18. Meuli mobil keur Icih

Fantasy Series 36

Ngadéngé Icih rék ka Bima Raya heula, Élsa nanya,
"Oh, anjeun isukan rék ka Bima Raya? ulah poho sampeur kuring ka divisi administrasi nya? Kuring rék nébéng ka réstoranna darwin kana mobil anjeun"

Icih seuri maur,
"Kuring can boga mobil Sa, ka kantor ogé biasana naék beus, angkot atawa taksi, kadang-kadang dianteurkeun ku kang Udin kana sapédah"

"Hah? Anjeun Diréktur tapi can boga mobil!" Élsa colohok.

"Geus lila Palapa pareum, karék ayeuna ngamimitian deui, butuh sataun keur kuring kukumpul sangkan bisa kabeuli mobil" témbal Icih.
"Jeung barina ogé, naék kandaraan umum leuwih nyaman, teu kudu capé nyupiran, mikiran bénsin, service mesin jeung sajabana. Malah lamun cuaca hadé, diboncéng kana sapédah ku kang Udin malah leuwih asik" ceuk Icih deui bari ngiceupan ka Udin.

"Tapi mobil tetep kudu boga Cih, ngajauhkeun diri tina dihina batur. Komo anjeun saurang diréktur bari keur nyekelan proyék gedé" ceuk Élsa bari nyekelan leungeun Icih.

Udin unggeuk, ngabenerkeun omongan Élsa bari ngagerentes dina haténa,
"Icih ngirit teuing, panghasilanna kabéh dibikeun ka indungna. Sedengkeun indungna teu bisa dipercaya. Kamari kabéh duitna ampir leungit alatan ditunda di asuransi anu teu jelas" Ahirna Udin nékadkeun diri pikeun mangmeulikeun mobil keur Icih. Isukan rék ngahaja datang ka dealer Audi.

Rengsé dahar saraéa balik naék taxi. Dina radio taxi keur aya obrolan ngeunaan Taman Gantung, anu dibahas nyaéta panghususan aturan séwa Taman Gantung anu kakara ayeuna diterapkeun ku hotél Padma. Saha anu nyéwa, nepi ka bisa ngarobah aturan séwa Taman Gantung sarupa kitu? Kabéh can aya anu nyaho.

Supir taksi ngoméntaran,
"Kuring ogé hayang nyaho saha anu nyéwana, pasti sultan anu keur jadi trénding di sosméd"

Ngadéngé ucapan supir taksi, Udin teu ngomong. Udin teu nyangka hal anu ku dirina keur direncanakeun bakal jadi perhatian jelema loba, nepi ka dibahas dina acara radio sagala. Malah aya dugaan cenah Taman Gantung geus diséwa ku selebritis luar negeri.

Sawaktu Udin balanja di pasar ogé, masalah Taman Gantung keur haneut jadi bahan obrolan ibu-ibu anu balanja jeung para padagang. Teu saeutik ogé anu hayang nyaho saha awéwéna anu geus meunang perlakuan istiméwa, nepi ka saurang lalaki réla miceunan duitna keur nyéwa Taman Gantung. Sangkan idéntitasnya teu kabongkar, Udin mémang kudu ngajieun parobahan rencana di Taman Gantung.

Isukna Udin ngahaja hudang subuh kénéh, méréskeun sagala pagawéanna di Imah, saterusna indit ka dealer Audi maké sapédah. Sabenerna Udin hayang mangmelikeun Rolls-Royce keur Icih, tapi saeungeus difikir deui. Bakal hésé ngajelaskeunna ka Icih saupama ditanya timana asal duitna. Jeung deui Udin nyaho sifat Icih anu tara daék maké barang mahal. Audi mémang pilihan anu cocok keur Icih. Salian leuwih murah, di Bandung masih jarang anu boga. Jaba Audi masih pantes dipaké ku awéwé sanajan disupiran ku sorangan. Moal ngérakeun teuing.

Udin markirkeun sapédahna di hareupeun dealer, terus asup. 2 pramuniaga kaciri nangtung rék nyampeurkeun, Ngan di carék ku saurang awéwé anu diuk di tukangeun méja anu diduga menejerna.
"Antep wé ulah dilayanan, paling rék milu niis dina AC atawa rék nébéng WiFi, tempo tuh, datangna ogé kana sapédah"

Akhir-akhir ieu mémang cuaca di kota Bandung keur panas, teu saeutik jelema anu teu boga kaéra asup ka jero déaler ngan sakadar hayang milu niis dina AC, atawa ngahaja diuk lila dijero numpang WiFi gratis. Malah aya ogé anu ngahajakeun asup kana mobil jualeun ukur keur Selfi.

Nempo dangdanan Udin anu saderhana bari datangna ogé maké sapédah. Jelas Udin ogé disangkana lain rék meuli mobil, matak pramuniaga baralik deui ka tempatna. Udin anu teu dipaliré nguriling nempoan type-type Audi anu di display. Aya kurang leuwih 8 séri anu dipajang di dinya. Jadi Udin nanya rada tarik sabab euweuh pramuniaga anu nyamperkeun,
"Mana anu pangmurahna diantara sedan-sedan ieu?"

2 Pramuniaga jeung manajer dealer ukur melong ka Udin, saurang pramuniaga némbalan bari teu usik tina korsina,
"Pangaosna aya dina brosur caket masing-masing mobil, lengkep sareng spék mobilna"

Udin ngurilingan deui nyabutan kabéh brosur bari ditempoan hiji-hiji. Terus nyampeurkeun ka méja manajer bari nunda brosur Audi a3 dina méja.
"Kuring hayang anu ieu"

"Bapa tos ningal pangaosna?" Témbal manajer.

"650 juta pan?" Témbal Udin.

"Nanging Audi teu tiasa di kiridit pa" ceuk manajer.

Udin kerung,
"Har! Saha anu rék ngiridit? Pan kuring can ngomong nanaon. Kuring rék meuli kontan, moal nganjuk"

Manajer teu némbalan, tapi malah seuri sinis bari ngarérétan awak Udin ti luhur nepi ka handap.

Udin asa disapélékeun,
"Lamun aya mobil anu kajual, jelas anjeun bakal meunang komisi pan? Naha anjeun teu katémbong atoh? Rék dijual moal? atawa mémang anjeun keur teu butuh duit?"

"Kuring teu yakin anjeun bisa meuli kontan sédan anu hargana 650 juta" ceuk manajer bari terus ngageroan satpam pikeun ngusir Udin.

Ngan saméméh satpam nyampeurkeun, Udin langsung nangtung bari nyarita,
"Mun kitu anjeun geus kaleungitan komisi ti kuring. Tempokeun ku aranjeun, kuring rék meuli BMW" ceuk Udin bari ngaléngkah kaluar langsung nuju ka dealer BMW anu aya di peuntaseun jalan. Sapédah mah ku Udin diantep sina parkir di dinya.

Nempo Udin bener-bener asup ka dealer BMW, pramuniaga jeung satpam Audi colohok terus narangtung ngajajar nempo ka lebah Udin. Ngan si manajer nyarita,
"Sakeudeung deui ogé pasti kaluar sabab diusir ku satpam BMW"

Tepi ka showroom BMW Udin langsung bogoh ka BMW 760 anu didisplay panghareupna. Udin nyabut brosur terus nempoan spéknya bari noongan ka jero mobil hayang nyaho intériorna.
"Mobil méwah 12 silinder, pasti tanagana gedé" ceuk Udin dina haté.

Sadar yén dirina masih kénéh di tarempokeun ku karyawan Audi, Udin teu hayang lila-lila di dinya, salian ti waktu geus nyérélék beurang, Udin ogé hayang pamér nyupiran mawa BMW sorangan kaluar ngarah katarempoeun ku karyawan Audi. Jadi Udin nyampeurkeun ka pramuniaga,
"Kuring hayang mobil anu itu" ceuk Udin bari nunjuk mobil BMW anu dipikahayangna.

Pramuniaga colohok, terus nitah Udin diuk,
"Mangga calik heula pa. Anu dimaksad ku bapa BMW séri 7, type 760Li. Pangaosna 3,3 milyar"

"Kuring nyaho" ceuk Udin unggeuk terus ngaluarkeun kartu ATMna langsung dibikeun ka pramuniaga,
"Tah ku kuring dibayar kontan. Béréskeun ayeuna kénéh, kuring teu boga waktu loba"

Pramuniaga kerung bingung bari narima kartu, terus nanya,
"Moal tést Drive heula pa?"

Udin gogodeg. Pramuniaga nyokot mesin ECD ngetik harga terus ngagésékeun kartu. Saenggeus Udin ngasupkeun pin. Pramuniaga nganuhunkeun bari ngajak sasalaman. Terus kartu dibikeun deui ka Udin. Bari ngeprint faktur pembelian pramuniaga nanya,
"Badé dijajapkeun kamana pa? Seratkeun alamatna didieu" pokna bari nyodorkeun salambar keretas.

Udin gogodeg bari nyakuan deui kartu bankna,
"Bikeun koncina wéh ka kuring, rék dibawa ku sorangan"

Pramuniaga unggeuk terus ngagero bagéan teknisi nanyakeun kondisi bahan bakar jeung oli, saenggeus dianggap sagalana aman. Konci di bikeun ka Udin. Udin pamitan, langsung asup kana mobil, manaskeun mesinna sakeudeung, terus ngagerung kaluar langsung meuntasan jalan parkir hareupeun showroom Audi. Saterusna Udin muka bahasi tukang sarta kaluar tina mobil.

Udin nyampeurkeun kana sapédahna, sapédah dijéwang bari ditilepkeun langsung diasupkeun kana jero bahasi. Bari nutupan panto bahasi Udin ngarérét ka kabéh karyawan Audi anu masih kénéh ngajajar narempokeun bari colohok teu percaya. Udin seuri sinis terus ngaléngkah kana panto hareup anu muka kénéh langsung asup. Panto ditutupkeun saterusna mobil maju.

Nepi ka mobil Udin ngiles dina péngkolan, karyawan Audi masih carolohok bari gigisik panon sabab masih teu percaya kana tetempoanna. Aya rasa handeueul anu ngabagel dina haténa séwang-séwangan.

Dijalan Udin ngahuleng, mikiran kumaha cara ngajelaskeunna ka Icih jeung ka mitohana saupama balik ka imah bari mawa mobil BMW mahal. Ahirna Udin boga ideu, mobil dibawa asup ka béngkél gedé. Terus ménta montir sangkan ngaganti nomer séri buntut mobil Tina 760 jadi 520.

2 type BMW éta mémang saliwatan mah mirip, anu ngabédakeun ukuran mesin, intérior jeung tangtuna ogé hargana. Type 520 hargana ukur 1,2m. Teu satengah-satengahna acan ti harga type 760. Jadi ku cara nomer séri dina buntutna diganti. Udin moal bingung deui ngajelaskeunna ka Icih atawa ka mitohana. Sabab pasti maranéhna moal nyangka yén BMW anu dibawana mobil mahal.

Kaluar ti béngkél Udin sura-seuri sorangan, sabab ngarasa lucu jeung sugema kana kalakuanna sorangan. Mawa BMW 760 anu dina buntutna napel angka 520. Ngan tanpa sakanyo Udin, para teknisi di béngkél ogé keur ngarobrolkeun kajadian bieu. Sabab kabéh ngarasa anéh. Jarang aya jelema beunghar anu ngalakukeun hal siga kitu. Wani nurunkeun standar mobil anyarna sangkan katémbong murah. Padahal jelema beunghar séjénna mah sok sabalikna.

Di jalan Udin inget kudu meuli hadiah keur Darwin, jadi Udin nyimpang heula ka toko merchandise. Lantaran kabageuran Darwin ka Udin baheula, jadi Udin moal sagawayah méré hadiah. Hadiahna jelas kudu anu mahal jeung awét. Ahirna Udin meuli lukisan saharga 50 juta anu ukuranna teu pati gedé jeung bisa digulungkeun. Lukisan éta karya asli saurang pelukis Jogja anu geus kakoncara.

Kunaon Udin milih lukisan? Lantaran Darwin mémang resep kana seni saperti anu kungsi diobrolkeunna baheula, alesan séjénna sangkan batur moal bisa nebak hargana. Jadi teu nyolok mata teuing. Batur pasti bakal nyangka hargana ukur puluhan atawa ratusan rébu.

Kulantaran poé geus beurang, Udin teu kebat balik ka Imah, tapi ka Bima Raya heula bari nelepon Icih. Ngabéjakeun dirina rék ngajemput jeung ngajak langsung ka Dago, ka acarana Darwin.

Sanepina ka Bima Raya, nyampak Élsa jeung Icih keur narungguan di hareupeun lobi kantor. Duanana teu nyahoeun yén dijero sédan BMW anu eureun hareupeunna Udin. Jadi pas Udin kaluar tina mobil, duanana ngarénjag, utamana Icih. Icih colohok bari nanya,
"Ngaréntal mobil timana kang?"

Udin seuri,
"Ieu mobil anyar, ngahaja akang meuli keur anjeun"

Icih beuki colohok teu percaya,
"Ngagaleuh kanggé abdi? Akang kagungan artos timana?"

Udin seuri bari muka panto tukang sangkan Élsa jeung Icih naék,
"Nya duit akang sorangan. Sataun akan kawin jeung nyai pan meunang jatah uang jajan tiap bulan ti aki Wawan bari tara kacocéng saeutik-etik acan, jeung sanajan akang nganggur ogé pan sakali-sakali sok loba ngabantu tatangga anu ménta tulung, menerkeun kenténg, ngecét Imah, ngababad jukut, anu nitip balanjaan ka pasar jeung sajabana. Maranéhna sok méré duit alakadarna. Kabéh paméré éta ku akang disimpen di bank. Ieu hasilna, ayeuna akang bisa meuli mobil"

"Nanging éta pan artos akang, kunaon bet dipésérkeun mobil kanggé abdi?" ceuk Icih.

Élsa nyikikik seuri,
"Anjeun keur butuh mobil, kuduna atoh salaki aya perhatian ka anjeun. Kunaon bet loba mikir? Buru asup bisi telat"

Icih ahirna unggeuk terus ngaléngkah rék asup kana panto tukang mobil anu geus dibuka ku udin. Ngan buburu dibetot ku Élsa.
"Kang Udin lain supir, tapi salaki anjeun, piraku rék diantep sorangan dihareup?" Kituna téh bari nyurungkeun Icih sangkan diuk dina jok hareup.

Saeungeus kabéh aya di jero mobil, Udin majukeun mobilna lalaunan kaluar ti parkiran Bima Raya.

"Hadiah kanggo Darwin tos ngagaleuh kang?" Icih mimiti muka obrolan.

"Aya, ieu. Akang meuli ti Garasi Opa Hégarmanah" bari ngangkat kado mangrupa tabung anu geus dibungkus rapih sarta dipitaan.

"Naon éta kang?" Icih nanya

"Lukisan" témbal Udin pondok.

"Lukisan naon, sareng sabaraha pangaosna? Kadé ah ulah ngisinkeun" ceuk Icih.

Udin seuri,
"Anu penting lain masalah hargana Nyi, tapi kaikhlasan urang anu méréna. Sanajan mahal ari teu ikhlas mah keur naon? Ahirna sok aya buntutan. Jeung deui Darwin pan resep pisan kana seni, dibéré lukisan tangtu bakal atoheun pisan"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience