Isukna Icih geus dangdan siap-siap rék indit digawé. Sedengkeun Udin kakara réngsé mangmasakeun sangu goréng keur Icih. Udin nyorowok ngagero Icih anu masih di kamar,
"Nyi sarapan heula yeuh. Ieu konci mobilna sakalian" ceuk Udin ka Icih bari ngagolérkeun konci mobil dina méja makan.
Icih kaluar terus diuk, duanana dalahar balakécrakan. Disela-sela dahar Icih nanya
"Kang, yakin abdi kedah nyandak BMW ka kantor?"
"Naha maké teu yakin? Mobil ngahaja dibeuli keur nyai" témbal udin
Icih unggeuk, buburu ngaréngsékeun daharna, terus nyokot konci mobil. Icih nantung bari nyium heula pipi Udin,
"Nuhun nya kang, muah" terus Icih lumpat kaluar ti imah.
Mardi anu kakara kaluar ti kamar langsung nyampeurkeun ka Udin anu masih dahar,
"Din, buru atuh daharna, lain rék meuli mobil keur bapa téa?"
"Sabar atuh pa, abdi teu acan sasapu, teu acan ngepél, seuseuheun numpuk, piring wasuheun ogé seueur" témbal Udin
"Poé ieu kabéh dipigawé ku bapa. Buburu indit. Ulah poho, BMW 530" ceuk Mardi teu sabar.
Udin unggeuk terus nginum sanajan daharna can réngsé. Langsung lumpat ngabecir kaluar maksudna ngudag Icih anu geus asup kana mobil. Nempo Udin ngudag, Icih muka kaca jandéla,
"Aya naon kang?"
"Buka bahasi nyi, Harley akang aya dina bahasi" Ceuk Udin terus nguriling ka tukangeun mobil nungguan bahasi di buka. Saenggeus bahasi muka Udin nyokot sapédahna.
"Ati-ati nyi" ceuk Udin saenggeus nutupkeun bahasi.
"Mangga kang nuhun" ceuk Icih unggeuk terus ngagas mobilna kaluar ti buruan imah terus mobil ngageuleuyeung maju nuju ka Palapa. Udin ogé langsung ngaboséh sapédahna nuju ka dealer BMW.
Siga saméméhna Udin markirkeun heula sapédahna langsung dihareupeun dealer BMW. Ti dealer Audi para pagawéna ronghok narempokeun tina kaca jandéla,
"Tempo, jelema itu datang deui, buru sampeurkeun tawaran Audi A8" ceuk manager Audi ka saurang salesna.
"Mangga Bu" ceuk sales langsung lumpat kaluar meuntasan jalan nyampeurkeun ka Udin bari mawa brosur A8. Terus nyarita,
"Pa, aya Audi A8 top-match terbaru, mesin sareng qualitasna langkung unggul ti BMW 760. Téknologi hibryd, mesin tiasa dipareuman satengah kanggé ngirit bénsin"
"Éta lain téknologi, tapi nyusahkeun, Mesin 12 silinder bisa dipareuman 6 pikeun ngahémat bénsin. Nya mending meuli anu 6 silinder wé langsung. Naon bédana?" ceuk Udin seuri sinis bari ngaléngkah rék asup ka showroom BMW teu maliré deui ka sales Audi anu colohok.
Saurang sales BMW kaluar,
"Aya naon ieu? Anjeun sales Audi nanaonan di dieu. Rék ngarebut palanggan kuring? Kaciri meureum parkirna dimana. Indit, indit!" Ceuk sales BMW ngusir sales Audi terus rengkuh hormat ka Udin nitah asup.
Sales Audi ngaléos kuciwa. Sales BMW mawa Udin ka jero langsung diajak diuk dina korsi hareupeun méja dealing,
"Pa Udin badé ngagaleuh deui mobil? Atanapi aya anu teu panuju kana mobil anu parantos digaleuh kamari?"
Udin seuri,
"Rék meuli deui. Aya kénéh stock BMW 530? Lamun aya kaluarkeun ayeuna"
"Itu pa, anu tengah" ceuk sales nunjuk terus nangtung leumpang tiheula nuju kana mobil anu dimaksud. Mobil langsung ditempoan ku Udin luar jero. Ti luar teu béda jeung séri 7 anu geus dibeuli ku dirina, Ngan intériorna mémang béda. Jadi Udin asup nyobaan diuk.
"Deal" ceuk Udin bari mikeun kartu ATM Tina jandéla mobil.
Sales curinghak bungah, leungeuna narima kartu ti Udin terus indit rék ngagésékeun kartu. Ti luar sapasang palanggan séjén asup, terus kadéngé sora cempréng awéwé nyarita manja ka pasanganna,
"Wow!, Aya x6. Sayang, kuring hayang x6"
Udin kerung, sabab sidik pisan éta sora Lili, ngan pas dirérét udin ngagebeg sabab anu jeung Lili lain Darwin. Anu anéh, Lili nyebut sayang ka si lalaki. Bari leungeunna muntang pageuh kana leungeun si lalaki. Buburu kaca mobil ditutupan ku Udin ti jero sangkan Lili teu nempoeun, tapi teu rapet, masih méléngé saeutik sangkan obrolan diluar tetep kadéngé.
Lili anu awakna pendék ngagusur leungeun si lalaki ka lebah BMW x6. Udin kekerot keuheul nempona, sabab nyaho sobatna keur disalingkuhan. Darwin pasti keur sibuk diréstoran, sedengkeun Lili malah jalan-jalan jeung lalaki séjén ka showroom mobil.
Anu lalaki nyarita,
"Saupama akang mangmeulikeun x6 ieu keur anjeun ayeuna. Kumaha lamun Darwin nanya?"
Lili némbalan,
"Darwin mah jelema polos sayang, gampang dibobodo. Ditingalkeun unggal poé ogé pan tara curiga. Jadi saupama kuring balik mawa x6, yakin Darwin moal tatanya nanaon"
Si lalaki ngajembél gemes pipi lili anu Kembu,
"Geus 3 bulan hubungan anjeun jeung akang, tapi peutingna pasti balik ka si Darwin. Rék tepi ka iraha urang kikieuan?
Lili nyirihil seuri centil,
"Ulah hariwang atuh sayang, sanajan peuting balik, beurang mah awak ieu pan tetep milik akang, salila hubungan jeung akang, Darwin mah can kungsi dibéré ngasaan deui"
Saterusna Lili nyarita deui,
"Sayang, sabenerna kuring hayang pisan ngusir Darwin ti réstoran. Tapi kuring can manggihan carana"
"Gampang, ajak paséa wé, terus usir. Bila perlu anjeun mayar batur pikeun nyilakakeunna" ceuk si lalaki.
Lili seuri bari unggut-unggutan ngarasa dibéré jalan. Terus nanya,
"Sayang, kumaha x6 na?"
"Ulah ayeuna. Ayeuna urang balik heula ka Imah akang, béré akang jatah 3 kali beurang ieu, geus kitu anjeun balik terus usir Darwin. Isukan akang rék datang ka réstoran bari mawa x6 ieu keur anjeun" ceuk si lalaki bari ngarangkul awak gendut Lili anu leuwih mirip ball beliter.
"Sayang, Ulah bohong nya" ceuk Lili gumeulis.
Si lalaki unggeuk bari seuri tuluy duanana kaluar ti showroom bari pacekel-cekel leungeun. Udin ngaluarkeun HP nelepon Darwin,
"Din, kumaha kabarna? Aya naon yeuh? Sisinarieun nelepon" ceuk Darwin.
"Win, keur naon anjeun ayeuna?" Ceuk Udin malik nanya.
Darwin némbalan,
"Keur sibuk Din, ngabantuan koki, palanggan keur loba, jadi kudu dibantuan masakna"
"Sibuk unggal poé?" Udin nanya deui.
Darwin ngajelaskeun,
"Ari narima palanggan mah kakara ayeuna, pan karék kamari dibukana ogé. Ngan poé-poé saméméhna mémang sibuk terus, sabab loba anu kudu disiapkeun keur acara launching. Kuring mémang moal bisa cicing sabab satengah modal pan ti mitoha. Lamun Kuring teu milu digawé, éra. Jadi nya saterusna ogé tangtu bakal sibuk unggal poé"
"Pamajikan anjeun keur kamana?" Udin nyelok.
Darwin ngarahuh,
"Geus 3 bulan saprak wangunan ieu dirénovasi jadi réstoran jarang aya di imah, balikna pasti peting waé, subuh kénéh téh geus indit deui. Bari unggal poé kituna téh. Rada lila di imahna téh ukur kamari wé basa acara peresmian"
"Sabaraha anjeun nunda modal di réstoran?" Udin panasaran.
"Saratus juta, éta kabéh duit tabungan kuring" témbal Darwin.
"Atas nama saha réstoranna?" Ceuk Udin deui.
"Lili" témbal Darwin.
"kabéh perijinan usaha, kapamilikan jeung sajabana, ngaran Lili ogé?" Udin beuki panasaran.
"Enya kabéh. Ukur tanah jeung wangunan anu atas nama motoha mah" témbal Darwin.
"Kana rekening bank saha hasil réstoran asupna?" Ceuk Udin.
"Ka mitoha" ceuk Darwin.
Udin ngarénghap panjang,
"Bodo, hartina anjeun ukur dimanfaatkeun. Nyaho anjeun ayeuna Lili keur aya dimana?"
"Paling ogé keur di salon" ceuk Darwin.
"Jadi ka anjeun pamitna rék ka salon?" Udin nanya.
"Enya" témbal Darwin.
Udin kerung,
"Anjeun percaya?"
Darwin ngarasa aya anu teu bérés. Jadi Darwin nanya,
"Sabenerna aya naon Din? jelaskeun wé ka kuring. Ulah asa-asa"
Udin ahirna ngajelaskeun,
"Kuring bieu ningali Lili jeung saurang lalaki di dealer BMW. Nyebut sayang ka si lalaki bari duanana pacekel-cekel leungeun"
"Kuring teu percaya, anjeun pasti salah nempo Din" ceuk Darwin.
Udin ngarahuh,
"Ngan 3 méter jarakna ti kuring Win, Jaba karék kamari kuring nempo beungeut Lili, piraku kuring poho deui jeung salah nempo"
Darwin kekerot,
"Din, anjeun sobat kuring. Ulah mawa béja anu teu bener"
Udin ngarahuh deui,
"Lantaran anjeun sobat kuring. Jadi Kuring kudu ngabéjaan. Lili ayeuna keur di imah lalaki éta lantaran dijangjian rék dipangmeulikeun BMW x6. Engké bakal balik sarta rék ngajieun masalah jeung anjeun, anjeun rék di usir ku Lili"
Teu nungguan jawaban di Darwin, Udin ngomong deui,
"Win, Amankeun lukisan anu ti kuring téa terus simpen, éta cukup keur anjeun hirup saupama peuting ieu anjeun diusir. Tapi saupama anjeun teu ngagugu, anjeun bakal indit bari teu mawa nanaon pisan"
Darwin masih can percaya, jadi nyarita deui,
"Din, kuring jeung anjeun geus lila silih percaya. Saupama kabéh anu dicaritakeun ku anjeun bohong. Kuring teu sudi wawuh deui jeung anjeun"
"Win, tadi geus disebutkeun, kuring ukur ngingetan, saterusna mah terserah anjeun" ceuk Udin bari langsung nutup teleponna. Udin ngarasa keuheul ka dirina sorangan, sabab poho bieu teu motrét atawa ngarékam vidéona keur bukti ka Darwin.
Sales ngetrokan kaca mobil,
"Pa sadayana parantos réngsé"
Udin unggeuk terus kaluar tina mobil. Saterusna rurat-rérét ka luhur.
"Kaluarkeun BMW 530 anu séjén, ulah anu ieu. terus geroan manager anjeun ayeuna, kuring aya perlu" ceuk Udin ka sales.
Sales unggeuk bari indit ka hiji rohangan. Teu lila kaluar deui dibarengan ku saurang lalaki maké jas.
"Anjeun managerna?" Ceuk Udin nanya bari ngajak sasalaman.
"Muhun, Aya anu tiasa di bantos?" Ceuk manager.
"Kuring ménta rékaman CCTV tina kaméra anu itu, ti mimiti kuring asup kana mobil ieu nepi ka kuring kaluar tina mobil, asupkeun kana HP kuring" ceuk Udin bari nunjuk kaméra CCTV terus mikeun HP na.
"Mangga pa" manager teu loba mikir sabab nyaho Udin lain palanggan anyar jaba rékaman anu dibutuhkeun ukur anu nyorot ka Udin hungkul. Euweuh anu kudu dicuriga.
Teu lila manager geus datang deui bari mikeun HP jeung kartu ATM Udin. Lantaran mobil ogé geus ngajagrag diluar, Udin langsung pamit. Sapédah diasupkeun kana bahasi, terus Udin balik. Dijalan Udin muka rékaman CCTV dina HPna. Di dinya jelas kabéh katempo Lili jeung si lalaki. Ti mimiti asup tepi ka balik. Udin seuri. Terus ngagerentes,
"Ieu cukup keur bukti ka Darwin"
Asup ka pakarang imah nyampak mitohana keur dariuk dina téras hareup. Nempo Udin datang bari nyupiran mobil weuteuh, duanana langsung nyampeurkeun bari suka seuri bungah nempoan mobil
"Ahirna boga mobil" ceuk Mardi bari ngarangkul Udin anu kakara kaluar tina mobil.
"Lunas mobil ieu, bapa kedah kagungan Férrari" ceuk Udin nyungkun.
"Éta mah kumaha anjeun anu nyicilanna, bapa mah geus teu sanggup néangan duit" ceuk Mardi seuri.
Mardi ngarebut konci tina leungeun Udin terus asup kana mobil. Mobil dihirupan deui langsung diputerkeun diburuan terus ngabiur kaluar.
Udin ukur seuri di gigireun Lastri. Lastri nyarita,
"Mun seug Ema bisa nyupiran, Ema ogé hayang Din"
Udin ukur ngarérét ku juru panonna tanpa némbalan. Teu lila Mardi geus datang deui langsung kaluar tina mobil terus nyampeurkeun ka Udin.
"Mobilna alus, tanagana ogé bedas, ngan hanjakal bodyna panjang teuing, masih hésé ngendalikeuna komo pas muter. Wéyahna anjeun jadi supir bapa heula nya saminggueun waé mah"
Udin unggeuk,
"Mangga pa"
Lastri ogé nyarita,
"Sakali-sakali anteur ema ogé ka salon atawa ka arisan nya Din. Ema rék pamér yén ema ayeuna boga BMW"
Udin unggeuk deui,
"Mangga Bu"
Bérés dahar beurang, Mardi geus maké kaméja rapih. Terus nyarita ka Udin,
"Din, buru siap-siap, anteur bapa ka cikapundung. Béjana aya barang anyar, aya kendi titinggal karajaan Pajajaran. Bapa hayang nempo"
Udin kerung,
"Bapa ngawitan kekempel barang antik deui? Teu kapok katipu? Kas di bumi saur ibu parantos ipis. Ulah boros teuing, hawatos ka icih anu milarina"
Mardi mémang teu usaha, tapi boga impian hayang beunghar ku jalan jual beuli barang antik, padahal euweuh kanyaho nanaon kana barang. Teu jarang katipu, meuli sajuta ukur kajual 100 rébu. Mun diitung-itung teuing geus sabaraha duit dipiceunan tina hobina éta. Geus 3 bulan eureun, ayeuna sigana nyaho Icih boga panghasilan rada gedé, karesepna geus rék maceuh deui.
"Ulah loba carita, nyaho naon manéh soal barang antik. Anteurkeun wéh bapa" ceuk Mardi rada ambek
Share this novel