Ditanya kitu ku lalaki kolot saumuran bapana, ceurik Unah beuki tarik. Komo bari disebut teu boga kabogoh. Unah ngarasa can lila diputuskeun ku Ibro, jadi masih nganggap Ibro kabogohna.
"Eh, Naha bet narikan ceurikna. Aya naon geulis?" Ceuk Firman nanya deui cunihin.
Buburu Rukmini ngajelaskeun, sabab bisi Unah némbalan sangeunahna terus nyebut ngaran Ibro. Rukmini sieun Firman kaleungitan minat ka incuna,
"Firman. Unah incu kuring anu paling mikiran Palapa. Ayeuna Palapa rék bangkrut, geus pasti Unah paling sedih. Geus 2 poé manéhna ceurik siga kieu euweuh anu bisa ngupahan. Malah maksa kuring sangkan néangan jelema anu daék mantuan modal keur ngahirupkeun deui Palapa"
Firman langsung pindah diuk ka gigireun Unah, leungeuna nyekelan leungeun Unah,
"Unah, naon anu dibutuhkeun ku anjeun keur Palapa? Usaha kuring keur maju, Saha anu nyaho kuring bisa mantuan nganggeuskeun masalah anjeun"
Rukmini langsung curinghak ngadéngéna. Tapi Unah mah lain atoh, haténa beuki rajét, sabab anu aya dina pikiran Unah mah kumaha carana bisa balik deui ka Ibro. Unah teu paduli kana masalah di Palapa.
Nempo Unah can eureun waé ceurikna, Rukmini nyentak,
"Unah! Kunaon ditanya kawas anu linglung? Buburu tembakan terus nganuhunkeun ka Firman!"
Unah neuteup ka Rukmini,
"Kedah nganuhunkeun naon abdi ni?"
"Nganuhunkeun lantaran Firman daék ngabantu Palapa. Naha manéh teu ngadéngé?" Rukmini ngajelaskeun bari ngambek ka Unah.
"Ni, abdi nuju sedih kimargi ngémutan kang Ibro, sanes ngémutan Palapa" ceuk Unah.
"Dasar incu kurang ajar!" Ceuk Rukmini bari nampiling pipi Unah.
"Sararéa keur mikiran kumaha carana sangkan kahareupna masih bisa dahar, sia malah mikiran anu lain-lain"
Bari cimata masih merebey kénéh, Unah mencrong ka Rukmini,
"Nini damang? Naha bet nampilih abdi? Naon hubungana Palapa sareng abdi? Abdi teu didamel di Palapa, teu ngahancurkeun Palapa. Kunaon Nini teu nyabok ceu Icih anu janten panyababna"
Rukmini molotor, teu nyangka Unah geus wani ngalawan dirina bari dihareupeun Firman anu karék Panggih. Rukmini geus ngangkat leungeuna rék nampiling deui, tapi Unah buburu cengkat langsung lumpat ka kamarna anu aya di lantéi 2. Terus ngonci manéh bari ceurik.
"Karsidi. Bawa kadieu anak manéh. Teu sopan ngajéngkat ti hareupeun aing" ceuk Rukmini ka Karsidi.
Karsidi buburu cengkat terus indit ka lantéi dua rék ngolo Unah sangkan daék kaluar ti kamarna sarta turun deui.
Rukmini malik ka Firman,
"Firman, hampura incu bibi geus ngérakeun"
"Unah teu bisa disalahkeun bi. Katempona Unah mémang keur boga masalah anu leuwih beurat" ceuk Firman.
"Bener, kabéh masalah diakibatkeun ku salaki incu kuring anu hijina deui" ceuk Rukmini. Saterusna nyaritakeun Udin, Icih, Mardi jeung Lastri sarta kahirupana dumasar kana vérsi dirina sorangan bari rada dibungbuan ku kagoréngan sarta dibarengan ku ceuceurikan sangkan Firman kabawa ceuceub.
Firman gogodeg mangkarunyakeun ka Rukmini,
"Teu nyangka, aya kulawarga jahat saperti kitu. Téga nyangsarakeun dulur sorangan"
"Lamun anjeun bener rék mantuan bibi, bibi bakal nganuhunkeun pisan" ceuk Rukmini bari nyusutan cipanonna.
"Sabenerna, nunda invéstasi di perusahaan anu geus ancur rada beurat. Sabab ibarat ngawangun deui ti awal. Jadi kuring kudu ngaho heula prospékna. Sabaraha modal anu dibutuhkeun, terus sabaraha lila modal éta bakal balik deui. Invéstasi lain hal sepélé, lamun pirugieun keur naon nunda invéstasi?" Ceuk Firman.
"Anjeun bener, tapi bibi teu bisa ngajangjikeun atawa ngajelaskeun nanaon. Sabab hiji-hijina anu ngarti kana kaayaan Palapa, ayeuna geus resend. Anjeun karék ayeuna ka Bandung, jeung tangtuna bakal lila. Sok pariksa sarta pelajari heula Palapa. Dilain-lain ogé anjeun dulur, pada ahirna tetep kudu ngabantu" ceuk Rukmini.
"Oké bi, kueing mémang bakal rada lila di Bandung. Salian pikeun nepikeun amanah ti bapa, ogé aya urusan bisnis jeung babaturan. Jadi kuring rék néangan hotél heula keur istirahat sakola aya di Bandung" témbal Firman.
"Teu kudu néangan hotél, anjeun bis cicing di dieu" ceuk Rukmini.
"Tapi kuring teu ngarasa nyaman, utamana ku Unah" ceuk Firman. Ngomong kitu téh Firman sabenerna nyelok Rukmini Sangkan ngabéjakeun dimana Unah cicing.
Sauoama Rukmini ngajawab 'Teu nanaon da Unah mah teu cicing didieu' Hartina Firman rék nolak mol daék saré di villa butut milik Kulawarga Kusumah. Tapi lamun Rukmini ngajawab 'Teu nanaon da kamar mah loba, Unah moal kaganggu' Firman rék maksakeun daék saré di villa éta sanajan teu hayang. Anu penting dirina bisa leuwih deukeut sarta wawuh ka Unah. Sukur-sukur Rukmini nitah Firman saré di kamarna Unah.
Rukmini leuwih jago dina urusan nyelok jelema, maksud Firman kaharti kalawan jelas pisan ku dirina. Rukmini mémang boga niat hayang ngajodokeun Firman ka Unah. Teu paduli Firman geus boga pamajikan loba atawa simpenan loba. Sanajan dulur oge da dulur jauh ieuh. Masalah béda umur keun baé, batur ogé loba malah aya anu daék kawin ka aki-aki anu leuwih kolot ti Firman. Anu penting Firman daék ngabantu ngajalankeun deui Palapa.
Komo deui Firman anu mémang jelema beunghar, usahana loba dimana-mana. Lamun bisa ngabantu Palapa, anu untung lain ngan ukur dirina, tapi kébeh kulawarga Kusumah kaasup Unah milu diuntungkeun.
Jadi Rukmini seuri,
"Ulah hariwang Firman. Unah teu saperti awéwé séjénna. Lamun geus leungit kasedihna, pasti bakal bisa ngamaklum kunaon anjeun cicing di dieu. Sanajan villa ieu geus réa anu lapuk sarta butuh rénovasi. Tapi masih layak dipaké cicing. Privasi anjeun ogé aman, moal aya jelema diluar kulawarga Kusumah anu bakal nyahoeun anjeun aya didieu. Jeung kabeneran aya kamar kosong di lantai dua persis pahareup-hareup jeung kamarna Unah anu ukur kapisah ku kamar mandi, jadi lamun anjeun butuh batur ngobrol, moal jauh"
Firman bungah pisan, sabab omongan éta anu diharepkeun kaluar tina biwir Rukmini,
"Lamun kitu kuring satuju bi, tapi kuring rék méréskeun heula urusan bisnis jeung babaturan di Bandung. Lamun geus bérés, kakara kueing bisa mariksa Palapa"
"Alus! Bibi rék nitah palayan pikeun mérésan kamarna" ceuk Rukmini.
Harita Karsidi jeung Isah masih aya dihareupeun kamar Unah, keur ngolo sangkan Unah daék kaluar. Atawa dina teu daékna ogé, ulah nepi ka ngonci manéh kawas ayeuna,
"Unah buka, sok sanajan Nini anjeun salah lantaran geus jadi panyabab putusan anjeun jeung ibro. Tapi tetep Nini anjeun kepala kulawarga Kusumah anu kudu dipihormat. Anjeun teu bisa sangeunahna ngabantah omongan nini" ceuk karsidi.
Unah ngalenyepan omongan bapana, mémang bener ninina pamingpin. Dirina bisa di usir lamun terus-terusan ngalawan. Lamun di usir, rék cicing dimana? Rék usaha naon? Di luar euweuh anu bisa dijadikeun panyalindungan ku Unah.
"Pa, Nini geus katerlaluan. Mémangna Bapa jeung Ema teu boga niat ningalkeun Imah ieu? Kuring geus teu betah cicing didieu" ceuk Unah ti jero kamarna.
Karsidi ngarahuh,
"Lamun pindah dina kaayaan kieu, ningalkeun Nini manéh sorangan, ké disangkana bapa téga. Leuheung lamun nini bisa narima kalayan ikhlas. Lamun henteu, terus bapa diusir kawas uwa manéh, naon anu bisa diharepkeun kahareupna? Nini manéh umurna geus moal lila deui. Anjeun kudu sabar, villa ieu moal ragrag ka sasaha. Sabalikna lamun teu sabar, urang moal meunang nanaon"
"Lamun bapa manéh indit, bakal dimanfaatkeun ku uwa manéh pikeun cicing didieu ngagantikeun kulawarga urang, alesana hayang ngurus indung. Manéh réla lamun ahirna villa ieu ragrag ka uwa manéh?" Ceuk Isah nambahkeun
"Tapi kuring geus teu betah, geus teu hayang ngobrol deui jeung Nini" témbal Unah.
"Goréng kasebutna saimah bari silih betem teu patanya, komo deui ayeuna keur aya tamu. Bapa rék méré duit keur manéh, terserah rék dipaké naon, pék tenangkeun heula fikiran manéh" ceuk Karsidi.
Unah ahirna sadar, buburu muka konci panto. Terus turun rék nepungan Rukmini diiringkeun ku Karsidi jeung Isah.
Ningali Unah turun, Rukmini buburu nyampeurkeun ménta di hampura, sabab sok sieun kaambek unah ka dirina kapapanjangan anu ahirna rencanana pikeun ngajodokeun Firman ka Unah gagal,
"Unah, hampura Nini, tadi Nini kalepasan"
Unah ogé daék teu daék ngahampura. Komo deui hal éta kajadian langka. Sabab sakumaha salahna ogé, biasana Rukmini tara daék narima salah, komo deui nepi ka ménta dihampura tiheula.
Leungeun Unah dicekelan ku Rukmini terus dibawa diuk ngaréndéng. Terus Rukmini nyarita,
"Anjeun nyaho pan, kulawara urang keur susah?"
Unah unggeuk,
"Uninga ni"
"Anjeun geus diputuskeun ku si Ibro, éta mangrupakeun hinaan pikeun kulawarga urang..."
Can ogé Rukmini tamat ngomong, Unah geus ngahinghing deui ceurik bari tungkul. Sabab mémang bener, saurang awéwé anu geus ditunangkeun ujug-ujug diputuskeun, mémang mangrupakeun hinaan gedé. Lain ukur hinaan keur dirina sorangan, tapi hinaan ogé keur kabéh kulawargana.
Rukmini ngusapan tonggong Unah,
"Unah, geus ulah dipaké ceurik waé, sabab moal aya tungtungna. Anjeun baheula incu Nini anu paling lucu, lincah jeung geulis. Matak Nini nyaah pisan ka anjeun. Kolot anjeun ogé nyaaheun. Sanajan anjeun tara babantu ka kolot atawa babantu ka perusahaan, tapi pan euweuh anu nyarek. Kabeh bisa ngamaklum. Sabab waktu harita mah kulawarga urang keur senang. Tapi ayeuna geus béda, anjeun kudu bisa ngarobah sifat, nyesuaikeun jeung kaayaan. Naon anu bisa dibantu ku anjeun keur kulawarga. bantu. Ulah masabodo teuing"
Unah unggeuk,
"Enya ni, kampura kuring. Kuring ngarumasakeun tara babantu. Sabab kuring mémang euweuh kabisa"
Rukmini seuri,
"Anu enggeus mah enggeus, sanajan kumaha ogé anjeun incu Nini. Pamohalan nini ambek salilana lamun anjeun geus ngarti"
Terus Rukmini ngomong deui bari ngusapan leungeun Unah,
"Tah ayeuna aya tugas keur anjeun pikeun mantuan kulawarga. Lamun anjeun hasil, lain ukur kulawarga, tapi Palapa ogte bisa balik deui kawas saacana. Kumaha, anjeun sanggup?"
Unah unggeuk terus neuteup beungeut Rukmini,
"Naon ni? Salila kuring bisa, pasti bakal dibantu"
Ngadéngé Rukmini boga ideu bari nugaskeun ka Unah, Karsidi, Dudung jeung Isah curinghak. Buburu tiluanna ngadeukeutan hayang milu ngadéngékeun.
"Ma, boga rencana naon? Buru sebatkeun" ceuk Karsidi teu sabar.
Rukmini nyarita,
"Firman bakal nempatan kamar kosong di lantéi dua"
"Anjeunna badé ngabantos?" Isah nanya.
Rukmini gogodeg,
"Firman teu boga niat rék ngabantu. Datang ka dieu salian mikeun amanah ti kolotna, ogé aya uruseun bisnis anu kudu diréngsékeun. Salila aya di Bandung, Firman rék cicing didieu"
Karsidi teu ngarti kana maksud Rukmini,
"Terus maksud Ema kumaha? Naon kaitanna jeung Unah?"
"Salila cicing didieu, keun sagalana sina dilayanan ku Unah. Sabab kacirina Firman nunda haté ka Unah. Palayan sarta aranjeun teu perlu pipilueun" ceuk Rukmini ngajelaskeun.
Karsidi langsung ngarenjag,
"Maksud Ema ngalayanan kumaha? Kalebet ngalayanan hal-hal pribadina?"
Rukmini unggeuk,
"Bener. Firman jauh ti pamajikanna. Sabagé lalaki. Salila aya di Bandung pasti butuh dilayanan ku awéwé pan?"
"Ma, umur Firman sarua jeung kuring" ceuk Karsidi teu panuju.
"Terus naon masalahna? piraku Ema anu kudu ngalayanan atawa nitah si Isah? Inget, si Unah geus teu parawan, lalaki bener geus moal aya anu daékeun. Tibatan terus-terusan léwéh mikiran si Ibro bari teu ngahasilkeun nanaon. Pan leuwih hadé morotan si Firman" ceuk Rukmini muncereng ka Mardi
"Ma. Hubungan Unah jeung Ibro lantaran silih mikacinta. Tapi jeung Firman? Ieu ngarana maksakeun kahayang ema sorangan. Anu dijadikeun korban unah" ceuk Karsidi.
Rukmini mencrong beungeut Karsidi,
"Karsidi. Dénékeun Ema. Si Firman beunghar, lamun si Unah daék, rék ménta naon ogé pasti dibéré. Naha maké disebut jadi korban? Justru Ema ngabantu méré jalan keur kasenangan si Unah jeung kulawarga urang"
Karsidi gogodeg,
"Abdi teu satuju, hubungan lalaki jeung awéwé kudu dumasar kana rasa silih suka, teu bisa dipaksakeun. Naon kasebutna kuring salaku bapa lamun ngantep haté anakna ancur. Firman saumuran jeung kuring, pantesna jadi mamang atawa uwana si Unah. Lain kabogoh"
"Jadi anjeun teu tarima kana ideu Ema? Lamun kitu montong sok loba ngeluh lantaran susah, lamun Palapa euweuh, villa euweuh, terus Ema paéh, naon anu rék dihakan ku maranéh?" Ceuk Rukmini bari ngajangilek miceun beungeut.
Karsidi cicing, aya perang batin dina dirina. Sedengkeun Unah, ngadéngé ideu ninina, geus teu wani deui ngabantah, tapi terus ngahinghing ceurik sabab asa diteungteuinganan.
Share this novel