Hérman pias,
"Enya kuring salah, Kuring sarakah teu boga kaéra"
Udin seuri sinis, terus ngarérét deui ka murad,
"Murad, péngkoran suku anu hijina deui"
Murad langsung ngajejelkeun deui perban kana sungut Hérman terus ngaheumbatkeun deui pipa beusi dina leungeunna kana tulang tuur Herman anu katuhu. Beletrok sora remukna tulang tuur dibarung ku sora ngagerungna Herman minuhan rohangan. Hérman gugulitikan deui. Ayeuna dua sukuna geus bener-bener péngkor.
"Teu bisa ngawarah anak, sarakah kana banda batur. Manusa modél naon anjeun? Ayeuna suku anjeun geus péngkor duanana, anjeun bakal terus cicing di Imah. Ieu kasempetan hadé sangkan anjeun leuwih deukeut deui jeung anak. Didik sing bener. Tapi kasarakahan anjeun can impas" Ceuk Udin.
"Murad, potongkeun leungeuna. Ngarah kahareupna teu wani cukat-cokot deui kana barang batur" ceuk Udin ka Murad.
Murad ngarérét ka Bahar anu masih kénéh ngaranggeum kerah baju Mamat, Bahar unggeuk tanda nyatujuan.
Habek beusi ku Murad diheumbatkeun kana pigeulang leungeun kénca jeung katuhu Hérman nepi ka ngaplék.
Udin nyarita,
"Ulah nganggap kuring telenges, naon anu dilakukeun ku kuring satimpal jeung kasalahan aranjeun. Kuring ogé jelema, euweuh hak nandasa batur. Tapi naon anu geus dilakukeun ku aranjeun leuwih bejad. Jelema teu tuah teu dosa ayeuna kudu ngagolér dina ranjang rumah sakit dina kaayaan ripuh"
"Satuju dén, ieu pelajaran lain ujur keur Hérman hungkul, tapi lenyepaneun keur kabéh anu aya didieu kaasup akang sorangan. Mangga teraskeun dén" ceuk Bahar.
"Murad, kasalahan bapana si Mamat sarua jeung Hérman teu bisa ngadidik anak. Akibatna ogé kudu sarua, lakukeun!" Ceuk Udin ka Murad.
Murad buburu nyokot perban dina méja terus dijejelkeun kana sungut Suparman disusul ku ngaheumbatkeun beusi kana tuur Suparman dua kali kénca jeung katuhu. Ngarasakeun nyeri dina sukuna, Suparman ukur gegerungan bari gogorentélan sakeudeung anu ahirna ngusek teu sadar.
Udin ngarérét ka 2 pangawal Isak,
"Dua aki-aki ieu gusur kasisi, buka borgolnya. Anjeun meunang balik bisi mang Isak nungguan" ceuk Udin
"Mangga gan" ceuk 2 pangawal Isak bari muka borgol dina leungeun Hérman jeung Suparman anu geus teu walakaya. Terus duanana digusur ka sisi. Geus bérés, 2 pangawal langsung pamitan bari manggut heula ka Udin.
Udin ngaléngkah ka Mamat,
"Kasalahan anjing ieu geus teu ka itung, salian jadi tukang palak di terminal. Wani nyaréan pamajikan batur jeung teuing geus sabaraha awéwé-awéwé séjén anu geus jadi korbanna. Wani ngagogog ka kuring, nyiksa babaturan kuring jeung ngahaja datang ka rumah sakit rék ninggang batur kuring anu geus teu walakaya ku korsi. Biadab!"
"Murad, péngkoran dua leungeun jeung dua sukuna terus lumpuhkeun bobogaanna" ceuk Bahar bari nyuntrungkeun Mamat ka lebah Murad.
Mamat anu nyoloyong ka Murad langsung dipapag ku peureup Murad. Peureup ngahanca beungeut Mamat anu masih kénéh jontowor akibat disiku ku Gobang. Anu ngakibatkeun Mamat ngadangheuak katukang, rubuh nangkarak bengkang. Dada Mamat dijejek ku sabeulah suku Murad, beusi diheumbatkeun kana tulang bitis dua suku Mamat jeung dua pigeulang leungeun Mamat. Geus bisa dipastikan Mamat bakal jadi jelema cacad sarta saumur hirupna paling ukur bisa diuk dina korsi roda.
"Cangegangkeun sukuna!" ceuk Murad ka 3 anak buahna anu ti mimiti ukur bisa lalajo. Mamat pada ngarejengan, sukuna dicangégangkeun.
Murad ngaléngkah terus nangtung diantara dua suku Mamat. Sukuna diangkat bari dijejekeun kana bobogaan Mamat, merekpek teuing sabara kali. Dijejek ku sapatu teuas bari sababaraha kali. Pasti kabayang barang anu aya dina jero calana mamat pasti geus nampuyak teu puguh rupa.
Lili geus pasrah, ukur dirina anu can dinanaon. Jadi ukur bisa nginghak ceurik terus ngorondang kana ranjang Darwin, bujurna geus baseuh ku cai ompol. Bari andeprok diuk, lili muntang kana sisi ranjang bari tanggah neuteup beungeut Darwin,
"Kang Darwin, hampura kuring kang, kuring geus khianat, kuring teu bisa nolak lantaran satiap kajadian sok dirékam jeung diancam, lamun kuring ningalkeun si Mamat, rékaman bakal disebarkeun. Rumasa kuring bodo"
Mamat anu ngadéngéna langsung nyorowok,
"Bohong! Fitnah! Kuring tara ngarékam, kuring tara ngancem. Manéh dibikeun ku bapa maneh ka kuring keur mayaran hutang bapa manéh. Manéh datang ka kuring dina kaayaan sadar tanpa paksaan. Lamun lain gara-gara hutang bapa manéh, kuring ogé teu sudi kudu saré jeung awéwé-pendek, gendut jeung goréng patut kawas manéh. Inget hutang bapa manéh can lunas, masih nyésa 50 juta deui!"
Saterusna Mamat ngarérét ka Udin,
"Udin, lamun anjeun teu percaya. cokot HP Kuring dina calana terus buka, didinya aya riwayat obrolan dina grup chat tiluan. Antara Hérman, Lili jeung Kuring. Aya kamufakatan anu geus dijieun" Ceuk Mamat bari leungeuna satékah polah ngodok saku, tapi bubuhan geus cacad, Mamat teu bisa nanaon, kabéh suku jeung leungeuna geus parotong.
Udin ngarahuh,
"Oké, kabéh geus jelas. Intina maranéh kabéh mémang sato. Teu pantes hirup jadi manusa"
Saterusna Udin nanya ka Darwin,
"Win, anjeun daék ngahampura Lili?"
"Moal Din" ceuk Darwin gogodeg bari nyegruk ceurik kanyenyerian.
Udin nanya deui,
"Husus keur Lili, sebutkeun, balesan naon anu pantes?"
"Péngkoran sukuna ngarah teu bisa ngalayab deui, ruksak beungeutna ngarah euweuh lalaki anu daék ngarérét. Éta geus satimpal" ceuk Darwin bari inghak-inghakan.
"Anjeun moal ménta duit anjeun?" ceuk Udin.
"Moal Din, harta masih bisa ditéangan. Tapi nyeri haté hésé ubarnya" témbal Darwin
"Alus! Anjeun masih lalaki" ceuk Udin bari méré kodeu ka Murad.
Murad langsung nitah anak buahna ngarejengan Lili, Lili ditangtungkeun bari dicarekelan ku tiluan Beusi dina leungeun Murad diheumbatkeun kana dua tuur suku Lili. Suku lintuh Lili langsung nilep ka hareup duana. Teu cukup tepi kadinya. Murad ogé nyokot gunting dina méja, terus buuk Lili digundulan. Saterusna congo gunting anu seukeut dibarédkeun rada jero sabaraha kali kana tarang jeung pipi Lili nepi ka baloboran getih.
"Cukup. Kasisikeun kabéh" ceuk Udin ka Murad, bari nyokot sabotol cai keur manjur Suparman sangkan sadar.
Udin nyokot korsi terus diuk hareupeun Mamat, Lili, Suparman jeung Hérman anu geus caracad. Terus nyarita,,
"Aranjeun geus narima akibat tina laku lampah anjeun sorangan. Ulah aya anu wani nyaritakeun kajadian ieu ka saha waé. Nyawa anjeun tarohanna. Ngarti?"
Opatanna unggeuk.
"Lili, Hérman. Aranjeun teu meunang cicing deui di réstoran, Réstoran éta ayeuna geus milik Darwin. Ngarti?!" Ceuk Udin deui.
Lili jeung Hérman unggeuk,
"Isukan kuring duaan nyingkah" ceuk Hérman.
Udin unggeuk terus ngarérét ka Suparman,
"Suparman, anak anjeun geus nyiksa babaturan kuring. Leungeun anjeun masih walagri. Wéyahna mimiti poé ieu. Urus jeung tungguan babaturan kuring didieu tepi ka cageur tur meunang balik. Terus béré duit babaturan kuring 2 juta saupama geus bisa kaluar ti dieu. Ngarti?!"
"Kuring ngarti" témbal Suparman unggeuk.
Udin ngarérét ka Bahar,
"Kang, piceun anu tiluan kana bak runtah di tukangeun rumah sakit"
Bahar unggeuk terus nitah Murad maréntahkeun 3 anak buahna anu ngajaga diluar. Teu lila 3 préman asup langsung manggul Lili, Mamat jeung Hérman, dibawa kaluar.
Udin ngalieuk ka Murad bari seuri,
"Murad, anjeun geus ngalakukeun pagawéan alus poé ieu"
"Geus jadi tugas kuring dén" témbal Murad.
"Kuring rek nitah jelema pikeun nransferkeun duit 20 juta ka anjeun sabagé tanda panuhun ti kuring pribadi. Kudu ditarima" ceuk Udin.
"Haturnuhun dén" témbal Murad deui bari ngabongkokeun awakna atoh.
Udin buburu ngetik chat ka Isak sangkan ntransferkeun duit 20 juta ka Murad. Sanajan Udin loba duit, tapi teu hadé lamun langsung ditransferkeun tina rekeningna. Dalah kumaha, rusiah dirina tetep masih kudu dijaga.
Teu lila HP Murad disada, Murad bungah sabab 20 juta geus asup kana rekeningna. Murad ngabongkokeun deui awakna ka Udin bari nganuhunkeun.
Saterusna udin ngarérét ka Bahar,
"Kang Bahar, hampura kuring geus ngaririweuh akang"
Bahar seuri,
"Teu nanaon Dén, hiji kahormatan keur akang bisa ngabantu adén"
Udin unggeuk panuju,
"Kuring bakal inget kana sagala bantuan ti sararéa. Sagala hutang Budi ieu, pasti bakal dibayar ku kuring"
"Teu kudu difikiran dén, anjeun jeung kuring lain sasaha, tapi dulur anu sakuduna silih tulungan" ceuk Bahar
Keur Bahar anu dipikahayang lain duit. Tapi statusna. Bahar rumasa teu nyakola, bisa jaya dina kahirupan lantaran ngandelkeun kawani. Impian Bahar ukur hayang akrab jeung jelema-jelema beunghar ngarah statusna milu kaangkat. Sangkan loba jalan pikeun muka usaha anu leuwih gedé deui kahareupna salian ti Rumah Klasik anu geus diwangun lantaran bantuan Warni.
Saméméh wawuh jeung Udin. Bahar sabenerna hayang leuwih deukeut jeung Isak, tapi Isak teu daék akrab. Alesanna mémang cukup asup akal. Isak mantan komandan batalion TNI anu pinter, sedengkeun Bahar ukur préman anu bodo. 2 sisi anu mémang patukang tonggong. Tapi ayeuna Bahar reugreug bisa wawuh jeung Udin anu mangrupakeun dununganna Isak. Hartina Bahar geus ngarasa yén posisina geus sajajar jeung Isak.
Udin nangtung nyampeurkeun ranjang Darwin
"Win, geuwat cageur nya. Sing sumanget nyinghareupan hirup. Inget sagala omongan kuring"
Darwin teu némbalana. Darwin kasima ku Udin. Teu nyangka Udin wawuh jeung Bahar, wawuh jeung Isak. Bisa maréntahkeun jelema loba ukur ku omonganna.
"Mun geus cageur, tarima 2 juta ti Suparman, kelola deui réstoran sing bener, aya Komar di ditu pikeun pakumaha. Sésa hirup anjeun saterusna, éta kumaha usaha jeung katekunan anjeun sorangan. Ulah asa-asa ngabéjaan Kuring saupama aya nanaon" ceuk Udin deui.
"Enya Din, Sagala anu diomongkeun ku anjeun kuring ngarti. Ulah hariwang" ceuk Darwin seuri.
"Hiji deui, ulah loba cumarita ka sasaha masalah kuring didieu. Anggap Kuring can pernah datang kadieu" ceuk Udin seuri bari ngaranggeum leungeun sobatnya.
"Biaya rumah sakit geus dilunasan ku kuring, jadi ulah loba fikiran. Kuring rék pamit"
Isukna saperti biasa beres migawé pagawéan imah. Udin rék indit ka pasar. Ngan HPna disada, pas di tempo, aya telepon ti Warni.
"Kang Udin, hapunten abdi kumawantun nelepon" ceuk Warni.
"Aya naon? Kendi pan geus dioméan?" Ceuk Udin kerung.
"Sanés masalah eta" ceuk Warni.
"Aya naon deui?" Udin panasaran.
"Abdi ningal salira ahli dina ngadangdosan barang antik, pasti sanés mung saukur tiasa ngadangdosan. Salira pasti ngartos ogé kana sagala rupi anu pakait sareng barang antik. Enjing tiasa nyarengan abdi?" Ceuk warni
Udin sabenerna teu hayang icikibung dina barang antik. Tapi ayeuna geus aya hiji énérgi anu asalna tina barang antik dina awakna anu Udin sorangan can pati ngarti manfaatna, sabab panasaran Udin nanya,
"Rék kamana jeung rék naon?"
Warni ngajelaskeun,
"Aya anu badé ngical batu, saur anu ngicalna, batu éta tiasa masihan éfék katenangan émutan sareng nebihkeun tina bahaya, akang kedah ngabantos abdi mariosna" ceuk Warni.
Udin gogodeg sabab teu percaya, incu jelema pangbeungharna sa Bandung, umur ngora keneh jaba awéwé. Anu pastina pendidikanna ogé luhur. Tapi masih percaya kana hasiat batu.
Dina buku 9 Élmu Karuhun anu geus dibaca ku udin. mémang aya ditulis salian ti tuwuhan, aya ogé sababaraha barang paéh anu ngandung hasiat. Salila teu mawa dirina kana sirik, euweuh salahna nempo, Jadi Udin ahirna nyanggupan.
"Oke, kuring bisa"
"Nuhun kang, énjing ku abdi dijemput tabuh dalapan" ceuk Warni
Udin nutup telepon bari ngarérét kana jam dinding. Udin teu jadi ka pasar, tapi langsung diuk bari nginget-nginget eusi buku 9 Élmu Karuhun. Aya salambar anu ngabahas masalah barang. Allah nyiptakeun mahluk jeung manfaatna, 1 mahluk rebuan manfaat. Cai manfaatna lain keur saukur di inum tapi loba manfaat séjénna, aya rébuan manfaat tina cai. Kitu deui angin, lain ngan saukur keur nafas, tapi masih aya rébuan manfaat tina angin. Tangkal kalapa, aya rébuan manfaat anu bisa diarah tina tangkal kalapa. Batu ogé tangtu kitu, aya rébuan manfaat tina batu.
Tapi inti tina kabéh éta, manfaat dibagi dua. Aya manfaat alus, aya ogé manfaat goréng. Asal jelema bisa ngabédakeun dua manfaat éta, IshaAllah bakal salamet.
Share this novel