99. Bungalow Junaédi diduruk

Fantasy Series 60

"Siap Dén. Moal lila pasti akang tepi kadinya" témbal Bahar.

Selang 20 menit, Bahar ahirna datang bari mawa belasan préman. Udin langsung méré paréntah,
"Kang. Sabab di dieu mobil kuring aya dua, kuring ménta supir hiji. Kuring rék mawa pamajikan jeung mitoha balik. Duruk bungalow ieu nepi ka rata"

"Siap Dén" ceuk Bahar bari nitah saurang préman.

"Atur sangkan kajadian didieu euweuh anu nyahoeun, ulah kaambeu ku awak média" ceuk Udin terus manggul Icih jeung Lastri dina taktak kénca katuhuna terus ngagedig kana mobil dituturkeun ku saurang préman anu bieu ditunjuk ku Bahar.

Si préman buburu muka panto mobil Icih. Icih jeung Lastri didiukeun ku Udin dina jok tukang terus disupiran indit. Sedengkeun si préman ngiringkeun ti tukang nyupiran mobil Mardi.

Saenggeus tepi ka pakarangan imah, Udin nitah si préman balik bari ngeupeulkeun duit sarta nganuhunkeun. Terus Udin muka panto tukang mobil pikeun nyadarkeun Icih Jeung Lastri. Udin notokeun dua ramona kana beuheung Icih jeung Lastri. Teu lila duanana hudang.

Pas sadar duanana langsung murungkut sieun, tapi saenggeus nyaho keur aya dina jero mobil, duanana lalaunan tenang. Komo saenggeus nempo Udin keur seuri bari nyekelan panto mobil anu muka, duanana beuki reugreug.

"Kang, ieu dimana? Kunaon abdi tos aya dina mobil? Junaédi jeung Jujun mana?" Icih nanya ka Udin.

"Duanana kabur lantaran bungalowna dikepung pulisi" témbal Udin.

"Kunaon akang tiasa nyandak abdi sareng Ema kana mobil?" Icih nanya deui.

"Saacan akang tepi, akang geus nelepon pulisi leuwih tiheula. Jadi pas pingping akang rék di témbak ku Jujun, pulisi datang ngadobrak panto langsung arasup. Akang dititah mawa balik Nyai jeung Ema anu keur teu sadar. Tuh mobil anu hijina deui disupiran ku pulisi kadieu. Ngan hanjakalna junaedi jeung Jujun kaburu kabur teuing kamana" témbal Udin ngabohong.

Icih neuteup panon Udin,
"Kang. Haturnuhun nya"

Udin unggeuk bari seuri,
"Akang salaki nyai, jadi teu kudu nganuhunkeun"

Lastri ngarénghap panjang,
"Sukur Ema bisa salamet, ampir Ema dikotoran ku si Jujun"

Icih ngarérét ka Lastri,
"Ma. Tiasa teu ngalirénan ngadamel masalah, cobi upami teu aya kang Udin, badé saha anu nyalametkeun urang?"

"Ulah nyalahkeun Ema. Ema ogé korban dibohongan. Ema teu nyaho bakal pikieueun. Anu néangan masalah mah tah, salaki manéh" ceuk Lastri muncereng bari nunjuk ka Udin.
"Coba lamun salaki manéh teu ngajieun gara-gara ka si Junaédi, moal nepi ka kajadian kieu"

"Anéh abdi mah, kedah kumaha cara nyadarkeun Ema. Meni teu ngartos-ngartos sanaos lepat ogé" ceuk Icih ambek, terus kaluar tina mobil langsung asup ka Imah.

Lastri ogé buburu kaluar tina terus nyusulan Icih asup ka Imah. Panto mobil buburu ditutupkeun ku Udin, Udin ogé ahirna asup ka imah bari gogodeg.

Mardi sigana geus saré pules, sabab teu nyampak. Lastri anu teu nyaho Mardi geus balik ti rumah sakit buburu ngomong ka Icih jeung ka Udin,
"Awas, ulah aya anu bébéja ka bapa masalah kajadian bieu"

"Upami ema teu ngaraos lepat, kunaon sieun ku bapa?" Ceuk Icih.

Lastri némbalan,
"Ema teu hayang kajadian bieu jadi pikiran keur bapa manéh. Ema karunya ka bapa manéh anu karék cageur, ulah nepi ka katutuluyan dirawat teu balik-balik"

Icih ngarahuh,
"Ongkoh karunya, tapi dugi ka teu uninga bapa tos mulih ka bumi. Pokona abdi kedah wawartos, supados bapa ogé uninga yén Ema biang masalahna"

Lastri ngarénjag bari ngarérét ka kamarna sieun Mardi ujug-ujug ngurunyung kaluar. Terus ngomong deui ka icih lalaunan.
"Ema geus diolo ku mobil Mercedes Benz s500 jeung duit. Tapi mobil jeung duitna masih aya di bungalow"

Icih colohok,
"Oh, janten ku pangolo éta Ema téga nyéréd abdi kana picilakaeun?"

Lastri unggeuk,
"Enya, lantaran si Udin teu adil ka ema. Bapa jeung manéh dibéré mobil ari ema henteu. Katambah si Junaédi ngomong rék ngarénovasi bungalowna. Piraku proyék piduiteun rék dibikeun ka batur. Ema ngalakukeun kieu keur kulawarga, lain keur diri Ema sorangan"

Icih ceurik ngadéngé penjelasan ti Lastri,
"Kunaon bet kedah kapentingan kulawarga waé anu dijatenkeun alesan. Dugi ka judi ogé nyebatkeun kanggé kapentingan kulawarga. Mémangna Ema parantos ngahasilkeun naon tina judi kanggé kulawarga? Upami abdi ngantunkeun bumi ieu sareng kang Udin. Badé kumaha Ema ngurus bapa, sadidinten Ema tara aya dibumi. Kilangbara ka nganuhunkeun ka kang Udin anu parantos nyalametkeun nyawa éma. Ngaku kalepatan nyalira ogé seueur alesan"

Lastri langsung akting andéprok dina ubin ceuceurikan bari ngacak-ngacak buukna sorangan,
"Dasar anak doraka, hanjakal teu dipodaran ti keur orok kénéh. Geus gedé wani nyarékan indung sorangan"

Icih ngomong deui,
"Ma. Kunaon sok pura-pura nangis satiap parantos ngadamel kalepatan? Parantos kapeped cariosan teras bingung milarian alesan deui? Bari tara kantos wantun ngaku kana kalepatan nyalira, neumbleuhkeun ka batur. Pura-pura nangis supados dipikarunya. Abdi parantos ageung ma, parantos ngartos. Ulah disamikeun sareng ka murangkalih waé. Teu gaduh kaisin pisan"

Lastri terus ceuceurikan bari gogoléran, biwirna ngacaprak,
"Kunaon nasib Ema bet jadi kieu, manéh teu nyaho yén surga ayana dina dampal suku indung? Sakumaha salahna Ema, tetep Ema indung manéh pan? Umur Ema leuwih kolot ti manéh, Ema leuwih nyaho kana masalah bebeneran. leuwih hadé paéhan Ema ayeuna kénéh tibatan kudu hirup tapi dilunjak ku anak"

Cimata Icih terus nyurucud,
"Ma. Upami Ema keukeuh kieu waé, sanaos wengi, abdi sareng kang Udin badé ngalih"

Icih ngareret ka Udin,
"Hayu kang. Bérésan anggéan sareng barang-barang akang. Urang ngalih ka Bougenvile"

"Hayu" témbal Udin.

"Ma. Abdi badé ngagugahkeun bapa, abdi badé pamitan. Sok sing tenang didieu, abdi moal ngalepatkeun Ema deui" ceuk Icih bari rék ngaléngkah ka kamar Mardi.

Tapi suku Icih buburu dirangkul ku Lastri bari ngawiwiw ceurik,
"Ulah ningalkeun Ema, sanajan teu gampang, tapi Ema bisa ngarobah diri. Béré Ema kasempetan"

"Sok ema nyarios heula sing leres ka kang Udin. Nampi lepat, nyuhunkeun di hapunten, sareng nganuhunkeun tos dialametkeun" ceuk Icih.

Lastri ngarénjag, panonna mureleng ka Udin,
"Mémangna runtah ieu nyalametkeun naon? Pulisi anu nyalametkeun mah lain si udin"

"Ema masih nyebat runtah?" Icih nyorowok sabab bener-bener ambek.

Lastri buburu nutupan biwirna,
"Aduh ema salah ngomong. Anjeun bener si Udin bageur, teu salah anjeun milih salaki"

Saterusna Lastri ngalieuk ka Udin,
"Udin. Ema salah, Ema ménta dihampura, ulah diasupkeun kana haté. Nuhun geus nyalametkeun Ema din"

Lastri ngalieuk deui ka Icih,
"Kumaha? Geus cukup can? Kudu ngomong naon deui Ema ka si uéin sangkan manéh teu pindah?"

Udin mémang kesel ka lastri, tapi lain ku omongana anu goreng biwir. Udin kesel ku sifat sarakahna, jeung teu boga kaérana, teu jarang nyilakakeun batur. Jadi sanajan Udin nyaho Lastri ukur pura-pura jeung kapaksa ménta dihampura, Udin tetep seuri.

Keur Udin, ningali Icih bisa salamet dina kaayaan séhat ogé geus cukup. Masalah Lastri, da sifat mah susah dirobahna ari lain tina niatna sorangan mah. Tapi lamun tadi Icih teu kaburu katulungan, geus pasti Lastri ogé kudu paéh. Sanajan teu dipaéhan ku Junaédi atawa ku Jujun. Ku Udin ogé pasti bakal dipaéhan lamun Icih cilaka.

Icih ogé nyaho Lastri ngomong kapaksa jeung dijieun-jieun. Tapi rék kumaha deui. Saumur hirupna Icih mémang can kungsi nempo Lastri jujur ka batur.

Ahirna Icih jeung Udin ngaléos ka kamarna bari haté tetep kuciwa, di kamar Icih ngomong ka Udin,
"Hapunten abdi nya kang ku sifat Ema"

"Teu nanaon, akang ogé ngarti. Anu penting anjeun geus salamet. Anjeun pamajikan akang, Ema ogé indung anjeun. Akang moal wani nyalahkeun sasaha" témbal Udin.

Icih ngarangkul Udin,
"Upami tadi akang teu sumping, abdi sareng Ema pasti tos janten bugang"

Udin teu némbalan, tapi ngusapan tonggong Icih lantaran deudeuh.

"Kang, kumaha perkawis ngalih, badé iraha?" Icih nanya.

"Terserah anjeun siapna iraha, pindah hayu teu pindah ogé teu nanaon. Keur akang mah sarua waé. Kecuali akang bisa pindah saré kana ranjang. Karék éta béda" témbal Udin.

Icih nyiwit cangkéng Udin. Bari ngaleupaskeun rangkulanna.
"Ngimpi" pokna.

"Lamun dékorasi villa Bougenville geus réngsé, hayu pindah. Tapi kudu kabéh, ulah ningalkeun bapa didieu, karunya" ceuk Udin.

"Nanging villa Bougenville pan anu pa Salman, kumaha upami sawaktos-waktos dicandak deui" Icih hariwang.

Udin gogodeg,
"Moal gampang, susuratana geus ngaran akang kabéh. Aya untungna malah, di villa Bougenville Nyai jeung akang bisa nyicingan lantéi-3. Ema jeung bapa antep sina di lantai-2, jadi moal mineng teuing Panggih. Teu kawas didieu" témbal Udin.

Icih unggeuk,
"Leres kang. Nanging abdi kedah nyarios heula ka bapa supados bumi ieu tetep dipertahankeun, ulah diical, margi bumi ieu titinggal ti aki anu dihadiahkeun ka bapa. Upami diical, moal aya kénang-kénangan ti aki"

Udin unggeuk.

Sapaninggal Udin, bungalowna Junaédi langsung dibeuleum ku Bahar jeung para anak buahna bari ditungguan sakeudeung sabab bisi aya sésa-sésa anu teu kabeuleum. Geus yakin kabéh bakal rata. Bahar jeung anak buahna langsung baralik.

Seuneu ngabébéla katémbong ti kajauhan dina poékna peuting sarta katempo ku anu ngaronda sarta langsung dilaporkeun ka damkar. Butuh waktu lila pikeun mareuman seuneu, kawantu di suku gunung bari hésé cai, jadi sanajan seuneu hasil dioareuman. Anu nyésa ukur areng jeung lebu.

Dibantuan ku pulisi jeung warga sakitar, patugas damkar ngoréhan sésa-sésa bungalow bisi aya jelema anu kabeuleum. Tapi kabéh teu manggihan aya bangké atawa tulang jelema sarta euweuh bukti unsur ngahaja. Ahirna disimpulkeun kabakaran akibat tina listrik anu konslét sarta euweuh korban jiwa. Media ogé teu tertarik ngaberitakeunna, sabab euweuh anu kudu diungkap.

Diwaktu anu sarua, di lantéi-2 kamar villa Kulawarga Kusumah. Peuting éta Firman keur teu genah cicing nungguan telepon ti Junaédi jeung Jujun masalah rencana rék ngarampog klinikna Tiandi bari ngeupeul bungkusan ubar palsu anu geus disiapkeunna.
"Koplok. Nelepon henteu, ditelepon teu bisa" ceuk Firman kukulutus.

Ahirna Firman turun bari beungeutna katembong ambek. Di handap keur ngarariung Rukmini, Karsidi, Isah, Unah jeung Dudung, diuk ngurilingan méja makan anu kosong. Kabéhanana kaciri keur bararingung.

"Dasar anjing, teu bisa dipercaya" ceuk Firman ambek-ambekan bari diuk dina sofa.

Kabéh ukur pating rarérét, sabab teu ngarti Firman keur ambek ka saha.

Firman ngalamun, tanpa ubar Tiandi, kumaha cara nyageurkeun panyakitna? Tapi Firman teu wani ari kudu ngalakukeun sorangan ngarampog klinik mah. Bisi masalah jeung indungna tambah panjang, moal aya anu bisa dijadikeun paneumbleuhan.

Ningali Firman nguluwut bingung, Unah nyampeurkeun,
"Sayang, saha anu disebat anjing? Kunaon ti kamari ambek-ambekan waé"

"Keur jelema anu kuring teu wawuh ngarana, poho teu nanyakeun" témbal Firman.

Kabeh pating rarérét deui beuki bingung. Sabab firman neleponan terus bari nyebut anjing ka jelema anu teu apal ngaranna.

Sabot keur ngaharuleng. HP Dudung disada, aya notif ti grup WA. Pas dibuka nyatana berita orang hilang kumplit jeung fotona. Dudung buburu maca sarta ngomong ka sararéa,
"Ieu aya berita orang hilang dina grup WA kuring. Junaedi jeung Jujun, bapa jeung anak leungit. Anu bisa manggihan bakal meunang hadiah 50 juta ti kulawargana, fotona ogé aya"
"Naha bet bisa leungit?" Unah nanya.

Dudung maca deui beritana, terus melong fotona,
"Lamun teu salah, ieu pan jelema anu kungsi dialungkeun ti lantéi-3 rumah sakit, dua sukuna potong"

Pas Firman ngadéngé obrolan Unah jeung Dudung, Firman langsung inget ka anak jeung bapa anu panggih rék ngaduruk klinik. Anu saurang mémang dua sukuna péngkor, nyaéta jelema anu keur ditungguan nelepon ku dirina ayeuna. Jadi Firman langsung nyarita ka Dudung bari namprak,
"Mana kuring nempo fotona"

Dudung buburu mikeun ponsélna ka Firman bari némbongkeun fotona,
"Tah ieu dua jelema anu leungit"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience