"Léni, kuring rék ménta tulung ka anjeun. Telepon sarta bawa Wuki ka kuring. Béjakeun anjeun teu jadi bunuh diri. Ulah némbongkeun rasa kasieun" ceuk Udin ka Léni.
"Kumaha upami anjeunna teu keresaeun?" Leni nanya sabab asa-asa.
"Ancem wé, anjeun ménta putus, sanajan jahat, kuring yakin haté leutikna pati masih bogoh" ceuk Udin.
Udin boga kayakinan kitu sabab yakin Wuki bakal reuwas Léni nelepon dina kaayaan hirup kénéh bari teu némbongkeun kasieun. Lalaki siga Kitu ukur hayang diturut ku awéwé. Jadi saupama ngadéngé Léni geus teu nurut deui komo bari malik ngancem putus. Pasti bakal panasaran hayang nyaho panyabab sugéstina ruksak.
Saurang baturna Léni lumpat heula ka asrama pikeun nyokot ponsélna Léni anu mémang di tunda di kamarna.
Di réstoran luar sakola, Wuki keur diuk saméja jeung siswi anyar kelas hiji. Leungeunna dutumpangkeun kana leungeun si awéwé,
"Anjeun geulis, anjeun cinta pertama akang" ceuk Wuki ngarayu. Bari ngangkat sabeulah leungeun si awéwé terus dicium.
"Akang bageur ka abdi, mémangna teu acan kantos kagungan kabogoh?" Ceuk si awéwé nanya bari éra.
Wuki gogodeg,
"Kuring éraan, jadi teu wani ngadeukeutan Awéwé, katambah mémang euweuh anu dipikaresep ku kuring. Béda jeung ka anjeun. Karék nempo, kuring langsung kapikat. Jadi sanajan éra kuring maksakeun hayang wawuh"
Si Awéwé beuki éra, tapi jelas katémbong bungah. Komo nempo dedegan Wuki anu gagah tur kasép. Papakéanna ogé ber-mérek jeung maké arloji Vacheron Constantin gold sarta boga iPhone mahal. Harga jam tanganna hungkul 74 juta jeung langka.
"Panginten tos ditakdirkeun abdi kedah kenal ka akang. Abdi ogé resep ka akang" ceuk si Awéwé bari tungkul, pipina bareureum.
"Di nomer sabaraha kamar anjeun, meunang teu akang Ulin?" Wuki nanya.
Si awéwé melong beungeut Wuki, terus unggeuk lalaunan bari imut. Ramona pageuh malik nyekelan leungeun Wuki lantaran haténa ngarasa bagja.
Harita iPhone Wuki anu ngahaja digolérkeun dina méja pikeun pamér disada. Buburu ditempo layarna, nyatana ti Léni. Wuki kerung. Buburu Wuki ngaleupaskeun leungeun si awéwé terus nyokot ponsélna,
"Naha masih hirup? kunaon wani nelepon?" Gerentesna.
"Telepon ti saha kang?" Si awéwé nanya panasaran.
"Lain sasaha, ukur awéwé halu anu bogoheun ka akang, tapi akang teu resep. Akang kaluar heula rék ngajawab telepon" ceuk Wuki ngajelaskeun.
"Mangga kang" ceuk si awéwé unggeuk bari seuri. Haténa beuki bagja. Sabab aya awéwé anu bogoheun, tapi Wuki milih ka dirina.
Wuki kaluar langsung ngangkat teleponna,
"Kunaon manéh nelepon? Dasar kotor! Teu parawan! Manéh pantes paéh!"
Sabab Léni neleponna diloudspeaker dihareupeun Udin jeung para siswi. Udin ngarasa keuheul ngadéngéna.
"Koplok, dasar bajingan. Dina telepon ogé masih wani ngirim sugésti" Gerentes Udin. Untungna Léni geus bener-bener leupas tina sugésti Wuki, jadi teu kapangaruhan.
"Kuring mémang hayang paéh, sangkan anjeun ngarasa bébas ti kuring" ceuk Léni
"Nya hayang modar mah modar wéh, nanaonan maké nelepon heula?" Témbal Wuki.
Udin buburu ngetik kalimah dina ponsélna sangkan dibaca ku Leni. Jadi Léni buburu ngucapkeun kalimah anu geus diparéntahkeun ku Udin,
"Anjeun kudu nyaksian kuring paéh, kuring ayeuna aya di darmaga tukangeun asrama putri, aya anu rék dibikeun heula ka anjeun sabagé tanda perpisahan saacan kuring ngagujubarkeun diri di darmaga"
"Moal. Kuring geus teu hayang nempo beungeut manéh deui, hayang utah nempona ogé. Anjeun geus kotor, teu parawan, pantes paéh" ceuk Wuki.
Panon Léni terus mencrong layar HP Udin, anu keur diketik. Terus dibaca deui,
"Lamun kitu, putus! Kuring moal jadi bunuh diri, isukan lamun panggih di kelas, pura-pura teu wawuh. Kuring ogé geus teu hayang nempo beungeut manéh deui. Kasar, jahat, teu boga kaéra" ceuk Léni.
Wuki ngarénjag, sabab ngarasa yakin pisan yén Léni geus kapangaruhan ku sugéstina. Tapi naha ayeuna bisa sadar? Wani malik nyarékan jeung ménta putus? Jadi kapaksa Wuki kudu ngamimitian deui sugéstina ti awal.
"Léni. Akang teu sanggup kudu putus ti anjeun. Urang geus lila silih mikacinta, anjeun inget kenangan éndah urang duaan? Piraku kudu putus kitu waé?"
"Anjeun jahat, cinta anjeun bohong. Kabogoh rék bunuh diri nepi ka embung nyaksian. Padahal anjeun anu nitah. Kuring rék paéh lantaran nurut, nyaah, demi anjeun. Lamun anjeun embung nyaksian kuring paéh, kuring moal jadi paéh. Putus!" Ceuk Léni.
"Enya, kuring kadinya anyeuna. Tungguan!" Ceuk Wuki terus nutup teleponna.
Wuki geus teu mikiran deui awéwé anu nungguan dijero réstoran. Langsung lumpat meuntasan jalan asup ka gerbang sakola terus ka tukang ngaliwatan parkiran, halaman sakola, asrama putra, lapangan bola, asrama putri anu ahirna anjog ka darmaga anu dimaksud. Terus nempo Léni anu keur ngajanteng di tungtung darmaga.
Udin, Auxé jeung siswi séjén ngahaja nyarumput tanpa aya anu ngaluarkeun sora.
"Naon anu rék dibikeun ka kuring?" Ceuk Wuki ka Léni bari ngaléngkah ka darmaga ngadeukeutan Léni.
Udin buburu kaluar tina panyumputanana terus nuturkeun Wuki ti tukangeunna asup ka darmaga.
"Barangna aya di kuring" ceuk Udin.
Wuki ngarénjag terus malik ka Udin,
"Saha anjeun?"
Terus Wuki ngarérét ka Léni,
"Léni, saha lalaki ieu? Naha lanceuk anjeun?"
"Lain" témbal Udin.
"Terus Saha?" Ceuk Wuki mimiti sieun, sabab Udin terus ngadeukeutan.
Udin teu némbalan pananya Wuki, tapi melong ka Léni,
"Leni, kaluar ti darmaga, sampeurkeun Auxé. Balik kabéh ka asrama, ulah kadieu deui" ceuk Udin.
Léni buburu lumpat ngaliwatan Wuki jeung Udin terus ngagabrug ka Auxé anu geus kaluar ti panyumputanna. Duana langsung balik ka asrama dituturkeun ku batur-baturna anu sarua geus kalaluar ti panyumputanna.
Wuki neuteup ka Léni bari kerung, Léni jelas geus leupas tina sugéstina. Sabab daék ngadeukeutan ka batur-baturna deui teu kawas biasana sarta daék diparéntah ku Udin.
Nempo Léni geus robah, Wuki ambek terus ngarérét deui ka Udin,
"Anjeun anu nitah Léni nelepon sarta bohong ka Kuring? naon maksud anjeun?"
"Ukur hayang nyaho, kumaha cara kolot anjeun ngawarah, nepi ka anjeun bisa jadi jelema rucah" témbal Udin.
"Éta urusan kuring, euweuh hubungana jeung kolot kuring. Anjeun Saha? Wani-wani tatanya kolot kuring" Wuki nanya.
"Mémangna kunaon? Saha kolot anjeun?" Ceuk Udin.
Wuki mimiti némbongkeun kasombonganna,
"Anjeun kungsi ngadéngé ngaran kulawarga Sanjaya? Lamun can nyaho. Indit ka Cianjur, téangan jelema pangbeungharna, éta bapa kuring, Rénald Sanjaya"
"Oh, jadi kusabab kulawarga anjeun Sanjaya terus rék ngajago di Bandung? Kunaon wanina ukur ka Awéwé?" Udin nanya.
"Sabab kuring resep nempo awéwé tunduk ka kuring, ngalayanan kuring. Meungpeng kuring masih ngora jeung beunghar" ceuk Wuki nyakakak.
"Anjeun agul ku kabeungharan kolot, ngérakeun" ceuk Udin.
"Kabeungharan kulawarga Sanjaya masih saluhureun kulawarga Nataprawira anu pangbeungharna di Bandung. Sedengkeun kuring anak cikalna, pawaris kepala kulawarga. Wajar kuring agul" ceuk Wuki.
"Ukur runtah kulawarga anu masih ngagulkeun kabeungharan kolot bari ngawiwirang ngaran kulawarga" ceuk Udin seuri sinis.
"Nyingkah! Ulah ngaganggu kuring. Kuring bisa maéhan kulawarga anjeun cukup ku nelepon bapa kuring" ceuk Wuki.
"Kuring teu bisa narima aya jelema sombong di Bandung, beuki sombong anjeun, bakal beuki diganggu ku kuring. Anjeun nyaho saha kuring?" ceuk Udin bari seuri.
"Kuring teu paduli saha anjeun, ngaganggu kuring hartina hayang paéh" témbal Wuki.
Udin ngaléngkah ka hareupeun Wuki terus nampiling. Wuki ngabangkieung sabab sirahna langsung lieur, ampir tigejebur. Wuki reuwas, sabab saumur hirupna Wuki can kungsi dicabok ku sasaha. Jadi Wuki kekerot bari molotot ka Udin,
"Bener-bener sia hayang modar!"
"Wani modaran kuring? Kuring Udin Subrata Diréktur Bima Raya, Kuring incu pengusaha nomer dua sa-Indonesia. Masih rék ngagulkeun kolot anjeun? Masih rék sombong hareupeun kuring?" Ceuk Udin bari nampiling deui.
Wuki ngarénjag, Wuki nyaho saha Kulawarga Subrata. Paingan Udin wani nampiling. Wuki ngajago di Bandung sabab ngarasa moal aya anu ngaganggu. Teu nyangka bakal panggih jeung kulawarga Subrata.
Wuki lain jelema bodo, lalaki anu geus di gedekeun di lingkungan kulawarga beunghar sarta di didik jadi jelema pinter. IQ, EQ sarta kanyahona teu déét. Wuki sadar dirina jeung kulawargana bakal nyinghareupan masalah lamun maksakeun ngalawan Udin. Jadi Wuki buburu deku,
"Pa Udin, hampura kuring teu nyaho"
Udin kataji ku réspon Wuki. Sabab nyatana mémang bener pinter. Teu anéh lamun bisa nguasai métode hipnotis dina umur anu budak kénéh. Ngan hanjakal kapinteran jeung pangartina dipaké teu bener. Udin tetep kudu méré warahan anu pantes, sangkan euweuh deui awéwé anu bakal jadi korbanna.
"Wajar ménta dihampura, tapi tetep anjeun kudu narima akibat tina kasalahan anjeun sorangan" ceuk Udin.
Wuki ngadégdég,
"Pa Udin, Kuring sadar kuring salah. Kuring bisa ngoméan kasalahan kuring. Kuring rék ngabantu kulawarga korban anu anakna kungsi dicilakakeun ku kuring masing-masing samilyar. Éta hukuman keur kuring"
Udin seuri,
"Anjeun can ngarti sifat kuring. Lamun geus urusan jeung kuring, duit euweuh hargana"
"Jadi, kudu kumaha kuring?" Ceuk Wuki bari ngésod mundur sabab sieun.
Tiap Wuki mundur, Udin maju saléngkah, nepi ka ahirna Wuki geus aya di tungtung darmaga, teu bisa mundur deui.
"Kuring boga cara anu hadé" ceuk Udin nagog bari melong panon Wuki anu masih deku.
Wuki buburu tungkul sabab sieun. Udin nyarita deui,
"Umur anjeun paling karek 17 atawa 18 taun, tapi geus loba awewe anu diruksak. Anjeun kungsi ngalaman kumaha sangsarana jelema anu dihipnotis?"
Ceuk Udin bari nyintreuk tarang Wuki maké énérgi spiritualna.
"Tempo panon kuring!" Ceuk Udin
Sanajan haténa berontak. Tapi Wuki asa geus jadi jelema linglung teu bisa ngendalikeun anggota awakna sorangan. Sirahna tanggah ngagugu kana kahayang Udin, panona menceong kana panon Udin tanpa éksprési. Dipeureumkeun ogé teu bisa.
"Ti mimiti ayeuna, tiap 2 jam sakali anjeun bakal ngarasa lapar anu teu bisa ditahan. Tapi anu hayang didahar ku anjeun ukur tai" ceuk Udin.
Haté Wuki ngarénjag, tapi euweuh éksprési nanaon dina beungeutna.
"Lamun aya jelema anu ngahalangan anjeun ngadahar tai, anjeun bakal ngamuk nepi ka kahayang anjeun katedunan. Hal ieu bakal jadi kabiasaan jeung kabutuhan anjeun saumur hirup anjeun. Sanajan kolot anjeun beunghar, anjeun teu boga kahayang nanaon deui salian ngadahar tai" ceuk Udin bari nyintreuk deui tarang Wuki.
Wuki tibuburanjat nangtung saolah-olah geus sadar,
"Pa Udin, anjeun ngajieun Kuring jadi jelema idiot? Hipnotis anjeun moal nerap sabab kuring ogé ahli, kuring teu ngadéngé sarta moal ngagugu kana omongan jeung kahayang anjeun"
"Teu nanaon teu percaya mah" ceuk Udin bari ngaléos kaluar ti darmaga.
Wuki ukur colohok melong tonggong udin, tapi ngadadak jadi poho, teu inget deui ka Udin. Jelas Wuki jadi bingung bieu ngobrol jeung saha? Can béak kabingungna, beuteungna karasa peurih sabab lapar. Wuki langsung lumpat kaluar di darmaga, ngabecir nyiap Udin langsung nuju ka asrama lalaki. Udin ukur seuri bari nempo Wuki anu lumpat.
Tepi ka jero asrama, Wuki langsung lumpat ka toilét. Kabéh liang klosét ditempoan, aya panto anu nutup langsung ditajong. Nyampak aya baturna keur nagog modol, Wuki nyéréngéh seuri. Baturna didudut sarta dibalangkeun kaluar, sedengkeun tai dina jero klosét buburu dirawuan ku leungeunna bari langsung dihuapkeun kana sungutna bangun anu nikmat pisan.
Ngadéngé aya kaributan di toilét, kabéh pangeusi asrama nyalampeurkeun hayang nyaho. Ngan anu geus nempo langsung baralik deui sabab ngarasa murel sarta langsung utah uger lantaran nempo Wuki keur cacamuilan ngadahar tai bari ramona anu ramiping dilamotan nepi ka beresih.
Peuting éta asrama pria langsung geunjleung. Siswa pinter, berpréstasi, bari anak jelema beunghar tapi ngadaharan tai. Saurang siswa lumpat ngabéjaan penjaga asrama, aya ogé anu ngagéroan sécurity sakola.
Ngadéngé laporan, Penjaga asrama nyaho Wuki anak jelema beunghar, jadi teu bisa nganggap énténg. Buburu lumpat hayang nempo Wuki.
Share this novel