105. Udin maturan Icih jeung Élsa

Fantasy Series 60

"Ma, Naha teu masihkeun karung goni wé sakantenan ka abdi. Asa kacida Ema mah" ceuk Icih teu panuju.

"Ema ukur hayang ngajaga manéh jeung si Élsa ti si Udin" témbal Lastri.

Udin geus mimiti ambek, sabab omongan Lastri nunjukeun yén dirina masih ceuceub ka Udin. Lastri teu ngarumasakeun manéh ampir jadi korban Jujun jeung Junaédi padahal harita lastri teu maké bikini. Jadi masalah niat teu bener lain gumantung kana jenis pakéan anu dipaké.

Réngsé dahar Icih langsung ka kamar milih baju renang anu teu pati kabuka. Nyaéta baju renang terusan, kawas atlit renang, sedengkeun keur Udin calana boxer.

Isukna Élsa nelepon yén dirina geus nungguan di luar.

Udin sabenerna haroréam kudu indit-inditan jauh komo bari kudu jeung Élsa. Matak rada beurat ngangkat bujur sakitu ku Icih dibuburu ogé.

Élsa tuman hirup di Jakarta, teu bisa nyamunikeun perasaanna ka lalaki, terlalu blak-blakan. Tapi lamun Udin teu milu, sieun Élsa atawa Icih kasinggung. Udin ogé karunya ka Icih lamun teu dibarengan, bisi aya hal-hal anu teu dipiharep.

Udin bener-bener bingung. Sabab Élsa pasti bakal leuwih wani. Cacak dipasar ogé anu loba jelema geus wani ngantelkeun leungeun Udin kana dadana, komo engké di bungalow anu ukur tiluan.

Ahirna Udin kaluar bari ngajingjing tas gedé. Icih geus asup kana Mercedes Benz diuk di hareup gigireun Elsa.
"Lebetkeun tasna kana bahasi kang" ceuk Élsa bari muka bagasi ti jero.

"Oké" ceuk Udin terus ngasupkeun tas kana bahasi. Saterusna Udin asup diuk dina korsi tukang sorangan.

Élsa ngiceupan centil ka Udin tina spion tengah. Tapi Udin pura-pura teu nempo. Buburu Udin ngagolér sabab ngan diuk sorangan bari perjalanan lumayan jauh, jadi pamikirna leuwih hadé saré.

Élsa nyaho kunaon Udin ngagolér, pasti ngahaja ngajaga jarak jeung dirina sabab aya Icih. Elsa bisa ngamaklum Udin haré-haré. Tapi Élsa moal nyerah, bakal terus ngagoda Udin, moal paduli sanajan Udin ambek ogé, resikona bakal diteureuy ku sorangan.

Élsa teu ngarasa salah, sabab Udin kungsi nyabak oratna. Hartina Udin kudu wani tanggungjawab nepi ka daék ngawin sanajan satukangeun Icih. Sabab nyabak orat awéwé sarua waé jeung geus ngaruksak kahormatanna.

Mobil maju kaluar ti kota Bandung ka kalérkeun, mapay jalan pagunungan anu pungkal-péngkol. Ampir dua jam ahirna mobil tepi ka gerbang asup résort Sari Ater anu aya di suku gunung Tangkuban Parahu sarta dikuriling ku kebon entéh anu éndah.

Usum liburan kieu pengunjung mémang keur meumeujeuhna padet, kamar-kamar parinuh. Untungna Élsa geus ngabooking bungalow saméméhna. Jadi teu hariwang teu kabagéan nginep. Di bungalow ogé privasina moal kaganggu ku pengunjung séjén.

Lahan parkir ogé pinuh, hésé néangan tempat kosong keur nunda mobil. Geus kukurilingan lila ahirna Élsa manggih tempat kosong anu cukup keur samobileun. Élsa maju saeutik maksudna rék asup ku cara mundur.

Ngan karék ogé mundur, ti tukang langsung asup mobil sport Maserati maling parkiran anu rék dipaké ku Élsa. Élsa jelas reuwas nepi ka poho nincak erém, bujur Mercedes Benz Élsa ahirna neunggar body sisi kénca Maserati. Sabab posisi Maserati keur maju jadi ningalkeun gorésan jero ngadaradad panjang.

Élsa ukur kukulutus ambek sabab ngarasa tempatna disorobot batur. Jadi sakalian mobilna rada di gas deui saeutik, atuh Maserati anu tadina ukur kagorés jadi kentob.

Tina Maserati, saurang pamuda maké jakét kulit kaluar. Sisiran buukna ala Élvis Presley. Nepo mobilna kentob parah, si pamuda langsung kekerot abek. Terus nyampeurkeun ka lebah Élsa bari ngagebrag kaca.
"Kaluar koplok! Dasar jelema sangsara! Teu gableg mata siah. Aing geus asup, sia masih maksa mundur!"

Élsa ogé sarua keuheul, langsung muka panto terus nulak cangkéng.
"Nyarékan saha sia? Sia anu nyorobot sia anu ambek. Dasar koplok!"

Si pamuda colohok, sabab anu kaluar saurang awéwé geulis bari langsung nyangangang.
"Paingan disupiran ku bikang. Geus teu anéh. The power of ema-ema, moal bisa dilawan. Tapi aing meuli mobil ieu 3 milyar, ayeuna diruksak. Kumaha tanggungjawab anjeun?"

Élsa molotot,
"Hei, sia gableg polo teu? Aing anu leuwih tiheula rék mundur, tapi sia langsung asup. Anu salah saha? Malah malik ambek deuih, teu gableg ka era"

Si pamuda maju, dadana hampir keuna kana dada Élsa bari sarua molotot,
"Aing lain ukur ambek, tapi aing ogé wani nyabok sia. Dasar jelema sangsara!" ceuk si pamuda bari ngajenggut buuk Élsa.

"Kang gugah, Élsa paséa!" Ceuk Icih ngageubig-geubig awak Udin anu keur nyegrek tibra dina jok tukang. Terus Icih kaluar rék ngabéla Élsa.

Nepo kageulisan Icih, si pamuda ngaleupaskeun buuk Élsa terus nyampeurkeun ka Icih,
"Wow, aya hiji deui mojang geulis. Alus, lamun embung ngagantian karuksakan mobil kuring, aranjeun duaan kudu maturan kueing saré, masalah moal diperpanjang" ceuk si pamuda bari rék nyawél gado Icih. Tapi can antel sakilat pigeulang leungeuna geus diranggeum ku Udin anu geus kaluar tina panto tukang.

"Saha sia jelema sangsara? hayang modar?" Ceuk si pamuda morongos ka Udin.

"Wajar mobil anu keur sarua maju silih gorés. Teu perlu maén leungeun ka awéwé. Bisa diréngsékeun ku cara anu hadé" ceuk Udin bari ngaleupaskeun leungeun si pamuda.

"Wajar naon? Mercedes sia ukur 700 juta. Sedengkeun Maserati aing 3 milyar, mémangna sanggup ngagantian? Dasar jelema sangsara!" ceuk si pamuda.

Udin kerung bari nempo posisi mobil. Sabab teu nyaho kajadianna. Terus Udin nyarita,
"Lamun nempo dina posisi mobil jeung karuksakanna. Jelas anjeun anu salah nyorobot parkiran batur, naha bet kudu ménta ganti?"

"Mobil mahal leuwih boga hak pikeun parkir tiheula, mobil murah kuduna ngéléhan. Dasar jelema sangsara! Teu nyaho aturan" ceuk si pamuda.

Udin nyakakak,
"Telepon pulisi wéh, sina pulisi anu nganilai saha anu salah. Sabab kuring can hayang gelut"

"Dasar jelema sangsara! Teu bisa ngagantian hartina kudu modar. Milih mana?" Ceuk si pamuda.

