69. Warni meunang tugas ti Soni

Fantasy Series 36

Warni ngaheruk tungkul, cipanonna kaciri merebey tina kongkolak matana,
"Pun biang dijodokeun ka pun bapa tanpa aya dasar cinta. Aranjeunna déprési kumargi teu mendak kabagjaan. Ahirna duanana udur, gering nagtung ngalanglayung dugi ka ahirna maot dina yuswa anu masih aranom kénéh. Abdi ogé harita masih balita kénéh"

Warni nyokot tisu pikeun nyusut Cimatana, terus maksakeun seuri bari neuteup ka Udin,
"Hapunten nya pa. Salira diajak kadieu malah janten ngadangukeun abdi curhat"

Udin ogé seuri,
"Anjeun curhat ka kuring hartina anjeun percaya, teu kudu ménta di hampura. Nasib anjeun jeung kuring sabenerna sarua, ditingalkeun maot ku kolot dina umur anu masih budak kénéh. Bédana, dina ngajalanan kahirupan saterusna, nasib anjeun leuwih hadé tibatan kuring"

Warni ngarérét arlojina,
"Parantos ampir dua jam pa, hayu urang mulih"ceuk warni bari ngelapan sesa cipanon ku tisu. Terus nangtung ngajak Udin kaluar ti café.

Di Imah Kulawarga Nataprawira, Soni teu langsung saré sakumaha pituduh ti Udin. Tapi malah langsung ngobrol di rohangan tengah ménta laporan usaha salila dirina gering ti Héndri jeung bapana. Jadi sawaktu Warni tepi deui ka Imah, langsung digeroan ku Soni,
"Warni, meni lila nganteurkeun téh, aki nungguan, kadieu bageur"

"Muhun Ki, aya naon?" Témbal Warni bari buburu nyampeurkeun.

"Aki panasaran saha atuh pa Udin téh? Kumaha bet bisa wawuh jeung anjeun? Coba jelaskeun ka aki" ceuk Soni.

Warni diuk, terus ngajelaskeun,
"Abdi kaleresan pendak di Cikapundung waktos anjeuna jajap mertuana"

"Mitoha? Mémang pa Udin geus kawin?" Soni kerung.

"Parantos ki" Warni unggeuk.

"Hanjakal" ceuk Soni gogodeg.

Héndri langsung nyarita,
"Pa Udin saurang yatim piatu anu diangkat minantu ku kulawarga miskin Ki"

Soni ngarérét ka Héndri,
"Yatim piatu? Kulawarga miskin kumaha? Mémangna anjeun nyaho? Piraku Kulawarga miskin bisa boga minantu ka jelema hébat. Mémangna ti kulawarga mana pamajikan pa Udin"

"Ti kulawarga Kusumah anu kagungan Palapa, aki mah pasti moal uninga. Nanging masarakat biasa sa Bandung mah ampir sadayana uningaeun" témbal Hendri.

"Bapa ogé karék ngadéngé" ceuk bapana Héndri bari kerung.

Soni ngarérét ka Warni,
"Lantaran ukur ti kulawarga miskin, Hartina aki masih boga harepan. Coba jelaskeun deui"

Warni teu ngarti kana maksud Soni. Tapi neruskeun deui caritaanna,
"Harita aranjeunna sumping ka toko, nanging mertuana meupeuskeun kendi. Teras kendi anu reksak dilereskeun ku pa Udin nganggé tehnik kuno. Sanes mung ngadangdosan, nanging nyatana pangaos kendi ogé janten nikel. Janten abdi sanés rugel, malah justru janten untung ageung. Ti saprak kajantenan éta, ahirna abdi akrab"

Saterusna Warni ngajelaskeun deui kajadian séjénna saperti kungsi dianteur nempo mirah delima, anu ahirna Warni salamet tina panipuan. Terus kajadian basa Udin nulungan kasusahna anu diduga lantaran teluh. Usahana disalametkeun malah kangkalung titinggal indungna anu geus leungit ogé kapanggih deui. Kaasup ngajelaskeun kajadian basa Udin maéhan Ki Waja di Imah Kulawarga Wijaya. Sabab harita Warni anu ngajakna sarta nyaksian sorangan kajadianna. Kabéh jelas colohok.

"Baruk! Ki Waja geus maot sarta maotna ku pa Udin?" Ceuk Soni nanya deui sabab kurang yakin.

Warni unggeuk,
"Muhun. Ki Waja adigung, anjeunna ngayakeun acara ilégal anu tujuanna hoyong ngadu jajatén sareng paranormal sa Bandung. Dugi ka wantun nyilakakeun jalmi seueur. Ahirna dipayunan ku pa Udin ku cara ngondang béntar. Sapada harita langsung lungsur béntar ti langit anu ngabinasakeun Ki Waja"

Soni beuki colohok,
"Ambuing-ambuing, kutan kitu. Beu! Naha maké Élmu naon pa Udin beut bisa ngondang béntar sagala"

Anu séjén ogé colohok ngadéngd caritaan Warni. Sabab berita paéhna ki Waja mémang teu sumebar. Tapi dina berita geunjleung yén ki Waja leungit sabada miluan lélang di Bandung sarta teu mulang deui ka kulawargana di Banten.

Warni nyarita deui,
"Teras pa Legi ti Banyuwangi ogé badé nipu abdi, pa Udin anu nulungan abdi"

Soni ngahuleng sakeudeung. Nyoba ngahubung-hubungkeun caritaan ti Warni nepi ka ahirna Udin bisa ngahudangkeun deui dirina tina gering Parna ku pangabisa médisna. Terus nyarita,
"Kulawarga Kusumah boga minantu siga kitu, asa manglebarkeun ku nasib pa Udin. Padahal pa Udin asét mahal anu teu bisa dibeuli ku duit. Ukur prabu Siliwangi anu boga pangabisa ngondang béntar, bisa ngajieun pusaka ampuh, ngarti masalah médis sarta bisa ngajieun ubar mujarab. Kadieunakeun can aya deui jelema anu siga kitu. Ngan lamun aki teu salah, élmu prabu Siliwangi ukur bisa diwariskeun ka katurunanna. Boa-boa pa Udin katurunan Siliwangi, ménak ti Pajajaran. Tapi kulawarga mana ningrat anu boga trah Pajajaran?"

Héndri teu panuju kana kasimpulan Soni,
"Ki, élmu pa Udin mémang hébat. Tapi asa kaleuleuwihi lamun disatarakeun jeung pabu Siliwangi. Piraku ningrat pangangguran? Bari daék jadi minantu Kulawarga miskin"

Soni kerung,
"Kaleuleuwihi kumaha? Mémangna Kaman kiwari aya jelema séjén,? Aya ahli silat atawa ahli supranatural anu bisa ngondang bentar?"

Soni ngaérét ka Warni,
"Warni, aki rék méré tugas ka anjeun"

"Tugas naon Ki, mangga sebatkeun" témbal Warni.

"Kumaha waé carana. Bawa pa Udin ka kulawarga Nataprawira. Aki hayang pa Udin ngajodo ka anjeun sangkan bisa sah jadi milik kulawarga urang" ceuk Soni.

Sararéa ngarénjag sabab teu nyangka ku ideu Sony. Keur Warni, salian reuwas, Warni ogé bungah. Sabab tanpa kudu dipénta, nyatana Soni langsung méré jalan ka dirina pikeun bisa leuwih akrab deui ka Udin.

Jadi Warni nanya,
"Aki teu bendu abdi akrab sareng pa udin. Pa Udin parantos nikah. Anjeunna ogé sanés ningrat" ceuk Warni.

Soni gogodeg,
"Aki ngarasa pa Udin lain jelema biasa. Jeung naon masalahna geus kawin? Sok sanajan pa Udin geus boga puluhan pamajikan sarta ratusan incu, teu jadi soal keur aki. Tetep pa udin kudu bisa asup ka kulawarga Nataprawira. Ku kamampuanna, aki yakin pa Udin bakal bisa mawa kulawarga Nataprawira ka tempat anu leuwih luhur deui, leuwih kasohor. Jadi Kulawarga gedé sajajar jeung para konglomerat kelas atas"

Warni unggeuk sanajan teu yakin,
"Mangga Ki, tugas ti salira diperhatoskeun pisan ku abdi"

Soni nyakakak lantaran panuju,
"Alus, lamun anjeun ngajodo. Anjeun jeung pa Udin anu bakal ngaganti aki mingpin kulawarga Nataprawira kahareupna nuju ka kajayaan"

Héndri jeung bapana silih rérét. Sabab ngarasa anéh ku ucapan Soni. Naha bet Warni anu ditawaran? Hak waris pingpinan kulawarga kuduna pan ka anak lalaki cikal, atawa ka incu lalaki cikal. Dina hal ieu lantaran bapana Warni geus maot. Kuduna ka bapana Héndri atawa Hendri. Sabab Warni mah ukur awéwé. Sedengkeun ucapan Soni sabagé patriark sarua waé jeung jangji. Soni kudu nyumponan jangjina sarta moal bisa mungkir atawa nyabut deui naon anu geus jadi kaputusanna.

Ahirna kabeh caricing, ngalamunkeun anu aya dina fikiranna séwang-séwangan.

Di Imah Mardi. Udin ogé tepi ka imah tengah peuting. Teu nyangka sararéa masih bareunta kénéh sarta keur ngariung di rohangan tengah, siga anu keur ngobrolkeun hal penting.

Nempo Udin asup. Lastri langsung nyangangang ambek,
"Timana wae? ngador teu inget kana waktu, jam sabaraha ieu? Leuheung lamun inditna digadag terus balik mawa duit"

Udin rék némbalan, tapi buburu leungeunna ditungtun ku Icih ka kamar,
"Ulah didangu kang" ceuk Icih ngaharéwos ka Udin. Terus ngajak Udin istirahat saré.

Isukna Udin balik ti pasar, saenggeus nunda sayuran di dapur langsung nyampeurkeun ka Icih anu keur ngariung jeung mitohana.
"Nuju nyarioskeun naon pa? Katingalina serius pisan" ceuk Udin ka Mardi.

"Aya béja anu ngageunjleungkeun. Ari kitu anjeun can nyaho?" Témbal Mardi bari malik nanya.

"Wartos naon Kitu?" Udin panasaran.

Mardi ngajelaskeun,
"Pabrik aci pangedé-gedéna sa Jawa Barat anu aya di Banjaran kamari bangkrut sakaligus. Kabéh koperasi anu nyuplai sampeu teu daék ngirim barang deui, bank pada nagih, pokona liang panghasilan jeung ranté modalna geus pegat kabéh. Soréna Mei salaku direkturna nepi ka maot alatan luncat ti lantéi 5 urut kantorna sorangan"

"Maksad bapa bunuh diri?" Udin pura-pura ngarénjag.

Mardi unggeuk,
"Saprak narima warisan pabrik aci ti kolotna, Mei mimiti ngarintis jadi pemborong. Loba proyék perumahan-perumahan bersubsidi anu dipigawéna. Pokona hirupna keur aya dina puncakna. Ngan teuing saha anu geus kasinggung nepi ka bisa kitu?"

"Bos cunihin pantes paéh ogé" ceuk Icih anu masih ambek lantaran ampir jadi korban Mei.

Lastri muncereng ka Icih,
"Mengges ulah ngomongkeun waé Batur. Anggur mah pikiran tah balukarna muka usaha sorangan bari teu ati-ati. Ayeuna anjeun boga niat rék muka usaha ogé, lamun teu jalan atawa rugi gedé. Mémangna méntal anjeun bisa leuwih kuat ti si Mei?"

Icih teu némbalan, tapi ngaérét ka Udin bari kerung.

Lastri nyarita deui,
"Pokona Ema teu satuju anjeun muka usaha sorangan. Leuwih hadé balik deui ka Palapa, untung jeung rugi Nini anjeun anu bakal ngarasakeunna. Anjeun mah kari namprak ménta gajih tiap bulan. Geus teu kudu mikiran nanaon deui"

Icih kerung,
"Ma. Dipangaruhan naon atuh ku Nini. Meni teu lirén-lirén maksa abdi kedah mulih deui ka Palapa. Pan tos diwaler, abdi alim"

"Ema embung anjeun ngalaman nasib siga si Mei" ceuk Lastri.

Icih ngarahuh,
"Pokona moal. Kedah sabaraha kali deui abdi nyanggemkeun 'moal' ka ema supados ema lirén nyarioskeun deui masalah Palapa"

Lastri molotot,
"Terus, rék nungguan sararéa paéh kalaparan? Naha anjeun teu hariwang Palapa bangkrut?"

Icih colohok,
"Har! Pan aya Nini, aya mamang, aya Bibi, aya Dudung, aya Unah. Sadayana tiasa ngajalankeun Palapa. Piraku pédah teu aya abdi ujug-ujug Palapa bangkrut? Barina ogé sanaos Palapa bangkrut abdi mah moal rugel"

Lastri morongos,
"Kawas anu teu nyaho waé kana sifat Nini. Saupama Palapa bangrut nepi ka kudu jujualan sagala béak. Pasti lumpatna bakal ka anak. Bapa anjeun anak cikalna, tangtu daratangna bakal ka dieu, rék kamana deui? Anu ahirna kabéh bakal jadi beban keur Kulawarga urang. Éta anu kudu dipikiran mah"

Icih némbalan deui,
"Salami ieu kirang kumaha abdi tumut kana sagala kahoyong Ema, sadaya panghasilan abdi kedah dipasihkeun ka Ema. Alesanna kanggé nutupan kaperyogian sadidinten kulawarga. Nanging buktosna seuseueurna malah séép ku Ema nyalira. Abdi wé teras anu diperes supados teras ngahasilkeun artos, nanging ema anu nyéépkeunna. Sanés abdi teu ikhlas, nanging dina kaayaan kieu kedahna Ema ngartos kana peraosan abdi, ulah mamaksa teras, abdi ogé hoyong dihargaan"

Lastri ujug-ujug ceurik,
"Naha atuh nasib Ema bet jadi kieu? Can kungsi ngalaman hirup senang. Anjeun di urus ti leuleutik nepi ka gedé. Harepan Ema bisa meunangkeun salaki anu beunghar sangkan bisa ngajait kasusah kolot. Ieu mah der malah ngagugu kana kahayang aki kawin ka si Udin. Bari teu mikir balukarna. Ayeuna lain ukur anjeun, tapi Ema ogé milu ngarasakeun susahna. Si Udin sapopoéna ukur bisa dahar jeung saré. Teu ngahasilkeun nanaon pisan"

Ningali Lastri mimiti ngajieun drama ceuceurikan, Icih buburu némbalan deui.
"Ema mah kirang bersyukur. Mémangna mobil ti saha? Ayeuna urang ogé parantos kagungan villa di Bougenville. Ulah tanggah waé ningalna atuh ma. Sakali-sakali mah tungkul ka handap. Masih seueur réréncangan abdi anu hirupna langkung sésah ti abdi. Masih seueur kulawarga sanés anu kaayaana langkung ripuh ti urang"

"Mémangna mobil jeung villa bisa dihakan? Naha daék anjeun cicing di villa mahal bari kalaparan?" Ceuk Lastri tina ceurik ujug-ujug nyangangang deui.

"Upami Ema masih ngémutan diri nyalira tanpa keresa ngarampa peraosan abdi, Bapa kalih kang Udin. Wios abdi mah badé ngalih ka villa sareng kang Udin. Supados teu nyesahkeun Ema deui di dieu" ceuk Icih.

"Naon? Anjeun rék téga ningalkeun Ema?" Lastri reuwas.

Icih unggeuk,
"Téga, margi Ema ogé téga ka abdi. Ayeuna abdi kagungan carogé anu wajib dituturkeun. Parantos waktosna abdi misah ti ema"

"Ulah!" Ceuk Lastri nyorowok.

"Upami ulah, Ema ogé ulah maksa waé abdi uih ka Palapa. Sakali deui Ema nyarios anu sami, abdi moal asa-asa ngantunkeun Ema" ceuk Icih.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience