41. Mardi jeung Udin indit ka palélangan

Fantasy Series 36

Mardi ngarahuh,
"Penyelenggara lélang ti kulawarga Nataprawira. Kulawarga pangbeungharna di Bandung. Ondanganna pasti di wates. Anu meunang oncangan kabéh tangtu sarua pada hayang datang. Jadi rék meuli timana?"

Udin seuri, sabab lamun enya anu ngayakeun lélang kulawarga Nataprawira, pasti moal hésé ménta ondangan. Sabab aya Warni. Jadi Udin nyarita sangkan Mardi reugreug,
"Abdi aya réréncangan anu di damel di BCC, sapertosna moal sesah nyuhunkeun 2 ondangan"

Mardi gogodeg,
"Hésé Din, Komo deui ukur pagawé BCC, nyebarkeun ondangan pasti kabéh kacatet, kulawarga Nataprawira tangtu taliti, moal sagawayah méré peluang aya ondangan anu di jual ka fihak séjén tanpa sakanyahona"

Udin teu nembalan tapi indit ka dapur terus nelepon Warni,
"Warni, bisa teu kuring ménta 2 ondangan sangkan bisa ngahadiran acara lélang di BCC?"

"Tangtos tiasa. Hapunten abdi kang, abdi hilap teu ngintun ondangan ka salira. Mung 2 cekap kitu? Upami kirang, abdi tiasa nambihan"

"Cukup, ukur keur kuring jeung mitoha lalaki hungkul" témbal Udin. Mardi mémang resep kana barang seni, hususna sastra, lukisan jeung barang antik. Ngan mémang pangartina can sabaraha. Jadi ngan ukur resep hungkul. Sedengkeun Lastri jeung Icih mah henteu. Matak 2 ogé cukup.

Saprak kajadian di Cikapundung, Udin ngarasa boga kawajiban pikeun terus maturan Mardi. Sok sieun nyieun masalah deui atawa di tipu batur. Sakalian Udin ogé hayang nyaho, barang naon waé anu rék di pamérkeun jeung di lélang, Saha anu nyaho aya bahan ubar atawa barang séjén anu aya gunana keur dirina pikeun ngalengkepan kanyahona dina ngajabarkeun 9 Élmu Karuhun.

Inget kana barang antik, Udin daék teu daék jadi inget deui kana batuna anu leungit di taman. Udin yakin batu ragrag waktu nulungan Élsa, sabab dina wadah runtah teu ka panggih. Ngan untungna kakuatan batu geus diserep kana awakna. Lamun henteu, pasti Udin bakal handeueul pisan.

Nepi ka Icih balik di gawé, Mardi masih luh lah sabab handeueul teu bisa datang ka BCC, ambek ka Rukmini ongkoh, kunaon ondangan hiji-hijina bet di bikeun ka Dudung, budak bolon anu teu ngarti nanaon soal barang antik. Tapi Udin surti kana anu dipikiran ku Mardi.

Pasosoré HP Udin disada sabab aya telepon ti Warni,
"Kang, hapunten abdi nembé mulih ti kantor, janten ulemanana rada telat di kintun. Ayeuna abdi aya di payuneun bumi salira. Salira tiasa kaluar?"

"Nuhun, Kuring kaluar" témbal Udin bari buburu ka luar ti imah.

Di sisi jalan nyampak Warni keur nangtung nyarandé dina Rolls-Royce na. Nempo Udin nyampeurkeun, buburu warni mikeun 2 ondangan anu geus di cekelan. Sabab Warni ditawaran asup embungeun, nya ahirna Udin balik deui ka Imah bari sura-seuri nyampeurkeun Mardi anu masih kénéh ngahuleng bari di upahan ku Icih.

Icih nyarita ka Mardi,
"Teu kénging bendu ka Nini atuh pa. Nini masihkeun ondangan ka Dudung tujuanna tangtos supados Dudung pendak sareng jalmi-jalmi beunghar di BCC. Saha anu uninga tina silaturahmi tiasa ngabuahkeun hubungan kerjasama Palapa ka payunna"

Mardi némbalan bari keureut beungeut teu suka,
"Nini anjeun mah ngamanjakeun teuing si Dudung ti orok kénéh. Ngarasa si Dudung incu lalaki hiji-hijina. Kudununa pan nawaran bapa heula anak cikalna. Lain ieu mah nanaon Dudung, sagala Dudung, Aya itu ieu Dudung deui. Bapa mah geus teu dianggap pisan"

Icih cicing, teu nyalahkeun kana omongan bapana. Sabab mémang ku Icih ogé karasa, Rukmini mah pilih kasih. Icih inget kajadian saminggu réngsé dirina kawin ka Udin. Kulawargana diusir ti villa ku Rukmini. Untung Aki Wawan aya tur jagjag kénéh, tanpa sakanyaho sararéa, méré Imah ieu ka Mardi pikeun di cicingan. Ti dinya ogé geus katempo. Rukmini keur nyoba mutuskeun hubungan kulawarga jeung Mardi.

"Pa, ieu ondangana" ceuk Udin anu kakara asup ka imah bari mikeun 1 ondangan ka Mardi.

"Naon?" Ceuk Mardi ngoréjat atoh bari ningali kana ondangan anu aya dina leungeun Udin.

Kawas budak leutik. Ondangan buburu di cokot di ilikan terus Mardi ajrag-ajragan atoh bari surak suka seuri bakat ku bungah. Icih ogé ngarénjag jeung milu atoh ningali Mardi anu tadina sedih ayeuna langsung bungah.

"Nuhun Din, ahir-ahir ieu anjeun loba mantuan kana kasusah bapa" ceuk Mardi bari ngarangkul Udin.

"Halah! Ukur bisa méré surat ondangan waé di sebut geus nulungan kasusah. Minantu pangedulan loba dipuji mah malah kangeunahan" ceuk Lastri anu keur lalajo TV ujug-ujug ngomong sinis.

Mardi muncereng ka Lastri,
"Nyaho naon manéh, ondangan ieu teu bisa dinilai ku duit"

Saterusna Mardi ngarérét ka Udin jeung Icih,
"Hayu urang dalahar bareng jeung bapa"

Saterusna tiluanana ngaléngkah kana méja makan, terus dariuk langsung dalahar. Lastri ukur ngadilak ka Mardi, lantaran kabéh dalahar, Lastri ogé ahirna nguniang hudang milu dahar.

"Ti mana akang kéngéng ondangan, pan di wates, Naha akang masih tiasa kabagéan?" ceuk Icih nanya ka Udin bari leungeunna jongjon mesék endog asin.

Udin némbalan,
"Babaturan meunang 2, tapi moal bisa datang, jadi dibikeun ka akang"

"Naha tiasa kaleresan kitu nya kang? Biasana uleman ti Nataprawira mah sok dipilihan ukur kanggé jalmi-jalmi beunghar wungkul. Saha Nami babaturan akang?" Ceuk Icih nanya deui sabab panasaran.

"Qin Gang, wawuh di Cikapundung basa nganteur bapa" témbal Udin.

Mardi unggeuk ngabenerkeun,
"Enya, malah mah si Udin geus di béré geulang anu harga 300 juta sagala"

Ngadéngé Udin ngabogaan geulang harga 300 juta, biwir Lastri langsung calangap.
"Mana geulangna? Ema nempo!"

Udin neuteup ka Lastri,
"Bu, geulangna aya di kamar. Nanging ku abdi badé di uihkeun deui"

Lastri muncereng,
"Otak manéh séhat? Geulang mahal maké jeung rék di pulangkeun deui sagala?"

Udin ngajelaskeun,
"Bu, abdi mung ngabantos sakedik ka anjeunna. Nanging di pasihan hadiah anu kalintang awisna bari kakara pendak. Abdi ngaraos teu pantes nampina. Sieun aya buntut awon kapayuna. Matak badé diuihkeun deui"

Lastri molotot,
"Naon anu teu pantes? Manéhna méré barang hartina keur manéhna barang éta teu sapira. Lamun manéh teu butuh, dieu ka emakeun. Ema anu rék makéna"

Udin ngahuleung, sabenerna Udin hayang mikeun geulang éta ka Icih. Tapi kusabab Icih pasti bakal loba tatanya, jadi Udin bingung pikeun ngajelaskeunna. Matak nepi ka ayeuna geulang masih di tunda. Teu nyangka Mardi malah nyaritakeunna hareupeun Lastri.

Lain Udin rék pelit, 300 juta mémang can sabaraha lamun di bandingkeun jeung duit pribadina anu aya dina kartu ATM-na. Tapi Udin nyaho kana sifat Lastri. Pasti heulang bakal di paké pamér ka batur-baturna, malah bisa jadi di jual. Tong boro geulang, gajih Icih 5 juta sabulan anu salila ieu di bikeunan ka Lastri ogé teu puguh. Teuing geus ngumpul sabaraha da pokna téh satiap di tanya ku saha waé, pasti jawabana teh 'beak'. Padahal keur balanja dahareun sapopoé, Udin ukur dijatah 50 rb sapoé. Jeung mémang teu pantes wé Nini-nini maké geulang giok, émas ogé geus cukup.

"Mana geulangna Din? Buru bawa ka dieu. Ema geus teu sabar hayang maké. Nginjeum saminggueun mah" Ceuk Lastri maksa.

"Réngsékeun heula tuangna ma" ceuk Icih mangjawabkeun.

Icih nyaho, lamun geus aya dina leungeun indungna, barang naon waé ogé pasti moal balik deui sanajan ngomongna nginjeum. Kungsi Lastri nginjeum kongkorong Icih basa rék ka ondangan, salila sabulan di papaké terus, lamun ditagih pokna teh 'kawas lain ka indung sorangan waé meni kudu ditagih di saruakeun jeung ka batur', tapi nyaho-nyaho bébéja kongkorong leungit. Lain sakali dua kali. Tiap aya barang Icih anu di pikaresep, pasti bakal dipénta ku Lastri sanajan alesanna nginjeum.

Saterusna Icih nyarita deui,
"Ma, kumargi éta kagungan batur sareng bade di uihkeun, omat ulah di anggé kaluar. Upami dugi ka Ical, badé kumaha kang Udin ngajelaskeunna ka anu kagungan. Urang moal tiasa ngagentosan"

Lastri nangtung bari morongos ka Icih,
"Rék dipulangkeun kumaha? Barang paméré hartina geus jadi milik urang. Warahan tisaha manéh bisa ngomong kitu ka ema. Ti si Udin? Jelema belegug di denge" ceuk Lastri teu neruskeun daharna tapi ngajéngkat pindah diuk kana korsi hareupeun TV deui bari samutut baeud.

"Ma, abdi kedah badanten heula sareng kang Udin kumaha saéna" Ceuk Icih ka Lastri bari ngarérét ka Udin.

Lastri nyaho kana sifat Icih moal daék narima barang mahal kitu waé, pasti ahirna geulang bakal dipulangkeun. Jadi Lastri teu némbalan omongan anakna. Tetep baeud pura-pura teu ngadéngé.

Sabab manglebarkeun kana geulang mahal anu rék di pulangkeun, Lastri ngawiwiw cecuceurikan,
"Teu anak, teu minantu, euweuh kanyaahna pisan ka indung téh"

Icih ngarahuh,
"Upami keukeuh ema hoyong geulang, enjing ku abdi di pangagaleuhkeun geulang emas"

Lastri teu nembal, tapi ngaléos ka kamarna ngonci manéh. Isukna Udin karék kaluar ti kamar dina kaayaan rapih, nyampak Mardi geus nungguan bari diuk di rohangan tamu.

"Hayu Din, bisi telat" ceuk Mardi teu sabar bari nangtung terus ngalungkeun konci mobil ka Udin.

BCC Aya di jalan Sukarno Hatta. Tempat parkir jeung gedung aulana ogé lega, dihususkeun keur acara-acara gedé. Udin jeung Mardi geus tepi, Mardi turun ti heula, sedengkeun udin kudu kukurilingan heula néangan tempat kosong keur markirkeun mobilna. Kawantu anu daratang jelema beunghar hungkul, anu parkir ogé rata-rata mobil méwah.

Mardi sumanget hayang buburu asup, sabab kakara ayeuna rék ngahadiran ondangan ngahiji jeung jelema-jelema jegud. Tapi aya karaguan dina haténa, sok sieun ondangan ti Udin palsu. Matak teu waka asup, nungguan heula Udin anu masih markirkeun mobil. Ahirna Udin datang, duanana asup ngaliwatan security door bari mikeun ondangan ka patugas. Saenggeus barcode dina ondangan di vérifikasi, duanana langsung di titah ka jero.

Di jero geus aya Dudung anu keur lajag léjég bari ngodok saku jasna. Gips dina leungeuna geus euweuh. Nempo aya Udin jeung Mardi, Dudung kerung. Terus nanya bari ngarérétan kana dangdanan Udin,
"Udin, kunaon aya didieu. Manéh nyaho saha waé anu pantes datang kadieu?"

Udin teu némbalan, tapi Mardi anu ngajawab,
"Aéh Dudung, anjeun sorangan?" Ceuk Mardi basa-basi. Padahal Mardi geus nyaho kulawarga Kusumah mémang ukur di béré hiji ondangan. Mustahil Dudung bareng jeung anu séjén.

"Enya, ari uwa jeung Udin mémangna diondang?" Dudung malik nanya.

"Nya puguh wé matak datang ogé" témbal Mardi.

"Meunang dua? Timana? Bet kulawarga Kusumah ogé ukur di béré hiji" ceuk Dudung curiga.

Udin Buburu némbalan,
"Naon anu di tanyakeun ku anjeun kabéh teu penting, naon urusanna?"

Dudung nyakakak, terus nyarita sinis,
"Kulawarga Nataprawira pasti taliti saha waé anu pantés di ondang. Boa ondangan anjeun mah meunang maok"

Udin teu némbalan, tapi nungtun Mardi sangkan ngajauhan Dudung, sabab sauoama di layanan mah moal aya anggeusna.

Ningali Udin jeung Mardi ngaraléos, Dudung ngomong deui tarik, ngahaja sangkan ka déngéeun ku batur,
"Woy! jawab heula. Kunaon aranjeun duaan bisa asup kadieu?"

"Teu kedah di waler pa, isin ku Batur" ceuk Udin ngaharéwosan Mardi. Bari terus duanana laleumpang néangan nomer korsi sasuai jeung nomer anu aya dina ondangan.

Teu disangka, Dudung ngudag terus ngabadega ngahalangan.
"Eureun! Kunaon indit? Ngarasa salah? Pasti asup ku cara teu bener pan? jadi sieun! Mana ondangana?" Ceuk Dudung bari leungeunna namprak.

Udin mimiti ambek, jadi mencrong ka Dudung bari nyarita,
"Euweuh hak anjeun mariksa surat ondangan Kuring. Barkode geus di vérifikasi. Kaamanan leuwih pinter jeung leuwih ngarti tibatan anjeun"

Dudung keukeuh namprak,
"Kuring moal bisa di bobodo. Pasti ondanganna palsu. Mana?!"

Ningali leungeun Dudung anu naprak kénéh, pigeulang leungeun Dudung langsung di téwak ku Udin, terus di parieuskeun,
"Lamun teu salah leungeun ieu anu kungsi potong téh. Can kapok?"

Dudung muringis bari metot leungeunna terus mundur sababaraha léngkah.

"Setan! Leungeun karék cageur geus di purilitkeun deui. Dagoan siah, aing rék ngagero kaamanan pikeun ngusir aranjeun ti dieu" Ceuk dudung bari lumpat nyampeurkeun ka security anu deukeut terus di betot leungeunna sangkan milu.

Saenggeus nangtung hareupeun Udin jeung Mardi. security nanya ka Dudung,
"Aya naon pak? Tiasa dibantos?"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience