"Naha? sagalana pan geus bérés. Naha masih dihalangan?" Ichiro nanya.
"Lantaran teu kaasup kana perjanjian. Maranéhna geus ngarampog klinik, teu bisa dihampura" témbal Udin.
"Tapi ku anjeun moal dipaéhan pan?" Ichiro nanya hariwang.
"kudu, sabab keur peringetan. Saupama diantepkeun hirup, isuk pageto teu mustahil farmasi-farmasi Jepang anu séjén bakal daratang ogé ka Bandung pikeun maling ubar kawas anjeun. Anjeun ngarti maksud kuring pan?" Udin ngajelaskeun.
Ichiro bingung, terus ngalieuk ka opat pengawal sarta supirna. Tapi kabéh ukur silih rérét sabab teu ngarti naon anu keur diomongkeun ku Udin jeung Ichiro anu maké bahasa sunda. Ahirna Ichiro unggeuk,
"Oké, kuring satuju. Anteurkeun kuring ka bandara"
Udin ngarérét ka Bahar,
"Kang Bahar, anteurkeun Ichiro ka bandara. Tapi lamun di jalan manéhna ménta balik deui. Teu nanaon bawa balik deui ka dieu tapi teunggeulan heula lantaran geus ngaulinkeun akang"
"Siap dén" ceuk Bahar unggeuk.
"Ichiro. Naék kana mobil kuring!" ceuk Bahar ka Ichiro.
Ichiro ngalieuk heula ka Udin,
"Pa. Kuring moal balik deui ka tempat siga kieu anu gandéng ku sora anjing jeung barau tai anjing"
Udin mulangkeun ponsél Ichiro bari seuri teu ngucapkeun nanaon.
Perhitungan Udin, satengah jam deui Masao bakal sakarat. Jepang bakal geunjleung sabab pemilik Kobayashi Pharmaceutical diracun ku anakna sorangan lantaran parebut warisan. Anu saterusna Ichiro bakal jadi buronan pamaréntahan Jepang. Tangtuna Jiro ogé moal cicing, pasti bakal néangan Ichiro keur ménta pertanggungjawaban. Ayeuna Ichiro hayang balik ka Jepang? Sarua jeung néangan pipaéheun.
Kang Bahar geus indit ka bandara, ukur duaan jeung Ichiro. Ichiro kaciri bungah pisan.
Harita di Jepang, Masao anu karék cageur keur bungah pisan, kondisi fisikna bener-bener asa balik deui ka 10 taun katukang. Sabab geus lila can ngarasakeun deui kanikmatan dunya, langsung ménta ka asisténna pikeun nyadiakeun dua awéwé ngora di kamarna sabab dirina rék balik ti bandara.
Malah Masao hayang nyupiran sorangan. Dua hal anu paling dipikacintana jaman keur séhat nyaéta awéwé jeung kekebutan maké mobil sport. Sabab duanana bisa nimbulkeun andrénalin anu kuat pikeun nyumangetan dirina dina ngajalankeun usahana.
Jiro teu bisa nyarék Masao anu hayang nyupiran sorangan, sabab ceuk dokter ogé mémang kondisinya geus bener-bener cageur. Anu dipaké ku Masao Bentley Sport milik Jiro. Jiro ukur diuk gigireunna, maturan
"Pa, ati-ati, ieu Bentley Sport kaluaran panganyarna. Tanagana ogé gedé" ceuk Jiro.
"Kabéh mobil sarua waé, ukur béda sautak-saeutik dina instruménna" témbal Masao bari leungeuna ngaragamang rék mencét tombol start.
Tapi leungeunna can antel kana tombol, awakna langsung ngadégdég lilinieun, urat dina bitis, leungeun jeung beuteungna ngadadak hareuras kawas anu kram. Malah beuheungna ogé heuras nepi ka sirahna déngdék bari sungutna calawak béngo. Panonna tibalik.
"Aya naon pa?" Ceuk Ichiro reuwas bari muringis nempo bapana kekerejetan siga anu keur sakalor.
Masao teu némbalan, sora anu kaluar tina sungutna ukur ngagorokgok kawas anu keur dicekék. Beungeutna geuneuk, tina sungutna mimiti kaluar budah konéng. Ahirna Masao leuleus nyangsaya dina jok Bentley Sport, geus euweuh nyawaan.
Untungna kabéh can aya anu indit ningalkeun hanggar. Jiro kaluar tina mobil bari nyorowok ka dokter sarta perawat anu aya dina ambulan.
"Bapa kuring diracun, ubar anu dibawa ti Bandung nyatana aya racunan!"
Pangawal, kulawarga, asistén, kabéh ngagimbung ngurilingan Bentley hayang nyaho kondisi Masao anu keur dipariksa ku dokter. Kondisi Masao bener-bener pikawatireun. Kulit geuneuk getih ngarembes kaluar tina pori-porina kulitna, panonna ogé molotot beureum sarta biwir calangap.
Dokter ahirna nangtung bari tungkul,
"Pa Masao geus maot, kabéh pembuluh darahnya bitu, ieu akibat racun kadar tinggi anu kakuatanna ngaleuwihan arsénik"
Sajongjongan kabéh ukur colohok. Nyawa dunungana leungit, duit perusahaan 100 milyar ogé ngalayang. Sanajan masih aya hiji deui ubar anu rék ditaliti formulana. Kobayashi Pharmaceutical mustahil kudu mroduksi racun. Jelas Kobayashi rugi gedé. Sedengkeun hutang ka bank tetep kudu dibayaran.
Jelas Jiro stréss pisan, dirina ngarumpuyuk diuk bari ceurik. Ngan hiji anu kapikir ku Jiro, kudu bisa maéhan Ichiro anu dianggap jadi panyabab bapana maot,
"Ichiro anu geus maéhan bapa!" Ceuk Jiro bari nangtung.
"Kuring sacara resmi ngumumkeun. Ayeuna Kobayashi Pharmaceutical aya dina kendali kuring. Saha anu bisa maéhan Ichiro, samilyar Yén hadiahna!" Ceuk Jiro ka sararéa.
Asistén Jiro langsung ngarilis berita éta ka média Jepang. Sangkan ngumumkeun naon anu bieu disebutkeun ku Jiro. Sasuai jeung prédiksi Udin, Jepang langsung geunjleung. Kabéh géng anu moro hadiah geus mimiti nalungtik kaayaan Ichiro.
Sanajan Kobayashi geus kaleungitan 100 milyar duit cash, tapi asétna loba kénéh. Produksi ogé masih jalan. Jadi miturut Jiro moal hésé nyadiakeun samilyar Yén keur hadiah.
Asistén Ichiro jelas reuwas, manéhna nyalingker kaluar ti hanggar pikeun nelepon Ichiro.
"Pa Ichiro. Anjeun ulah balik ka Jepang! Pa Masao geus maot lantaran karacunan ku ubar ajaib ti anjeun. Jiro geus ngajieun saémbara samilyar Yén pikeun nyawa anjeun!"
Pas Ichiro ngadéngé béja kitu, jelas ngarénjag jeung sieun. Teu kapikir ubar ajaib anu disangka alus bakal ngandung racun. Masao maot, dirina anu disalahkeun sarta rék dipaéhan. Jelas Ichiro kudu protés ka Udin. Sabab Udin anu sabenerna geus telenges, maéhan Masao, nipu 100 milyar, sarta dirina kaleungitan hak waris. Malah nyawana ayeuna diboro.
Tapi saenggeus dipikir deui, kabéh geus kapalang, euweuh gunana kudu ambek ka Udin. Sabab pamohalan Udin bisa malikeun deui kaayaan.
"Pa Ichiro. Leuwih hadé anjeun néangan panyumputan anu buni di Bandung. Ulah kaluar ti Bandung sabab kuring yakin ratusan géng Jepang bakal daratang ka Bandung néangan anjeun" ceuk asisténna dina telepon.
Ichiro teu genah cicing, samilyar Yén lain duit saeutik. Jelas lumpat kamana waé satungtung aya di dunya, hirupna moal bisa tenang sarta pasti kapanggih. Tempat anu paling aman euweuh deui, iwal ti kandang anjingna Bahar. Tong boro ti luar negri, urang Bandungna sorangan ogé moal aya anu nyaho lokasina.
