85. Rukmini ngalongok Mardi

Fantasy Series 60

Lastri bungah, sabab leuwihna bakal loba pisan. Anu saacana ukur ngabayangkeun sésana ukur 1,6 juta, ayeuna dirina bakal narima sésa leuwih loba. Bari nyakakak leungit kaéra, Lastri langsung ajrag-ajragan bari kukurilingan. Terus nyarita deui ka kasir bari mikeun deui cékna,
"Naon anu salah? Buru béréskeun pembayarana"

Ningali Lastri kawas jelema teu waras, patugas kasir jadi leuwih curiga. Terus nangtung bari ngagebrag méja,
"Dasar anu gelo! Timana anjeun meunang cék palsu terus wani datang kadieu? Kuring kapaksa rék nelepon pulisi sangkan anjeun ditéwak sabab geus wani mayar maké cék palsu"

"Hah! Palsu?" Lastri ngagebeg, sakujur awakna langsung késangan sabab sieun. Terus mundur bari kukulutus laun,
"Tadi si icih ngomong, eusina 1,8 juta. tapi cék ieu samilyar. Pasti si Udin salah mikeun cék atawa mémang ngahaja rék ngawiwirang kuring. Dasar koplok. Ieu pasti cék palsu alat si Udin pikeun nipu batur, kurang ajar!"

Saterusna Lastri ngagedig balik deui ka bangsal. Rék bébéja ka Icih, sakaligus rék ménta Icih sangkan nyeréikeun sarta ngusirUdin ayeuna kénéh.

Harita Udin, Icih, Mardi, keur ngarobrol tiluan. Tapi panto muka sakaligus akibat ditajong ku Lastri. Lastri langsung nyuruntul ka Udin bari nyekelan cék.
"Udin! Dasar bangsat! Wani nipu aing!"

Udin reuwas,
"Nipu naon bu?"

Lastri langsung ceurik bari ngomong ka Icih,
"Cih, buru ceréikeun si Udin, usir ayeuna kénéh, si koplok geus nipu Ema, Ema éra diwiwirang"

Icih anu sarua reuwas buburu nanya,
"Kang Udin nipu naon ma? Cobi jelaskeun heula ka abdi"

"Yeuh deuleu cékna! Si Udin mikeun cék palsu samilyar ka Ema. Kasir rumah sakit ampir nelepon pulisi bari nyarékan Ema, Ema disebut tukang tipu" ceuk Lastri ngajelaskeun bari ceurik.

Udin langsung sadar yén dirina salah mikeun cék. Cék anu dibikeun ka Lastri pasti cék anu ti Warni basa di Rumah Klasik. Duanana mémang aya dina dompétna, sabab tadi dirurusuh ku Lastri anu keukeuh teu sababar méménta cék, jadi Udin teu mariksa heula eusi cékna.

Mardi ogé panasaran, tapi teu wani tatanya, ukur ngadéngékeun bari kerung. Udin ngahuleng mikiran kumaha cara ngajelaskeuna.

Cék dicokot tina leungeun Lastri ku Icih terus ditempo, eusi mémang samilyar. Jadi Icih nanya ka Udin,
"Kang. Cobi jelaskeun ka abdi anu saleresna, naon maksad akang masihkeun cék samilyar palsu ka Ema? sareng kunaon akang bet kagungan cék palsu?"

"Nyi, anjeun salah faham" ceuk Udin.

"Lepat faham kumaha? cobi jelaskeun?" Ceuk Icih deui sabab panasaran.

Lastri buburu ngomong,
"Ieu pasti alat bantu si Udin pikeun nipu jelema-jelema beunghar, terus teu kahaja kabikeun ka Ema. Untung dibikeuna ka Ema, coba lamun dibikeun ka batur, geus pasti bakal jadi masalah gedé"

Terus Lastri nyekelan taktak Icih bari melong beungeut Icih,
"Cih, bukti geus jelas, anjeun masih rék keukeuh satia ka si Udin? Lamun teu diusir ayeuna, kulawarga urang bakal cilaka. Manéh rék nungguan naon deui?"

Icih anu masih melong ka Udin ngomong deui bari cimata geus ngabarendung dina kongkolak panonna,
"Kang. Upami akang teu tiasa ngajelaskeun ka abdi. Abdi kapaksa moal tiasa mempertahankan deui rumah tanggi urang. Abdi uninga akang jalmi teu mampu sarta tos wantun nipu batur. Upami akang teu ngalirénan nipuan batur. Kapaksa abdi badé téga. Abdi alim dinafkahan ku artos haram hasil nipu"

Udin ngarahuh,
"Nyi, akang rék jujur ka anjeun. Cék éta akang manggih tina kakadoan cocooan budak"

"Hah! Kakadoan?" Icih jeung Lastri sarua reuwas.
"Akang mésér kakadoan?" Icih nanya.

Udin ngarenghap bari tungkul,
"Tileuleutik akang ditingalkeun maot ku kolot. Salila di asuh ku ma Éméh, akang sok ngabayangkeun hayang ngalaman diulangtaukeun sarta dibéré kado sakumaha ilaharna budak-budak anu séjén. Mangkukna dipasar akang nempo aya kios anu ngajual kakadoan harga dua rébuan, akang jadi inget kahayang baheula anu can kungsi laksana. Ahirna akang meuli hiji, pas dibuka eusina cék éta. Akang atoh, sanajan akang nyaho cékna palsu, tetep cék ditunda dina dompét pikeun kenang-kenangan akang. Ngan bieu kabikeun ka Ema bari teu dipariksa heula, sabab Ema ngarurusuh"

Ngadéngé penjelasan ti Udin, cipanon Icih anu mémang geus ngabarendung ayeuna bener-bener bahé. Icih ngahelas ngadéngé caritaan Udin. Jadi cék samilyar dibikeun deui ka Udin,
"Iyeu cékna kang, simpen deui. hapunten abdi tos lepat sangki. Akang ulah bendu ka abdi"

Udin buburu narima cék samilyar ti Icih, terus diasupkeun deui kana dompétna bari ngaluarkeun cék anu 1,8 juta.
"Teu nanaon, nuhun anjeun geus bisa ngamaklum"

"Bu, Ieu cék anu asli" ceuk Udin bari mikeun cék anu 1,8 juta ka Lastri.

Lastri buburu ngajéwang cék,
"Untung bieu teu disoéhkeun ku Ema. Engké deui ati-ati. Pisahkeun sing bener dina dompét bisi kabikeun deui ka batur"

Saterusna Lastri kaluar deui ti bangsal. Ningali sikep Icih jeung Lastri geus béda, Udin reugreug, haténa ngemplong. Udin ngarénghap panjang sabab ngarasa reuwas kareureuhnakeun.

Udin seuri ngarasa lucu ku polah Lastri anu geus ngaléos deui ka kasir. Lantara sok asa aing ngarasa pangnyahona, pangbenerna, pangpinterna. Anu ahirna jadi kabalinger, teu bisa ngabédakeun cék asli jeung palsu. Saupama lastri nyahoeun cék anu samilyar asli, pasti bakal handeueul sarta luncat tina jandéla.

Teu lila kadéngé sora awéwé batuk tiluar, singhoréng Rukmini asup leumpang lalaunan maké iteukna,
"Mardi anaking. Ema kadieu rék ngalongok sabab aya béja manéh kacilakaan"

Udin ngarérét bari kerung, dina lawang panto katempo aya Dudung, Unah, Karsidi jeung Isah keur nungguan diluar.

Rukmini ngadeukeutan ranjang Mardi bari panonna bareureum, kongkolak panona carindul kawas tas ceurik. Terus nangtung gigireun ranjang bari leungeunna nyekelan leungeun Mardi. Terus nanya,
"Kumaha kaayaan anjeun ayeuna?"

Sanajan Icih masih keuheul, tapi ku lantaran niat Rukmini datang pikeun ngalongok Mardi, ahirna mangjawabkeun,
"Ni. Bapa teu sawios-wios, teu aya anu kedah dihariwangkeun"
Rukmini ngarérét kana beungeut Mardi anu teu nembongkeun rasa atoh geus dilongok ku anu jadi indung.

"Teu kudu dipaké ceurik sanajan kuring paéh" ceuk Mardi teugeug. Tapi kituna téh bari aya cimata anu ngalir tina panonna. Hartina haténa mah masih aya kanyaah kénéh ka indung.

Rukmini nyarita,
"Ema rumasa salah geus ngusir anjeun. Ema ngarasa dosa ngadéngé anjeun kacilakaan. Ema sieun anjeun kumaha onam. Lantaran kacilakaan ieu pasti akibat tina kasalah fahaman Ema anu ahirna jadi mangaruhan kana fikiran anjeun. Puluhan taun Ema mémang geus teu paduli deui ka anjeun, lantaran Ema hayang nempo anjeun mandiri, jadi lalaki anu kuat. Sangkan bisa dijadikeun andelan pikeun kulawarga Kusumah. Jadi Ulah nyalahkeun Ema"

Ngadéngé omongan Rukmini, Mardi teu bisa nahan kasedihna, Mardi ahirna ceurik bari leungeunna nyekelan pageuh kana leungeun Rukmini. Mardi mémang salila ieu geus ngarasa dianak térékeun, perhatian jeung kanyaah Rukmini tamplok ka Karsidi kabéh. Teu disangka ayeuna Rukmini datang pikeun ngalongok dirina.

Udin beuki kerung, sabab katempona aya drama anu keur dimaénkeun ku Rukmini. Pamikiranna éta wajar, sabab Udin teu boga iketan batin nanaon, jadi anu katempo di hareupeunna gampang ditebak.

Kaayaan kulawarga Kusumah keur aya dina awal kabangkrutan, lamun teu buburu néangan pamuntangan, bakal hésé keur maranéhna pikeun neruskeun lalakon hirupna.

Dugaan Udin mémang bener. Rukmini moal sanggup kudu hirup balangsak. Sabab geus biasa dipihormat, geus biasa ngawasa, geus biasa ngatur duit kulawarga. Rukmini geus ngarasa gagal mangaruhan Lastri sakitu geus disogok maké geulang jeung kangkalung, gagal oge pikeun meuli haté Icih. Balaka ka Udin pamohalan, jadi hiji-hijina harepan ukur Mardi, anakna, teu meunang gagal.

Lastri geus balik ti kasir. Némpo di jero bangsal aya Rukmini, Lastri buburu diuk ngabandungan obrolan antara Rukmini jeung Mardi.

Mardi katempona geus kahakan ku trik jahat anu dilakukeun ku Rukmini.
"Ma, Kuring can kungsi boga fikiran nyalahkeun ema. Kabeh akibat tina kasalahan kuring sorangan. Kuring teu bisa mingpin kulawarga, Kuring geus ngajieun ema kuciwa. Hampura kuring ma"

Nempo Mardi geus bisa narima dirina, sarta geus ménta dihampura. Rukmini nyarita deui,
"Ema reugreug ngadéngéna, sok sanajan Ema kudu paéh ayeuna. Ema geus moal ngarasa hanjakal" ceuk Rukmini terus ngagupayan Karsidi anu nungguan di luar sangkan asup.

Lastri nangtung terus ngaléngkah ka gigireun Rukmini,
"Bu, ulah nyaritakeun masalah maot. Mardi jeung kuring sarua geus ditingalkeun ku bapa. Kari ibu hiji-hijina anu dipikolot. ibu kudu panjang umur"

Karsidi anu geus asup ogé nangtung di gigireun Rukmini. Leungeun Karsidi dicekelan ku Rukmini terus ditumpangkeun Kana leungeun Mardi,
"Aranjeun anak-anak Ema, Ema poé ieu kalintang bungahna" ceuk Rukmini bari nyusutan deui cipanona.
"Ema rék mihapé ka anjeun Mardi, lamun Ema paéh, omat kabéh kudu akur. Sabab Karsidi adi teges anjeun. Susah senang maranéh tetep adi lanceuk nepi ka iraha waé, kudu sauyunan jeung saling bantu"

Karsidi unggeuk,
"Naon anu diamanatkeun ku Ema kuring ngarti, kuring jeung kang Mardi moal bisa dipisahkeun deui"

Udin ngarahuh lalajo sinétron hareupeunna. Teu nyangka jalan carita anu keur dimaénkeun ku Rukmini, Lastri jeung Karsidi geus mampu ngarobah sikep Mardi.

"Enya ma, kuring ogé ngarti, kuring jeung Karsidi bakal sauyunan jeung saling bantu" ceuk Mardi dumareuda.

Rukmini seuri, terus ngarérét deui kana lawang panto nyalukan Isah,
"Isah asup! Buru ménta dihampura ka Mardi. Dudung, Unah, maranéh ogé asup! Buru ménta dihapura ka Icih jeung ka Udin. Hususna manéh Unah, anu geus ngajieun masalah gede poé ieu di Wings Star, kudu ménta dihampura kalayan ikhlas jeung kudu jangji moal ngulang deui kasalahan anu sarupa kahareupna"

Unah jeung Dudung buburu asup nuturkeun indungna. Terus nyampeurkeun ka Udin jeung ka Icih anu keur diuk ngaréndéng, duanana ngabongkokkeun awakna,
"Icih, Udin, kuring rumasa salah, kuring jangji ti mimiti poé ieu moal ngaganggu katengtreman aranjeun deui" ceuk Dudung,
"Enya, Kuring ogé sarua" ceuk Unah.

Icih anu teu sadar yén ieu ukur drama, buburu némbalan bari seuri,
"Anu enggeus mah enggeus, teu kudu diinget-inget deui"

Udin mah teu ngoméntaran nanaon, tapi panonna terus merhatikeun paroman beungeut masing-masing jelema.

Rukmini nyampeurkeun ka Icih, terus nyarita,
"Lamun bapa manéh geus meunang balik, omat langsung bawa ka villa Nini. Kabéh kudu pindah ngariung deui di villa Kulawarga Kusumah siga baheula"

Karsidi ogé ngomong ka Icih,
"Bener Cih, kaséhatan bapa hidep leuwih penting. Kudu cicing di lingkungan anu léga, bersih, séhat jeung karawat. Mamang rék nitah saurang pelayan, husus keur ngurus sarta ngalayanan bapa hidep"

Icih teu waka nyanggupan, sabab dirina masih bingung, Naha anu diucapkeun ku Rukmini bener tina haténa atawa ukur kedok.

Mardi anu mémang geus séhat nurunkeun sukuna terus diuk dina sisi ranjang,
"Cih, bapa mah kumaha anjeun, lamun anjeun satuju bapa moal nolak, tapi lamun ajeun teu satuju, teu nanaon. Bapa ogé moal ambek"

Lastri ngadeukeutan Icih, terus ngusapan tonggong Icih bari ngaharéwos,
"Ieu kasempetan hadé keur kulawarga urang. Naon deui anu dipikiran. Buru sanggupan!"

Sabab kacirina kabéh ngaharepkeun jawaban ti dirina, ahirna Icih unggeuk,
"Mangga, sadayana urang mulih ka villa Nini"

Rukmini ngarénghap ngemplong. Biwirna anu geus kemong nyerengeh seuri. Geus teu katempo deui sésa-sésa kasedih dina beungeutna.

Rukmini bungah sabab geus ngarasa meunang, Mardi anu méntalna mémang lemah, Lastri anu piduit jeung kacanduan judi, Icih anu pikirana masih polos. Kabéh bisa di KO ku trikna. Rukmini geus teu mikiran Udin, sabab teu diajak ogé Udin mah pasti bakal tunduk sarta bakal nuturkeun bujur pamajikanna. Anu séjén ogé surak dina jero haténa séwang-séwangan, sabab teu nyangka rencana Rukmini suksés.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience