Élsa kudu néangan informasi sabaraha umur pamuda anu dimaksud, kumaha rupana, sakumaha jangkungna, jeung sajabana. Matak Élsa buburu nyokot HP-na, mukaan aplikasi sosméd, searching browser jeung muka YouTube. Saha anu nyaho aya berita ngeunaan diréktur Bima Raya.
Dina hiji postingan anu keur jadi trending, katempo aya sababaraha foto pamuda anu meuli kangkalung di toko perhiasan ku cara anu teu lumrah, dina status anu ditulis, majar éta téh diréktur Bima Raya.
Élsa nengetan kabéh foto, dibukaan sarta di zoom hiji-hiji. Sanajan beungeutna teu katempo ukur katembong tonggongna hungkul anu keur nyarandé dina korsi. Tapi Élsa bisa ngira-ngira yén si pamuda umurna sakitar 20-an, boga awak jangkung begang. Tapi sanajan begang, awakna gagah sabab katempo tina cara diukna.
Élsa ngagebeg, leungeuna ujug-ujug ngadarégdég. Sabab inget basa ngarangkul tonggong Udin di Rumah Klasik, tonggong, Buuk sarta cara diukna. Naha bet mirip jeung pamuda anu keur viral dina internét?
Ngan buburu Élsa miceun sangkaanna. Sabab mustahil. Sakanyaho Élsa, Udin asalna kuli tukang ngaduk, anu dikawinkeun ka Icih ku Wawan Kusumah. Élsa sorangan hadir dina acara kawinanna tur nyaho yén sagala biaya kawin Udin waé ditangkes ku Wawan Kusumah. Sanajan ngaran tukang Udin ogé Subrata, tapi teu bisa dibandingkan jeung turunan Agus Subrata anu mana waé sabab ngaran Subrata di Indonésia loba.
Lantaran geus capé mikir, capé ogé ku kajadian anu geus tumiba di rumah klasik bieu, sarta capé di perjalanan Jakarta-Bandung. Ahirna Élsa saré. Isuk kénéh Élsa geus aya di Bima Raya langsung nepungan Susi pikeun ngalaporkeun yén dirina geus siap di gawé.
Ku Susi Élsa dibawa ka divisi administrasi jeung ngajelaskeun posisina.
"Lamun aya anu teu kaharti, anjeun bisa langsung nanya ka kuring secara langsung"
Élsa unggeuk tuluy nanya,
"Bu, Abdi tiasa nepangan diréktur? Abdi pan didamel didieu, kirang saé upami abdi teu kenal rupi diréktur nyalira"
Susi kerung, Susi inget saacan Élsa datang, Udin geus nanyakeun tiheula ngenaan Élsa, jadi Susi nanya,
"Lain saacanna geus wawuh?"
"Teu acan Bu" Élsa gogodeg.
Susi kerung, amanat ti Udin lamun aya galagat teu bérés ti Élsa, Susi kudu ngabéjaan Udin. Ayeuna Élsa tumanya Kitu, padahal kakara asup digawé. Asa teu pantes karyawan anyar langsung hayang ditepungkeun jeung diréktur. Wajar Susi curiga. Susi ngahuleng bari ngaduga-duga tujuan Élsa anu sabenerna bet hayang digawé di Bima Raya.
"Direktur jarang datang ka kantor, tapi saupama aya, ku kuring dibéjakeun, lamun diréktur daék dipanggihan ku anjeun. Pasti anjeun bakal dibéjaan"
"Haturnuhun Bu" ceuk Élsa unggeuk.
Tepi ka rohangan kantorna, Susi buburu nelepon Udin. Ngalaporkeun yén Élsa geus aya di Bima Raya sarta hayang panggih jeung diréktur. Ngadéngéna Udin beuki waspada. Karek ogé datang, malah can digawé, tapi langsung ngomong hayang panggih jeung dirina.
Pamikir Udin, Élsa datang pasti rék ngorék informasi ngeunaan dirina. Tapi keur kaperluan naon? Naha sakadar hayang nyaho, rék ngaganggu kaharmonisan kulawargana atawa naon? Anu jelas Udin mimiti teu resep. Udin rék ngajaga jarak sangkan teu mineng panggih jeung Élsa. Ulah nepi ka indéntitasna kabongkar.
Nyaho Élsa geus aya di Bandung, Icih ogé atoh sarta hayang buburu Panggih. Icih mesen tempat dahar di hiji hotél sangkan tumaninah ngobrol. Jadi Icih ngajak Udin. Udin langsung teu genah haté, karék ogé boga niat hayang ngajaga jarak, ayeuna malah diajak panggih deui jeung Élsa. Nya kapaksa Udin nyatujuan.
Peutingna Ahirna Udin jeung Icih indit. Udin teu nyangka tempat dahar anu dipesen ku icih nyatana di taman gantung di hotél Padma.
Di lobi Padma aya hanging banner anu mangrupakeun pangumuman yén 3 poé deui taman gantung bakal ditutup. Moal dibuka keur umum. Sabab geus diséwa keur ngayakeun ulang taun perkawinan. Udin seuri nempo pangumuman éta, sabab 3 poé deui taman gantung mémang rék dipaké ku dirina.
"Luar biasa, aya ogé jalmi anu nyéwa taman gantung" ceuk Icih.
"Naon anu luar biasa nyi? Wajar pan lamun aya anu nyéwa?" ceuk Udin.
"Ih Ari akang, Matak tong sok calik waé di bumi gera. Ti kapungkur taman gantung tara diséwakeun ka umum. Fungsina mung kanggé rohangan perjamuan éksékutif. Nembé ayeuna abdi ngadangu taman gantung diséwakeun. Pasti anu nyéwana tos kalangkungan artos anu ahirna bingung nyalira artosna kedah dipiceun kamana" ceuk Icih ngajelaskeun.
Icih ngarénghap panjang, terus nyarita laun saolah keur tumanya ka dirina sorangan,
"Jalmi beunghar timana tiasa nyéwa taman gantung?"
Udin ngarangkul taktak Icih,
"Bisa jadi manéhna saurang lalaki anu kacida nyaahna ka pamajikan, terus hayang méré surprise keur némbongkeun rasa kanyaahna. Lalaki modél kitu moal lebar ku duit"
Duanana terus asup kana lift naék ka taman gantung. Tepi ka taman gantung terus nyampeurkeun ka méja panarima tamu. Icih nyebutkeun ngaran jeung ménta dituduhkeun méja anu geus di pesenna. Saenggeus Udin jeung Icih dariuk, Élsa ogé datang langsung ngageroan icih nyebut ngaran icih bari satengah lumpat.
Icih ngalieuk bari nangtung, terus duanana silih rangkul. Élsa ogé nyalaman ka Udin, terus dariuk. Icih bungah pisan nempo Élsa, ngarasa sono sabab lila teu panggih. Ahirna duanana uplek ngobrolkeun masalah dirina séwang-séwangan bari kaciri saruka bungah saleuseurian.
"Cih, Kuring nyaho anjeun geus jadi diréktur Palapa, tapi teu kudu miceunan duit nyéwa tempat dahar di dieu ukur pikeun nyugemakeun kuring" ceuk Élsa.
"Tong boro taman gantung, lamun aya tempat anu leuwih hadé, sanajan mahal pasti bakal dipesen ku kuring husus keur anjeun" témbal Icih
Élsa nyakakak,
"Anjeun mémang sobat kuring anu istiméwa, teu nyangka bisa jadi member diamond di Padma. Sabab sakanyaho kuring anu bisa mesen tempat dahar di taman gantung ukur mémber diamond"
Icih gogodeg,
"Kuring lain mémber, bisa meunang tempat di dieu lantaran jasa ibu Susi anu geus nginjeumkeun kartu mémberna ka kuring"
Élsa colohok,
"Wow hébat, bisa dahar di tempat méwah ieu, kuring karék ayeuna asup ka dieu" Terus Élsa luak lieuk ngarérétan dékorasi rohangan anu mémang éndah. Pinuh ku kekembangan asli.
"Kuring ogé kakara" ceuk Icih seuri. Duanana ahirna ngabarakatak bareng sabab ngarasa lucu sakaligus atoh.
"Aéh enya, tadi Kuring maca dina hanging Banner yén 3 poé deui tempat ieu bakal ditutup" ceuk Élsa.
Icih unggeuk,
"Nyéta atuh, tadi ogé kuring jeung kang Udin maca sarta ngarasa anéh, sabab ti mimiti taman gantung aya, can kungsi ditutup total. Saupama aya anu nyéwa, paling ukur sawaréh"
Élsa ogé unggeuk, terus nanya,
"Sababaraha poé katukang dina internét viral aya saurang pamuda anu meuli kangkalung méwah ku duit sakoper bari dikawal maké iring-iringan Rolls-Royce, anjeun geus nyaho?"
Icih unggeuk,
"Kuring nempo dina sosméd, mémang éta kajadian luar biasa, ukur bisa dilakukeun ku jelema sakelas sultan"
"Kabéh jelema keur panasaran néangan informasi ngeunaan si pamuda, kaasup kuring. tapi can aya anu nyaho saha. Ngan kuring geus bisa nebak yén si pamuda pasti Diréktur Bima Raya. Sabab saprak Bima Raya dipimpin ku Diréktur anyar. Pamuda éta oge muncunghul ka publik" ceuk Élsa
Icih kerung,
"Maksud anjeun, pamuda éta incuna Agus Subrata?"
"Enya" témbal Élsa
Udin ngagebeg, sabab tebakan Élsa mémang bener.
"Tah, sigana taman gantung ogé diséwa ku manéhna" ceuk Élsa deui.
Icih nyakakak,
"Tibaheula anjeun mémang jago ngagosip, ukur tebakan tapi pas dicaritakeun ku anjeun saolah-olah jadi siga anu bener"
Élsa ogé nyakakak,
"Kabéh awéwé rarasaan mah tukang ngagosip, bener teu? 3 poé deui kuring rék kadieu, hayang nyaho saha sabenerna anu geus nyéwa taman gantung"
Udin anu ngadéngéna ujug-ujug teu puguh rasa. Udin rék méré kejutan keur Icih sarta rék mikeun kangkalung téa. Lamun Élsa boga niat rék datang kadieu lantaran hayang nyaho hungkul, tangtu bakal loba ogé jelema séjén anu sapamikiran. Boga niat daratang kadieu pikeun lalajo.
"Cilaka! Lamun kieu carana, kuring kudu ngabéjaan Isak sangkan mikiran cara ngaantipasi hal-hal anu teu dipiharep. Ulah gara-gara acara di Taman Gantung, indéntitas kuring jadi kabongkar" gerentes Udin. Saterusna Udin ngirim pesen ka isak.ngajelaskeun kahariwangna sarta masrahkeun ka Isak pikeun néangan solusina.
Teu lila hidangan datang. Bari dahar Élsa nanya ka Icih,
"Sabab keur aya di Bandung, Kuring geus nelepon sababaraha babaturan SMA pikeun ngayakeun réuni, anjeun bisa datang? Sakalian ajak kang Udin"
"Kuring moal bisa. Euweuh kaitanna jeung Kuring. Kuring pan teu tamat jaba can kungsi sakelas jeung aranjeun" ceuk Udin gogodeg.
Élsa kerung,
"Naha? Akang pan carogéna Icih, piraku moal diréncangan ku akang?"
Nempo Udin nolak, Icih ogé ngomong ka Élsa,
"Lamun kang Udin nolak, kuring ogé moal datang. Hampura Sa"
Icih mémang haroréam, sabab lamun datang pasti bakal jadi bahan hinaan lantaran kawin ka kuli ngaduk, Komo lamun Udin ogé datang.
Élsa ngajelaskeun,
"Reunian ieu inisiatif kuring. Kuring hayang ngayakeun réunian lantaran lain ukur hayang panggih jeung babaturan heubeul, tapi anu leuwih utama hayang ngabubungah Darwin, nasih inget ka Darwin pan? Manéhna muka réstoran anyar di Dago ngan can diresmikeun. Jadi ménta tulung ka kuring pikeun ngumpulkeun babaturan SMA keur ngaramékeun acara peresmianna"
Réngsé Élsa ngajelaskeun, kadéngé trang tring sora HP disarada ampir bareng, Icih, Elsa jeung Udin maruka HPna séwang-séwangan. Loba notifikasi grup anyar WA anu dijieun ku Darwin. Barang grup dibuka geus aya sakitar 30an jelema anu ngagabung, kabéh batur sakelasna Icih jeung Élsa.
Katempo chat pambuka di Darwin,
"Sobat-sobat anu dipihormat, réstoran kuring rék diresmikeun isukan beurang di Bukit Dago. Jadi omat aranjeun kudu datang"
Disusul ku chat kadua,
"Réunian ieu awalna ideu Élsa. Élsa ayeuna geus jadi urang Bandung sarta geus digawé di Bima Raya. Geus sawajarna milu dirayakeun ogé"
Kontan rupa-rupa chat balesan rabul utamana ti kaum lalaki bari ngagoda Élsa. Sabab salian Icih, Élsa ogé bisa kasebut widadari nomer 2 di kelasna. Kabéh ngucapkeun selamet ka Darwin jeung ka Élsa, bari dibarengkan ku sagala rupa pujian.
"Oh, Élsa aya di Bandung? Kuring pasti datang"
"Kumaha si geulis Icih, bakal datang moal?"
"Aya béja Icih kawin ka kuli ngaduk, bakal datang jeung salakina moal nya?"
"Béja anu leuwih ékstrim, majar cenah saprak kawin, Icih can kungsi saré sagebrug jeung salakina"
Icih ngalieuk ka Udin anu pastina ogé maca chat-chat éta, Icih buburu ngaranggeum leungeun Udin,
"Ulah dilebetkeun kana manah nya kang"
Udin seuri,
"Naha ku Darwin nomer kuring bet diasupkeun kana grup? Tapi teu nanaon, kabéh anu diaromongkeunna mémang euweuh anu salah"
Pipi Icih ngadadak bareureum éra sorangan ngadéngé pangakuan Udin. Sabab hartina Udin ogé ngabenerkeun ngeunaan tulisan can kungsi saré sagebrug anu tangtuna Elsa ogé macaeun.
Elsa pura-pura teu ngadéngé. Buburu ngetik chat,
"Ulah ngagarosip anu maranéh sorangan can nyaho bener henteuna. Kuring ayeuna keur dahar bareng jeung Icih sarta salakina"
Tanpa sakanyaho saraéa, Darwin nge-chat pribadi ka Udin.
"Udin, sanajan anjeun teu sakelas jeung kuring. Tapi anjeun kudu mawa Icih ka acara. Hiji kahormatan keur Kuring lamun ajeun duaan bisa hadir secara pribadi keur kuring. Hampura geus di invite kana grup"
Darwin mémang babaturan Udin anu paling bageur dibanding jeung anu séjéna. Darwin ogé datang mawa kado sawaktu Udin kawin. Udin masih inget waktu dirina asa sorangan dina acara kawinan, ukur Darwin anu terus maturan ngajak ngobrol nepi ka acara réngsé. Udin ngarasa kahutangan budi ku Darwin waktu harita. Matak ka Darwin mah Udin nyanggupan bakal datang.
"Kuring pasti datang jeung Icih, ulah hariwang"
Di chat grup ogé udin nge-chat anu sarua. Udin ngajangjikeun bakal datang bareng jeung Icih.
Icih noél leungeun Udin,
"Kang, upami badé sumping, urang kedah nyiapkeun kado anu saé kanggé Darwin. Nanging énjing-énjing abdi kédah ka Bima Raya deui. Akang tiasa pangagaleuhkeun kadona? Teras sampeur abdi ka Bima Raya. Urang sasarengan angkat ti Bima Raya"
Udin unggeuk,
"Teu masalah, akang rék néangan isukan"
Share this novel