75. Udin nyumponan jangji

Fantasy Series 36

Lamun ubar saméméhna ukur bisa nurunkeun déprési jeung ngalancarkeun aliran darah. Ubar anu ayeuna mah bisa ngoméan organ akibat luka dalam anu parah jeung karuksakan fungsi. Panyakit Tiandi kuduna bisa cageur cukup ku ½ ubar.

Udin misahkeun 10 ubar pikeun dibagikeun, 20 deui disimpen. Bari nungguan awakna jagjag deui, Udin ngirim chat ka Tiandi, Warni, Qin Gang sarta Salman pikeun ngumpul peuting ayeuna di Rumah Klasik. Udin ogé ngabéjaan kang Bahar sangkan nyiapkeun tempatna.

Kabéh anu dichat ku Udin ngarasakeun kabungahan anu sarua. Kabéh sumanget pikeun datang. Warni jeung Qin anu saméméhna nyangka bakal nungguan lila reuwas, sabab ubar anggeus dijieun dina sapoé. Anu leuwih reuwas deui Salman, sabab karék oge tepi ka imah balik ti Udin, geus di chat yén ubar geus jadi.

Peutingna kabéh anu di chat ku Udin geus ngarumpul di Rumah Klasik. Udin rada telat datang sabab kudu masak heula nyadiakeun keur makan malam kulawargana. Terus pamitan bébéja rék nepungan babaturanna anu geus lila teu panggih.

Di lobi Rumah Klasik geus nyampak Salman, Qin Gang, Auxé, Warni, Tiandi, Zofia jeung Bahar keur dariuk ngobrol. Nempo Udin asup kabéhannana kompak nangtung bari manggut ka Udin.
"Wilujeng wengi pa Udin"

Udin manggut bari seuri,
"Hampura kuring telat, sabab kudu masak heula, geus lila narungguan?"

"Salira teu telat. Ieu munggaran salira ngondang sacara pribadi, janten sadayana sumping langkung awal" ceuk Warni. Nu séjén ogé kabéh unggeuk ngabenerkeun.

Udin kerung, ningali dangdanan kabéh jelema di hareupeunna. Anu lalaki kabéh maké jas, anu awéwé maké gaun malam, dangdan rapih siga anu pageulis-geulis. Iwal ti Tiandi anu teu ningalkeun ciri khasnya, nyaéta maké baju ala Pakistan, tapi tetep bajuna ogé lain baju murah, bahana tina jenis kaén mahal anu dipesen husus. Sedengkeun Udin sorangan ukur maké kaméja leungeun pondok, calana jeans jeung sapatu kéts.

3 awéwé béda asal nagara, béda pakulitan, béda keureutan beungeut, béda umur, béda ogé cara dangdana. Warni Sunda, Zofia Pakistan, Auxe China. Tapi kabéh sarua geulisna. Sarua boga daya tarikna sorangan-sorangan. Ngan tina kharisma jelas pamor Warni leuwih gedé, salian ti leuwih déwasa, leuwih kalem, pendidikan jeung tingkat ékonomi Warni ogé leuwih punjul tibatan Auxé jeung Zofia.

"Kuring hayang ngingetan ka aranjeun kabéh keur kahareupna. Deukeut jeung kuring kudu ngaleungitkeun sagala birokrasi. Teu kudu kaleuleuwihi, teu kudu resmi. Kuring resep diperlakukeun saayana, sawajarna" ceuk Udin seuri.

Qin Gang buburu ngeupeulkeun dua leungeuna bari tungkul,
"Anjeun pantes dipihormat tanpa aya maksud séjén. Hampura lamun kuring salah"

Salman ogé nembal,
"Anjeun geus dianggap maha guru, kurang sopan lamun kuring ngahadiran ondangan anjeun bari dandan saayana"

"Pangarti anjeun dina sagala widang geus ngaleuwihan kampuan jelema biasa, wajar lamun sararéa hayang katempo sopan dihareupeun anjeun" ceuk Tiandi.

Udin ukur gogodeg,
"Nya terserah aranjeun, ngan éra wé lamun diperhatikeun ku batur, kuring lain raja" ceuk Udin kituna téh bari nyakakak seuri pikeun nyairkeun suasana anu kaku.

"Kang Bahar tempatna geus siap?" Ceuk Udin nanya ka Bahar.

"Bérés dén, di rohangan adén sorangan. Hayu tuturkeun kuring" témbal kang Bahar.

Sasuai jangji anu geus kungsi diucapkeunna, ayeuna Udin geus ngabogaan hiji rohangan husus di Rumah Klasik. Anu fasilitasnya leuwih méwah ti rohangan séjénna. Sarta ukur bisa dipaké ku Udin hungkul, teu diséwakeun ka palanggan séjén.

"Alus. Lamun kitu hayu urang pindah tempat" ceuk Udin ka sararéa bari leumpang nuturkeun Bahar.

Tepi ka rohangan anu dimaksud, geus nyampak hidangan kumplit ngajajar rapih dina méja pasagi ukuran gedé dikuriling ku 15 korsi. Kabéh furniture di jero dijieun tina bahan kai jati anu diukir relief maung. Hidangan anu disadiakeun ku Bahar ogé kabéh kadaharan méwah anu pastina nikmat.

Udin teu ngondang jelema loba, tapi anu daratang kabéh petinggi dina widangna masing-masing. Batur anu nempo pasti moal percaya Udin bisa ngumpulkeun jelema-jelema top di Bandung.

Saméméh kabéh dariuk, Bahar ngajelaskeun ka Udin,
"Dén, naon anu dihidangkeun kabéh mangrupakeun menu andelan Rumah Klasik, dijieun tina qualitas bahan anu panghadéna sarta dipasak ku koki sénior anu pangalaman. Tapi bisi aya anu kurang, ulah asa-asa ménta ka kuring atawa pencét bél anu aya dina handapeun méja hareupeun tiap korsi. Kuring rék nungguan di luar"

Bahar ngomong kitu sabab bisi Udin kuciwa. Saméméhna Bahar teu nyaho yén anu diondang para gegedén hungkul. Sedengkeun dirina ukur raja préman. Jadi sanajan hidanganna geus maksimal, bahar tetep masih ngarasa sieun.

Ningali Bahar geumpeur, Udin ngarti. Jadi Udin nyarita,
"Kang, urang kabéh aya di rohangan anu sarua, bakal diuk dina korsi anu sarua, sarta bakal ngadahar hidangan anu sarua. Euweuh perbédaan darajat di dieu. Akang jeung kuring malah wawuh leuwih lila tibatan jeung anu séjén, hayu diuk" ceuk Udin nitah Bahar diuk dina korsi katuhueuna. Disusul ku Warni kéncaeuna. Sedengkeun anu séjén ngabagi dua dikénca jeung katuhueun méja.

Udin mencet bel, teu lila saurang palayan asup,
"Pangajieunkeun kuring beuleum peda jeung karédok leunca, surawungna lobaan" ceuk Udin.
Udin ngahaja pesen anu kitu sangkan Bahar ngarasa tenang, teu ngarasa minder deui ku hidanganna.

Bahar bungah, sabab Udin memperlakukeun dirina disajajarkeun jeung anu séjén. Malah dina méja makan bisa diuk sacara husus ngaréndéng jeung Udin. Padahal Rumah Klasik milikna. Tapi dina sapopoéna kang Bahar boga prinsip, saha waé anu datang pikeun dahar di Rumah Klasik, kabéh dianggap dununganna. Komo deui ayeuna aya Warni Nataprawira, lamun teu di bantu ku Soni Nataprawira, Bahar moal bisa ngawujudkeun Rumah Klasik.

Lantaran Warni aya kéncaeun Udin anu jarakna ngan sajeungkal, jelas seungitna parfum mahal langsung kaangseu ku Udin. Lantaran buuk hideung warni anu aslina panjang galing muntang disanggulkeun ka luhur, sareretan katempo ku Udin punduk sarta taktakna anu beresih dihias ku bulu mayang. Dina beuheungna anu beresih meulit kangkalung indungna anu kungsi leungit téa.

Nempo Udin nitah Bahar diuk di gigireunna, anu séjén silih rérét rada teu suka. Sabab maranéhna tetep masih nganggap darajat leuwih penting.

Lantaran ngarasa dirina keur diperhatikeun ku sararéa, Bahar sadar diri. Pikeun ngajaga tata krama sangkan tetep ngalir saperti ilaharna. Ahirna Bahar nangtung pamitan ka Udin bari manggut,
"Dén. Kuring teu kaasup anu diondang. Jadi ijinkeun kuring nungguan di luar bari ngawaskeun pagawé sarta tamu-tamu séjén. Saupama aya nanaon, geroan kuring. Kuring moal jauh tina panto"

Sabab alesanna normal, Udin teu curiga nanaon, jadi ukur unggeuk. Saenggeus Bahar ka luar, Qin Gang buburu nyurungkeun Auxé sangkan pindah diukna nempatan korsi kosong urut Bahar. Kituna téh bari nyarita ka Udin,
"Pa Udin, silat anjeun hébat. Auxé geus lila ngidolakeun anjeun saprak kajadian di Cikapundung téa. Ijinkeun Auxé diuk disabeulah anjeun, auxé bisa mangnyicikeun cai atawa ngaladénan dahar anjeun"

Warni langsung ngadelék ka Qin Gang teu panuju. Tapi Qin Gang pura-pura teu nempo kana kodeu ti warni. Salma ogé nyarékan dina jero haténa,
"Dasar teu boga kaéra, nyogrog-nyogrog anak pikeun meuli haté pa Udin"

Salman boga rasa timburu kitu pantes, sabab dirina teu boga anak awéwé. Saupama Salman boga, pasti Salman ogé bakal ngalakukeun hal anu sarua jeung Qin Gang.

Auxé tungkul éra, sanajan haténa mimiti resep ka Udin, katambah bapana ngadukung, tapi ngarasa teu pantes kudu maksakeun diri dihareupeun Warni. Ngan kusabab sieun bapana ambek, ahirna Auxé nyarita,
"Pa Udin, pasihan kasempetan abdi ngalayanan salira"

Udin reuwas nngadéngéna, tapi saenggeus mikir yén adat tiap kulawarga pasti béda, komo deui latar belakang kulawarga Qin Gang anu China. Jelas panawaranna keur maranéhna mah adab. Jadi Udin bisa ngamaklum,
"Teu nanaon, sok pindah" témbal Udin nitah Auxe diuk di katuhueuna.

Auxe ngabongkokeun awakna,
"Nuhun pa Udin" saterusna buburu pindah diuk.

Tiandi ukur nyenghél seuri. Sabab ku Tiandi mah teu kapikir kudu nyogrog-nyogrogkeun Zofia ka Udin. Sok sanajan Zofia ogé sabenerna mah resepeun, utamana dina masalah kaahlian médis Udin. Niat Tiandi jeung Zofia hayang deukeut jeung Udin leuwih ka sakadar hayang diajar, jeung mémang Tiandi butuh ubar keur ngubaran tatu jerona. Lain masalah jodo.

Geus belasan taun Tiandi disiksa ku panyakitna. Sésa ubar anu kamari ½ ngan ukur bisa ngaringankeun gejalana tapi can mampu nyageurkeun. Ayeuna kasempetan dirina kudu bisa cageur.

Udin neuteup ka sararéa. Terus nyarita,
"Kuring ngahaja ngodang aranjeun kadieu salian ti hayang mikeun ubar saperti anu geus dijangjikeun. Kuring ogé hayang leuwih ngaraketkeun silaturahmi. Sabab kahareupna, kuring pasti bakal butuh bantuan ti aranjeun. Hayu dahar hidanganna" ceuk Udin bari miheulaan nginum, dituturkeun ku sararéa.

Réngsé maseuhan tikorona, Warni nyarita ka Udin,
"Pa Udin, upami salira peryogi bantosan ti kulawarga mana waé. Ulah asa-asa nyarios. Parantos janten kawajiban urang sadayana silih bantos"

Kabéh unggeuk nyatujuan kana omongan Warni.

Udin unggeuk, terus ngaluarkeun cepuk tina sakuna,
"Bisi hidanganna kaburu tiis. Saméméh dalahar ubarna ku kueing rék dibagikeun heula"

Sararéa curinghak bungah bari neuteup kana cepuk ubar dina leungeun udin. Kabéh cicing kawas anu keur kasirep, sarua teu sabar hayang buburu nempo eusina. Sabab mémang éta anu keur ditarungguan ku sararéa.

Udin muka tutup cepuk némbongkeun eusina,
"Ubar hasil ngamurnikeun ieu 10 kali leuwih matih tibatan ubar saacanna"

Sararéa colohok euweuh anu wani nyora. Sabab saméméhna anu dibarayangkeun ku maranéhna bakal dibéré ubar anu jenisna sarua jeung anu saméméhna, nyaéta anu dibeuli ku tiandi. Tapi nyatana Udin geus nyiapkeun anu leuwih alus, jelas ngajieun biwir maranéhna kawas anu kakonci ku rasa atoh anu euweuh bandingna.

Udin nyarita,
"Kuring teu bisa ngajelaskeun kabéh kaunggulan ubar ieu. Ngan anu jelas bisa nyegerkeun awak, ngencengkeun kulit anu geus mimiti kendor, jeung nyageurkeun panyakit anu diakibatkeun ku karuksakan organ dalam. Keur anu séhat, bisa dipaké dina kaayaan darurat. Ulah diteureuy, cukup ditunda dina létah"

Kabéh nahan nafas ngaregepkeun bari unggut-unggutan. Panonna mencrong kana ubar baruleud coklat hérang sarta tembus cahaya kawas batu ali. Diantara kabéh, Tiandi anu leuwih katémbong teu sabar, kawas jelema anu hanaang terus nempo és cendol. Sababaraha kali Tiandi neureuyan ciduhna. Hal éta wajar, sabab ukur Tiandi anu boga panyakit parna dijero awakna sarta geus ngabuktikeun pangaruh alus tina ubar jieunan Udin kana awakna. Harepanna hayang buburu cageur bener-bener teu bisa disumput-sumput.

Béda deui jeung Warni. Warni mah boga rencana ubar éta rék dibikeun ka Soni. Sabab sanajan geus mampu hudang akibat akupunktur Udin. Kondisi Soni can bener-bener pulih. Awakna rengkung jeung nafsu daharna masih kurang.

Sedengkeun Qin Gang, sanajan geus nyaho rék dibéré dua. Tapi can boga pikiran rék nginum ubar éta ayeuna-ayeuna. Sabab kondisina ngarasa masih séhat. Ubar rék disimpen jadi harta karun keur dirina anu sawaktu-waktu bakal diinum saupama dirina keuna ku cocoba gering ripuh.

Udin nyarita deui,
"Ubar ieu euweuh éfék samping nanaon, sabab teu ngandung bahan kimia jeung hampas. Dijieun tina saripati anu disedot ku énérgi spiritual kuring. Teu saperti prosés ngajieun ubar biasa anu kudu digodog, dilemeskeun atawa disaring"

Kabeh beuki colohok mata simeuteun ngadéngé prosés ngajieunna anu teu ilahar. Saripati siga kumaha anu bisa disedot ku tanaga jero nepi ka bisa ngawujud jadi ubar?

"Bener-bener kaajaiban medis!" Ceuk Tiandi dina haténa.

"Tiandi, ieu keur anjeun" ceuk Udin bari mikeun hiji ubar ka Tiandi.

Leungeun Tiandi namprak bari ngadarégdég. Terus nyarita,
"Saenggeus kuring cageur tina panyakit kuring. Kuring jangji moal balik deui ka Jakarta. Tapi rék ngabdikeun diri di Bandung pikeun muka klinik sukaréla keur sakabéh golongan masyarakat. Moal matok tarip, tapi rék nunda kéncléng saridona. Saenggeus loba diajar ti anjeun. Duit keur kuring geus teu penting deui, tapi pengabdian jauh leuwih utama, élmu lain keur dijual, tapi keur diamalkeun"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience