Saméméh indit, Udin ngarérét heula ka Ichiro anu melong waé ka Tiandi. Jadi Udin ngaharéwos,
"Tiandi. Mimiti ti ayeuna. Saha waé anu maksa ménta ubar ku cara kekerasan. Ulah ngalawan, bikeun ubar anu tadi ti kuring"
"Siap guru" ceuk Tiandi.
Nempo Udin rék balik. Auxé anu titadi nungguan lélang bubar. Buburu kaluar ti stanna ningalkeun Steven langsung nyampeurkeun ka Udin bari tungkul éra.
"Pa Udin. Badé dijajapkeun ku abdi?"
Udin ngarérét ka Auxe, tapi kaciri Auxe siga anu keur ngalamun bingung kawas aya anu hayang ditepikeun ka Udin tapi éra jeung asa-asa. Sabab Udin hayang nyaho, jadi Udin unggeuk,
"Hayu"
Ahirna duanana leumpang bareng kaluar. Sabab panasaran, dina mobil Udin nanya ka Auxé anu nyupiran,
"Auxe, jujur ka kuring. Anjeun keur boga masalah?"
"Pa Udin. Salira tiasa nebak abdi nuju aya masalah?" Auxé nanya, beungeutna bareureum éra.
"Tanpa anjeun nyarita kuring bisa nempo tina beungeut anjeun. Tara biasana. Sok bébéja ka kuring, ulah asa-asa" ceuk Udin seuri.
Auxé beuki éra. Sanajan ceuk Batur dirina tomboy, lincah jeung centil sarta jago béla diri. Tapi teuing kumaha tiap paadu hareupan jeung Udin mah dirina pasti ngarasa lemah jeung éra. Ahirna Auxé unggeuk,
"Pa. Abdi badé nyuhunkeun bantosan. tiasa?"
"Bantuan naon?" Udin kerung.
Auxé ngajelaskeun,
"Abdi kagungan sobat istri di sakolaan. Sateuacanna anjeuna kagungan sifat terbuka, lincah, teu isinan, aktif tur pinter. Nanging ayeuna sifatna janten robih sapertos anu dihipnotis ku kabogohna. Upami kabogohna nyarios, dipiwarang naon waé ogé ngagugu. Kantos aranjeunna paséa teras sobat abdi dipiwarang luncat ti lantéi-4 ku kabogohna. Upami teu énggal disalametkeun ku anu sanes, tangtos moal katulungan. Ayeuna téh tara lebet ka kelas, sadidinten ngonci diri di kamar asrama, niatna hoyong maéhan manéh wae"
"Terus?" Ceuk Udin beuki panasaran.
"Ayeuna sifatna langkung parah, sapertos anu parantos dicuci otak. Teu émut ka abdi, teu émut ka dirina nyalira. Dina émutanna mung nami kabogohna sareng nyarios waé hoyong bunuh diri. Abdi hariwang" ceuk Auxé deui.
"Anjeun yakin kabogohna anu ngalakukeunna?" Udin nanya bari kerung.
"Yakin pa, margi sanés saurang dua urang. Tiap istri anu kantos bobogohan sareng anjeunna pasti sifatna janten robih sapertos kitu. Sobat abdi duka korban anu kasabaraha. Pamegetna sapertos kagungan métode kanggé nalukkeun istri. Nanging sanés pélét. Tapi ku cara masihan sugésti psikologis" ceuk Auxé ngajelaskeun.
"Jahat!" Udin kekerot.
"Muhun pa. Nanging teu aya bukti nyata, matak guru ogé teu wantun nindak" ceuk Auxé deui.
"Lalaki kitu ukur sampah masyarakat, lahir ti saurang Awéwé tapi ngaruksak Awéwé" ceuk Udin.
Auxé neruskeun deui,
"Taun kamari aya anu dugi ka ngandung, teras luncat ti lantéi-4 sakolaan kumargi isin. Teu acan lami ogé aya siswi anu ngaraos dirina kotor waé, sadinten ulah uih belasan kali ka kamar mandi ngaguyur dirina ku cai, sanaos tengah wengi. 4 urang dokter psikiater nyebatkeun anjeunna déprési anu ngajantenkeun jiwana ka ganggu. Ahirna ku fihak sakolaan diuihkeun ka kulawargana. Anéhna téh, sadaya korbanna ti luar Bandung anu mémang linggihna di asrama"
Udin beuki panasaran,
"Anu lalakina di asrama ogé?"
"Muhun pa, anu pameget di asrama pameget, anu istri di asrama istri. Nanging sadayana aya di lingkungan sakola" témbal Auxé.
"Lamun kitu, ayeuna anteurkeun kuring ka sakolaan anjeun. Kuring hayang nempo sobat anjeun" ceuk Udin.
Auxé ceurik bungah,
"Nuhun pa. Abdi percanten pa Udin tiasa nyalametkeun sobat abdi. Malih upami tiasa mah anu pamegetna warah supados teu aya korban deui"
"Lamun panyababna mémang hipnotis, kuring ogé can yakin bisa. Tapi bisa dicoba" ceuk Udin.
"Kumaha upami wengi pa, ulah ayeuna. Margi upami ayeuna mah, abdi sieun aya guru atanapi penjaga anu ningal abdi ngalebetkeun pameget ti luar ka sakolaan" ceuk Auxe.
"Teu masalah" Udin unggeuk.
"Pamegetna mémang bajingan pa. Nanging anjeunna pinter, kasép tur beunghar. Janten dipikaresep ku istri. Mung nya kitu, tiap aya istri anu keresa janten kabogohna, hubunganna pasti tara lami, anu istri pasti cilaka saatosna dilecehkeun ku anjeunna" ceuk Auxe nambahkeun.
"Hipnotis kudu diwarah ku hipnotis deui, Sina nyaho kumaha rasana dihipnotis" témbal Udin.
Udin ahirna jangjian jeung Auxe. Peuting bakal panggih di sakolaanna. Saterusna Udin ménta dianteurkeun balik ka imah rék nunda akar bajakah.
Nepi ka imah Udin diuk di kamarna terus mokuskeun p
Fikiranna bari peureum pikeun ngaguar sarta neuleuman métode hipnotis tina kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun anu aya dina dirina. Saenggeus bener-bener ngarti Udin beunta bari ngarénghap panjang.
Sabab hariwang kana kasalametan Tiandi. Udin ogé teu poho nelepon Isak pikeun ngirim jelema, husus keur ngunguntit Ichiro. Ti Bahar, Udin ogé ménta jelema pikeun ngajaga klinik Tiandi.
Isak langsung ngirim dua tim ka bandara jeung ka paméran, ngajaga Ichiro sangkan teu bisa kabur ka Jepang. Ningali galagat Ichiro, Udin yakin Ichiro bakal ngahalalkeun sagala cara sangkan bisa ngarebut ubar ti Tiandi pikeun ditaliti sarta di produksi massal di pabrikna. Jadi Udin ngahaja nyiapkeun porog. Ichiro mah teu sadar Udin geus nyiapkeun sagalana sangkan Ichiro teu bisa kabur ti Bandung.
Sabab katingalina paréntah Udin teu biasa. Bahar ogé nelepon Emus anu aya di Cicaléngka sangkan nyiapkeun tempat bisi sawaktu-waktu aya kiriman sandera ngadadak.
Peutingna sasuai jangji, Udin geus tepi ka sakolaan Auxé. Auxé ogé geus nyampak nungguan di gerbang sakolaanna bari dina kaayaan hariwang, sieun jeung geumpeur. Ningali Udin datang, buburu Auxé nyampeurkeun. Ningali Auxé siga anu sieun Udin ogé buburu muka kaca mobilna.
"Pa. Énggal lebet. Sobat abdi ayeuna badé maéhan manéh. Teu aya anu tiasa ngahalangan" ceuk Auxé hariweusweus.
Udin buburu markirkeun mobilna di luareun sakola terus kaluar,
"Kumaha situasina?"
Leungeun Udin dicekelan ku Auxé terus ditungtun ngagedig asup ka lingkungan sakolaan,
"Uih ngajajapkeun pa Udin. Abdi langsung kadieu badé nepangan sobat abdi. Nanging anjeunna nuju paduduaan sareng pamegetna, janten abdi mung tiasa ngawaskeun ti katebihan. Teu lami aranjeuna paraséa deui, sobat abdi dicabok teras dikantunkeun. Sobat abdi lumpat ka sisi talaga pengkereun sakola badé ngunclungkeun manéh. Janten ayeuna masih ngajentul di darmaga. Teu aya anu wantun nyaketan da bilih nékad luncat"
Sabab tempatna rada jauh jeung teu asup mobil. Auxé lumpat, kapaksa Udin ogé kudu lumpat nuturkeun.
Sakolaan Auxé mémang sakolaan top anu aya di Batujajar, Bandung barat. Pakarangan tukangeun sakola lega sarta nyambung ka Saguling.
Nepi ka lokasi anu dituju, Auxé langsung dipapagkeun ku saurang siswi séjén anu keur niténan.
"Auxe! Tingali tuh si Léni geus nepi ka tungtung darmaga" ceuk si siswi bari nunjuk kana kalangkang saurang siswi anu geus aya di tungtung darmaga panjang.
Karék ogé Udin ngarérét nempo kana panunjuk, siswi anu ditunjuk geus ngaragragkeun manéh kana cai talaga. Auxé jeung baturna anu ngawaskeun ngajarerit. Udin langsung lumpat ka darmaga sarta luncat kana cai nyalametkeun Léni anu geus titeuleum. Udin nyilem néwak awak Léni di jero cai.
Ngarasa awakna aya anu nyekelan dibawa ngumbul deui ka luhur, Léni abrug-abrugan hayang dilésotkeun. Pas sirahna kaluar tina jero cai Léni jejeritan,
"Ulah disalametkeun, kuring hayang paéh, kuring geus teu parawan, kuring kotor, Wuki hampura, kuring bogoh ka anjeun"
Léni dibawa ngojay kasisi ku Udin sanajan terus abrug-abrugan sarta cocorowokan ngucapkeun kalimah anu sarua sarta terus diulang-ulang.
"Ulah disalametkeun, kuring hayang paéh, kuring geus teu parawan, kuring kotor, Wuki hampura, kuring bogoh ka anjeun"
Udin teu nyerah. Nepi ka sisi, léni langsung digolérkeun dina jukut.
"Anjeun teu karunya ka kolot?"
Tapi jawaban Léni tetep sarua,
"Ulah disalametkeun, kuring hayang paéh, kuring geus teu parawan, kuring kotor, Wuki hampura, kuring bogoh ka anjeun"
Udin beuki yakin, éta kalimah sugésti anu geus ditanemkeun dina otak Léni ku Wuki. Jelas mangrupakeun hipnotis. Sabab kalimahna terus diulang-ulang bari teu malire deui nanaon.
"Anjeun hirup lain ngan ukur keur sorangan, tapi keur kolot anjeun. Diurus ti leuleutik nepi ka gedé, disakolakeun sangkan pinter, ayeuna rék maéhan manéh karna cinta. Ngérakeun!" Ceuk Udin.
Auxe jeungbaturna anu geus nyampeurkeun ogé milu ngomong,
"Léni anjeun bodo, teu pantes anjeun paéh gara-gara si Wuki"
"Ulah disalametkeun, kuring hayang paéh, kuring geus teu parawan, kuring kotor, Wuki hampura, kuring bogoh ka anjeun" ceuk Léni keukeuh.
Teu lila siswi-siswi séjén ogé daratang ngagarimbung hayang nempo Léni anu geus disalametkeun ku Udin. Udin kerung bari neuteup ka Léni, sabab cara Wuki dina nyuci otak Léni lumayan hébat. Bisa nanemkeun sugésti panjang dina alam bawah sadar Léni
"Auxé. Bawa batur-batur anjeun sangkan ngajauhan kuring, Kuring butuh duaan, rék nyoba nyabut pangaruh hipnotisna" ceuk Udin maréntah Auxé.
Auxé unggeuk terus méré kodeu ka sararéa. Ahirna siswi-siswi anu ngagimbung nyaringkah. Ngumpul jauh bari nyérangkeun Udin jeung Léni ti kaanggangan.
Léni diuk neuteup kosong dina leutak sisi Saguling bari terus nyarita sanajan teu jejeritan deui,
"Ulah disalametkeun, kuring hayang paéh, kuring geus teu parawan, kuring kotor, Wuki hampura, kuring bogoh ka anjeun"
Udin kerung, sugésti kitu pasti geus ditanem lila. Léni pasti mineng dicarékan ku kalimah anu sarua. Anu ahirna ucapan éta kapatri terus dina otakna jadi hiji kayakinan.
Udin nyalurkeun énérgi spiritual kana curukna terus ditotokeun kana tarang Leni. Leni langsung ngeluk tungkul, beuheungna siga anu leuleus.
"Tanggah, teuteup panon kuring" ceuk Udin.
Lalaunan Léni tanggah, panona mencrong kana panon Udin teu ngiceup.
"Aya naon bet bisa kieu?" Udin nanya
Léni ngajelaskeun tanpa éksprési nanaon, kawas anu ngalindur tapi beunta,
"6 bulan katukang kuring bobogohan jeung Wuki, ti dinya satiap aya kasempetan kuring maturan Wuki saré di kamarna sabab sarua bogoh. Tapi geus 3 bulan sikepna jadi kasar. Mineng nyiksa jeung nyarékan, kuring pantes paéh, Kuring teu parawan, Kuring kotor, sarta maksa kudu ménta dihampura terus maéhan manéh"
Udin unggeuk, terus ngomong deui,
"Léni, naon anu bakal diucapkeun ku Kuring, anjeun kudu inget terus saumur hirup anjeun. Anjeun bisa?"
Léni geus keuna ku hipnotis Udin anu dibantu ku kakuatan spiritualna. Kadar hipnosisna leuwih kuat ti hipnotis anu dibikeun ku Wuki, jadi Léni unggeuk,
"Naon paréntah anjeun, Léni kudu nurut" pokna.
Udin mimiti ngomong saucap-saucap kalawan jelas,
"Anjeun ngalakukeun kasalahan anu kabéh jelema sarua kungsi ngalaman. Éta kahayang anjeun sorangan, euweuh hubunganna jeung awak kotor, teu parawan, kudu paéh jeung sajabana. Hirup anjeun kudu aya hargana jeung manfaat. Boh keur diri sorangan, keur kulawarga sarta keur babaturan anjeun anu nyaah ka anjeun. Hargaan hirup, ulah ngadeukeutan deui lalaki anu ngarana Wuki. Ngarti?"
Ngan sakeudeung sugésti psikologis Léni anu katarimana ti Wuki geus dipupus ku Udin, digantikeun ku sugésti ti Udin. Léni ngarasa ayeuna ucapan Udin anu kadéngé tur kaharti. Harepan hirupna mimiti datang deui, ngarasa dirina bodo geus ngalakukeun hal anu salah.
Bieu ampir dirina paéh lantaran sugésti ti Wuki. Léni jadi sieun, ahirna ceurik bari tungkul nutupan beungeutna,
"Nuhun tos nyalametkeun abdi, abdi moal nguciwakeun kulawarga, sobat sareng sadaya anu nyaah ka abdi".
Udin unggeuk bari seuri,
"Hudang. Anjeun kudu jadi jelema normal deui, lincah, pinter sarta giat diajar. Sangkan bisa jadi jelema anu berguna pikeun bangsa jeung nagara"
Léni unggeuk. Udin nanya deui,
"Jelaskeun ka kuring saha Wuki?"
Yeni némbalan,
"Ulah nyebat nami Wuki, anjeunna bajingan. Putra cikal ti pengusaha beunghar urang Cianjur. Awalna abdi ningal anjeunna sabagé pameget sampurna, kasép, pinter, beunghar. Nanging nyatana saurang iblis"
"Sabaraha awéwé anu geus jadi korban salian ti anjeun?" Udin nanya deui.
"Seueur. Nanging abdi teu uninga jumlahna. Abdi tara tataros margi soca abdi tos katutupan ku rasa cinta. Janten teu paduli kana hubungan-hubunganna sareng istri sanés sateuacan ka abdi" témbal Léni.
"Ayeuna hayu urang tepungan batur-batur anjeun anu hariwang jeung nyaah ka anjeun" ceuk Udin bari nyekelan leungeun Léni terus ditangtungkeun. Udin nungtun Léni nyampeurkeun ka Auxé jeung para siswi séjénna. Léni dirangkul ku sararéa bari dicaleungceurikan.
Share this novel