66. Udin ngubaran Soni Nataprawira

Fantasy Series 36

Di tukangeun imah utama mémang aya imah deui anu dipisahkeun ku taman jeung balong. Saenggeus kabéh arasup, katempo di salah sahiji kamarna aya saurang lalaki kolot keur ngagolér dina ranjang gede tina ukiran kai jati. Umurna sakitar 70 taun, pipina kemong, konglolak panonna celong sarta awakna leuleus jeung gerakan nafasna ogé ampir teu katempo.

"Pak Soni, ijinkeun kuring jeung incu kuring pikeun mariksa sarta ngubaran ajeun" ceuk Tiandi bari nitah Zofia, sedengkeun Tiandi mah ukur nangtung bari merhatikeun sarta tudah tuduh naon anu kudu dilakukeun ku Zofia.

Zofia teu ngomong sakecap-kecap acan, langsung ngaluarkeun cepuk leutik tina tas hideung anu dibawana, terus dibuka. Eusina jarum akupunktur. Jarum dicokotan terus digérékeun hiji-hiji nepi ka nyeceb dina sababaraha bagéan beuheung, leungeun jeung suku Soni dina titik anu geus ditunjukkan ku Tiandi.

Udin ngarenjag, sabab naon anu dilakukeun ku Zofia sarta targét-targét titik syaraf anu ditusuk sarua persis jeung anu ngalintas dina otakna lantaran pangaruh Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun. Ngan dina déét jeung jerona aya anu teu sarua. Udin teu nyangka cara ngubaran Pakistan, Tiongkok jeung Sunda loba miripna. Jadi Udin boga anggapan teu mustahil baheulana mah tina hiji sumber anu sarua.

Dua tabib jenius béda umur keur serieus ngubaran. Saenggeus sababaraha menit, ahirna kabéh jarum dicabutan deui. Nepi ka katingali Soni mimuti peureum terus saré tibra. Nafasna ogé kaciri mimiti teratur deui. Héndri bungah, buburu nitah Tiandi jeung Zofia istirahat bari nginum cai entéh anu geus di sadiakeun ku palayan. Warni ogé milu bungah, terus nawaran Udin nginum cai entéh babarengan.

Udin ngaérét ka Soni, terus kerung. Sabab katingali ti luarna mah mémang aya parobahan. Ukur gejalana anu leungit tapi sabenerna mah can cageur. Sabab aya sababaraha bagian fital justru kaliwat teu kaubaran. Udin naksir kondisi Soni 2 poe deui tangtu bakal balik deui ka asal kawas bieu, malah bisa jadi leuwih parah.

Lalaunan Udin nagtung ngadeukeutan ranjang soni, muka cepuk jarum Zofia terus nusuk sababara titik anu miturut Udin kaliwat. Nempo Udin nusukeun jarum deui, Zofia rék nangtung lantaran ambek, ngan leungeunna dicekelan ku Tiandi sabab katempo ku tiandi nyatana Udin ogé ahli, teu asal nojos.

Nganggé Hendri kaburu negor ka Udin,
"Anjeun nanaonan? Cenah moal pipilueun?"

Udin némbalan,
"Juragan Soni boga panyakit anu geus naun. Kuring rék ngaaktifkeun deui otot anu geus lila kaku jeung sababaha pembuluh darah anu kasumbat. Lamun henteu, 2 poé deui bakal balik kawas tadi, malah bisa leuwih parah sarta ngancam nyawana"

"Naon? Anjeun ngaragukeun kamampuan tabib Tiandi?" Ceuk Hendri bari rék cengkat. Tapi leungeuna ogé dicekelan ku Tiandi. Zofia jeung Hendri ukur silih rérét sabab bingung kunaon Tiandi anu kuduna kasinggung bet ngahalangan?

Warni nyarita ka Héndri,
"Hendri. Ulah ngaganggu pa Udin. Tujuanna sarua, pa Udin ogé hayang nyageurkeun Aki. Lain rék nyilakakeun"

Hendri némbalan,
"Ceu. Tadi manéhna sorangan anu nyarita moal pipilueun sarta moal ngaganggu kana pagawéan tabib Tiandi, buktina ayeuna malah ngaganggu"

"Gandéng! Mun aya nanaon, eceu anu tanggung jawab" ceuk Warni ambek

"Tanggung jawab naon Ceu? Mémangna euceu bisa mulangkeun nyawa aki lamun nepi ka binasa ku pamuda ieu" ceuk Hendri.

Udin katempo tanggah bari peureum, terus beunta deui bari ngan sakilat geus nancebkeun sababaraha jarum jero pisan kana sababaraha bagéan awak soni dibarengan ku tanaga jero sarta énérgi spiritual.

Haté Zofia langsung ngalényap sieun mempo cara anu dilakukeun ku Udin, terus nangtung,
"Kang eureun! Pasién keur istirahat, ulah waka diganggu"

"Zofia, diuk!" Ceuk Tiandi nitah incuna diuk deui.

Ngan Zofia protés ka Tiandi,
"Ki. Carana kasar, métode akupunktur naon anu nancebkeun jarum jero ku cara sapertos kitu"

Tiandi gogodeg,
"Perhatikeun sing taliti gerakan jeung tehnikna"

Zofia ngagugu, ahirna merhatikeun satiap gerakan Udin sarta sasaran titik syaraf anu ditusukna. Zofia ngarénjag, sabab anu dilakukeun ku Udin métode akupunktur kuno Pakistan anu geus jarang dipaké di jaman modern. Nyaéta nyampurkeun téhnik akupuntur jeung béladiri. Zofia nyaho lantaran mineng maca buku-buku kuno ti nagara asal Tiandi. Malah Tiandi ogé kungsi nyaritakeunna. Ngan dina praktékna, duanana can aya bisa.

Nempo Udin geus réngsé. Tiandi buburu nangtung terus ngabongkokkeun awakna méré hormat ka Udin,
"Luar biasa. Kuring teu nyangka, téhnik akupuntur anjeun ngéléhkeun cara kuring. Butuh 50 taun keur diajar téhnik siga kitu. Anjeun pantes disebut Guru"

"Aki. Naha leres téhnikna sahébat éta?" Ceuk Zofia colohok.

Tiandi unggeuk,
"Zofia. Téhnik akupuntur anu dilakukeun ku pa Udin nyaéta téhnik heubeul anu kungsi dicaritakeun ku aki ka anjeun. Geus lila aki hayang diajar téhnik siga kitu, tapi eweuh guru atawa buku anu ngajarkeunna. Ayeuna aki bungah bisa nempo deui téhnik ieu salila puluhan taun"

Saterusna tiandi nanya ka Udin,
"Pa Udin. Saha guru anjeun? Titik anu ku kuring teu kapanggih ku anjeun dianggeuskeun"

Udin gogodeg bari seuri,
"Nuhun kana pujianna, tapi kuring teu bisa nyebutkeun saha guru kuring" pokna bari nyabutan deui kabéh jarum dibalikkeun deui kana cepukna.

Udin ngarérét ka Warni,
"Warni. Aki anjeun bakal hudang sarta langsung diuk dina satengah jam deui"

"Mustahil, aki kuring geus ampir 3 bulan ngagolér siga kieu. Lamun aki teu hudang, komo tepi ka binasa, nyawa anjeun gantina" ceuk Héndri ka Udin.

Zofia nanya ka Udin,
"Pa. Salira ti klinik mana? Ti mana diajar téhnik akupunktur sapertos nembé?"

Udin seuri,
"Kuring teu boga klinik. Kuring ogé teu boga guru"

"Lajeng timana pangartos salira?" Zofia beuki panasaran.

Udin seuri,
"Kuring teu bisa ngajelaskeunna. Hampura geus ngajieun anjeun panasaran"

Zofia kerung,
"Anu katawis ku abdi, nembé métode akupunktur anu kantos dipraktékeun ku para karuhun abdi ti bangsa Pakistan. Salira sanés maling élmu ti nagara Pakistan pan?"

"Zofia! Jaga biwir anjeun" ceuk Tiandi ambek. Terus ngabongkokkeun awakna ka Udin.
"Guru. Hampura kalakuan incu kuring"

Saterusna Tiandi nyarita deui ka Zofia,
"Zofia! Buru ménta dihampura ka pa Udin. Naha anjeun teu nempo métodena leuwih sampurna ti para karuhun urang?"

"Ki. Abdi panasaran hoyong ngadu téhnik sareng pa Udin. Upami leres pa Udin langkung unggul. Abdi keresa nyuhunkeun dihapunten" ceuk Zofia. Sabab miturutna pamohalan téhnik akupunktur Pakistan anu leuwih unggul ti téhnik Tiongkok, bisa éléh ku métode akupunkturna Udin.

"Anjeun teu percaya ka aki?" Ceuk Tiandi. Ngan Tiandi reueus sabab Zofia boga kapanasaran anu gedé. Hartina sumanget diajarna masih ngagedur.

Warni dina jero haténa muji ka Udin. Sabab teu nyangka Tiandi saurang tabib ahli, geus ngaku yén élmuna masih sahandapeun Udin. Héndri ogé jadi bingung, sabab Tiandi kakara ningali Udin ngalakukeun akupunkturna sakali bari hasilna can katempo, tapi bisa yakin yén métode Udin leuwih alus.

Udin ngarérét ka Zofia anu katempona teu suka jeung masih panasaran. Jadi Udin nanya,
"Anjeun masih panasaran? Naon deui anu kudu dijelaskeun ku kuring?"

"Uningakeun kamampuan médis sanésna, hayu urang sami-sami ngaditéksi, naon waé panyawat jalmi-jalmi di dieu anu katawisna saréhat" ceuk Zofia nangtang.

Tiandi seuri, sabab mémang Zofia jago dina ngaditéksi panyakit batur. Malah Tiandi sorangan teu ngarti kunaon incuna bet boga kamampuan éta. Mémori otakna bisa nyimpen ratusan ciri panyakit jeung gejala-gejalana cukup ku nempo beungeut pasién.

Tapi tetep Tiandi ngingetan sangkan Zofia teu sombong,
"Zofia. Ulah ujub, urang diondang kadieu pikeun ngubaran. Lain rék pamér kaahlian"

Tapi teu disangka Udin malah nyanggupan, sabab Udin boga andelan. Udin boga mata batin pangaruh tina kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun anu batur teu nyaho,
"Hayu. Kuring satuju"

Sararéa ngarérét ka Udin. Tiandi bungah sarta geus siap-siap rék merhatikeun bari diajar ka Udin. Sabab tina kaahlian akupunkturna bieu, Tiandi ogé yakin Udin pasti bisa ngéléhkeun Zofia dina kaahlian médis séjénna.

"Abdi tipayun" ceuk Zofia terus neuteup rada lila ka saurang lalaki umur 50 taun anu saméméh maranéhna asup mémang geus aya di dinya nungguan Soni. Lalaki anu dimaksud nyaéta bapana Héndri atawa mamangna Warni. Ngan mémang can sempet dikenalkeun atawa ngawawuhkeun dirina,
"Pa, seueur kerutan dina taar salira. Salira kagungan darah tinggi sareng nuju diét nebihan kolestérol"

Bapana Héndri unggeuk,
"Bener. Kuring mémang di diagnosa boga panyakit anu bieu disebutkeun"

Saterusna Zofia neuteup ka Héndri terus nyarita deui,
"Halis salira melekung ka lebet, soca salira ogé kiruh. Salira kagungan panyawat bronkitis, nanging ayeuna panyawatna ampir damang"

Héndri unggeuk,
"Kuring mémang kungsi kaserang batuk parah, sabab aya inféksi dina paru-paru. Ayeuna keur dina masa pengobatan tahap ahir"

Sofia ogé neuteup ka Warni,
"Méntruasi salira teu teratur, sering kram kumargi capé teuing didamel"

Warni unggeuk,
"Anjeun bener"

Udin nangtung terus manggut ka tiandi,
"Tabib Tiandi, anjeun mémang hébat. Geus bisa ngadidik incu hiji élmu anu teu diajarkeun dina téhnik médis jaman kiwari"

Ngan Zofia can tamat nganilai. Jadi nyarita ka Udin,
"Pa Udin. Salira oge kagungan panyawat jantung kronis"

Udin ngacungkeun jempolna,
"Anjeun hebat. Tapi masih aya sababaraha kakurangan dina panilaian anjeun. Kuring rék sakadar nuluykeun"

Saterusna Udin diuk deui terus peureum.
"Lalaki umur 45 taun hareupeun kuring. Salian darah tinggi jeung kolestérol. Aya diabétes jeung jantungna mineng gegeberan. Tulang rusuk kénca kungsi potong kurang leuwih 10 taun ka tukang, sarta aya éksim dina palangkakanna"

Bapana Héndri colohok, sabab anu dimaksud ku Udin jelas dirina,
"Pa udin. Anjeun bisa nempo éksim sarta tulang iga kuring anu kungsi potong? Padahal anjeun peureum. Anjeun ogé bisa nebak umur kuring sacara pas? Kumaha kabéh bet bisa bener?"

Udin teu némbalan sumawona beunta, tapi masih nuluykeun omonganna,
"Héndri, panyakit bronkitis anjeun mimiti karasa saprak titeuleum tapi disalametkeun. Sanajan umur anjeun ayeuna geus 21, tapi can disunatan. Aya batu dina ginjel katuhu sarta aya kutil dina dampal suku kénca. Saran Kuring, buburu operasi ginjel anjeun saacan ngaganggu kana fungsi ginjelna"

Héndri colohok, beungeutna langsung bareureum sarta juru panonna ngarérét ka Zofia lantaran ngarasa éra,
"Pa. Anjeun bener. Ngan anjeun teu sopan, sanajan keur kuring lain aib, tapi anjeun geus ngabongkar rusiah kuring anu teu sakuduna teu dipikanyaho ku batur"

Warni jeung Zofia pating cikikik nahan seuri bari meungpeukkan biwirna. Duanana teu kuat hayang nyakakak.
Héndri nyarita deui,
"Masalah ginjel, kuring teu percaya. Butuh rotgen pikeun ngabuktikeunna!"

Udin unggeuk,
"Batu ginjel anjeun mémang masih leutik sarta can ngaganggu fungsi ginjel. Jadi moal bisa dirarasakeun. Tapi éta ibarat bom waktu keur diri anjeun, telat ngaantisipasi, anjeun sorangan anu bakal rugi. Usahakeun buburu dirotgen terus ngajakan operasi pikeun miceun batuna. Ulah nungguan ginjel anjeun ruksak parah sabab hartina anjeun kudu ngajalanan transplantasi ginjél pikeun ngagantina"

Saterusna Udin nyarita ka Warni,
"Warni. Méntruasi anjeun tadi peuting geus beresih, éta anu terahir karasa nyeri jeung waktuna teu teratur. Kahareupna mah bakal normal jeung moal nyeri deui"

Warni tungkul éra, timana Udin bisa nyaho ménstruasina geus beresih tadi peuting? Tapi Warni ogé bungah sabab ceuk Udin, siksaan ka dirina lantaran sok karasa nyeri satiap méntruasi, kahareupna moal kaalaman deui. Tangtu aya pakaitna jeung pitulung Udin saméméhna.

Tiandi jeung Zofia ogé colohok silih rérét sabab reuwas. Dina kaayaan peureum Udin bisa neguh malah bisa nempo anu teu katempo ku mata lahir sabab nyumput. Duanana tumanya anu sarua dina haténa, Élmu naon anu dipiboga ku Udin? Tiandi anu tadina nyaksian hayang diajar, malah jadi bingung sorangan sabab euweuh trik anu bisa dipulungan. Sabab salila nebak panyakit batur, panon Udin peureum sarta teu ngalakukeun nanaon.

Zofia nanya ka Udin,
"Kumaha perkawis panyawat jantung salira?"
Udin nyodorkeun leungeunna ka Tiandi,
"Tabib. Cék denyut nadi kuring. Naha bener kuring boga panyakit jantung?"

Tiandi langsung nyekel pigeulang leungeun Udin terus diteken ku jempolna. Selang samenit, Tiandi ngarérét ka Zofia bari gogodeg.
"Jantung pa Udin séhat. Teu boga panyakit nanaon"

"Mustahil" Ceuk Zofia beuki colohok teu percaya.

"Cék sorangan ku anjeun" Témbal Tiandi.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience