119. Dibawa ka kandang anjing

Fantasy Series 60

"Kang Bahar, bawa 5 jelema ieu, terus timbang hiji-hiji. Anu pangbeuratna parabkeun ka anjing. Antep sina disaksian ku opatan. Mun geus bérés bawa deui anu opatan kadieu" ceuk Udin ka Bahar.

"Kumaha lamun saméméh diparabkeun ngaku" ceuk Bahar nanya.

"Telat ari gakuna méméh paéh mah. Tetep parabkeun" ceuk Udin.

Ichiro ngadégdég, teu nyangka bakal Panggih jeun psikopat siga Udin. Kakara ayeuna Ichiro ngadéngé ngahukum jelema ku cara diparabkeun ka anjing.

5 urang langsung digiringkeun ku Bahar, Emus jeung para préman séjénna. Dibawa asup ka lokasi kandang anjing. Teu lila kadéngé sora anjing ragég lantaran parebut dahareun. Saenggeus jempling, 4 sesana digiringkeun deui kaluar ka hareupeun Udin dina kaayaan pias jeung ngadégdég wangun anu geus manggih kareuwas, terus teterejel hayang lésot.

Opatana nyarékan ka Ichiro maké bahasa Jepang,
"あなたは頭の悪いリーダーです (Kamu pemimpin yang bodoh)"

"Gan. anu opatan nyarékan iciro. Hartina sabenerna maranéhna warawuheun ka Ichiro" Ceu Isak ka Udin.

Udin unggeuk terus ngarérét ka Ichiro,
"Ichiro, kuring rék méré anjeun kasempetan pamungkas. Ngomong sing jujur, sabab lamun bohong, bakal aya jelema kadua anu diparabkeun ka anjing, nyaéta anjeun sorangan"

Ichiro beuki pias jeung sieun, awakna ogé beuki ngadégdég. Jadi buburu nyarita,
"Pa. Mémang kuring anu maréntahkeun maling ubar ti Tiandi. Hampura kuring. Anjeun bisa mikeun nomer rekening anjeun ka kuring. Kuring rék nransferkeun duit pikeun nebus kasalahan kuring"

"Dimana ayeuna ubarna?" Udin nanya.

"Ubarna geus aya dina pesawat, dititipkeun ka asistén kuring sangkan dibawa balik ka Jepang" témbal Ichiro.

"Pesawatna geus ngapung?" Udin nanya deui.

Ichiro unggeuk,
"Kuduna enggeus sarta pasti geus kaluar tina térritorial Indonésia"

"Lantaran anjeun wani maling ubar tradisional Indonesia ka Jepang? Keur gantina anjeun kudu cicing didieu saumur hirup" ceuk Udin.

Ichiro langsung ceurik, sieun pisan ku Udin. Naon hartina mikeun ubar ka bapana sangkan cageur lamun dirina kudu cicing di Indonesia salilana. Tetep moal bisa ngarasakeun kasenangan sabagé pamilik Kobayashi Pharmaceutical. Anu ngeunah tangtu Jiro. Leuheung lamun dirina diantep hirup. Lamun diparabkeun ka anjing?

Timbul rasa hanjakal dina haténa, jadi Ichiro nyarita bari ceurik,
"Pa. Hampura kuring. Bikeun ka kuring nomer rekening anjeun, sabaraha waé ku kuring dibayar keur nebus kasalahan kuring. Atawa kadieukeun ponsél kuring, kuring bisa nelepon kru pesawat sangkan balik deui"

Udin seuri sinis,
"Anjeun tadi teu ngaku salah, tapi ayeuna léwéh ménta dihampura. Éta geus cukup nunjukeun ka kuring yén anjeun jelema anu teu bisa dipercaya. Ulah nganggap kuring jelema bodo. Alat farmasi bisa dibabawa kana pesawat, saméméh ubar nepi ka Jepang, ahli ubar anjeun pasti geus naliti komposisi ubarna dina pesawat, sarta dikirim hasilna ka Jepang. Jadi naon anu rék dipulangkeun ka kuring sanajan pesawatna balik deui?"

Ichiro unggeuk,
"Mémang bener, tapi wani sumpah. Kuring lain ahli farmasi, jadi pesawat kuring teu mawa alat sarta apotéker, hartina teu bisa naliti nanaon"

"Saperti anu ku kuring disebutkeun, anjeun jelema anu teu bisa dipercaya, jadi ulah ngarepkeun kuring kudu percaya" ceuk Udin.

"Terus kudu kumaha sangkan anjeun percaya? Kuring berpendidikan. Kuring nyaho bener jeung salah. Kuring ogé bisa jujur" ceuk Ichiro bari ceurik.

Udin ngaléngkah terus nampiling Ichiro,
"Anjeun geus jadi maling, nyiksa aki-aki teu daya, ngantep anak buah sorangan di dahar anjing lantaran leuwih sieun ku anjeun. Anu kitu berpendidikan? Anu kitu nyaho bener jeung salah?"

Ichiro ngeluk tungkul, sanajan ukur dicabok, tapi biwirna langsung soéh sarta ngucur getih. Ngomong jelema berpendidikan jelas ngimpi, sabab kalakuanna mémang teu némbongkeun jelema anu terdidik. Jadi Ichiro nyarita deui,
"Sebutkeun kahayang anjeun, salila kuring mampu, kuring bakal nurut"

Udin némbalan,
"Gampang, beuli wéh harga formulana. Pesawat anjeun bisa neruskeun perjalananna ka Jepang"

Ichiro atoh, buburu unggeuk nyatujuan,
"Sebutkeun hargana? Kuring rék ménta sangkan bapa kuring neransferkeun duitna ka anjeun ayeuna keneh"

"100 milyar" ceuk Udin.
"Lamun henteu, kuring bakal ngumumkeun ka dunya yén Kobayashi Pharmaceutical geus maling formula ubar ti Indonésia"

Ichiro colohok reuwas,
"Tapi 100 milyar mahal teuing keur hiji ramuan. Kobayashi moal boga kas sakitu"

"Jadi anjeun nganggap formula ubar tradisional Indonésia Murah? Lamun murah kunaon atuh maké dipaling?" Ceuk Udin ambek bari nampiling deui pipi Ichiro.
"Déngékeun ku anjeun, kauntungan bersih Kobayashi anjeun 20 milyar sataun. Katambah bapa anjeun geus nginjeum ka bank keur ngembangkeun pabrik anu di Osaka. Duitna kuduna aya kénéh dina kas Kobayashi pan?'

Ichiro ngadégdég, sabab teu nyangka Udin ogé nyaho kana urusan internal keuangan Kobayashi,
"Pa. Kabeh duit Kobayashi aya dina pangawasan bapa kuring. Kuring teu boga hak ngaluarkeun"

"Lamun kitu telepon bapa anjeun ayeuna!" Ceuk Udin ka Ichiro.

"Mang, leupaskeun leungeunna. Bikeun ponsélna" ceuk Udin ka Isak.

Isak buburu ngaleupaskeun leungeun katuhu Ichiro sarta mikeun ponselna.

Ichiro néangan kontak bapana ku sabeulah leungeun, terus ditelepon maké loudspeaker. Bari nungguan teleponna diangkat, Ichiro ngarénghap jero bari melong ka langit mikiran anu rék diomongkeun ka Masao.

Masao mémang can saré, dirina keur ngatur jelema pikeun milu ka bandara. Masao sorangan ménta digolérkeun dina ambulan khusus sarta rék ngadagoan di bandara. Kobayashi boga hanggar sorangan di bandara. Aya ogé lounge méwah dijero hanggar. Jadi salian ti sababaraha pangawal, Masao ogé mawa Jiro.

Telepon ti Ichiro disada, buburu diangkat,
"Ceuk asistén, anjeun teu milu balik. Aya dimana ayeuna?"

"Kuring keur disandera ku salah saurang anggota ti kulawarga Subrata. Kuring dituduh maling ubar sarta resépna. Ayeuna dipaksa kudu nebus patént saharga 100 milyar. Lamun henteu, kuring bakal dipaéhan di dieu, sarta manéhna bakal ngumumkeun ka dunya yén Kobayashi maling formula ubar ti Indonésia" témbal Ichiro.

"Naon? Naha gagabah bet bisa katéwak?" Ceuk Masao reuwas.

"Kuring geus ati-ati, kuring ogé teu nyangka bakal katéwak. Salametkeun kuring pa, lamun henteu kuring bakal dipaéhan jeung ngaran Kobayashi bakal goréng dimata dunya" témbal Ichiro dumareuda.

"100 milyar, ngimpi! Bapa moal bisa ngaluarkeun duit sakitu. Lamun 10 milyar teu nanaon" témbal Masao.

Udin terus ngadéngékeun terjemahanna ti Isak, sabab duanana ngarobrol maké bahasa Jepang.

Udin ahirna ngomong kana ponsél,
"Masao, ubar ajaib anu dipaling éta ubar anu bisa nyageurkeun lumpuh total. Can aya di dunya ubar sarupa kitu. Lamun ku anjeun diproduksi, duit 100 milyar bisa balik deui dina waktu kurang ti sataun. Harga éta geus murah"

"Kumaha kuring bisa yakin kaampuhan ubar éta sahébat anu diomongkeun ku anjeun?" Masao nanya.

"Gampang. Sakeudeung deui pesawatna nepi. Kuring nyaho anjeun lumpuh, inum langsung hiji ku anjeun. Dina sapuluh menit anjeun bakal bisa leumpang. Saenggeus kabukti, buburu transferkeun duitna. Lamun leuwih ti sajam duit can asup ka kuring. Anak anjeun bakal paéh, berita Kobayashi maling ubar ogé bakal langsung ku kuring dirilis" ceuk Udin.

Masao langsung pias, sabab salian manéhna bakal kaleungitan anakna, Kobayashi Pharmaceutical ogé pasti bakal bangkrut lantaran bakal keuna ku sanksi internasional.

Jadi Masao ahirna nyatujuan bakal ngirim 100 milyar pikeun mayar hak patént. Teu nanaon sataun rugi, tapi kahareupna bakal ngedukan untung anu moal aya watesna.

"Oké, kuring rék ngabuktikeun heula khasiatna. Lamun bener ubarna ampuh. Kuring langsung neransfer 100 milyar, kirim nomer rekeningna" témbal Masao.

Persis jam 8 waktu Jepang, hiji pesawat jét pribadi jenis Dassault Falcon 6X euntreup mulus di bandara Narita Tokyo. Langsung maju ka hanggarna sorangan.

Di hanggar Masao jeung Jiro geus lila nungguan. Saenggeus pesawat asup sarta eureun di jero hanggar, panto kabin muka. Asistén Ichiro jeung saurang pengawal turun bari seuri langsung mikeun kotak kai cendana ka Masao anu keur diuk dina korsi roda. Ditukangeunna aya Jiro nangtung jamedud bari nyekelan gagang korsi.

Jiro mémang rada kesel, sabab teu nyangka Ichiro bakal indit ka Bandung sarta maling ubar keur ngubaran Masao. Harepanna pikeun bisa jadi pawaris Kobayashi Pharmaceutical langsung leungit sabab pasti bakal jadi milik Ichiro saupama Masao cageur.

Lamun bener ubarna ajaib éta bisa nyageurkeun Masao. Salian panyakit Masao bisa katulungan, tangtuna ogé bakal jadi kauntungan gedé keur Kobayashi Pharmaceutical kahareupna. Sabab ubarna bisa ditaliti sarta diproduksi massal. Tapi keur Jiro mah tetep rugi, sabab kahareupna dirina ngan ukur bakal jadi kacungna Ichiro. Sagala hakna bakal diatur ku Ichiro.

Komo kudu bari ngaluarkeun duit 100 milyar pikeun nebus hak paténna. Jelas salila sataun kahareup, Kobayashi Pharmaceutical bakal rugi heula sabab kudu malikeun modal pikeun mayaran injeumana ka Bank.

"Pa, ieu ubar lumpuh ti Ichiro" ceuk asistén. Bari muka cepuk terus hiji ubar dibikeun ka Masao.

Ubar ditarima ku Masao. Saurang palayan Buburu mikeun cai haneut sagelasnoa Masao. Ku Masao ubar diangseuan heula, terus seuri bungah,
"Ubarna bener-bener seungit rempah tropis. Kaambeuna seger pisan" bari terus nunda ubar dina létahna, diteureuy bari digolontor ku cai haneut sagelas nepi ka béak.

Kabéh narungguan réaksina, sarua hayang ngabuktikeun naha bener kamatihan ubar sasuai jeung béja? Sabab mémang can kungsi aya ubar anu bisa nyageurkeun lumpuh total.

Masao mimiti bisa ngarasakeun aya hawa haneut mapay ka sakujur awakna.
"Bener-bener ajaib, salila 3 taun kuring teu bisa ngarasakeun nanaon dina suku, ayeuna suku karasa haneut" ceuk Masao bari ngutek-ngutek ramo sukuna.

Masao ngarasakeun awakna jagjag saperti saacan lumpuh. Ahirna nyobaan nangtung sorangan. Masao bener-bener bisa nangtung kalawan ajeg.

Kabeth colohok nempona. Jiro malah nepi ka gigisik panon sabab teu percaya kana tetempoanna. Jiro ahli farmasi, jadi nyaho lamun lumpuh total hartina syaraf anu ngahubungken awak jeung otak geus pegat. Kumaha carana syaraf anu pegat bisa disambungkeun ku ubar bari ngan ukur butuh waktu 10 menit, bener-bener ubar ajaib.

Teu paduli sakumaha beungharna hiji jelema, lamun geus keuna ku lumpuh total pasti hayang paéh. Ayeuna aya ubarna, sanajan hargana samilyar pasti bakal dibareuli. Teu salah lamun itungan 100 milyar bakal bisa balik deui dina waktu singket saupama Kobayashi bisa mroduksina.

Lamun geus bisa nyageurkeun paraplégia, tangtu Hémiplégia, Stroke sarta Parkinson ogé pasti bisa cageur. Lantaran kabéh aya pakaitna jeun syaraf.

Masao nyobaan ngaléngkah kalawan ati-ati, disangka bakal titajong, tapi nyatana henteu. Ahirna Masao ngawanikeun langsung leuleumpangan gancang. Beuki lila leumpangna beuki gancang, malah bari nyobaan luncat sarta lumpat sagala. Lain ukur cageur, tapi mémang jagjag waringkas deui teu kawas jelema anu geus lumpuh salila 3 taun.

Dokter pribadina langsung nyampeurkeun terus mariksa awak Masao,
"Pa, lumpuh anjeun geus cageur total. Bener-bener ajaib!"

Masao kacida atohna. Tapi telepon dina sakuna disada, ti Ichiro. Tapi saenggeus ditarima anu kadéngé sora Udin.
"Kumaha? Geus séhat?"

"Pa. Kuring moal poho kana jangji, ayeuna kénéh dikirim 100 milyar" témbal Masao atoh.

"Kuring rék ngirim nomer rekening, duit kudu asup paling telat 20 menit. Anjeun geus nyaho résikona lamun telat" ceuk Udin bari nutup telepon terus ngirimkeun nomer rekeningna ngagunakeun ponsél Ichiro.

Kas Kobayashi mémang aya 102 milyar, 70% injeuman ti Bank. Tapi keur Masao, ayeuna harga 100 milyar dianggap wajar. Teu lila kana ponsél Udin aya notif 7 juta dollar geus asup kana rekeningna. Éta satara jeung 100 milyar saupama dirupiahkeun.

Udin buburu ngirim pesen deui maké ponsél Ichiro,
"Duit geus katarima, Ichiro jeung Kuring nganuhuneun"

Ichiro ogé atoh, jadi buburu nyarita,
"Pa. Leupaskeun kuring ayeuna"

Udin seuri,
"Mémangna rék indit kamana?"

"Ka Tokyo, kuring kudu siap-siap serah terima Kobayashi Pharmaceutical" témbal Ichiro.

"Tungguan satengah jam deui, pasti anjeun embung balik ka Jepang" ceuk Udin.

Ichiro kerung,
"Naha? Anjeun rék jalir jangji?"

"Kuring Udin Subrata, can kungsi jalir jangji. Tapi lamun anjeun maksa rék indit mah nya indit wé. Ngan hampura lamun anjeun datang deui kadieu, kuring moal narima" témbal Udin bari ngaleupaskeun tali anu nalian leungeun Ichiro.

Ichiro kerung sabab teu ngarti kana ucapan Udin. Tapi dirina mémang hayang buburu balik ka Jepang. Jadi Ichiro nyarita,
"Nuhun pa, anteurkeun kuring ka bandara, kuring rék meuli tikét pesawat"

Udin unggeuk,
"Anjeun sorangan bisa balik, tapi anak buah anjeun teu bisa"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience