44. Ki Waja datang ka Bandung

Fantasy Series 36

"Mudah-mudahan barang anu dimaksud aya. Lamun kabeneran aya, hartina éta mémang rejeki anjeun" témbal Udin.

Udin sabenerna embung ngaleuleuwihi katangtuan pangéran, naon anu dijelaskeunna éstuning sarua jeung piduduh anu aya dina buku 9 Élmu Karuhun. Tanpa dileuwihan atawa dikurangan.

Isuk kénéh Qin Gang jeung Auxé geus nyampak di sisi jalan hareupeun imah Mardi bari nungguan Udin kaluar ti imah. Teu wani nelepon atawa keketrok panto. Sabab sieun ngaganggu. Jadi ukur narungguan di jero mobilna.

Pas nempo aya Udin rék kaluar naék sapédahna bari mawa kantong balanjaan. Qin Gang jeung Auxé buburu kaluar. Nempo aya Qin Gang, Udin ngarandeg. Qin Gang nyampeurkeun.
"Pa ieu kartu anu di maksud ku kuring tadi peuting. Di jerona aya 1,2 milyar pin 212121. Gunakeun keur balanja di palélangan, ulah asa-asa"

Udin narima kartu bari ngarérét ka Auxé. Ngarasa dirérét ku Udin, Auxé buburu manggut bari imut.

Qin Gang Nyarita deui,
"Pa, sakali deui tulungan kuring. Kuring teu masalah sanajan kudu pondok umur, tapi anak-anak kuring ulah"

Saprak nasib kulawargana goréng jeung perusahaanna rugi sababaraha kali. Qin Gang mémang loba fikiran, kondisi awakna beuki teu séhat. Padahal umurna can kolot-kolot teuing, tapi geus katémbong ripuh. Matak keur dirina sorangan mah ukur bisa pasrah.

Nempo bapana nyarita kitu, cimata Auxé murubut kaluar tuluy nyekelan leungeun bapana bari nyarita ka Udin,
"Muhun Pa Udin, salametkeun kulawargi abdi"

Udin unggeuk,
"Kuring rék nyoba, tapi sakali deui ku kuring ditegeskeun. Kuring ukur nyaréatan. Anu nangtukeun tetep pangéran. Ulah putus-putus ngadu'a dina sagala kasempetan"

Qin Gang jeung Auxé unggeuk.

Udin reugreug nempona, saterusna Udin nyarita deui,
"Kuring rék balanja sayuran heula ka pasar, lamun geus meunang barangna tangtu kuring bakal buburu ngabéjaan"

"Hatur nuhun pa Udin" ceuk Qin Gang bari ngajak Auxé asup kana mobilna.

Balik ti pasar Udin ditanya ku Mardi,
"Din, tadi méméh anjeun ka pasar, bapa nempo anjeun ngobrol jeung Qin Gang di sisi jalan. Aya naon?

Mardi nanya kitu kulantaran ngarasa hariwang bisi aya masalah gara-gara bantuan ti Udin. Sabab lamun Qin Gang ngarasa dibohongan, balukarna lain ukur geulang giok anu bakal dipénta deui, tapi kulawargana ogé tangtu bakal aya dina masalah gedé.

Udin gogodeg,
"Teu aya nanaon pa, anjeunna mung wiat artos kanggé balanja barang di palélangan BCC"

Mardi panasaran,
"Nitip sabaraha? Jeung hayang dipangmeulikeun naon?"

"Samilyar langkung" témbal Udin.

Panon Mardi langsung molotot teu percaya bari nyekelan dadana sabab reuwas.
"Din, ulah gagabah narima duit gedé. Kumaha lamun anjeun salah meuli barang terus Qin Gang teu panuju. Bisa cilaka. Balikeun deui!"

"Abdi ogé ngartos pa, moal sagawayah dina ngagunakeun artosna. Teras ulah nyarios ka ibu sareng ka Icih masalah artos ieu. Abdi alim kajantenan sapertos anu atos-atos" ceuk Udin ka Mardi, sabab Udin hariwang Mardi loba omong deui kawas basa ngabéjakeun ayana geulang giok.

Mardi unggeuk,
"Enya, bapa moal bébéja ka sasaha"

Mardi ogé keuheul ka Lastri nu geus mimiti maceuh deui kana judi. Awalna ukur pamit ka arisan, tapi akhirna Mardi nyaho yén Lastri judi deui. Ngan can bisa negor heuras lantaran dirina sorangan ogé geus mimiti maceuh deui kana meulian barang antik. Saupama di tegor, tangtu lastri bakal malikeun anu ahirna paséa. Jadi leuwih hadé cicing.

Udin ngaléos ka dapur rék nunda balanjaan sakaligus rék masak. Sedengkeun Mardi ngalamun bari diuk mikiran nasib kulawarga ka hareupna. Sok sanajan Icih digawé, di Imah masih aya tiluan anu nganggur. Dirina jeung Lastri teu bisa nahan hobina dina miceunan duit. Sanajan Udin bisa ngirit, tapi sagala léngkahna geus mimiti ngaliwatan wates, geus wani gaul jeung sababaraha jelema beunghar anu sakuduna dipikasérab. Jelas lain masalah leutik, lambat laun kulawargana pasi bakal aya dina masalah gedé saupama aya salah sahiji kulawarga beunghar anu pada ahirna kasinggung ku Udin.

Saméméh Udin saré, Warni ngirim pesen ka Udin yén lelang bakal diayakeun dina poé isukan. Malah warni rék nyampeur. Jadi Udin kaluar deui ti kamarna pikeun ngabéjaan Mardi anu masih aya di rohangan tamu. Isuk kénéh Udin jeung Mardi geus siap indit ka BCC. Lantaran sapeupeuting loba mikiran masalah duit Qin Gang anu dititipkeun ka Udin, Mardi ampir teu bisa saré. Matak ti subuh kénéh geus diuk di rohangan tamu nungguan Udin.

"Pa, saurna aya barang saé anu badé ditawiskeun dina lélangan lot ahir. Bapa parantos uninga?" ceuk Udin anu karék kaluar ti kamarna.

Mardi unggeuk,
"Enya, bapa ogé ngadéngé. Omat ulah asal dibeuli Din. Barang anu ditampilkeun panutup pasti harga pambukana ogé ratusan juta"

Udin seuri,
"Kumaha jenis barangna, upami saé teras manfaatna ageung. Naon lepatna di galeuh"

Mardi nyarita serieus,
"Barang alus pasti saingana ogé loba. Malah bapa ngadéngé aya paranormal ahli métafisika ti Banten anu ngincer barang éta"

"Saha pa?" Udin panasaran.

"Ki Waja, manéhna ogé bakal datang" témbal Mardi.

Paranormal anu ngarana ki Waja mémang geus kawéntar, mineng asup kana acara TV nasional. Teu anéh lamun beunghar, sabab bayaranna ogé mahal. Loba artis-artis atawa pejabat nagara anu geus ngagunakeun jasa Ki Waja pikeun masang susuk atawa meuli barang pusaka anu boga kakuatan ghoib.

Ngan kaahlian utamana mah dina ramalanna anu akurat. Kungsi ngaramalkeun pasangan artis bakal pipisahan sabulan deui. Kabéh euweuh anu percaya sabab pasangan éta katempona ku masyarakat mah rukun jeung harmonis. Tapi nyatana ramalanna bener. Kungsi ogé ngaramalkeun kacilakaan pesawat jeung sabab musababna, éta ogé bener.

Ti harita ngaran Ki Waja beuki kawéntar. Nyaingan para artis. Tamuna rabul jul-jol timana-mana ngadatangan tempat praktékna, aya anu mémang butuh ditulungan. Aya ogé anu ngahaja datang ukur hayang panggih wungkul. Ménta tanda tanganna atawa ménta difoto babarengan.

Udin kerung, lamun Ki Waja jauh-jauh daék datang ka Bandung lantaran barang éta. Pasti barangna mémang hade. Udin jadi beuki panasaran. Barang naon? Naon kahébatanna?

Sabot Udin mikiran barang anu ngajieun panasaran dina haténa. HP dina saku Udin disada, pas ditempo layarna nyatana ti Warni.
"Kang, abdi parantos parkir dipayuneun bumi salira. Hayu urang sasarengan ka BCC"

Warni ngahaja ngajemput sabab sok sieun Udin teu indit. Jeung sok sieun aya masalah deui. Jadi kudu terus dibarengan. Di sisi jalan mémang geus nyampak Bentley beureum geus nungguan. Jadi Udin jeung Mardi buburu kaluar ti imah.

Warni keur nangtung nyarandé kana mobilna maké baju anu sarua beureumna jeung warna mobil. Buuk hideung galing muntang sarta kaca mata hideung. Kabeh cocok jeung pakulitanna anu bodas beresih.

Bari ngaleupaskeun kaca panonna Warni nyarita,
"Pa Udin, pa Mardi, abdi ngahaja ngajemput. Mangga lebet"
Kituna teh bari muka panto hareup jeung tukang.

"Néng Warni uninga nami abdi? nuhun" ceuk Mardi seuri bungah bari rengkuh hormat terus asup diuk dina jok tukang. Udin ogé buburu asup kana jok hareup. Sedengkeun Warni asup pandeuri, langsung nyetiran mobil indit ka BCC. Saterusna némbalan pananya Mardi,
"Tangtos uninga pa. Salira pan mertuana pa Udin. Abdi kenal sareng pa Udin tangtos kedah uninga ogé ka salira"

Mardi ngarasa reueus sarta rasa percaya dirina langsung naék. Saha anu nyangka anggota ti kulawarga Nataprawira daék ngajemput sarta mangmukakeun panto mobil keur dirina jeung minantuna.

Nepi ka BCC, Udin jeung Mardi nuturkeun Warni asup ka aula paméran. Kaligrafi sarta lukisan-lukisan aralus ngagarantung rapih di sakuriling témbok rohangan.

Ditengah aya méja lélang di taplakan ku kaén buludru warna beureum. Sakurilingna ngabaris sofa sigle ngajajar, tiap 4 sofa dihareupnna aya hiji méja anu pinuh ku inuman sarta bubuahan seger.

Tiap baris korsi aya dina hiji dék anu nge-trap beuki ka tukang beuki luhur, jadi sanajan diuk dina korsi barisan pangtukangna. Masih bisa nempo barang anu bakal aya dina méja lélang. Korsi geus ampir pinuh ku tamu anu daratang leuwih tiheula. Pamandangan ieu béda pisan jeung basa terahir Udin datang. Ku harga séwa gedung jeung penataan anu sarupa kitu, jelas Kulawarga Nataprawira geus ngaluarkeun biaya gedé.

Warni, Udin jeung Mardi dariuk dina korsi jajaran panghareupna. Karék ogé maranéhna diuk, di luar aula ramé sora jelema anu surak. Kabéh jelema ngarérét kana lawang asup hayang nyaho. Nyampak sababaraha pangawal anu lain pagawé BCC keur muka space row terus ngabaris kénca katuhueun jajalaneun anu bakal kaliliwatan. Tapi kabéh kerung, sabab teu nyaho saha sabenerna anu bakal asup?

Teu lila Katempo Ki Waja ngaléngkah, langsung nuju ka barisan korsi hareup.

"Ki Waja ogé datang?!" Warni ngarénjag, sabab Warni geus masrahkeun masalah ondangan ka Barda tanpa kudu méré laporan deui ka Warni. Wajar Warni teu nyahoeun Ki Waja bakal datang.

Beungeut Ki Waja tiis, euweuh gurat soméah dina beungeutna. Tapi sima anu kaluar tina panonna mémang gedé. Teu anéh lamun rohangan langsung ngadadak simpé. Sawaréh jelema narangtung bari ngacungkeun HPna séwang-séwangan. Aya anu midéokeun kadatangan ki Waja, aya ogé anu motrét.

Ki Waja ngarandeg bari ngaluarkeun 5 isim mangrupa kaén hideung anu geus ditilep-tilep terus dijait sisina, ukuranna ngan sagedé bungkus korék api. Terus nyarita ka sararéa,
"Sabab Kuring kakara ayeuna datang ka Bandung, Kuring rék ngabagikeun 5 jimat gratis ka urang Bandung" saterusna jimat anu dimaksud dibikeunan ka 5 ondangan anu deukeut jeung kaliliwatan ku manéhna.

Jelas hal ieu ngadatangkeun katimburuan keur para ondangan anu diukna jauh. Sabab teu kabagéan. Atuh Sora tiditu tidieu ngaguruh pada marénta anu nadanya sarua "Ki! Keur kuring mana?"

Asistén Ki Waja anu nuturkeun tukangeun Ki Waja buburu ngagkat leungeuna. Sora tamu anu ngaguruh langsung jempling deui,
"Ki Waja ukur méré 5 anu gratis. Saleuwihna aranjeun kudu mayar mahar, hiji isim Maharna 500 rébu. Barangna aya dina tas Kuring" ceuk asistén, bari némbongkeun eusi tasna anu pinuh ku isim.

Maklum ondangan jelema beunghar hungkul, ngadéngé harga jimat ukur 500 rébu, ngadadak kabéh narangtung terus nyalampeurkeun ka asistén Ki Waja pasedek-sedek, siga budak keur meuli peremén, kabéh ngaracungkeun duit kontan. Asistén ogé jadi sibuk ngaladangan, malah siga anu kawalahan. Puluhan isim sapada harita langsung ludes payu. Tamu anu teu mawa duit cash ogé sibuk transferkeun duitna tina HP milikna kana HP milik asisténna ki Waja.

Nempo kajadian kitu Udin kerung bari nyarita laun,
"Rek miluan lélang atawa rék dagang. Ngacowkeun katertiban waé. Meni asa babari pisan néangan duit ku cara nipu batur. jimat nanahaon siga kitu?"

Sanajan ngomong laun tapi Ki Waja kawas anu ngadéngéeun, sabab langsung muncereng ka Udin bari nyampeurkeun.
"Héh budak ngora! Ati-ati lamun ngomong. Manéh teu nyaho kana hasiat jimat ieu?"

Udin anu teu nyangka bakal disampeurkeun bari langsung ditanya tipoporongos jelas reuwas. Jadi buburu némbalan,
"Teu. Teu katempo aya hasiat nanaon. Ukur kaén hideung anu ditilep-tilep"

Saurang ondangan anu diuk di tukangeun Udin nyarita bari ngacungkeun jimat anu geus dibeulina,
"Ieu jimat kasalametan, harga 500 rébu jelas murah pisan"

Anu séjén ogé aya anu milu nyarita,
"Biasana maharna 2 juta, jaba kudu dicokot ka Banten"

Ki Waja ngarérét ka jelema-jelema anu bieu ngomong bari nyéréngéh panuju sabab geus milu ngajelaskeun, terus ki Waja ngarérét deui ka Udin,
"Tuh kadéngé pan? Sabab batur mah mikir jeung ngomongna maké otak. Sedengkeun otak anjeun mah dipaké ngomong waé salah, komo dipaké mikir. Ulah ngomong teu bener lamun teu ngarti"

Saterusna Ki Waja ngaléngkah kana korsi kosong terus diuk. Korsi Udin ka korsi Ki Waja ukur kapisah ku gang sakorsieun. Udin teu némbalan deui, tapi metik cau muli dina luhur méja hareupeunna terus dipesék langsung disamualkeun kana sungutna sorangan.

Warni anu diuk di gigireun Udin ngaharéwos,
"Kang, ulah dilebetkeun kana manah, Ki Waja kagungan pangaruh ageung"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience