsa ceurik, sabab teu nyangka lésot tina sungut buaya ayeuna kudu nyinghareupan singa. Kitu dina jero pamikiranna.
"Ulah coba-coba kurang ajar! leuwih hadé kuring paéh!" Ceuk Élsa bari undur-unduran nyarandé kana tangkal.
Udin nyarita,
"Ulah loba usik, suku anjeun terus-terusan kaluar getih, lamun teu di setop ayeuna, anjeun bakal paéh akibat kabéakeun getih. Di bawa ka rumah sakit ogé geus telat, getih kudu dieureunkeun heula"
Élsa kerung, terus nanya,
"Anjeun bisa ngeureunkeun pendarahanna?"
Udin unggeuk bari leungeuna ngaragamang rék muka beubeur Élsa. Tapi leungeun Udin di tahan ku Élsa,
"Bawa kuring ka rumah sakit, leuwih hadé paéh di perjalanan ka rumah sakit tibatan kudu némbongkeun orat" ceuk Élsa. Bari maksakeun nangtung bari nyekelan kana tangkal anu bieu disarandéan. Karék ogé sukuna lempeng, getih tina pingpingna ngocor deui, Elsa ngarasa sirahna lieur terus buburu diuk deui.
Udin nyarita deui,
"Kuring bieu geus ngomong, ulah loba usik. Perkara ka rumah sakit gampang, anu penting getihna eureun heula"
Élsa nutupan pingpingna ku leungeunna tapi getih tetep ngucur tina sela-sela ramona. Ahirna Élsa ngagugu mimiti muka beubeurna ku sorangan, lalaunan calanana diporosotkeun bari ngagitek-gitekeun bujurna. Kawantu calana jeans ngepas awak bari dina kaayaan diuk. Mémang rada susah morosotkeunna.
Udin mantuan ngabenyéng calana Élsa nepi kana tuur. Terus beubeur anu napel dina calana Élsa di dudut dilesotkeun. 3 ramo Udin ngarampaan puhu pingping Élsa nyasar urat getih. Ngarasa Udin keur nempokeun bobogaana nu munu'u sarta ukur kabungkus ku calana jero bodas. Elsa buburu metot tungtung bajuna pikeun nutupan.
Udin ukur gogodeg, sabab teu kapikiran kudu ngarérét ka lebah dinya, Udin tetep serieus néangan urat getih dina puhu pingping Élsa. Geus kapanggih, urat langsung ditotok ku 2 ramona. Sapada harita getih langsung eureun.
Teu cukup tepi kadinya, sangkan getih teu ngucur deui, beubeur dibeulitkeun kana puhu pingping Élsa sarta dicangreudkeun satarikna. Nya daék teu daék salila meulitkeun beubeur, sababaraha kali leungeun Udin kudu ngageduk kana gundukan parabot Elsa.
"Sok nangtung!" Ceuk Udin bari nyekelan leungeun Élsa.
Élsa unggeuk terus nangtung, getih geus teu ngucur deui, sukuna ogé geus bisa ajeg nahan awakna deui sanajan rasa peurih jeung nyerina mah can leungit. Lalaunan calanana di benyéng di angsrodkeun deui ka luhur, dipaké.
"Kulantaran anjeun teu daék nyebutkeun ngaran, kuring ngahaturkeun nuhun" ceuk Élsa bari ngaluarkeun sababaraha lambar duit beureum tina tasna terus diasongkeun ka Udin.
"Ulah" ceuk Udin nolak.
"Anjeun teu daék nyebutkeun ngaran, kuring teu nyaho timana asal anjeun, lamun nolak paméré ti kuring, kumaha cara kuring mulang tarima?" Ceuk Élsa maksa.
"Anjeun kudu ngubaran suku anu tangtuna butuh biaya. Jadi tunda deui duitna" ceuk Udin.
Élsa ngasupkeun deui duit kana tasna, terus ngalaan kongkorongna,
"Kuring mémang teu mawa duit loba, tapi ieu kangkalung kudu ditarima tanda panuhun ti kuring" ceuk Élsa bari nyodorkeun kangkalungna ka Udin.
Kangkalung Élsa tina bahan platinum, aya inten kayas sagedé leunca dina gagantélna. Udin ngarasakeun aura ipis tina inten kayas éta. Matak Udin teu wani nolak, kangkalung di tarima terus dipésakan.
"Hampura, basa tadi anjeun keur maké deui calana. Kuring geus nelepon rumah sakit ku HP anjeun sarta ngirim lokasi ieu. Jadi ulah kamamana sabab sakeudeung deui ambulan bakal datang. Kuring pamit" ceuk Udin terus buburu ngaléos leumpang ngagedig ngajauhan Élsa.
Élsa teu kaburu némbalan, sabab Udin geus ngiles diteureuy ku poékna peuting. Élsa diuk bari nungguan ambulan. Tapi leungeuna nyabak barang tiis dina jukut. Pas di tempo, aya batu bodas semu abu-abu tur buleud kawas endog. Élsa kerung, timana asalna? Ahirna batu dicokot terus di tempoan, aya tulisan anu di pahat dina batu, tapi Élsa teu ngarti hartina. Ahirna batu diasupkeun kana tasna, sabab yakin batu éta milik pamuda anu bieu nulungan.
Sabenerna Udin can indit jauh, tapi diuk heula di sisi taman bari ngaburakeun batu anu ti tadi digelom. Terus Udin muka jakétnya anu geus kakucuran getih tina suku Élsa basa dipanggul. Jakét dipintel-pintel terus dipiceun kana wadah runtah anu aya di dinya. Teu lila sora ambulan datang, 2 patugas médis katempo turun tina ambulan bari mawa blangkar asup ka jero taman. Terus balik deui bari ngagotong Élsa terus di asupkeun kana ambulan. Udin reugreug, terus lumpat deui rék nyokot mobilna anu mémang jauh ti dinya.
Sajeroning lumpat, Udin inget batu dina jakétna can di cokot. Tapi kusabab lumpatna geus jauh, jadi Udin teu balik deui ka taman, tapi nyokot mobilna heula. Geus aya dina mobil, buburu mobilna di puterkeun ka taman anu bieu. Tepi ka lokasi Udin turun terus nyokot jakét dina wadah runtah. Di kodokan sakuna tapi euweuh nanaon. Nepi ka wadah runtah dibahékeun terus runtahna dikoréhan. Ngan angger batu teu kapanggih. Ahirna Udin asup deui kana mobilna langsung indit ka Palapa.
Di jero ambulan Élsa nebak-nebak saha pamuda anu bieu geus nulungan dirina. Terus nginget-nginget deui basa si pamuda pamit terus indit ngagedig ningalkeun dirina sorangan di taman. Gedigna mirip gedig direktur Bima Raya, cara leumpangna ogé persis jeung direktur Bima Raya anu diudag ku dirina di kantor saacan asup ka rohanganna.
"Direktur!" Ceuk Élsa nyorowok teu katahan, sabab atoh ngarasa yakin kana tebakanna.
Patugas médis anu diuk di hareup ngalieuk ka tukang ngadéngé Élsa nyorowok nyebut diréktur. Tapi teu curiga nanaon. Jadi ukur gogodeg.
Élsa ngodok tasna, nyabak batu anu kapanggihna bieu. Terus ngagerentes,
"Batu ieu kudu dipulangkeun, jadi kudu ditunda teu meunang leungit. Ngan saupama teu bisa panggih deui, batu ieu rék di simpen ku kuring sabagé kenang-kenangan"
Di rumah sakit pingping Élsa langsung di pariksa. Sajeroning mariksa dokter kerung bari ngaleupaskeun beubeur anu meulit dina puhu pingping Élsa. Liang dina pingping Élsa jero, tapi euweu jaringan anu ruksak atawa otot anu pegat. Ukur kulitna anu soéh jeung kabuka.
Dokter nanya ka Élsa,
"Anjeun nyebutkeun di tusuk ku péso sajam katukang, tapi kuring teu nempo karuksakan nanaon, padahal getih anu maseuhan calana anjeun loba pisan. Aya anu geus ngarawat anjeun saacan tim médis datang?"
Élsa rék ngaku, ngan kusabab anu nulungana ngarusiahkeun idéntitasna. Kapaksa Élsa ogé ngabohong ka dokter,
"Teu aya dok, Kuring ukur ngabeulitkeun beubeur kana puhu pingping sangkan getihna henteu terus-terusan ngocor"
"Luar biasa, tindakan anjeun bener pisan" ceuk dokter muji.
Terus saurang parawat asup, di tuturkeun ku 2 pulisi.
"Dok, Aya pulisi badé naliti kasus penusukan pasien"
Dokter unggeuk, terus nitah pulisi asup bari tetep di gawé ngajait sarta mungkus suku Élsa ku perban.
Pulisi anu asup ngenalkeun dirina terus nanya ka Élsa,
"Kuring narima laporan ti manager Papandayan, cenah aya kajadian penusukan, Naha korbanna anjeun?"
Pukisi anu saurang deui siap-siap nyatet katerangan ti Élsa. Élsa némbalan,
"Enya, Kuring korbana"
Saenggeus ngenalkeun diri, Élsa nyaritakeun kabéh kajadian ti awal asup ka kapapandayan bareng jeung Dudung Kusumah, nepi ka ahir sawaktu dicokot ku ambulan ti taman. Ngan Élsa teu nyaritakeun ngeunaan Udin. Sabab Élsa teu wawuh ka kabéh palaku, jadi teu bisa nyebutkeun ngaran-ngaran palaku. Pon kitu deui ciri-cirina sabab kabéh palaku maké teregos stoking. Kecuali si lalaki anu sirahna ditusuk maké garpuh ku Dudung.
Ngadéngé jabatan Élsa sabagé kepala divisi di Bima Raya, pulisi beuki sumanget pikeun naliti kasus anu tumiba ka Élsa. Sedengkeun pulisi anu saurang deui, kusabab wawuh jeung kulawarga Kusumah. Pas ngadéngé ngaran Dudung disebut ku Élsa, langsung nelepon Rukmini rék ngabéjaan.
Di villa kusumah, kulawarga keur ngariung ngabahas kumaha carana bisa manggihan Élsa Wisésa anu ceuk Dudung diculik. Sabab jadi kasempetan hadé keur kulawarga Kusumah pikeun nyebar maluruh sarta nulungan Élsa. Sangkan bisa ngadeukeutkeun hubungan antara kulawarga Kusumah jeung kulawarga Wisésa.
Élsa mémang babaturan sakola Icih, tapi kusabab harita Icih, Mardi jeung Lastri masih cicing kénéh di villa Kusumah, jadi Élsa mineng datang ka villa Kusumah pikeun Ulin nepungan Icih. Malah sawaktu Icih kawin ka Udin ogé Élsa ngahajakeun datang ti Jakarta. Malah mah ngendong sagala.
Rukmini nyaho saha Élsa, malah mah geus dianggap incuna sorangan. Komo deui basa nyaho yén kulawarga Élsa lain jelema joré-joré, tapi anak ti kulawarga Wisésa pangusaha minuman kaséhatan di Jakarta. Matak wajar hayang ngajodokeun Dudung ka Élsa.
Waktu nyaho Élsa rék datang ka Bandung ogé, Rukmini anu ngatur sangkan Dudung jeung Unah ngajemput Élsa ka Cipaganti, sarta ngatur ngabooking tempat dahar di Rumah Klasik. Ngan hanjakalna harita misi Dudung jeung Unah pikeun mawa Élsa sangkan daék cicing di villa Kusumah gagal. Dudung jeung Unah malah arasup ka rumah sakit lantaran disiksa ku Murad.
Tadi, Rukmini ogé anu nitah Dudung ngondang Élsa dahar di Papandayan. Ngan teu nyangka Dudung balik bari mawa béja teu pikabungaheun. Jadi Rukmini ngahaja ngagero kabéh kulawargana pikeun ngariung ngabahas masalah éta.
Teu lila saurang pulisi nelepon Rukmini, ngabéjaan yén Elsa aya di rumah sakit. Jadi Rukmini nyarita ka Dudung,
"Dudung, buburu siapkeum mobil, urang sararéa kudu ngalongok Élsa anu geus aya di rumah sakit!"
Dudung ngagebeg jeung rada sieun kudu indit. Ngan kusabab dipaksa ku Rukmini, ahirna Dudung daék nyupiran. Mobilna mawa kabéh anggota kulawarga Kusumah ka rumah sakit. Rukmini, Unah, karsidi jeung isah. Sapanjang jalan Dudung mikiran, kudu ngomong naon saupama geus amprok jeung Élsa? Bingung naon anu kudu dijelaskeun ka Élsa.
Tepi ka rumah sakit Dudung buburu miheulaan asup ka jero bangsal Élsa, terus nyarita ka Élsa anu keur diuk dina ranjangna,
"Elsa, hampura, kuring kapaksa indit lantaran kudu ngabéjaan bapa kuring pikeun nulungan anjeun"
Élsa némbalan keuheul,
"Nulungan naon? Kuring ampir paéh gara-gara kalakuan anjeun anu kabur teu tanggung jawab!"
"Élsa ulah salah faham heula, kuring kabur sabenerna narik perhatian anu jarahat sangkan ngudag kuring. Barina ogé jelema anu di incer pan kuring, lain anjeun. Matak teu nyangka malah anjeun anu keuna" ceuk Dudung méré alesan.
Élsa geus haroréam ngomong Jeung Dudung. Sipat asli Dudung ayeuna geus kasakuan. Élsa ukur mikir kumaha carana pikeun ngajauhan Dudung jeung kulawarga Kusumah.
Nempo Élsa cicing teu nyalahkeun deui, Dudung seuri,
"Élsa, Saha anu ahirna nulungan anjeun jeung mawa anjeun kadieu?"
"Teu perlu nyaho" témbal Elsa teugeug.
Share this novel