Ichiro karék sadar kana omongan Udin yén dirina pasti bakal ménta balik deui ka kandang. Sabab Pasti Udin geus nyaho naon anu bakal kajadian. Ubar anu dibawa ka Jepang pasti racun.
Saenggeus nutup teleponna, Ichiro ngomong ka Bahar anu keur nyupiran,
"Kang Bahar, bawa deui kuring ka pa Udin" ceuk Ichiro
Bahar unggeuk, mobil dikasisikeun. Terus kang Bahar kaluar ngurilingan mobil, muka panto lebah Ichiro diuk. Kerah baju Ichiro dijéwang digusur kaluar. Teu loba omong beungeut Ichiro langsung ditojokkan.
"Ampun kang, naha kuring bet diteungeulan!" Iciro ampun-ampunan.
"Sia ngagawékeun aing, mémangna nyupiran teu capé? Sangeunahna nitah dianteurkeun ayeuna ménta balik deui. Mémangna aing supir sia" témbal Bahar. Terus ngabantingkeun Ichiro terus dijejekkan awak jeung sirahna. Sanajan Bahar geus kolot, tapi ngarana ogé préman, fisikna geus kalatih gelut, urat kasieuna geus pegat. Béda jeung jelema biasa anu loba pertimbangan.
Ichiro murungkut sieun bari ngagolér dina taneuh gegerungan. Beungeutna geus ruksak. Panona anu sipit ampir teu bisa beunta lantaran bareuh. Getih tina irung jeung biwirna ngabulaéh. Bahar muka bahasi, awak Ichiro diangkat terus dibantingkeun kana jero bahasi langsung ditutupan. Bahar balik deui kana jok supir. Mobil muter terus balik deui ka kandang.
Nepi ka kandang, 4 pangawal Ichiro jeung supirna geus euweuh, kabéh geus pindah kana beuteung anjing sabab diparabkeun ku Emus. Ichiro dipanggul ku kang Bahar langsung dibeubeutkeun hareupeun Udin.
Ichiro ceurik, langsung nyuuh kana suku Udin,
"Pa Udin, kunaon anjeun ngaracun bapa kuring? Ayeuna kuring diuudag ku adi sorangan"
Udin kerung,
"Ceuk Saha palsu? Anjeun pan nyaho bapa anjeun cegeur heula! Dimana aya racun anu bisa nyageurkeun?"
"Tapi maot saenggeusna. Éta jelas racun" ceuk Ichiro.
Udin seuri sinis,
"Hartina kasalahan aya di anjeun. Anjeun geus salah maling. Kunaon bet maling racun? Kunaon teu maling ubar anu bener? Pan lain ti kuring. Anjeun anu nyokotna ti Tiandi. Anjeun ogé anu mikeunna ka bapa anjeun. Naon hubungana jeung kuring? Kuring mah teu salah"
Ichiro langsung cicing. Dirina ngarasa jadi jelema bodo. Udin bener, Ichiro nitah pengawalna maling ti klinik Tiandi. Eweuh anu nyaho yén éta ubar asli atawa racun. Tisaprak panggih jeung udin di paméran, Ichiro karék panggih deui didieu. Saha anu rék disalahkeun?
Ichiro ahirna ngagoak ceurik,
"Anjeun bener, kuring anu salah. Malah sacara teu langsung kuring geus mantuan anjeun pikeun narima duit 100 milyar. Jadi rawatan kuring didieu pa. Kuring bingung rék nyumput kamana deui"
Udin unggeuk,
"Oké. Teu nanaon. Cicing wé didieu. Salila anjeun teu kaluar ti jero bénténg, anjeun bakal salamet. Moal aya anu bisa manggihan"
"Nuhun pa Udin, nuhun" ceuk Ichiro nangtung terus ngabongkokkeun awakna ka Udin.
"Tapi teu gratis. Anjeun kudu digawé lamun hayang dahar. Loba pagawéan anu bisa dipigawé didieu, maraban anjing, ngamandian, ngajak jalan-jalan, meresihan kandangna, jeung sajabana" témbal Udin.
"Teu nanaon pa. Kuring bisa" ceuk Ichiro.
Udin ngarérét ka Bahar,
"Kang. Atur pagawéan keur Ichiro, ulah dimanja, saruakeun jeung pagawé séjénna. Tindak lamun wani ngalakukeun kasalahan"
"Siap dén" témbal Bahar bari mawa Ichiro asup. Terus dipasrahkeun ka kang Emus sangkan dituduh-tuduhkeun pagawéan keur Ichiro sarta tempat istirahatna di méss.
Isak ngadeukeutan Udin,
"Gan. Teu lepat miara Jepang di kandang anjing?"
Udin seuri,
"Keur tabungan mang, bari nungguan Jiro naékeun harga saémbarana. Lamun geus kaharti, urang bikeun sina ditebus. Sabab salila Ichiro can paéh, Jiro pasti moal tenang. Kalah kumaha waé ogé anu leuwih hak kana warisan kulawarga Kobayashi tetep Ichiro sabagé lanceukna"
Isak ngarénjag,
"Hartina Ichiro bakal tetep paéh?"
Udin unggeuk terus ngajelaskeun,
"Pantes paéh, sabab geus tibaheula Kobayashi Pharmaceutical malingan resép ti indonesia. Ubar-ubar anu dijieunna kabéh tina resép karuhun urang. Malah kuring boga rencana jangka panjang pikeun ngambil alih Kobayashi Pharmaceutical sangkan jadi perusahaan milik kuring sabagé kompénsasina"
Isak kerung,
"Gan. Anjeun geus nyokot nyawa jeung duit 100 milyar. Naha éta can cukup?"
Udin gogodeg,
"Indonésia geus lila merdéka, lain nagara jajahan deui. Tapi ayeuna Jepang datang pikeun maling harta indonesia. Dimata kuring masih ngajajah. Jelas kudu ditumpes nepi ka akar-akarna"
Ichiro teu nyaho yén dirina bakal dijual ku Udin ka Jiro . Udin masih nganggap Ichiro tawanan anu kudu dihukum.
Beurangna Isak nganteurkeun Udin balik. Isak beuki reueus kana kamampuan jeung otak bisnis Udin anu geus mimiti jalan. Tanpa warahan ti sasaha, sipat almarhum bapana geus nerap kana diri Udin.
Awalna Isak rada beurat mancén tugas ti Asép péot jeung Radén Agus Subrata pikeun ngalindungi jeung ngawarah Udin. Sabab nempo kaayaan Udin anu leuleus keuyeup, éléhan, teu berpendidikan Jeung sangeunahna. Tapi disatukangeun sifatna éta, nyatana aya kacerdasan anu leuwih unggul ti Batur.
Can sataun tampil dimasyarakat maké kakuatan Bima Raya, geus bisa jadi panutan jéjéran para inohong Bandung. Jadi raja maung anu dipikasieun. Ayeuna malah boga niat hayang nyokot Kobayashi Pharmaceutical di Jepang. Jelas ieu pamikiran anu moal kapikiran ku sasaha.
"Mang. Kajadian ieu ulah nepi ka kanyahoan ku kulawarga Subrata di Jakarta nya" ceuk Udin ka Isak.
Isak unggeuk,
"Siap gan, mamang moal loba carita"
Isak ukur juru bicara kulawarga Subrata keur di Bandung jeung sabudeureuna. Aya puluhan juru bicara Subrata saperti Isak nyebar di kota-kota gedé séjénna sa Indonesia. Kabéh aya dina pangaturan sarta pangawasan Asép. Tapi Asép ogé lain hiji-hijina, aya puluha jelema saperti Asép di tiap nagara. Jadi hésé pikeun Isak kudu ngalaporkeun langsung ka Agus Subrata.
Ku ayana Udin anu cicing di Bandung, jelas Isak geus jadi jelema nomer hiji anu kudu soson-soson ngalayanan Udin. Komo ningali poténsi Udin ayeuna. Teu mustahil kahareupna bakal jadi pawaris kabéh kakayaan Kulawarga Subrata. Isak teu jelas wani gagabah.
"Oh enya mang, anjeun kungsi ngadéngé Firman ti Banjar jeung Wuki ti Cianjur? Geus kumaha ayeuna perkembanganna?" Udin nanya.
Share this novel