Naék ka luhur aya ring dua, eusina 2 cluster ogé. Cluster C jeung B kénca katuhueun jalan utama. Ukuran jeung harga ogé leuwih gedé jeung leuwih mahal tibatan imah anu aya di ring hiji. Nyaéta 1,5 milyar keur cluster C, 3 milyar keur cluster B.
Naék kaluhur deui, jalan utama anu nanjak ngabentuk jadi huruf T sarta aya 1 cluster A nyaéta sakumpulan imah-imah pangméwahna jeung panggedéna. Di cluster éta hargana 10 milyar. Di cluster éta ogé Salman mangmeulikeun imah keur Udin. Imahna mah sabenerna ukur 300 méter, ngan bubuhan 3 tingkat jeung aya basement. Jadi diitung total luas wangunan 1000 méter. Lantaran tanahna 1500 méter. Jadi pakaranganna katémbong lega pisan.
Bérés mariksa peta, Udin jeung Icih milu ngariung dihareupeun pramuniaga anu keur ngajelaskeun situasi di lingkungan Bougenville Villas.
Pramuniaga nyorocos nyarita,
"Fihak pengembang nyadiakeun layanan kaamanan ganda mangrupa cluster anu dikuriling ku benteng. Salian pos kaamanan di gerbang utama, aya ogé pos kaamanan di tiap gerbang cluster. Di satiap cluster ogé dilengkepan ku clubhouse, sarana ibadah, sarta taman bermain jeung sarana olah raga séjéna"
Saurang awéwé nyeletuk nanya,
"Berarti bakal kaisolasi ti dunya luar atuh?"
Udin ngarérét ka si awéwé, sabab asa apal kana sorana. Bener wé, nyatana Unah aya didinya dibarengan ku Dudung, Karsidi jeung Isah.
Udin noél Icih sarta nunjuk ka lebah Unah. Nempo aya dulur-dulurna didinya, Icih metot lengeun Udin ngajak balik.
"Hayu kang urang uih, isin upami katawis ku aranjeunna urang aya didieu"
Udin merod,
"Naha maké éra? Mémangna teu meunang urang aya didieu?"
"Abdi sieun diwiwirang deui kang" témbal Icih tetep maksa hayang balik.
"Moal nyi, akang moal cicing saupama maranéhna hayang ngawiwirang urang hareupeun jelema loba kieu" ceuk Udin
Ahirna Icih unggeuk pasrah. Bari haténa mah tetep teu tenang sabab ngaras salempang.
Pramuniaga némbalan pananya Unah,
"Leres kaisolasi tiluar margi dilebet ogé parantos kumplit. Pengembang nganggap sadaya penghuni tamu istiméwa anu kedah dipihormat. Janten sagala fasilitas tos disayogikeun. Aréa bermain, kolam renang pribadi di bumi, kolam renang umum, sarana olahraga, klinik kaséhatan, lapangan golf, réstoran, mini market. Sadayana aya di lebet aréa, husus kanggé para penghuni Bougenville Villas"
Unah nanya deui,
"Hartina anu ti luar moal bisa ngagunakeun fasilitas dijero atuh. Conto kuring teu meuli imah didieu. Jadi kuring moal bisa balanja, ngojay atawa maén golf didieu?"
Pramuniaga unggeuk,
"Muhun, margi diluar ogé seueur tempat balanja sareng rékréasi umum mah"
"Hayu baralik ah, teu guna nempoan didieu ogé. Sarua waé jeung ngekang penghuni. Naon bédana jeung hirup di jero bui. Ngaisolasi diri ti masyarakat luar hartina dipaksa kudu hirup égois" ceuk Dudung bari ngajak sararéa balik.
"Badé ngagaleuh didieu mangga, henteu oge teu sawios" ceuk pramuniaga kesel.
"Ulah waka balik, ieu imah anu diimpikeum ku ema" ceuk Isah ka Dudung.
Dudung ngolo indungna,
"Ma, anu cocok cicing didieu ukur jelema-jelema beunghar anu hayang nyiptakeun lingkunganna sorangan. Keur naon cicing didieu"
"Manéh mah ongkoh nyakola tapi belegug waé. Justru di tempat kieu urang bakal ngarasa leuwih nyaman jeung aman" ceuk Isah bari molototan ka Dudung.
Karsidi ogé milu nyarita,
"Villa nini geus kolot teuing, mencil jauh ti tatangga. Euweuh fasilitas nanaon deui salian lapangan tenis jeung kolam renang di buruan. Sakalieun kabéakeun roko ti peuting ogé pan kudu meuli kana mobil bari jauh. Didieu hayang naon waé kari daék ngaléngkahna"
Dudung teu némbalan, tapi pura-pura ngarérét ka tempat séjén. Pas pisan anu dirérétna Udin. Jadi Dudung seuri,
"Aéh Udin, ceu Icih, Naha araya didieu?"
Icih anu titadi nangtung pangtukangna sabab hayang ngajaga jarak jadi reuwas, sabab ahirna kapanggih.
"Kabeneran keur jalan-jalan, jadi nyimpang ka dieu" témbal Icih.
"Didieu mah lain tempat piknik Ceu, ngalalajoan naon? Anu datang kadieu anu rék mareuli Imah" ceuk Dudung.
Nempo Icih disindiran, Udin ngaléngkah maju terus némbalan Dudung,
"Anjeun sorangan rék naon kadieu? Lamun anjeun ogé ukur bisa lalajo hungkul, kunaon kuring teu bisa?"
"Ceuk saha ukur lalajo? Kuring kadieu rék meuli imah. Kuring mah mampu da boga duitna, ari anjeun rék meuli maké naon?" Ceuk Dudung seuri sinis.
Udin ogé seuri,
"Terus ceuk saha kuring ogé rék lalajo? Kuring ogé meuli"
Dudung nyakakak,
"Mémangna anjeun geus nyaho sabaraha harga Imah didieu? pangmurahna 500 juta, pangmahalna 10 milyar. Anjeun rék meuli anu mana? Rék néangan anu puluhan juta? Moal aya"
Udin seuri deui,
"Keur naon imah leutik, kuring di dieu meuli anu panggedéna jeung pangmahalna"
Unah jeung Dudung saleuseurian, terus Unah nyarita,
"Ulah luhur teuing ngalamun téh kang, sanaja villa Nini dijual, can tangtu cukup pikeun meuli imah pangleutikna didieu. Komo akang, naon anu rék dijual keur meli imah harga 800 juta?"
"Saha anu ngomong kuring rek meuli anu 800 juta?" Ceuk Udin.
"Lain tadi akang anu ngomong sorangan hayang anu pangmahalna?" Ceuk Unah.
Udin nunjuk kana Peta gedé dina témbok,
"Tuh tempo peta, lahan Bougenville Villas lega. Aya anu leuwih gedé dijero. Beunta terus baca sabaraha hargana?"
"Geus nyaho. Hargana 10 milyar. Tapi éta mah keur jelema beunghar. Lain keur ukuran urang-urang" ceuk Unah.
Udin unggeuk,
"Bener, mémang lain keur ukuran aranjeun, tapi keur kuring mah bisa. Aranjeun jeung kuring geus béda kelas, kuring mampu meuli anu 10 milyar"
4 jelema ti kulawarga Kusumah pating barakatak saleuseurian. Dudung nyarita,
"Susah ngomong jeung jelema teu gableg polo mah, teu dimana teu dimana ngan piomongeun waé"
Kabeh pating rarérét ka Udin. Pamuda anu ukur datang maké kaos oblong bari disendal sarta gomong rék meuli imah anu hargana 10 milyar. Jelas sawaréh milu nyengseurikeun.
Dudung nyarita deui sinis,
"Geus malarat, sombong teu boga kaéra, kumplit manéh mah Din"
Beungeut Icih ogé langsung bareureum nahan éra, terus nyiwit cangkeng Udin bari nyarita,
"Akang nyarios naon? Teu isin Akang ngabohong? Da abdi mah isin"
Udin seuri,
"Saha anu ngabohong nyi, akang jujur"
Ngadéngéna Unah nyakakak deui,
"Pamajikan sorangan ogé teu percayaeun, komo batur"
Dudung ngagero pramuniaga,
"Bu, anjeun kuduna waspada, nawarkeun ka para tamu sagala fasilitas méwah jeung jaminan kaamanan. Tapi naha galandangan siga kieu bet bisa asup ka kantor pamasaran?"
Pramuniaga kerung nempo dangdanan Udin anu ukur maké kaos oblong, calana levis belél jeung sendal. Sanajan lain sendal capit, tapi lain kulit ti merk terkenal. Mémang teu kaciri beunghar.
Udin mémang teu hayang formil, sabab salian keur poé libur. Réngsé nempo imah Udin ogé hayang ngajak Icih piknik. Wajar maké baju saayana sangkan ringkes.
"Kaluarkeun, Kuring sareukseuk nempona" ceuk Unah ka Pramuniaga.
Pruniaga ngadeukeutan ka Udin,
"Pa upami teu aya kaperyogian didieu, mangga kaluar. Supados teu ngaganggu ka tamu anu serieus badé ngagaleuh bumi"
Nempo Udin diusir, tamu séjén ogé ahirna nyurakan Udin,
Icih ngarenghap panjang bari metot leungeun Udin,
"Hayu kang, urang milari perumahan anu sanés"
Udin merod bari ngomong tarik ka sararéa,
"Nyaho teu kunaon aranjeun teu bisa meuli imah mahal? Sabab fikiran aranjeun kabéh picik, ukur bisa nganilai jelema tina bajuna. Jelema siga aranjeun salilana bakal terus disibukeun ku rasa iri jeung dengki. Rejeki ogé moal barokah. Matak keur naon araya didieu ari ukur nempoan hungkul bari ngahina batur mah"
Dudung seuri sinis,
"Anjeun ngomong kitu bari teu ngukur ka kujur. Saméméh mapatahan batur tempo heula diri sorangan. Diusir malah maik ngusir. Dasar!"
"Jadi anjeun masih teu percaya kuring mampu meuli villa panggedéna didieu?" Témbal Udin
Dudung nyakakak,
"Lamun bener anjeun mampu meuli, kuring rék luncat ti lantai pangluhurna kantor pemasaran ieu"
Kabéh jelema ayeuna melong ka Dudung sabab reuwas. Kantor pemasaran aya 3 lantéi. Saupama Dudung bener luncat, sanajan teu paéh pasti sukuna bakal potong jeung cacad saumur hirup.
Unah milu nyarita,
"Kuring ogé bakal jogéd bari taranjang di hareupeun kantor ieu"
Sababaraha jelema awéwé lalaki anu mémang teu yakin ka Udin kabéh nyatujuan ideu unah, maranéhna ogé rék jarogéd bari taranjang.
Icih can kungsi ngarasa éra pisan kawas ayeuna. Jadi Icih nyarita ka Udin,
"Kang atos atuh, abdi isin. Naon anu badé dibuktoskeun ku akang? Anu aya urang malah bakal langkung wirang"
"Nyi, akang teu hayang ngawiwirang nyai, akang geus jujur ka sararéa. Ngan maranéhna wé anu barodo. Tingali yeuh, ieu konci gerbang villa di cluster A nomer 05. Anu ieu kartu-kartu aksés panto imahna. Naha can cukup sabagé bukti?" ceuk Udin bari ngaluarkeun kabéh konci tina sakuna.
Dudung neuteup sinis,
"Udin-udin, Anjeun nganggap kabéh jelema-jelema didieu autis? Eta lain bukti, Konci mah bisa dijieun"
Udin ngalungkeun konci anu mangrupa kartu aksés panto utama ka pramuniaga anu bieu ngusir,
"Cék, buktikeun!"
Pramuniaga kerung bari ngilikan kartu, beungeutna langsung pias. Sabab nyaho mémang éta jenis konci utama villa di cluster A. Pramuniaga mimiti sieun. Sabab saupama bener, hartina pagawéanna bakal tamat poé ieu.
Kartu buburu dipindaikeun kana alat anu aya didinya, kadéngé sora dina speaker alat,
"Hai, pemilik terhormat Gedung A05, tuan Udin Subrata, selamat datang di rumah anda!"
"Anjeun Udin Subrata?" Ceuk pramuniaga nanya ka Udin.
Udin buburu mikeun KTPna,
"Pariksa ku sorangan"
Saenggeus KTP dipariksa, pramuniaga buburu mulangkeun kartu aksés jeung KTP ka Udin. Terus ngabongkokkeun awakna.
"Bapa Udin, hampura, kuring teu nyaho anjeun pemilik villa A05"
Nempo pramuniaga sieuneun, Udin némbalan,
"Ukur masalah leutik. Teu nanaon"
Kabéh jelema ngagebeg. Bari mencrong bingung ka Udin.
Udin nyarita ka pramuniaga,
"Bu, ayeuna anjeun bisa ngajelaskeun ka jelema-jelema ieu kumaha fasilitas di A05 kuring pan?"
Pramuniaga unggeuk, terus neuteup ka sararéa,
"Aya 5 cluster di Bougenville Villas, ABCD jeung E. Villa anu pangalusna, panggedéna jeung pangmahalna kabéh aya di cluster A. Type unitna 3 lantai di luhur, 2 lantai basement. Aya lift anu ngahubungken 5 lantai dimaksud. Total wangunan 1000 méter. Lega tanah 1500 méter. Harga 10 milyar can kaasup furnitur jeung intérior. Ukur sadia 20 unit. Bapa Udin anu munggaran meuli nyaéta di nomer 5"
Kabéh tamu calawak bakat ku kasima ku penjelasan pramuniaga. Beungeut 4 anggota kulawarga Kusumah langsung baketut haseum.
Unah nanya ka Udin,
"Udin, kunaon anjeun bet bisa meuli villa didieu?"
"Aya anu méré" témbal Udin jujur.
Unah asa diulinkeun. Sabab sakumaha beungharna jelema, mustahil wani méré villa méwah 10 milyar ka urut kuli ngaduk. Naon manfaatna keur manéhna?
Udin neuteup ka sararéa,
"Sok anu rék luncat tina gedung, anu rék jarogéd bari taranjang. Tembongkeun ayeuna. Kuring hayang lalajo"
Dudung pias,
"Udin! Jelaskeun heula. Kuring can percaya timana anjeun bisa boga villa didieu?"
Udin seuri sinis,
"Lamun aranjeun masih néangan alesan sabab embung ngalakukeun jangji aranjeun sorangan. Percumah kuring loba ngomong ogé. Sabab dijelaskeun ogé manusa siga aranjeun mah geus kabaca, moal sudi kudu jogéd bari taranjang Komo luncat tina gedung. Picik, licik. Iri jeung dengki wéh digegedékeun"
Dudung némbalan,
"Terserah, Barina ogé kuring teu hayang nincak ka imah anjeun"
Udin seuri,
"Pan geus disebutkeun tadi, anjeun jeung kuring geus béda kelas. Kuring ogé jelas embung kaanjangan sabab éra lamun Imah kuring katincak ku anjeun. Kuring teu mampu meuli anu 800 juta. Matak maksakeun meuli anu 10 milyar. Malah saupama aya anu leuwih murah deui, hayang meuli anu 50 milyar. Lantaran rumasa kuring mah ukur jelema miskin"
Saterusna Udin nungtun leungeun Icih,
"Hayu nyi, urang tempo imahna"
Icih nanya sabab bingung,
"Naha anu nembé katingal sareng kadangu ku abdi sadayana leres kang?"
Udin unggeuk bari seuri,
"Ku akang dijelaskeun bari nempoan imahna"
Karék oge rék ngaléngkah. Udin ngadéngé sora Lastri. Sigana kakara jol bari teu nempoeun ka Udin jeung Icih, sabab langsung nanya ka Isah.
"Isah, nyatana anjeun geus didieu. Hébat euy anu geus meuli imah"
Share this novel