Udin seuri,
"Teu perlu difikiran. Bantuan ti kuring teu pira, hiji waktu pasti kuring ogé bakal butuh bantuan ti kulawarga anjeun"
Warni unggeuk bungah,
"Mangga guru. Kulawarga Nataprawira tangtos moal wantun nolak naon waé pamundut ti salira"
Saterusna Warni ngahuleng, teu lila nyarita deui,
"Guru. Keresa teu lirén heula. Urang milarian café anu masih buka kanggé istirahat, ngaleueut bari ngobrol?"
Warni nyaho Udin geus boga pamajikan. Tapi Warni hayang leuwih deukeut deui ka Udin. Hayang wawuh kana eusi haténa, sifat sarta rusiah pribadina anu katempona masih misterius. Warni ogé ngarasa beurat saupama kudu buburu papisah deui jeung Udin.
Udin ngarérét kana arlojina, terus unggeuk.
"Teu masalah. Tapi ulah leuwih ti 2 jam"
"Yes!" Warni surak dina jero haténa. Ahirna mobil dipéngkolkeun ka jalan Braga. Mobil eureun di parkiran basement Sunny Café. Terus Warni jeung Udin kaluar tina mobil langsung naék tangga nuju ka lantéi handap Cafe.
Saurang palayan anu katempona geus wawuh ka Warni nyampeurkeun,
"Salira badé calik di tempat biasa?"
Warni unggeuk.
"Mangga tuturkeun abdi" ceuk palayan miheulaan leumpang, langsung ka lantéi-2. Sarta langsung ka balkon. Terus nyarita deui ka Warni,
"Mangga calik ndén"
Warni unggeuk terus ngajak Udin diuk bari nyarita,
"Biasana abdi calik di dieu nyalira. Tempat ieu anu paling nyaman di dieu. Tiasa bébas ningal ka luar sareng teu kagiridig ku pangunjung sanésna. Cocok pisan kanggé niiskeun émutan saparantosna capé di damel"
Saterusna Warni nyarita ka pelayan anu masih nungguan. Mesen bandrék jeung kopi hideung keur Udin, sarta sababaraha rupa opieun,
"Béjakeun ka bos anjeun, ulah ngasupkeun deui tamu ka lantéi dua"
"Mangga ndén" témbal palayan. Saterusna indit.
Saenggeus kari duaan. Warni nyarita deui ka udin
"Café ieu anu abdi, janten akang teu kedah asa-asa"
Udin ngagebeg, lain reuwas lantaran nyaho yén café milik Warni. Tapi ngagebeg sabab bieu disebut akang. Padahal saméméhna warni masih nyebut guru atawa pa,
"Akang?" Ceuk Udin kerung.
Warni ngadadak geumpeur sabab sieun ucapanna salah anu ahirnya nyinggung Udin. Jadi Warni némbalan bari beungeutna bareureum éra,
"Aéh hapunten, maksad abdi pa sanes akang"
Udin unggeuk bisa ngamaklum, terus seuri,
"Kulawarga Nataprawira mémang hébat, Sagala jenis bisnis dilakonan. Lamun teu salah café ieu panggedéna jeung pangméwahna di Bandung"
Warni gogodeg,
"Bisnis kulawarga Nataprawira teu acan sabara. Di Jawa barat mémang ampir ¼ usaha sadayana milik Kulawarga Nataprawira. Nanging diluar Jawa barat, kulawarga Nataprawira teu kagungan nanaon. Indonésia dikawasa ku para raksasa bisnis anu teu tiasa di bandingkeun sareng kulawarga Nataprawira. Aya kulawarga Sutama, Kulawarga Subrata, Kulawarga Gunawan sareng sajabina. Kukawarga Nataprawira mung ibarat hiji lauk tongkol di laut anu lega, masih aya rébuan hiu sareng ratusan paus anu ukurana langkung ageung ti tongkol"
Udin unggeuk bari seuri, terus nyuruput kopi hideung anu karék datang. Udin ogé sabenerna geus serba cukup, aya Bima Raya, terus ratusan milyar duit tunai. Sarta anu leuwih utama deui harta anu teu dipiboga ku batur, nyaéta Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun anu ayeuna aya dina awak jeung fikiranna. Ngan Udin moal muka idéntitas aslina ka sasaha. Tujuanna sangkan léngkahna masih tetep bisa laluasa kawas ayeuna.
Terus Udin nanya,
"Naon alesan anjeun ngajak kuring kadieu?"
Warni némbalan,
"Margi salira parantos nyalametkeun nyawa abdi sareng nyawa pun aki. Pa Udin nyalira, kunaon keresa dicandak kadieu ku abdi?"
"Kuring ngarasa syukur ditakdirkeun bisa wawuh jeung anjeun" témbal Udin.
Warni unggeuk terus nyarita deui,
"Pa. Salira kagungan kamampuan anu teu aya tandingna. Jujur abdi kataji ku cara salira nulungan sasama. Béntar anu katingal ku abdi di villa kulawarga Wijaya, tangtos sanés kaleresan pan? tiasa dijelaskeun ka abdi?"
Udin seuri,
"Éta ukur kabeneran, anjeun jeung kuring sarua manusa biasa. Ménta kakuatan sarta panyalindungan tangtu ukur ka anu maha nyiptakeun sagalana pan? Béntar ogé ciptaan anjeunna. Jadi salila urang yakin. Hal anu ku batur dianggap mustahil, bisa waé ngawujud saupama ku urang dipénta sacara iklas bari dina kaayaan haté anu beresih"
Warni gogodeg,
"Salira bohong. Abdi nembé sadar dinten ieu upami salira mémang jalmi hébat. Sateuacana abdi mung ngaduga-duga sadayana ukur kaleresan. Nanging mustahil aya kaleresan anu teras-terasan pan? Sareng jujur duka kumaha satiap caket sareng salira abdi ngaraos nyaman sareng tengtrem. Upami salira teu kagungan kapampuan nanaon, tangtos peraosan sapertos kitu moal aya"
"Naha?" Udin kerung.
"Salian kagungan kakiatan. Salira ogé saderhana, sopan, bageur, sareng satia. Pokona sagala kasampurnaan pameget aya di salira. Upami istri anu sanés ogé aruningaeun. Sanés mung abdi, sadayana tangtos bakal ngaraos nyaman sareng tengtrem caket sareng salira sami sapertos anu karaos ku abdi" ceuk Warni muji.
Udin seuri,
"Ceuk saha? Kabéh lalaki sarua waé. Ngan dina ngendalikeun nafsuna hungkul anu béda. Kuring ogé sarua boga nafsu hayang sombong, tapi kuring bisa nahan diri sangkan teu dianggap gedé hulu sarta pupujieun. Kuring ogé boga nafsu hayang ngagoda anjeun, tapi kuring nahan diri sangan tetep dianggap lalaki anu sopan tur satia"
Warni unggeuk,
"Justru éta anu ngabéntenkeun salira sareng pameget sanésna. Abdi leres-leres kataji ku salira. Salira pameget anu sampurna"
"Kuring teu pantes dipuji, sabab kuring ogé manusa anu pastina loba kakurangan. Kuring kuleuheu, teu pinter dangdan. Kuring ogé bodo sabab teu nyakola" ceuk Udin.
Warni gogodeg,
"Saur saha kuleuheu? Salira justru kasép. Tara dangdos nanging katawis rapih sareng gagah. Nyarios saperyogina nanging kahartos, éta tandana salira justru pinter. Salira seueur katiasa nanging teu ujub. Abdi sering ngadangu salira ogé wantun ngalakukeun naon waé kanggé ngabéla kahormatan diri sareng kulawarga. Hal éta anu langki aya dina diri pameget anu sanés. Mung aya hiji hanjakalna"
"Naon?" Udin panasaran.
"Kunaon salira keresa dijodokeun, diperlakukeun sapertos pembantu, sareng wantun linggih di bumi mertua anu ékonomina kagolong miskin?" ceuk Warni.
Udin seuri,
"Masalah dijodokeun, jelas kuring moal bisa nolak. Sabab saprak jadi yatim, kuring hayang pisan boga kolot pikeun gaganti indung jeung bapa anu bisa mikanyaah, hayang boga adi anu bisa diajak heureuy jeung ngobrol. Lamun teu cicing di mitoha, kuring rék cicing dimana?"
"Nanging lingkungan tempat salira linggih teu cocok sareng karakter salira. Sifat salira sapertos saurang ningrat. Salira kedahna aya di lingkungan kulawargi ningrat" ceuk Warni mangkarunyakeun ka Udin.
Udin némbalan,
"Pamiikiran jeung kapuasan batin jelema euweuh anu sarua. Kuring geus ngarasa cukup jeung nyaman dina kaayaan ayeuna. Leuwih alus tinimbang kuring jadi galandangan. Mémangna naon anu salah lamun kuring kawin sarta milu cicing di kulawarga miskin?"
Warni gogodeg,
"Teu aya anu lepat. Nanging kahirupan salira ngajantenkeun abdi ngaraos kabita. Salira teu kaiket ku aturan kulawarga anu teu lebet akal sapertos Abdi. Abdi hoyong pisan tiasa bébas sapertos salira"
"Mémangna kunaon anjeun?" Udin kerung.
"Pa. Kulawargi ningrat biasana langkung ngutamikeun tata krama. Murangkalihna disakolakeun luhur sanés mung supados pinter, nanging kedah janten jalmi anu uninga kana adab. Léngkahna janten heureut margi satiap léngkahna bakal teras diperhatoskeun dugi ka déwasa supados teu tigebros kana pergaulan anu lepat. Malah jodona ogé bakal ditangtoskeun" ceuk Warni ngajelaskeun.
Udin seuri,
"Anjeun salah. Ayeuna abad 21, hal siga kitu teu lumaku. Teu saeutik jelema beunghar justru leuwih ruksak. Kakayaan teu bisa dijadikeun ukuran. Ayeuna lain jaman féodal atawa jaman karajaan. Saacan jaman RA Kartini bisa waé masih kitu"
Warni gogodeg,
"Sanes masalah féodalna, nanging éta aturan sareng norma teu tertulis anu kedah diterapkeun ku kulawarga ningrat supados tetep tiasa bertahan dina pamorna. Upami aya anggota kulawarga anu ngalanggar aturan sareng norma éta, lambat laun pamor kulawargana bakal ical. Anu ahirna kakayaanna ogé moal langgeng"
"Aturan sangkan bisa bertahan? Coba jelaskeun contona, kuring can faham" ceuk Udin.
Warni ngajelaskeun deui,
"Contona di kulawargi abdi, Sacara internal sadayana kedah paheuyeuk-heuyeuk panangan silih nyumangetan. Sacara éksternal, kedah silih ngadukung usaha, silih tukeur proyék sareng sajabina. Ogé mentingkeun prioritas. Salah sawiosna masalah jodo. Kapungkur, kanggé ngajagi garis katurunan, supados kakayaanna teu lumpat ka batur, ruhasia bisnis kulawarga ogé teu bocor. Rata-rata murangkalihna bakal dijodokeun sareng anggota ti lingkunganna nyalira kénéh. Sapertos Incu ka Incu. Di Éropa, sistem sapertos kitu masih aya dugi ka ayeuna. Nanging oriéntasina parantos bénten ayeuna mah anu beunghar kedah ka anu langkung beunghar deui. Minimal sajajar. Kaluar tina aturan éta. Aranjeunna yakin kajayaan kulawarga moal tiasa awet"
"Jelema beuki beunghar mémang beuki sarakah" ceuk Udin.
Sabenerna dina haté Udin ogé boga pamikiran anu sarua jeung Warni. Lamun dirina balik deui ka kulawarga Subrata. Pasti kahirupana ogé bakal leuwih dikontrol. Geus pasti kulawarga Subrata bakal nganggap Mardi jeung Lastri teu sadarajat, teu cocok jadi mitohana. Bisa jadi Udin kudu ceréi jeung Icih. Terus bakal dijodokeun ka anak jelema beunghar anu sadarajat. Jelas moal aya kabebasan? Udin teu hayang kawas kitu.
Jadi Udin nanya,
"Hartina anjeun ogé geus dijodokeun?"
Warni némbalan sedih,
"Awalna muhun. Nanging kumargi Héndri langkung siap kanggé ngarumah tanggi. Janten Héndri heula anu dijodokeun ka putri saurang konglomerat asal Makassar. Giliran abdi, aki kabujeng teu damang. Awalna abdi bingah, margi aki mustahil ngabahas deui perkawis jodo abdi. Nanging ayeuna aki parantos séhat, tangtos perkawis perjodhoan abdi bakal dibahas deui"
Udin seuri,
"Kunaon anjeun teu nolak saupama aturan éta teu sajalan jeung pamikiran anjeun?"
Warni némbalan,
"Sanaos abdi teu hoyong dijodokeun, nanging abdi teu kagungan pilihan sanés"
Udin seuri,
"Kuduna saenggeus ngaliwatan masa kritis, aki anjeun bakal bisa ngarobah pola pikirna. Sabab sabenerna anjeun anu geus nyalametkeun nyawana ku cara ngajak kuring. Anjeun bisa waé ménta tanjangkan sangkan dibébaskeun tina aturan perjodohan éta. Miturut kuring eweuh alesan aki anjeun maksakeun kahayangna"
Warni gogodeg,
"Teu sagampil éta, sanaos aki satuju, nanging aki ogé moal wantun ngareumpag aturan. Tetep abdi moal diwidian upami nikahna ka pameget biasa anu sanés ningrat"
Udin kerung,
"Naha? Aki anjeun pan kepala kulawarga, kuduna bisa ngarobah aturan kulawarga, naon deui anu dipikasieun?"
Warni ngajelaskeun deui,
"Kulawarga Nataprawira parantos nerapkeun aturan ieu ti sababaraha generasi. Sadayana tumut kana aturan anu sami. Upami pamundut abdi ditolélir ku aki, anu sanésna pasti bakal nyuhunkeun hak anu sami. Aturan pada ahirna bakal reksak. Kapanyunna, silsilah kulawarga ogé bakal janten acak-acakan. Mana anu saleresna trah ningrat sareng anu sanés. Margi garis biru anu mangrupikeun watesna bakal ngawitan luntur ku ayana getih campuran. Kulawarga Nataprawira parantos bertahan ti jaman kolonial Walanda, 5 dugi ka 6 generasi panceg kana aturan éta. Janten dugi ka ayeuna silsilah ningratna masih tetep kajagi"
Udin ngarahuh,
"Nyatana ruwet nya hirup di kulawarga gegedén mah, demi mempertahankeun darah ningrat nepi ka kituna. Kudu siap ngorbankeun kabébasan diri sorangan"
Warni unggeuk,
"Éta disebatna garis biru, turunanna disebat darah biru. Kaluar tina garis biru éta, parantos sanés ningrat deui. Éta Margina abdi kabita ku salira. Salira tiasa hirup bébas dina nangtoskeun pilihan, teu sapertos abdi. Sering abdi ngabayangkeun hoyong pisan dilahirkeun di kulawarga biasa, bébas tina perjodohan. Margi nikmatna kabénasan moal tiasa digaleuh ku harta"
Udin nyarita,
"Tapi teu saeutik masyarakat biasa ogé justru hayang kawas anjeun anu beunghar, moal mikiran sieun kabéakeun duit. Ceuk paribasana lewih hadé ceurik di jero BMW tibatan seuri bari ngaboséh sapédah"
Warni nanya,
"Nanging kunaon salira alim beunghar? Salira nolak artos pamasihan, salira ogé tiasa ngadamel landong anu pangaos hijina 100 juta. Kedahna salira tiasa beunghar tanpa kedah capé. Saolah-olah kanggé salira artos teu aya hargana"
"Loba hal anu teu bisa dibeuli ku duit, keur naon duit loba tapi teu bisa ngahargaan kana nilaina" ceuk Udin, sorana ngageter sabab ngadadak inget basa dirina nginjeun duit sajuta ka Rukmini keur ngubaran ma Éméh.
Warni unggeuk,
"Kanggé abdi, abdi masih tiasa nampi kana sagala aturan di kulawarga. Nanging masalah jodo, abdi hoyong ngalawan. Komo upami dijodokeunna ka jalmi anu teu dipikasuka. Abdi hoyong ngarobih nasib ulah dugi ka sapertos ibu abdi"
"Maksudna?" Udin nanya panasaran.
Share this novel