Saurang awéwé kolot maké makeup kandel saumuran Lastri kaluar tina Maserati langsung nyorotkeun kaméra ponsélna ngarékam Udin.
"Héh! Jelema miskin! Anjeun wani hohoak ka kabogoh kuring. Kuring YouTubers anu boga subscribers 3 juta. Sakali rékaman ieu diupload ku kuring, anjeun bisa wirang"

"Hadeuh nyi, kunaon bet kaluar, tungguan dina mobil. Vidéokeun ti jero pan bisa lamun saukur keur kontén" ceuk si pamuda ka awéwé kolot anu leuwih pantés jadi indungna.

Saterusna si pamuda mencrong deui ka Udin,
"Héh jelema sangsara! Buru gantian saacan anjeun cilaka"

"Teu sudi" ceuk Udin.

"Jadi anjeun milih modar? Dasar jelema sangsara!" ceuk si pamuda bari ngaluarkeun ponsélna terus nelepon,
"Manager Acéng, mobil kuring ditabrak ku jelema sangsara di parkiran. Bawa sécurity keur ngawarahna kadieu"

Saenggeus nutup teleponna, si pamuda anu resep nyebut 'jelema sangsara' nyarita deui,
"Buru gantian ayeuna terus ménta dihampura ka kuring, atawa nungguan diteunggeulan ku manager Acéng?"

Lantaran si pamuda nelepon bantuan. Élsa jeung Icih mimiti sieun. Jadi Élsa nanya,
"Saupama kueing ngagantian, kudu sabaraha?"

"Samilyar!" Ceuk si pamuda.

"Naon? Samilyar?" Élsa ambek
"Ulah dikira kuring jelema bodo, kagorés sakitu paling 8 juta keur ngoméanna"

"Cuih! 8 juta? Mémangna mobil butut kawas milik sia. Dasar jelema sangsara!" Ceuk si pamuda bari kumecrot nyiduh, ampir keuna kana sapatu Élsa. Terus si pamuda namprak,
"Lamun ukur sanggup ngagantian 8 juta teu nanaon, dieukeun. Tapi hartina anjeun masih boga hutang 992 juta deui, satungtung can lunas, Mercedes sia bakal jadi jaminan. Dieukeun koncina!"

"Sia rék meres?" Élsa muncereng

"Kuring rék nelepon pulisi" ceuk Icih bari ngaluarkeun ponsélna.

"Sok telepon, teu sieun" témbal si pamuda bari ngarérét ka icih

Icih jeung Elsa pating rarérét, duanana hariwang ku nasib Udin saupama kudu riributan. Tapi anu dipihariwang malah kaciri tenang seuri bari ngaluarkeun dua tas tina jero bahasi.

Keur Élsa duit samilyar teu jadi masalah, asal ulah nepi ka riributan. Sabab tujuanna mawa Icih jeung Udin ka Ciater sangkan bisa Leuwih deukeut jeung Udin. Sanajan Élsa nyaho Udin bisa nuntaskeun masalah sabab geus nyaho kana kahébatanna. Tapi Élsa sieun lamun kapapanjangan, bisi mawa pangaruh goréng kana haté Udin ka dirina.

"Mana nomer rekening sia, ditransfer samilyar ayeuna kénéh" ceuk Élsa bari ngaluarkeun ponsélna.

Si pamuda colohok, sabab teu nyangka Élsa bakal sanggup ngagantian samilyar. Jelas si pamuda ngarasa untung gedé.

"Ulah digantian" ceuk Udin,
"Tungguan, kuring hayang nyaho heula saha anu ditelepon ku manéhna"

Lantaran Udin nyarék Élsa anu geus rék nransferkeun duit ka dirina, si pamuda morongos ka Udin,
"Dasar jelema sangsara! Sia bener-bener hayang modar, tungguan"

Rentang-rentang saurang lalaki gendut kolot nyampeurkeun bari mawa 6 sécurity.

Nempona si pamuda langsung manggut,
"Manager Aceng, lila teu panggih, asa beuki lintuh waé, beuki senang ayeuna mah nya?"

Acéng seuri,
"Salim, Naha teu ngabejaan heula rék kadieu? Aya naon, katingalina keur aya masalah" ceuk Acéng bari nempoan Maserati Salim anu kentob jeung cétna anu kagorés panjang

Si pamuda nunjuk ka Udin,
"Jelema sangsara ieu ngajieun masalah, teu daék ngagantian karuksakan mobil kuring, malah nantang hayang nyaho ka anjeun"

Acéng unggeuk terus ngarérét ka Udin, terus ngarérét ogé kana mobil Élsa. Saterusna eunteup ka Élsa jeung ka Icih. Terus Acéng ngomong,
"Aranjeun nyaho keur boga masalah jeung saha?"

"Maksudna, anjeun atawa si pamuda sombong ieu?" Udin malik nanya.

"Tangtuna Salim, anjeun pan keur boga masalah jeung Salim!" Ceuk si manager ambek.

"Oh, hartina anjeun nyaho kuring euweuh masalah jeung anjeun, masalah Kuring mémang jeung pamuda sombong ieu, jadi ulah pipilueun" ceuk Udin.

"Koplok, boga masalah jeung Salim hartina kudu urusan jeung kuring. Salim pangusaha anu boga milyaran asét. Anjeun saha? Leuwih hadé gantian karuksakan mobilna, terus singkahkeun Mercedes butut anjeun" ceuk Acéng

"Anjeun manager, pasti jelema pinter, tempo posisi mobilna, saha anu salah? Kunaon kuring anu kudu ngagantian? Jeung kunaon jelema sombong ieu resep-resep teuing nyebut kuring jelema sangsara?" Udin nanya.

"Mémang manéh sangsara, buka mata manéh, mobil naon anu dibawa ku manéh, terus tempo mobil séjén anu parkir di dieu, euweuh mobil butut pan?" Ceuk Acéng

Udin rurat rérét nempoan ka sakitaran parkiran,
"Tapi kuring teu nempo aya tulisan mobil butut teu meunang parkir?"

"Dasar jelema sangsara!" Ceuk Salim bari najong lampu tukang mobil Élsa nepi ka peupeus.
"Ulah loba omong, rék ngagantian ku duit atawa awéwé-awéwé anjeun kudu maturan aing saré keur mayarna?" Pokma bari rék néwak leungeun Icih.

Tapi leungeun Salim kaburu ditéwak deui ku Udin bari disurungkeun dadana.

"Dasar jelema sangsara, wani ngalawan. Bisa nyéwa dua ublag tapi teu bisa ngagantian karuksakan mobil aing" ceuk Salim molotot.

Udin jelas ambek. Sababaraha kali disebut sangsara Udin masih bisa narima, tapi ayeuna Salim geus mimiti ngahina Icih jeung Élsa. Jadi Udin ngaléngkah ka hareupeun Salim bari molotot,
"Matog ti hareupeun kuring lamun hayang salamet!"

"Rék naon hah! Wani ka kuring?" Ceuk Salim bari nyurungkeun dada Udin.

"Salim. Ulah ngotoran leungeun anjeun. Pasrahkeun ka kuring" ceuk Acéng ka Salim.
"Sécurity, siksa pamuda ieu" pokna maréntah para sécurity bari nunjuk ka Udin.

6 sécurity langsung maju ngepung Udin. Lantaran dikepung, Udin nitah Élsa jeung Icih sangkan duanana asup kana mobil. Udin ngangkat sukuna langsung dijejekeun kana beuteung Salim satarikna.

Salim ngocéak bari ngalayang katukang, tonggongna langsung ngahantem mobilna sorangan. Salim muringis bari nyekelan angena anu seueul.
"Manager Acéng, podaran, kuring anu tanggungjawab"

Tapi ti lebah lobi résort kaluar saurang lalaki séjén nyampeurkeun,
"Tahan! Aya naon ieu?"

Acéng ngarénjag bari ngalieuk ka lebah sora,
"Kang Bahar. Mémangna geus bérés ngeueumna?"

"Enggeus. Kakara rék balik tapi nempo aya anu ngarariung didieu, aya naon?" Ceuk Bahar ka Acéng.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience