Teu lila aya telepon asup kana HP Warni, buburu ku Warni ditarima. Anu nelepon sékrétarisna ti kantor.
"Bu aya masalah deui"
"Aya naon?" Warni reuwas.
"Éksport ka Amérika parantos dibongkar tina kapal, nanging dianggap teu layak margi qualitasna dibawah standar kontrak. Janten sadaya barangna dimuat deui kana kapal badé dirétur. Perusahaan urang diklaim kedah ngagentosan kompénsasi karugelan 3 kali lipét tina nilai kontrak"
Warni colohok reuwas,
"50 ton kabéh ditolak? Kuring geus ngaluarkeun ratusan juta keur transportasi jeung mayar béa cukai, ditambahan nilai barang anu ahirna teu jadi duit sabab dirétur. Jelas bakal jadi karugian gedé?"
Warni bingung, sabab karék cikénéh Legi ngomong masalahna geus réngsé. Tapi malah narima béja aya deui masalah anyar di perusahaanna.
"Nataprawira Group kedah ngagéntosan kompénsasi 3 kali lipet. Kedah kumaha bu?" Ceuk sékrétaris.
Warni némbalan,
"Coba telepon fihak pakait di Amérika. Bisi aya kasalahan dina pamariksaan barang, ménta di cék deui"
Sékrétarisna némbalan,
"Parantos Bu, 2 kali tést kualitas barang. Nanging hasilna tetep dibawah standard"
Warni nyarita deui,
"Coba cék catétan ti sumber barang, tingali tanggal produksina, téang saha anu tanggung jawab masalah packaging. Hasilna béjaan kuring. Téangan ogé pangacara terkenal di Amérika pikeun nguruskeun masalah ieu"
"Mangga Bu" Témbal sékrétaris. Telepon ahirna ditutup.
Warni ngahuleng bari melong ka Legi,
"Pa Legi, kunaon masalahna can bérés? Bieu Kuring narima deui béja goréng, usaha kuring keur nyinghareupan karugian ampir 5 milyar"
Legi ngabalieur, teu wasa nempo pencrongan panon Warni,
"Prosésna butuh waktu néng, kuring pan geus nyebutkeun. Isukan kakara bakal katempo hasilna"
Warni teu panuju ku jawaban Legi,
"Tapi ieu masalah anyar pa, kuduna teu langsung kawas kieu pan?"
Teu lila Warni narima telepon deui, ayeuna telepon ti Hongkong. Buburu Warni nanya,
"Halo. Hongzhi aya naon?"
Hongzhi némbalan,
"Nona Warni, kuring ngarasa kuciwa ku kerjasama antara perusahaan kuring jeung perusahaana anjeun. Kapaksa kuring mutus kontrak sacara sapihak. Hampura"
Paroman beungeut warni langsung pias. Terus nanya,
"Putus kontrak? Hongzhi perusahaan kuring leuwih unggul tina sagala aspék dibanding kompetitor séjén. Naha bisa kieu?"
Hongzhi némbalan deui,
"Kuring ogé teu yakin, tapi bapa kuring ahli Féng Shui, sarta ngabéjaan yén kaayaan anjeun ayeuna keur dina masalah gedé. Kuring embung kababawa rugi" Saterusna telepon ditutup.
Legi kaciri mimiti geumpeur, sabab teu nyangka panarékahanna malah mawa apes keur Warni. Fikiranna jelas hayang buburu pamitan terus kabur.
"Tingali isukan wé néng, lamun euweuh parobahan. Telepon kuring, ayeuna kuring pamit" ceuk Legi terus nangtung.
Warni ngacungkeun leungeunna,
"Ke heula pa, Kuring teu ngarti kunaon masalahna bet nambahan? Coba jelaskeun heula ka kuring"
Karék ogé parat nyarita, beuteung Warni karasa ngusial. Warni muringis nahan rasa peurih nyelekit dina bagéan handap beuteungna.
"Aya naon deui ieu, kuring teu boga panyakit kieu saacanna" ceuk Warni ngomong sorangan bari terus muringis. Késang tiis kaciri langsung maseuhan tarangna.
Warni nyobaan nangtung bari muntangan kana TV anu napel dina tembok. Tapi awakna teu bisa ajeg. Malah TV anu dipuntangan lesot tina brakétna hampir ninggang sukuna lamun leungeun Warni teu buburu di kenyang ku Udin.
Lantaran leungeuna dibetot nyakaligus, awak Warni ngagaléong kana lahunan Udin baréng jeung ngagubragna TV kana lantéi kamar anu dijieu tina papan jati. Bitis warni anu bodas kapetelan ku beling jeung palastik peupeus anu mancawura tina TV.
"Ah!" Ceuk warni ngajerit, sabab aya kaca anu nanceb kana bitisna.
Udin buburu nyabut beling tina bitis warni terus ngarawél sababaraha lambar tisu tina méja pikeun nutupan bitis warni anu soéh tur getihan. Panon Warni mencrong ka Legi
"Pa Legi, lamun anjeun teu bisa ngajelaskeun anu asup akal. Kuring teu ngijinan anjeun indit"
Bahar langsung nangtung ngarawél kerah baju Legi.
"Naon anu geus dilakukeun ku anjeun? Ngomong!"
Legi muringis sieun,
"Kuring teu ngalakukeun nanaon, ngan nganétralisir bonsai ku batu sangkan jalan rejeki kabuka deui"
Bahar molotot,
"Anjeun teu bohong? Atawa mémang ngahaja nipu sangkan batu anjeun dibeuli 100 juta? Jawab!"
Legi ngadégdég,
"Henteu pa, kuring lain dukun tukang tipu"
"Lamun sia teu jujur, ulah nyalahkeun aing lamun sia diasupkeun kana kandang ajing" ceuk kang Bahar beuki ambek terus ngalieuk ka Warni.
"Néng, pasrahkeun jelema ieu ka akang, urang leungitkeun nyawana"
Warni nyarita ka Legi,
"Pa Legi, buru jelaskeun ka kuring, ulah maksa kuring masrahkeun kasalametan anjeun ka kang Bahar"
Legi ahirna unggeuk,
"Ampun néng, Kuring mémang bohong, kuring sabenerna teu ngarti nanaon. Tapi batu éta mémang asli mustika kobra, ngan kuring teu nyaho manfaatna. Masalah duit, bisa dipulangkeun lamun anjeun ngarasa rugi"
"Anjeun nipu kuring?" Warni ngayakinkeun.
Legi unggeuk, bati ngodok sakuna ngaluarkeun cék,
"Bener néng, ieu cék ti anjeun bieu. Ku kuring dipulangkeun deui. Leupaskeun kuring"
Warni narima cék tapi teu nyarita nanaon deui sabab karék sadar yén dirina masih aya dina lahunan udin. Jadi buburu Warni ngoréjat nangtung. Diukna pindah kana korsi kosong bari tungkul éra terus nempoan tatu dina bitisna anu geus ditutupan ku keretas tisu.
"Néng, sabenerna Legi teu ngalakukeun nanaon" ceuk Udin.
"Maksadna kumaha?" Warni kerung.
Udin sabenerna hayang nyaritakeun sacara jelas ayana siluman oray bodas di kamar Warni. Ngan kusabab sieun Warni teu percaya, jadi teu dibeunyeur béaskeun,
"Aya hal ghoib anu ngahalangan rejeki anjeun jeung nyilakakeun kasalametan anjeun" ceuk Udin terus ngarérét ka Legi.
"Hanjakalna Legi geus nunda batu hideung dina pot bonsai anu ngajadikeun pangaruh goréngna beuki rosa"
Warni langsung deku hareupeun Udin,
"Guru, hapunten abdi teu émut salira kagungan kamampuan ningal hal ghoib. Bantos abdi guru"
"Pa Legi, cokot deui batu hideungna!" Ceuk Warni ka Legi.
Udin gogodeg,
"Percumah, énérgina geus ngahiji jeung bonsai"
Bahar nyarita ka Udin,
"Dén, bantuan néng Warni. Kuring yakin adén bisa"
Udin unggeuk, ngahuleng sakeudeung. Terus ngalieuk ka Warni,
"Minggu ieu ulang taun anjeun pan? Salahna basa ngarayakeun ulang taun, anjeun kaliwat bungah, anu ngajadikeun hawa négatif datang nyampeurkeun. Nyeri dina beuteung anjeun datangna tina ménstruasi. Lain tina masalah nanaon"
Warni colohok, nyaho timana Udin kana ulang tauna? Jeung mémang geus waktuna dirina datang bulan.
Udin nanya,
"Kuring bisa mereskeun, tapi bakal aya sababaraha parabot anu kudu pindah posisi jeung dibongkar. Anjeung ngijinan?"
Warni unggeuk,
"Sanaos bumi ieu kedah diruag, abdi teu kaabotan guru"
"Boyo! Kuring ménta linggis" ceuk Udin ka Boyo anu harita aya diluar kamar.
"Antosan pa" ceuk Boyo bari indit lumpat. Teu lila Boyo datang deui bari mawa linggis, terus dibikeun ka Udin.
Udin rurat rérét terus mencrong kana salambar papan parkit. Di handapeun lomari,
"Kang Bahar, gésér lomari ieu terus cokél papan anu ieu" ceuk Udin ménta tulung ka Bahar bari nunjuk papan anu dimaksud.
Lantaran leungeun Bahar masih ngaranggeum kerah baju Legi. Kapaksa beuteung Legi ditonjok heula satarikna sangkan teu kabur. Legi langsung ngudupruk bari ngaréngkol nyekelan beuteungna bari gegerungan. Saterusna Bahar nyampeurkeun ka Udin sarta nyurungkeun lomari. Terus nyokél papan anu ditunjuk ku Udin maké linggis.
Siluman oray bodas mangrupakeun hiji énérgi négatif anu datang dina poé ulang taunna Warni, datangna lantaran kaondang ku énérgi positif gedé tina kabungah Warni. Udin curiga kunaon bet oray anu datang, pasti di kamar warni aya sumber cai. Matak Udin kudu ngabongkar titik éta anu ditaksir jadi panyababna.
Saenggeus papan dicokél, di handapna masih aya peluran. Jadi Bahar nanya ka Udin,
"Saterusna kumaha dén?"
"Kuduna didinya aya pipa cai, bongkar peluranna kang" Ceuk Udin.
"Panon Adén bisa nembus beton?" Bahar colohok.
Udin seuri,
"Kuring lain supermén, kuring ukur ngira-ngira" l
Ahirna kang Bahar nurut, peluran dibobok ku linggis. Karék kacokél 2 sénti geus katempo aya pipa paralon ukuran ¾ inci. Jelas Bogor jeung Warni anu nyaksian colohok silih rérét, sabab teu nyangka Udin bisa nebak kalawan bener.
"Totosan paralonna kang" ceuk Udin ka Bahar.
Bahar asa-asa, terus nanya ka Warni,
"Néng teu sawios? Caina pasti muncrat maseuhan lebet kamar"
Warni unggeuk bari ngamankeun barang-barang penting sangkan teu kabaseuhan. Tas, HP, sababaraha map jeung buku-buku sarta sababaraha hiasan. Sawareh dibikeun ka Boyo sangkan di bawa laluar, sawaréh deui dijejelkeun kana jero lomari. Terus Warni kaluar kamar lalajo tina lawang panto.
Saenggeus kabéh aman, kang Bahar langsung nyocog pipa ku linggis. Sapada harita cai mancer di jero kamar kawas air mancur. Awak Udin jeung kang Bahar sarta Legi anu masih ngagolér kontan jibrug kabaseuhan. Pas cai mancer, Udin nempo siluman oray bodas geus cicing teu guling gasahan gugulusuran deui kawas tadi.
"Boyo, buru pareuman aliran caina ti luar" ceuk Udin nitah ka Boyo.
Boyo gura-giru lumpat mareuman aliran cai anu ngalir kana pipa anu bieu ngahaja ditotosan ku kang Bahar. Udin buburu muka jandéla bari ngagésérkeun pot bonsai ka gigir. Terus kai kaboa dina leungeuna di garo ku jempolna. Gaur téh teuing timana datangna maung bodas sagedé anak munding nyaho nyaho geus depa di jero kamar bari ngupat ngapitkeun buntutna anu ampir sagedé bitis, gublag geblug kana lantéi kai jati.
Nempo cai geus teu mancer deui, Udin maréntah maung.
"Usir!" Ceuk Udin bari nunjuk ka oray bodas.
Maung hudang langsung ngarontok bari ngagaur ka siluman oray bodas anu harita masih ngaringkel di jero kamar pas dina luhur pipa anu ditotosan bieu. Siluman oray jeung maung bodas langsung galungan. Siluman oray hideung anu aya dina bonsay ogé teu cicing, tapi ngagulusur milu galungan. Ahirna 3 mahluk ghoib garekut, 1 maung bodas ngalawan 2 siluman oray. Papuket silih gégél silih pacok. Anu ahirna 2 oray éléh terus ngaléor ka luar ngaliwatan jandéla kamar anu geus muka.
Tapi kajadian éta ukur katempo ku Udin. Ku anu séjén mah euweuh wujud anu katémpo, euweuh sora anu kadéngé sarta euweuh karusakan séjén di jero kamar.
Udin nyakuan deui kai kaboana bareng jeung ngilesna maung bodas. Terus ngarérét ka Warni.
"Alhamdulillah, geus beresih" ceuk Udin.
Boyo datang mawa dua anduk dibikeun ka Udin jeung ka Bahar anu masih keneh rancucut jibrug. Sedengkeun Warni keur narima telepon ti sékrétarisna,
"Bu perkawis éksport ka Amerika parantos réngsé, masalahna aya dina sample. Qualitas barangna mah teu aya masalah. Sadayana parantos lolos uji"
"Alus!" Tembal Warni bari nutup telepon. Saterusna warni neuteup ka Udin ,
"Guru, salira leres-leres hébat, nembé sékrétarisna abdi nelepon, barang di Amérika ditampi. Denda 3 kali lipet parantos dibebaskeun"
"Geus kawajiban kuring ngabantu anjeun jeung kang Bahar" témbal Udin bari ngagélang buukna ku anduk.
Bahar atoh, sabab ngarana disebut ku Udin. Sacara teu langsung Udin geus ngabéjaan ka Warni yén bantuan Udin ieu sabenerna pangajak ti Bahar.
Warni ngarérét ka Bahar,
"Nuhun kang, geus ngajak pa Udin kadieu. Kuring moal poho kana jasa anjeun"
Bahar unggeuk,
"Geus jadi tanggung jawab kuring kudu milu mikiran sarta manghariwangkeun kana sagala kasusah néng Warni"
Telepon Warni disada deui, ti Hongzhi. Jadi warni langsung nanya,
"Hongzhi kumaha?"
Hongzhi némbalan,
"Nona, tadi aya kasalah fahaman. Nyatana bapa kuring salah norah nasib anjeun. Justru anyeuna cenah anjeun keur hoki, usaha keur maju, bati gedé. Kuring bieu geus pesen tikét, isukan bakal datang silaturahmi ka kantor anjeun pikeun memperbarui kontrak sakaligus ngabadamikeun proyék-proyék séjénna"
Bakat ku atoh, Warni nyakakak bungah.
"Teu masalah. Ditungguan ku kuring di Bandung"
Telepon ahirna ditutup. Warni beuki reueus ka Udin, tina dua telepon anu asup. Éta geus cukup bukti yén usaha Udin hasil. Sabab duanana béja pikabungaheun hungkul.
Can béak kabungahna, teleponna geus disada deui, tapi ti nomer anu teu dikenal. Buburu ku Warni diangkat. Kadéngé sora lalaki
"Sareng ibu Warni?"
"Enya, ieu kuring. Anjeun saha?" Warni panasaran.
Share this novel