Bulan anu katémbong tina lalangit kaca kaciri éndah. Jempling, Ukur sora musik piano tina soundsystem anu kadéngé lalaunan dibarung ku kucap-kiceupna rantuyan lampu léd warna-warni pating karetip di tiap juru rohangan nuturkeun sora piano.
Aya tétésan cai anu ngucur di luar di satiap kaca jandéla disabudeuren Taman Gantung, cai ngalémbéréh mapay kaca nyiptakeun suasana saolah diluar keur girimis leutik. Kabéh rasa capé, kakeuheul, kuciwa, langsung leungit. Anu nyésa ukur rasa bagja anu teu bisa dicaritakeun. Rupa-rupa kekembangan anu mekar tur saleger nyambuagkeun seungit alami minuhan rohangan Taman Gantung.
Panon Icih peureum, imut dina gurat biwirna ngagambarkeun yén haténa keur bener-bener ngararasakeun katenangan jeung kabagjaan anu luar biasa. Tepi ka teu sadar harita Udin geus ngaganti jasna ku jas mahal pikeun ngimbangan gaun malam anu dipaké ku Icih, terus Udin nangtung rada anggang di hareupeun Icih bari nyekelan kembang.
Sora piano robah ritmeuna leuwih tenang, Lalaunan panon Icih muka, neutep Udin anu maju ka dirina saléngkah demi saléngkah. Tiap Udin maju saléngkah, lampion mangrupa kembang kuncup anu ngagantung dina lalangit taman gantung ogé kelopakna muka hiji-hiji bari ngaluarkeun ratusan kelopak kembang asli anu warna warni terus murudul raragragan.
Nepi ka léngkah panutup, Udin ngarandeg saléngkah hareupen Icih. Lampion nu ngagantung ogé geus mekar sampurna lir ibarat kembang raksasa anu éndah.
Diluar, ratusan jelema keur lalajo. Anu di handap taranggah, anu digedung séjén ogé ronghok ngajajar tina jandéla. Kabeh neuteup ka lebah Taman Gantung. Tapi kabeh teu bisa nempo jelas, lantaran kaca disakurilingeunna geus katutupan ku cai anu diséting siga éfék hujan. Kabéh kuciwa tapi tetep lalajo sabab panasaran. Kaayaan diijero tetep bisa kaciri éndah sanajan teu jelas, masih katempo ngelemengna sapasang lalaki jeung awéwé keur nangtung pahareup-hareup.
"Romantis, sapanjang hirup, kuring can kungsi nempo adegan kieu sacara nyata. Lamun kuring anu jadi awéwéna. Pasti langsung ngelepek moal kuat nangtung" ceuk saurang awéwé ka lalaki di gigireunna.
"Teu salah dugaan jelema loba, dedegan lalakina sarua pisan jeung anu di Émily" jawab si lalaki.
"Ngan hanjakal ayeuna ogé teu sidik beungeutna. Boh anu awéwé boh anu lalaki" ceuk si awéwé
Adegan Icih jeung Udin di Taman Gantung, nyiptakeun ilusi Éndah dina masing-masing fikiran kabéh jelema anu nempona. Lantéi gedung dihandapeun Taman Gantung poék anu ngajadikeun Taman Gantung siga anu keur ngalayang di awang-awang. Loba awéwé anu ceurik kagagas, dibarengan ku rasa timburu, pada-pada hayang jadi Icih.
"Nyi, akang bogoh ka nyai, akang nyaah ka nyai. Hampura sataun katukang akan teu bisa nyugemakeun nyai. Karék ayeuna akang bisa nembongkeunna ka nyai, nyai suka ka akang?" Ceuk Udin bari deku terus mikeun kembang dina leungeunna.
Ramo icih nutupan biwirna, cai hérang ngucur tina konglolak panona terus nyurulung mapay pipi, terus ragrag lir ibarat inten. Jelas lain ceurik kasedih, tapi ceurik kabungah.
"Abdi suka kang, abdi suka. Nuhun" ceuk Icih biwirna ngadarégdég bari narima kembang ti Udin.
Icih geus haroréam mikir kumaha Udin bisa ngalakukeunna. Icih teu paduli. Haténa geus katutup ku kabungahan. Lalaunan Udin nangtung, ngaleupaskeun rangkéan kembang tina beuheung Icih. Terus dialungkeun. Udin ngodok saku ngaluarkeun cepuk buludru beureum anu eusina kongkorong ti Émily téa.
"Ieu hadiah ti akang keur nyai" bari muka cepuk kongkorong dina leungeunna.
Icih colohok,
"Ieu sapertos kongkorong anu digaleuh ku saurang pamuda di Émily. Timana akang kénging kongkorong ieu?" Ceuk icih bari mundur saléngkah.
Udin geus ngageremet hayang ngaku yén mémang dirina jelema beunghar anu salila ieu diaromongkeun ku Batur. Tapi Udin asa-asa, lantaran aya hal anu leuwih penting deui kudu dibéréskeun, can waktuna Udin muka jati dirina ka Icih.
Udin masih can yakin ka Akina, sabab lain ukur Udin sorangan incuna. Masih loba anak-anak jeung incu-incu Agus Subrata anu séjén, kabéh sarua ahli warisna. Maranéhna pasti bakal nganggap Udin ukur cucuk anu iraha-iraha bisa ngajieun saha waé kacugak.
Rusiah maot idung bapana ogé masih can kaungkap. Udin masih nyangka kacilakaan indung bapana ukur sétingan batur anu mémang hayang nyilakakeun.
Daratangna sababaraha jelema di sakurilingeunna ti mimiti Wawan Kusumah anu ujug-ujug ngawinkeun dirina ka Icih, datangna Asép anu méré banda sakitu lobana, Isak anu siga dihaja ditempatkeun di Bandung pikeun ngajaga dirina, sarta Élsa, Susi jeung sajabana. Éta kabéh siga sétingan, boga péranna séwang-séwangan anu karasana ku Udin mah teu Real.
Jadi Udin can siap muka jati dirina, Udin masih kudu waspada ngajaga kasalametan dirina jeung Icih. Sabab jelema beunghar pasti boga sagala rupa cara pikeun nyiptakeun hiji drama dina hahirupan Batur. Udin rék nuturkeun heula aliran cai palidna rék kamana, moal waka ngalawan arus anu résikona can bisa kairong.
Udin ngajelaskeun bari nanya,
"Kongkorong ieu mémang sarupa. Tapi ieu ukur barang tiruan anu murah, akang ngahaja pesen ka tukang emas pikeun ngajieun anu mirip jeung anu dibeuli ku pamuda di Émily. Nyai teu suka?"
Haté Icih ngemplong bari seuri,
"Suka atuh kang, akang parantos ngalakukeun sagalana kanggé nyugemakeun abdi. Sanaos kangkalungna mung tina karet geulang anu diuntun, upami asalna ti akang, abdi tangtos nampi"
Udin ngemplong, buburu kongkorong dipasangkeun kana beuheung Icih. Sabot kabéh perhatian jelema keur kasirep ku kajadian di Taman Gantung. Di pakarangan Imah, Mardi jeung Lastri anu kakara balik ka imah ker hog hag ngadebatkeun BMW anu parkir di pakarangan.
"Kuring kudu nelepon pulisi, ieu pasti mobil meunang maling terus ku malingna ditunda didieu pikeun miceun jejak ngarah teu kapaluruh, cilaka, bisa katempuhan urang kang" ceuk Lastri
"Montong waka nelepon pulisi, saha anu nyaho ieu mobil meunang ngaréntal anak urang" témbal Mardi.
"Pamohalan, saupama anak urang anu ngaréntal. Pasti bakal dipaké, moal di tunda didieu" ceuk Lastri deui.
"Atawa babaturana meureum mihapé" ceuk Mardi.
"Eta ogé sarua pamohalan, Imah urang can aya garasian. Piraku mobil méwah dijagragkeun di dieu sangeunahna. Teu lebar-lebareun" témbal Lastri.
Duanana kerung bingung, weléh teu kapikir iraha datangna mobil ujug-ujug nyampak di buruan imahna. Sedengkeun Udin jeung Icih pamikir maranéhna can baralik.
"Tungguan anak urang baralik wéh, urang tanya" ceuk Mardi bari nempoan mobil BMW anyar hareupeunna, dikurilingan bari ditoongan jerona tina kaca mobil anu nutup. Terus duanana arasup ka Imah.
Ampir tengah peuting, Icih jeung Udin ahirna balik. Dina taxi Icih katémbong masih ngalamun bari sura-seuri bungah. Terus Icih nyarandékeun sirahna kana taktak Udin bari nanya,
"Kumaha cariosna akang tiasa mesen tempat di Taman Gantung. Sedengkeun salami ieu tempat éta tara tiasa dianggé acara pribadi?"
Udin ngajelaskeun,
"Diréktur Taman Gantung anak angkat ma Éméh ogé anu kungsi ku akang dicaritakeun ka nyai téa, manéhna anu mayar biaya rumah sakit sarta ngirim ma Éméh ka Jakarta. Manéhna ogé anu geus nginjeumkeun Taman Gantung ka akang lantaran nganggap akang asa ka adina sorangan"
"Kunaon akang teu nyarios sateacanna ka abdi? Ceuk Icih nanya deui
"Atuh lain ogé kejutan ari kudu diobrolkeun heula mah" ceuk Udin seuri,
"Loba anak angkat ma Éméh saacan akang, anu bareng jeung akang, jeung saenggeus akang. Sigana aya puluhan saupama ditataan hiji-hiji mah. Ma Éméh ibarat panti asuhan anu teu boga yayasan, kabéh dikelola ku sorangan katut sababaraha pembantuna. Ma éméh ukur ngamanfaatkeun Imah sarta pakarangan lega titinggal salakina. Meureum daripada dicicingan ku sorangan leuwih hadé ngukut budak. Ngan nepi ka ayeuna akang can nyaho saha anu geus ngabiayaan ma Éméh, naha tina hartana sorangan atawa aya donatur tetep. Akang can wani tatanya ngeunaan hal éta"
Turun tina taxi, Lastri langsung kaluar ti imah nyampeurkeun bari buburu metot leungeun Icih ngadeukeutan BMW dituturkeun ku Udin.
"Béjakeun ka ema, ieu mobil Saha? Manéh anu meuli?"
"Sanés ma, kang Udin anu ngagaleuh" témbal Icih.
"Udin anu meuli? Timana Udin bisa boga duit pikeun meuli mobil? Duit Saha?" Ceuk Mardi anu geus kaluar ogé.
"Muhun abdi anu ngagaleuh, Tina tabungan abdi nyalira" ceuk Udin némbalan.
Lastri colohok bungah terus ngadapang dina kap BMW. Leungeuna dibébérkeun kawas anu hayang nangkeup mobil,
"Minantu anu sapopoé ukur nyusahkeun, kabisa ngan ukur masak jeung balanja, tapi tabunganna dipaké meuli mobil keur Ema, Alhamdulillah"
"Ceuk saha keur manéh? Mémangna manéh bisa nyupiran?" ceuk Mardi ka Lastri,
"Paling ogé keur bapa nya Din?" Ceuk Mardi deui bari ngarérét ka Udin.
Udin ukur seuri nempo polah dua mitohana,
"Abdi ngagaleuh kanggé Icih. Hawatos tiap dinten kedah naék angkot ka kantorna"
"Terus rék iraha anjeun meuli mobil keur bapa?" Ceuk Mardi.
Udin ngahuleng, teu nyangka mitohana bakal wani ménta mobil. Udin rék némbalan, ngan Icih buburu miheulaan,
"Atos atuh pa, hiji ogé cekap, hawatos kang udin. Upami abdi teu nganggé, bapa tiasa nganggé. Upami liburan, tiasa dianggé ku urang opatan kanggé amengan"
Udin unggeuk terus nyarita,
"Leres pa, ieu BMW 520, teu saé dianggé ku pameget margi teu aya tanagian, cocokna ku Icih kanggé damel uah-uih ti bumi ka kantor. Upami dianggéna ku bapa, engké bapa pada nyaleungserikeun"
"Terus rék iraha anjeun meuli mobil keur bapa?" Ceuk Mardi ngulang deui pananyana anu can ditémbalan.
Udin unggeuk deui,
"Mangga, énjing ku abdi dipangagaleuhkeun hiji deui, BMW 530"
Lastri buburu nanya,
"Mémangna tabungan manéh masih cukup keur meuli hiji deui?
Udin seuri,
"Upami kanggé mésér kontan mah masih kirang, nanging kanggé DP mah InshaAllah masih cekap"
Ngadéngé Udin ngajangjikeun rék meuli hiji deui isukan. Mardi jeung Lastri saleuseurian silih rangkul bari ajrag-ajragan lantaran bungah. Udin mah ukur gogodeg bari ngagéndéng Icih asup ka Imah langsung ka kamarna. Sabab kudu salin baju ku baju saré.
Réngsé salin baju, Icih nanya ka Udin, anu keur ngampar samak,
"Akang leres masih kagungan artos kanggé DP mobil? Upami teu aya atanapi teu cekap. Di abdi aya bilih akang peryogi. Mangga anggé"
Icih teu nyahoeun lamun mobil BMW mah teu bisa di kiridit, jadi Udin némbalan,
"Aya nyi, ukur keur pamanjer mah, cukup kénéh"
"Hapunten nya kang, abdi teu nyangki sepuh abdi bakal kumawantun nyuhunkeun ka akang" ceuk Icih tungkul ngarasa karunya ka Udin.
"Kolot nyai sarua kolot akang kénéh, akang ogé boga kawajiban kudu méré. Jadi Nyai teu perlu ménta di hampura" ceuk Udin bari ngagolér dina samak terus mentot simbut keur nutupan awakna.
Terus Udin meureumkeun panonna bari nyarita deui,
"Akang kudu saré, isuk pan rék ka dealer deui"
"Nuhun nya kang" ceuk Icih bari sarua ngagolér dina ranjang.
Udin ukur unggeuk. Ngan Icih nanya deui bari nyangigir dina ranjangna neuteup ka Udin anu keur nangkarak di handap,
"Akang teu tiris unggal wengi kulem dihandap?"
"Henteu nyi, akang geus biasa, di bédéng proyék ogé sarua saré dina samak" témbal Udin
"Upami teu tiris mah peureum, ulah ngawaler" ceuk Icih jamedud ambek bari malik nonggongan.
Udin curinghak, sabab karék sadar yen ucapan bieu téh kodeu pangajak ti icih, ngan Udin telat mikir. Jadi buburu Udin nyarita deui,
"Tiris nyi, akang tiris pisan"
Belewer teh Icih malédogkeun simbut,
"Tah, rangkepkeun simbutna tiris mah"
"Nyi, akang bener-bener katirisan. Sawaréh awak akang geus mimiti heuras" ceuk Udin sorana ngadarégdég pura-pura ngahodhod.
Icih nangtung terus muka panto lomari, ngabetot simbut hiji deui tina jero lomari terus dialungkeun ka Udin,
"Tah, tambihan deui, upami masih kirang, dobel ku jakét" ceuk Icih bari ngalungkeun jakét ogé.
Udin geus teu némbalan deui, sanajan pasti bakal hareudang, kabéh ahirna dipaké, simbut jadi 3 rangkep. Jakét mah ditunda di sisi. Terus Udin ngaréngkol peureum.
Share this novel