77. Udin dibéré mobil sport

Fantasy Series 60

Kabéh ngadareukeutan ka Soni, taki-taki bisi Soni labuh. Tapi tanpa di duga Soni ngabatekun suku leungeun jeung cangkéngna nepi ka pating derekdek. Cai panon geus teu katahan, Soni seuri bari ceurik bungah. Terus ngaléngkah lalaunan.

Ngarasa teu kunanaon, Soni langsung ngaléngkah kaluar, nincakkeun sukuna kana jukut di taman terus tanggah ka langit bari ngucapkeun syukur. Leungeuna diacungkeun duanana.

Soni teu katingali capé, teu katingali sieun labuh. Kabéh anu nuturkeun sarta nyaksian ukur bisa colohok. Soni ngarénghap jero sababaraha kali bari cipanonna terus bijil sabab bungah. Soni ayeuna geus siga 10 taun lewih ngora, sanajan huisna teu robah, tapi kariput dina kulitna geus ngurangan.

Soni malik neuteup ka kabéh anggota kulawargana anu harita ngajajar nyaksian. Terus ngadeukeutan ka Warni,
"Tepikeun rasa nuhun aki ka pa Udin. Inget pesen Aki, jadikeun pa Udin batur hirup anjeun. Aki moal hanjakan mikeun kabéh harta jeung kakawasaan ka pa Udin"

Warni atoh, sabab sumanget akina geus balik deui. Ningali kaayaan ayeuna, sanajan kudu hirup 10 taun deui, sigana Soni bakal mampu.

"Siapkeun hidangan makan malam, kuring hayang dahar ngeunah" ceuk Soni ka sababaraha pelayan bari ngaléngkah mantep asup ka jero imah.

Sararéa anu narima ubar peuting éta sarta geus ngarasakeun atawa nyaksian manfaatna, kabéh euweuh anu bisa saré. Kabeh muji ka Udin, ku pangabisana, ku kabageuranna, ku kasopananna. Asa euweuh pamuda séjén jaman kiwari anu boga kamampuan nyata kawas Udin.

Warni, Zofia, Auxe. Malah nepi ka ngabayangkeun hayang bisa jadi pamajikan Udin, hayang ngalayanan sarta babakti saumur hirupna ka Udin.

Sedengkeun Udin anu keur dipikiran ku sararea, Harita geus ngaréngkol tibra dina samak. Kawas orok anu keur dianjar nyangigir. Beungeutna polos teu katembong siga jelema hébat.

Isukna Icih geus mimiti rutin indit nyubuh ka kantor anyarnya. Sagalana geus jalan normal sarta geus ngarékrut dua pagawé. Icih boga rencana hayang ngaresmikeun sarta ngayakeun salametan leuleutikan ku ngondang rélasi-rélasi bisnisna.

Udin hayang mantuan, tapi tiap nawaran, tawarana pasti ditolak. Sabab Icih ngarasa dirina mampu, jadi sagala hayang ku sorangan. Udin ogé e teu maksa, justru muji ka Icih ku sumangetna sarta teu loba ngeluh. Tékad Icih hayang buburu ngabuktikeun ka Rukmini yén dirina ogé mampu mimpin parusahaan sorangan tanpa kudu gumantung ka Palapa ayeuna geus ngabukti.

Saenggeus Icih indit. Udin rencanana rék ka pasar, tapi karasa sakuna rada kandel, terus seuri sorangan sabab éta hadiah-hadiah anu geus ditarimana tadi peuting. 2 konci mobil, tasbéh jeung salambar cék samilyar. Konci mobil disakuan deui, cék diselapkeun dina dompétna, ukur tasbeh anu ditunda dina lomarina.

Udin hariwang ka Lastri bisi kakaratak deui, Lamu nyahoeun aya cék samilyar, pasti bakal langsung dicokot moal tatanya heula, geulang giok ti Qin Gang oge anu cenah mah nginjeum, nepi ka kiwari euweuh basa euweuh carita. Masih dipapaké terus.

Udin ngaboséh sapédahna ka pasar, di jalan Qin Gang nelepon. Jadi Udin nyisi heula. Kadéngé sora Qin Gang,
"Pa, mobilna geus ditempo? Kumaha, anjeun suka?"

"Can ditempo, mémangna paméranna sabaraha poé kitu?" Udin malik nanya.

"Saminggu, geus jalan dua poé, hartina 5 poé deui. Tapi saupama anjeun teu bisa nyokot, kuring rék nitah pagawé showroom sangkan nganteurkeunna ka imah anjeun" ceuk Qin Gang.

"Teu kudu, soré ieu kuring rék kaditu sakalian bari ngajak pamajikan jalan-jalan" témbal Udin.

Imah Mardi mémang kaasup kota, tapi di dilingkungan anu biasa. Saupama ujug-ujug aya mobil mahal ngajugrug diburuan imahna, pasti warga bakal ngageunjleung. Sabab di imah euweuh garasi pikeun nyumputkeunna. Udin boga niat rék nunda dua mobilna di garasi basement villa Bougenville.

Sabot Udin keur milihan tomat beukieun di pasar. Darwin ogé nelepon,
"Din, anjeun keur dimana?"

"Keur dipasar, mémangna aya naon?" Témbal Udin.

Darwin nyakakak,
"Teu nanaon, ngan kuring ayeuna keur di Bandung Auto Show, mobil-mobil anu ripamérkeunna haradé euy. Anjeun moal nempo?"

Udin bisa ngamaklum, tibaheula Darwin mémang resep kana mobil, sanajan teu mampu meuli mobil Alus, tapi resep ngoléksi foto mobil sarta Selfi deukeut mobil méwah.

"Aya anu dipikaresep teu?" Ceuk Udin iseng nanya.

"Aya, didieu aya Aston Martin jeung Buggati. Tapi teu dijual sabab milik saurang milyarder Bandung. Hanjakalna mobilna dijaga ketat, teu meunang aya anu deukeut jadi kuring teu bisa Selfi" témbal Darwin.

Udin seuri,
"Terus aya hal penting naon deui anu rék dibéjakeun ka kuring? Sabab kuring mah teu resep lalajo paméran"

Darwin teu buburu némbakan kawas anu asa-asa. Tapi ahirna nyarita,
"Icih aya didieu"

"Hah! Keur naon pamajikan kuring didinya?" Udin ngarénjag.

Darwin némbalan,
"Nyéta kuring teu wani nanya, sabab Icih keur jeung saurang lalaki. Kulantaran kuring teu nempo aya anjeun, jadi kuring ngabéjaan"

Udin kerung, keur naon Icih indit ka paméran jeung lalaki séjén bari teu bébéja ka dirina. Naha teu kapok geus dua kali hampir cilaka? Sanajan teu timburu, tapi tetep Udin hariwang aya nanaon. Kasalametan Icih jelas leuwih penting. Ahirna Udin nyarita,
"Nuhun win, balik balanja kuring rék langsung kadinya"

"Tapi kuring rék balik, sabab jam 9 réstoran kudu geus buka. Mun anjeun rék néangan Icih gampang, soalnya pengunjung masih jarang. Sigana soré atawa peuting karék ramé" ceuk Darwin bari nutup teleponna.

Udin teu balik ka imah tapi nunda balanjaan dina karanjang sapédahna terus dititipkeun ka tukang parkir. Buburu udin nyegat taxi langsung indit ka Bandung Auto Show.

Tepi ka anu dituju Udin langsung asup ka aula utama Paméran. Udin teu nempoan puluhan mobil-mobil méwah anu dipajang, tapi panona langsung muter néangan Icih

Mémang loba mobil méwah anu dipamerkeun. Deukeut lawang asup aya Audi, Lamborghini jeung Ferrari. Di tengah aya 2 mobil sport beureum jeung hideung anu ditunda dina palét panggung rada luhur. Éta mobil hadiah milikna anu keur dirariung ditarempokeun ku ampir kabéh pangunjung sarta sababaraha urang wartawan.
"Pasti Icih aya diantara jelema-jelema ieu" Gerentes Udin bari seseledek leuwih ka hareup.

Posisi mobil ngarendeng gagah sarta di kuriling ku Chain Barrier jeung 4 satpam anu ngajaga nangtung ngabedega nukangan mobil. Jadi mémang moal aya anu bisa ngadeukeutan ngaliwatan wates Chain Barrier.

"Dua mobil ieu mobil pribadi, jadi aranjeun ukur bisa nempo jeung motrét ti luar Barrier" ceuk saurang satpam anu ngajagana ka para pangunjung anu dareukeut.

Teu jauh tina palét, saurang manager keur dirariung ku wartawan. Saurang wartawan nanya,
"Paméran karek dibuka 2 poé, tapi 2 mobil ieu geus aya anu boga, saha pamilikna? Jelema anu sarua atawa béda?"

Manager némbalan,
"Pamilikna jelema anu sarua"

"Saha milyarder anu dimaksud? Bos Bima Raya atawa aya jelema beunghar séjén?" Wartawan séjén nanya panasaran.

Manager némbalan deui,
"Kuring teu bisa ngungkapkeun ngaran pemilikna. Anu pasti masih urang Bandung kénéh"

Kabéh colohok, sabab sanajan pamilikna lain urang Bandung, asa can kungsi aya jelema beunghar di Indonesia anu mampu meuli Buggati jeung Aston limited édition. Komo Aston, sadunua ukur aya 77 mobil. Ayeuna hiji aya di Bandung, jelas hiji kareueus keur urang Bandung.

Syarat hayang bisa meuli Aston Martin one77 ogé susah. Sabab saacana kudu boga heula 3 Aston type séjén. Hartina ratusan milyar pasti béak. Saha pangusaha Bandung anu geus miceunan duit ratusan milyar keur meulian mobil méwah?

Sedengkeun Buggati Véyron leuwih hésé deui. Sabab ukur bisa kabeuli ku jelema-jelema top didunia. Komo intériorna dipigawé ku Hérmes. Saha ogé pada apal sabaraha harga produk Hérmes. Duanana mobil sport canggih anu ukuran mesinna 8000cc, mampu ngabelesat 400km/jam dina waktu ukur 12 detik

Udin teu merhatikeun kana mobil atawa kana wawancara wartawan. Panona teu cicing terus rurat-rérét nempoan kabéh jelema dipapayan hiji-hiji, bisi salah sahijina Icih.

Kadéngé sora saurang lalaki teu jauh ti Udin,
"Cih, kadieu. Tempo dua mobil ieu, terbaik jeung tercepat sadunya. Saumur-umur kuring karék nempo ayeuna"

Udin ngarérét ka lebah sora, katempo saurang lalaki maké jas jeung sapatu mahal, buukna kulimis disisir rapih ka gigir. Digigireuna aya awéwé geulis jangkung leutik. Ngan éta mah Jihan anu panggih jeung Udin sawaktu dionfang dahar ku Darwin di Warung Taru, tapi teu lila kadéngé sora Icih ti tukangeun Jihan.
"Manager Junaédi, mémang mobilna alus, ngan kuring teu pati ngarti kana mobil"

Junaédi seuri,
"Lamun kuring geus biasa. Jeung daék teu daék mémang kudu ngarti mobil sabab gedung ieu mineng dipaké keur paméran mobil"

Ningali Icih ngajaga jarak jeung nyebut manager ka si lalaki, Udin ngarasa reugreug, tangtu Icih keur aya urusan bisnis. Jadi bisi ngaganggu, Udin ngajauhan bisi kanyahoan ku Icih, ukur ngawaskeun ti kaanggangan.

Karék ogé ngaléngkah, Icih ngageroan,
"Kang Udin, Naha aya didieu?"

Udin ngarandeg terus malik némbalan bari gagaro sirahna,
"Akang keur ulin nyi, sabab béjana aya mobil canggih jeung langka, jadi akang panasaran hayang nempo. Nyai naha bet aya didieu oge?"

Icih nyampeurkeun terus nungtung leungeun Udin sangkan ngadeukeutan ka Jihan jeung Junaédi, terus ngajelaskeun,
"Kang, ieu manager Junaédi, gedung ieu dikelola ku anjeunna, sateuacanna anjeunna langganan Palapa. Ayeuna anjeunna kagungan rencana kerjasama sareng abdi badé ngarénovasi interior rohangan aula ieu. Abdi didieu nuju survéy lokasina anu badé dirénovasi"

Saterusna Icih nunjuk ka Jihan,
"Anu ieu Jihan, rérencangan sakelas abdi anu harita calik sareng Jian di Warung Taru. Anjeunna sekretarisna manager Junaédi"

Di kantor KIKI, Udin atawa Icih mémang teu kungsi panggih jeung Jihan. Padahal awéwé éta anu kungsi disiksa jeung ditaranjangan ku Salman sarta dipiceun di alun-alun. Tapi Jihan mah nyaho panyababna, matak dirina nyimpen dendam ka Udin jeung Icih.

Jihan neuteup sinis ka Udin,
"Ieu waktuna masak jeung beberesih imah. Nanaonan Ulin kadieu?"

Sabab indit langsung ti pasar, Udin mémang teu dangdan heula. Maké calana jean urut tadi peuting dahar di Rumah Klasik, Udin ogé ukur maké sendal capit jeung kaos oblong anu taktakna geus bolong.

Junaédi ogé seuri sinis ngahina penampilan Udin. Icih mah teu nyahoeun sabab keur anteng merhatikeun sakuriling aula anu engkéna intériorna bakal dirénovasi ku dirina bari ngabayangkeun jenis jeung modél dékorasi anu bakal diterapkeunna saacan digambar sarta diajukeun ka Junaedi.

Junaedi kungsi ngadéngé Udin ukur babu di imah mitohana, tapi karék ayeuna nempo beungeutna. Jadi Junaédi nanya ka Udin,
"Saacan kawin ka Icih, naon pagawéan anjeun pa?"

"Ukur galandangan" ceuk Udin sangeunahna.

Junaédi kumecrék. Basa Icih masih kénéh jadi disainer intérior di Palapa. Loba pagawéan ti Junaédi anu digambar sarta dipigawé ku Icih bari hasilna alus, ayeuna ngadéngé Icih muka usaha sorangan, Junaédi ogé masih rék mercayakeun pagawéanna ka icih. Tapi nempo Udin aya didinya bari papakéanna teu pantes keur asup ka rohangan paméran mobil méwah, sabagé manager gedung, Junaédi jelas kasinggung.

Jadi Junaedi nyarita deui,
"Udin. Sabenerna anjeun teu pantes aya didieu, sabab ieu paméran mobil méwah, geus pasti anu datangna ogé jelema beunghar hungkul anu boga minat meuli keur dipaké atawa keur koléksi. Tuh tempo batur, eweuh anu maké sendal capit siga anjeun"

Sabab omonganna rada tarik. Icih ngarérét langsung baketut haseum pas ngadéngé omongan Junaédi anu ngahina Udin. Icih langsung ngaléngkah ka hareupeun Junaédi rék nampiling. Ngan Udin némbalan,
"Ukur paméran biasa, euweuh anu istiméwa. Kuring datang ka dieu lantaran mobil kuring aya didieu"

"Mobil anjeun didieu? Momobilan?" Ceuk Junaédi nyakakak seuri.

Jihan anu mémang ceuceub ka Udin pipilueun ngomong,
"Beunta atuh, mobil didieu pangmurahna samilyar, tong boro mobilna, sanajan ban mobilna hungkul ogé moal mampu kabeuli ku anjeun"

Junaédi nanya sinis,
"Anjeun datang kadieu lantaran rék ngarenghik ka pamajikan anjeun sangkan dipangmeulikeun mobil pan?"

Icih beuki ambek,
"Manager Junaédi. Salaki kuring geus mangmeulikeun kuring dua mobil, salaki kuring mampu meuli sorangan, teu saperti anu dituduhkeun ku anjeun"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience