Udin buburu némbalan,
"Lain, acara ieu pasti di targétkeun ka kuring sabagé upayana pikeun males dendam. Sabab Kuring geus ngawiwirang Ki Waja di palélangan. Jadi, Kuring pasti datang"
"Upami pa Udin teu acan uninga bumi kulawarga Wijaya, enjing ku abdi dijemput. Urang angkat sasarengan" ceuk Warni.
Isukna Warni geus datang ngajemput Udin. Duanana langsung indit ka imah Wijaya. Imah Kulawarga Wijaya aya di suku gunung anu jauh ti kota. Pamandanganna éndah jeung hawana tiis. Imahna gedé sarta pakaranganna ogé lega, malah di pakaranganna anu lega aya hiji talaga jieunan sagala.
Di sisi talaga, puluhan korsi kai geus ngajajar rapih. Belasan tamu nyampak geus dariuk bari ngarobrol saruka bungah. Sabaris korsi anu leuwih hadé ogé geus ngajajar nyinghareup ka para tamu. Jajaran korsi éta keur dariuk tuan rumah sarta Ki Waja anu boga acara. Anu diuk di tengah sarta nyekel iteuk ngaranna Salman Wijaya, bapana Ibro jeung Fredi. Salman diuk ngarendeng jeung Ki Waja.
Salian ti jelema-jelema éta. Udin ogé nempo aya Alan jeung mang Gugun anu ti Garut tea. Nempo Udin jeung Warni datang. Alan nangtung bari manggut seuri. Salman Wijaya ogé ngarérét tapi ku teuteupan ceuceub. Anu jadi sabab lantaran Ibro jeung Fredi kungsi dicilakakeun ku Udin. Salman teu nyahoeun lamun asupna pamajikanna ka penjara jeung bangkrutna usahana ogé gara-gara Udin. Lain ku Bima Raya saperti anu salila ieu jadi kayakinan dirina.
Barda anu geus aya didinya ogé buburu manggut ka Udin jeung Warni.
"Ndén Warni, pa Udin. Salira duaan ogé hadir?"
Udin unggeuk bari seuri,
"Enya. Kuring hayang lalajo acara Ki Waja sacara langsung. Lain ukur dina TV"
Saurang lalaki gigireun Barda nanya,
"Anjeun anu meuli kerang samilyar téa?"
Ditémbalan ku Barda,
"Enya, ngaranna pa Udin"
Sabab perhatian tamu pindah ka Udin anu karék datang, Salman Wijaya kasinggung terus nyarita,
"Mémangna naon kahébatan pamuda éta anu ukur bisa meuli kerang samilyar. Didieu aya Ki Waja anu boga acara, leuwih pantes dipihormat"
Kabéh tamu langsung jempé sarta narempo deui ka hareup. Lain pédah sieu ku omongan Salman. Tapi mémang ieu acarana Ki Waja, lain acara Udin.
Ki Waja nangtung,
"Teu nanaon. Kuring mémang nginjeum tempat didieu pikeun ngayakeun acara ramah tamah, silaturahmi pikeun ngaraketkeun hubungan saprofési. Kabéh pada resep kana hal anu sarua. Tapi dina hal saha anu leuwih unggul. Di ahir acara bakal kaciri, didinya hayu urang pada némbongkeun jimat pangabogana séwang-séwangan sarta kaunggulanna"
Sabab Warni teu nyaho yen Udin kungsi aya masalah jeung kulawarga Wijaya. Ngadéngé omongan Salman jeung Ki Waja anu nyapélékeun ka Udin, Warni mimiti yakin yén acara ieu memang ditargétkeun ka Udin. Tapi asa piraku, sabab Udin mah pan teu katémbong mawa nanaon. Jimat naon anu kudu ditémbongkeun? Dugaan Warni pasti acara ieu buntut tina acara lélang. Ki Waja hayang males kaérana ka Udin. Udin pasti bakal diwiwirang di dinya.
Tapi Udin sorangan haré-haré, komo deui kalolobaan jelema anu hadir can wawuh. Jadi buburu néang korsi kosong keur diuk.
Ki Waja diuk. Giliran Salman anu nangtung, terus Salman nyarita,
"Kuring ngarasa kahormat tempat Kuring bisa dipaké keur acara ngumpulna jelema-jelema anu luhung ku élmu jembar ku pangabisa. Kahiji kuring hayang wawuh, kadua kuring ogé hayang diajar ka para guru anu geus hadir didieu. Sarta hayang nyaksian kahébatan jimat anu dipiboga ku masing-masing"
Saurang tamu ngacung nanya,
"Naon anu rék dipamérkeun dina acara ieu salian jimat?"
"Kuring ogé can pati ngarti, bisa waé tingkatan sihir tina barangna. Ki Waja anu bakal ngajelaskeunna" ceuk Salman terus diuk deui.
Ki Waja nangtung deui,
"Aturanna saderhana, aya 5 Élmu dina métafisika. Aranjeun cukup némbongkeun salah sahiji jimat atawa barang pusaka unggulan aranjeun, terus pilih lawan anjeun. Kulawarga Wijaya geus nyadiakeun hadiah, keur anu meunang 50 juta, anu éléh 5 juta. Kumaha, satuju?"
Kabéh tamu silih rérét, tapi ahirna unggut-unggutan. Kabéh satuju sabab aya hadiahanna. Jelema anu icikibung dina métafisika biasana ukur ngalakukeun sagala rupa sorangan, ngulik pangabisana sorangan, jarang anu guguru. Jadi moal aya anu bisa ngukur kamampuan barang batur. Poé éta kabéh bakal nunjukkeun barangna jeung kamampuan tina barang. Aya dua kauntungan, salian jadi nyaho barang andelan anu dipiboga ku batur, tapi éléh-meunang tetep bakal meunang hadiah.
"Acara pamér barang jeung kamampuan barang?" Ceuk Udin ngagerentes sinis,
"Jelas Ki Waja ukur hayang némbongkeun yén barang anu dipibogana leuwih unggul"
Kadéngé Salman ngomong deui,
"Sabab Kuring yakin anu hadir kalolobaana jelema aya. Duit hungkul sigana moal cukup. Kukituna kuring ngarobah aturan. Salian hadiah ti kuring, Anu meunang boga hak ngajabel barang ti anu éléh. Naha barang pusaka, jimat atawa anu séjéna. Kumaha?"
Udin seuri, sabab geus kabaca ti saméméhna lamun Ki Waja hayang ngajajal dirina. Saupama Udin éléh, Ki Waja pasti bakal ménta kulit kerang.
Kabéh tamu euweuh anu némbalan satuju. Sabab satiap barang boga kaleuwihan jeung kakuranganna. Masing-masing jelema jadi asa-asa, sabab sieun kanyahoan kakurangan tina barang milikna. Jadi para tamu loba anu diskusi jeung tamu séjénna antara miluan jeung henteu.
Nempo para tamuna malah ngarobrol sorangan. Salman ahirna ngomong deui,
"Kabéh tenang! Ki Waja ogé geus mikiran, dunya métafisika mémang geus loba kamajuan. Anu saacana nyebar sorangan-sorangan, ayeuna geus dihimpun jadi sababaraha kolompok. Malah aya anu disebut ikatan paranormal Indonesia. Tah didieu, naon salahna réngsé acara urang ngajieun kumpulan sorangan. Tapi anu jadi pamimpin tetep kudu anu boga barang pangunggulna. Euweuh cara séjén salian ti némbongkeun kaleuwihan tina barangna"
Sawaréh tamu ahirna nolak pikeun ulubiung. Tapi aya sababaraha tamu anu nyatujuan. Anu satuju lantaran kabongroy ku duit jeung kakawasaan. Hartina aya 3 hadiah anu geus ditawarkeun keur anu meunang. Duit, barang rampasan ti anu éléh jeung jabatan pamingpin.
Sedengkeun anu nolak ogé sarua boga alesan. Asa teu perlu ngajieun kelompok, teu perlu ogé nunjukeun kasaktian barangna ka batur, jeung teu kabéh anu hadir jelema anu gumantung kana barang.
Nempo aya 2 pendapat, ahirna Ki Waja nyokot kaputusan saolah geus teu sabar,
"Kuring teu maksa. Lamun aya anu sieun, ulah maju. Anu wani, sok témbongkeun"
Udin tetep cicing teu ngoméntaran nanaon. Tapi ukur gogodeg nempo ambisi Ki Waja anu mémang kaleuleuwihi, ngajieun acara silaturahmi anu ditungtungan ku mamérkeun kasaktian barang sarta rekt nyieun kolompok métafisika. Bari di Bandung, lain di lemburna sorangan. Jadi Udin ukur rék lalajo, moal pipilueun.
Ki Waja nyarita deui,
"Panangtang bisa maju tiheula pikeun mamérkeun barangna, kenalkeun ngaran barangna terus sebutkeun ngarang anu ditangtang. Aya anu wani maju?"
Saurang lalaki umur 40 taun maju. Langsung ngaluarkeun batu hurung warna héjo stabilo, terus ditémbongkeun ka sararéa bari nyarita.
"Kuring Yayan, ti Padalarang. Kuring rék langsung nangtang Ki Waja" kituna teh bari manggut ka Ki Waja.
Kabéh tamu keprok. Ki Waja ogé keprok bari seuri.
Yayan ngajelaskeun batu anu dicekel ku dirina,
"Batu ieu dicokot tina hamperu buaya. Bisa ngaramal nasib, ngadatangkeun bencana alam bisa ogé dipaké keur ngirim teluh"
Ki Waja anu ditangtang ogé maju terus nangtung gigireun Yayan bari manggut heula ka Yayan.
"Batu éta mémang alus, tapi saenggeus némbongkeun kasaktiana, batu éta bakal jadi milik kuring. Sabab barang kuring leuwih hadé" ceuk Ki Waja bari ngaluarkeun gulungan kaén hideung, kaén dibébérkeun, dina kaén aya gambar simbol-simbol anu dijieun tina mangsi warna emas.
"Karémbong sukma!" Ceuk sawaréh tamu colohok reuwas sabab nyaho kana barang anu dikaluarkeun ku Ki Waja.
Warni buburu ngajelaskeun ka Udin,
"Pa, barang éta disebat karémbong sukma, karémbong anu saurna hasil tatapa Ki Sukma di hiji guha di gunung Ciremai. Saurna kagungan kakiatan tiasa maca nasib jalmi, ngalawan sihir jahat sareng nolak bala"
Udin némbalan,
"Ukur kaén biasa, Kuring teu nempo aya kaanéhan nanaon"
Warni kerung, Kitu deui para tamu anu diukna deukeut jeung Udin. Sabab omongan Udin justru patukang tonggong jeung kayakinan jelema loba.
Ki Waja anu mémang ceulina seukeut ogé nepi ka molotot ka Udin. Jadi ku Waja nyarita,
"Katémbongna mémang biasa, tapi kuring lain tukang bohong. Hayu buktikeun!" Kituna téh bari ngarérét ka Yayan anu jadi lawanna ayeuna.
Yayan ngagélang batu buleud dina leungeunna, panona peureum, biwirna gegerenyeman siga nu keur ngagayem peremén karét.
"Saparapat jam ti ayeuna, bakal aya lini leutik sarta angin ngagelebug ti kulon" ceuk Yayan bari muka panonna.
"Anjeun bisa ngajelaskeun anu lewih kumplit, kunaon bet ujug-ujug aya lini jeung angin ti kulon?" Ceuk Ki Waja nanya ka Yayan.
Yayan gogodeg,
"Kuring teu bisa nempo tepi ka lebah dinya Ki"
Ki Waja nyakakak
"ramalan anjeun déét kénéh" Ceuk Ki Waja bari ngebetkeun karémbongna, terus nempoan simbol anu ditulis ku mangsi emas dina karémbong,
"Jelasna kieu, Angin anu dimaksud lain angin alam, tapi angin akibat tina ledakan dinamit ti gunung batu anu teu jauh tidieu. Palakuna bakal asup penjara" ceuk Ki Waja.
Sararéa cicing nungguan bukti tina ramalan anu dibacakeun ku Ki Waja jeung Yayan. Enya wé, teu lila aya sora ngabeledug tarik ti kulon disusul ku sora ngaguruh kawas batu longsor, taneuh ngariyeg dituturkeun ku angin ngagelebug ngaliwat ka tempat éta. Sajongjongan kabéh bingung ku kajadian éta bari bareng ngarérét ka Ki Waja.
Salman seuri bari muka HP, terus néangan berita anu anyar dirilis, ahirna anu ditéangan kapanggih terus dibaca. Layar HP di témbongkeun ka para tamuna,
"Rilis berita panganyarna, saurang anu nambang batu di pasir malang geus ngagunakeun dinamit tanpa ijin. Palaku geus ditéwak ku pulisi. Lokasi éta jarakna ngan sakilo ti imah Kuring"
Yayan tungkul ngarasa éléh, barang pusakana ukur bisa ngaditéksi datangna angin ti kulon jeung lini. Tapi Ki Waja bisa ngaramal sacara jéntré. Terus Yayan nyarita bari neuteup ka ki Waja,
"Anjeun hébat Ki, Kuring ngaku éléh"
Yayan ngabongkokkeun awakna ka Ki Waja terus ngaléngkah rék diuk deui kana korsina bari nyakuan deui batuna. Ngan Salman nangtung bari nyorowok,
"Cicing!"
Yayan ngarandeg bari ngareret ka Salman,
"Aya naon?"
"Sasuai aturan, anjeun kudu masrahkeun batu éta ka Ki Waja, sarta ngaku Ki Waja jadi pemimpin anjeun, Guru anjeun" ceuk Salman ngajelaskeun deui aturanna.
Yayan nyakakak,
"Teu sudi. Ieu acara silaturahmi. Ramalan kuring masih bener, ngan pédah dikumplitan ku Ki Waja. Naon alesanna kudu mikeun barang kuring terus ngaku guru ka Ki Waja?"
Lantaran Yayan nyarita kitu, Ki Waja gegerenyeman bari ngangkat leungeun katuhuna ka luhur, terus Ramona dipeureupkeun tipepereket siga anu keur ngarames angin,
"Ancur!" Ceuk Ki Waja.
Sapada Harita kadéngé sora teterektekan dina saku Yayan. Yayan buburu ngodok sakuna. Batu anu tadi disakuan ayeuna geus remuk. Yayan molotot ka Ki Waja,
"Anjeun ngaruksak barang kuring?" Ceuk Yayan, sorana ngageter nahan ambek.
"Teu tunduk kana aturan, barangna kudu ancur" ceuk Ki Waja.
"Licik!" Ceuk Yayan bari kaluar tina riungan acara terus balik tanpa pamitan ka sararéa.
Nempo kajadian éta, kabéh tamu ngarénjag. Teu nyangka aturanna bakal terus ditambahan ku Salman jeung Ki Waja. Saolah-olah ngahaja dijieun-jieun sangkan anu éléh kudu wirang. Anu tadina rék miluan jadi loba anu ngabolaykeun niatna. Sabab teu disebutkeun ti awal anu éléh kudu nyebut Guru ka anu meunang. Ieu bener-bener panghinaan. Nganggap batur jadi guru teu bisa dipaksa ku cara kitu, tapi kudu ku kaikhlasan diri.
Alan nangtung,
"Kuring teu bisa terus aya dina acara siga kieu, hampura ka sararéa, kuring pamit!" ceuk Alan manggut bari ngajak Gugun balik.
Tapi 4 pangawal Ki Waja anu tadina caricing lalajo. Langsung ngahadang Alan jeung Gugun.
"Nanaonan ieu!" Ceuk Alan reuwas, tamu séjén ogé sarua reuwas.
"Ukur anu éléh anu meunang balik, kabéh kudu cicing tepi ka acara bérés" ceuk Salman.
Ki Waja ogé nambahan,
"Dina acara kuring, teu bisa anjeun datang terus indit sangeunahna"
Share this novel